Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan UTS Bahasa Sunda kelas XII Sem 1

Total questions: 30

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Hartina wawacan nyaeta.....

a)

Karya sastra nu dibaca

b)

Carita anu di dangding, ditulis dina wangun pupuh

c)

Carita jaman baheula

d)

Carita anu di dangding, di tulis dina wangun puisi

e)

Carita ngeunaan karajaan

2.

Nurutkeun para ahli, gelarna wawacan teh nyaeta pangaruh tina kabudayaan .....

a)

Islam

b)

Kristen

c)

Jawa

d)

Sunda

e)

Melayu

3.

Wawacan mangrupa karya sastra wangun…

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Lancaran

d)

Panjang

e)

Pondok

4.

Sebutkeun ciri-ciri wawacan, iwal ti…

a)

Rumpakana ngagunakeun aturan pupuh

b)

Jalan caritana panjang

c)

Wawacan asup kana wangun karangan ugeran

d)

Wawacan ngandung unsur fiktif atawa khayal

e)

Ditepikeun saperti maca sajak

5.

Wawacan ilaharna sok ditembangkeun dina pintonan ...

a)

Beluk

b)

Pupujian

c)

Jaipongan

d)

Hajat

e)

Sukuran

6.

Dina wawacan aya bagian penutup disebut

a)

Manggalasastra

b)

Alofon

c)

Kolofon

d)

Eusi

e)

Cutatan

7.

Titimangsa anu dicutat dina wawacan ilaharna sok aya dina bagian…

a)

Manggalasastra

b)

Alofon

c)

Kolofon

d)

Eusi

e)

Cutatan

8.

Sebutkeun eusi dina manggalasastra téks wawacan …

a)

Pupujian kanu maha kawasa

b)

Rasa kamelang dina carita

c)

Runtuyan carita ti mimiti nepi ka akhir

d)

Diwangun ku aturan pupuh

e)

Titimangsa sarta cutatan

9.

Pintonan wawacan ilaharna sok ditanggap pikeun acara, iwal ti…

a)

Salametan Hatam

b)

Salametan 7 Bulanan

c)

Ngaruat lembuir

d)

Nyunatan

e)

Acara Kanagaraan

10.

Pupuh Asmarandana miboga watek ....

a)

Surti

b)

Micinta

c)

Mikangewa

d)

Reueus

e)

Heman

11.

Ayeuna anu kacatur

Aya nagara nu mukti

Nyéta pasir batang téa

Kamashur kamanda-mendi

Rajana geus palay tapa

Milari saha keur ganti

Dina sempalan teks wawacan diluhur miboga watek pupuh ....

a)

Asmarandana

b)

Pucung

c)

Kinanti

d)

Dangdanggula

e)

Balakbak

12.

Ayeuna anu kacatur

Aya nagara nu mukti

Nyéta pasir batang téa

Kamashur kamanda-mendi

Rajana geus palay tapa

Milari saha keur ganti

Guru lagu dina sempalan teks wawacan diluhur nyaeta ....

a)

U,I,A,E,I,A

b)

U,I,E,I,E,I

c)

U,I,A,I,A,I

d)

U,A,E,A,I,A

e)

,U,A,U,A,U,A

13.

Ayeuna anu kacatur

Aya nagara nu mukti

Nyéta pasir batang téa

Kamashur kamanda-mendi

Rajana geus palay tapa

Milari saha keur ganti

Guru wilangan dina sempalan teks wawacan diluhur nyaeta ....

a)

8,7,8,7,8,7

b)

7,8,7,8,7,8

c)

8,8,7,7,8,8

d)

7,8,7,8,7,8

e)

8,8,8,8,8,8

14.

Bagian bubuka dina wawacan nyaeta ....

a)

Alofon (Manggalasastra)

b)

Kolofon

c)

Pun sapun

d)

Rajah bubuka

e)

Rajah panutup

15.

Dina téks wawacan Iilaharna sok ditembangkeun ngagunakeun pupuh, lantaran ....

a)

Pikeun mikawanoh kabalarea

b)

Pikeun mintonkeun sangkan hade

c)

Pikeun mere informasi

d)

Pikeun raramean

e)

Pikeun ngawakilan suasana dina unggal episode

16.

Carita rékaan anu ukuranna panjang sarta dipagelarkeun sacara lisan sarta ditepikeun ku juru pantun disebut…

a)

Sajak

b)

Pupujian

c)

Wawacan

d)

Carita Pantun

e)

Novel

17.

Dina pintonan carita pantun ilaharna aya jalma anu nembangkeun jeung mirig kacapi disebut…

a)

Juru tulis

b)

Juru wicara

c)

Juru pantun

d)

Juru tembang

e)

juru biantara

18.

1.    Mantra anu dipaké pikeun ngawitan ngalakonan carita pantun nyaéta…

a)

Jangjawokan

b)

Ajian

c)

Singlar

d)

Rajah

e)

Asihan

19.

Puun sapuuun Hyang Prabu Wastu

Pangampura anu diseja

Boh bisi langkung nya saur

Boh bisi bahé darma mitutur

Lalakon dilaakonkeun

Dina ieu sempalan carita pantun téh kagolong kana bagian…

a)

Rajah Bubuka

b)

Deskripsi

c)

Dialog

d)

Rajah Panutup

e)

Monolog

20.

Pun sapun nya paralun

Ka luhur ka Sang Maha Agung

Ka handap ka Sang Barata

Ka Batara ka Batari

Ka Batara nga raja

Kula seuweu siwi pajajaran

Seja mukakeun turub cupu nu karuhun

Dina ieu sempalan carita pantun téh kagolong kana bagian…

a)

Rajah Bubuka

b)

Deskripsi

c)

Dialog

d)

Rajah Panutup

e)

Monolog

21.

Saha ari ngaran indung jeung bapana Panji Wulung?

a)

Prameswari jeung Patih Lembu jayeng Pati

b)

Tunjungsari jeung Panolih

c)

Tunjungsari jeung Dewakeswari

d)

Prameswari jeung Bramani

e)

Tunjungsari jeung Patih Lembu Jayeng pati

22.

Panji Wulung ngabogaan pamajikan nu ngaranna Andayadiningrat, Saha ari Andayadiningrat teh ?

a)

Putri Kerajaan Cempa

b)

Putri Kerajaan Sokadana

c)

Putri kerajaan Gilingwesi

d)

Putrana Prabu Dewakeswari

e)

Putrana Patih Lembu Jayeng Pati

23.

Saha anu geus ngolo Patih Cempa supaya baruntak ka Kerajaan Cempa?

a)

Janggala jeung Janggali

b)

Ajar Guna Wisesa

c)

Andayaniningrat

d)

Bramani

e)

Andakasura

24.

Dihandap ieu ngaran tokoh anu pro ka Panji Wulung, kajaba .....

a)

Andakasura

b)

Andayadiningrat

c)

Patih Lembu Jayeng Pati

d)

Bramani

e)

Pamekas

25.

Saha ari lanceuk Purbasari nu sok Ngabela lamun manehna di kakaya ku lanceuk-lanceukna ?

a)

Purbararang

b)

Purbakancana

c)

Purbadewata

d)

Purbaleuwih

e)

Purbaendah

26.

Basa lemes jang kabatur tina " Indit " nyaeta .....

a)

Mios

b)

Angkat

c)

Wangsul

d)

Mulih

e)

Uih

27.

Hapunten bapa teu ......... . manawi tiasa ditarikan suantenna!

Kecap pikeun ngeusian titik-titik diluhur nyaeta ?

a)

kadenge

b)

Kadangu

c)

Kakuping

d)

Kareungeu

e)

Kadeuleu

28.

Kakuping nyaeta lemesna kadenge jang ka saha?

a)

Ka batur

b)

Ka sorangan

c)

Ka saha wae

d)

Ka budak

e)

Salah kabeh

29.

Wanci haneut moyan, kira kira jam sabaraha?

a)

Jam 5

b)

Jam 6

c)

Jam 7

d)

Jam 8

e)

Jam 9

30.

Lamun jam nunjukeun jam 18.00 nepi ka 18.30 disebut wanci ....

a)

Janari leutik

b)

Janari gede

c)

Haneut moyan

d)

Wanci Sareupna

e)

Wanci Pecat sawed