Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA_XI_SEMESTER 1

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Carita pondok singkatan tina ………….

a)

Caryam

b)

carpon

c)

cerpen

d)

carpan

e)

carbung

2.

Emema angkat kapasar, angkat sarua jeung …………….

a)

Babawaan

b)

  Indit

c)

Mulang

d)

   Balik

e)

datang

3.

Magkat dina basa sangsekerta disebut ……

a)

indit

b)

maot

c)

balik

d)

datang

e)

babawaan

4.

Ringkesan carita nyaeta …….

a)

egois

b)

ironis

c)

tragis

d)

apatis

e)

sinopsis

5.

Kuring dahar, ema ………….

a)

neda

b)

tuang

c)

emam

d)

lolodok

e)

nyatu

6.

Panon poe meuni moncorong. Moncorong hartina ………..

a)

poek

b)

caang

c)

ceudeum

d)

helumheum

e)

hieum

7.

Sapanjang jalan soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan...................,

moal weléh diakalan.

 

kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......

a)

kahontal

b)

katean

c)

kasorang

d)

katajong

e)

kapanggih

8.

Paranti nginum di jieun tina kaca nyaeta ………

a)

Panci

b)

Katel

c)

   Pisin

d)

  Gelas

e)

Baskom

9.

Kodak sarua jeung

a)

Paragi dahar

b)

Paragi nguseup

c)

Paragfi nakol

d)

Paragi moto (camera)

e)

Paragi nyisir

10.

Odol the paragi ngagosok ……….

a)

leungeun

b)

suku

c)

irung

d)

mata

e)

huntu

11.

(Teks) Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.

Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....

a)

Munel eusina

b)

Aktual témana

c)

Alus basana

d)

  Tatag nyaritana

e)

  Ngandung wirahma

12.

Pupuh asmarandana aya ……..

a)

6 padalisan

b)

  7 padalisan

c)

4 padalisan

d)

5 padalisan

e)

  3 padalisan

13.

Asmara, kadeudeuh, kaasih, kanyaah. Watak tina pupuh ……..

a)

Kinanti

b)

Magatru

c)

Maskumambang

d)

Asmarandana

e)

Balakbak

14.

Jalma anu ahli biantara disebut ……….

a)

Operator

b)

Orator

c)

Propesor

d)

Doctor

e)

Khotib

15.

Bedo dina basa Indonesia artina ……..

a)

Tiba

b)

Datang

c)

Sama

d)

Batal, tidak jadi

e)

Naik

16.

Kecap pagawean trasitif. Kecap pagawean nu biasa ditambahan objek………

a)

Nakol

b)

Meuli

c)

Ngumbah

d)

Ngalingjing

e)

A, B, C, D bener kabeh

17.

Kecap pagawean anu teu bias ditambahan objek disebut……….

a)

Kecap pagawean sensitif

b)

Kecap pagawean objektif

c)

Kecap pagawean intransitif

d)

Kecap pagawean pasif

e)

Kecap pagawean resiproaktif

18.

Tema hartina………..

a)

Ide carita

b)

intonasi

c)

karya

d)

ciptaan

e)

ekspresi

19.

Lamun urang ngobrol kasaluhureun kudu…….

a)

ajen

b)

atikan

c)

tatakrama

d)

sopan santun

e)

A, B, C, D bener kabeh

20.

Balayar ngambah lautan make perahu layar. Ngambah basa indonesiana …….

a)

Berdarma wisata

b)

Mengarungi

c)

Jalan-jalan

d)

Liburan

e)

Melaut

21.

Anu kudu diperhatikeun dina ngadongeng nyaeta……….

a)

Paham kana eusi dongeng

b)

Ngatur sora

c)

Gerakan leungeun

d)

Improvisasi

e)

A, B, C, D bener kabeh

22.

Salah sahiji kagiatan anu butuh totalitas sangkan matak kataji disebut ……..

a)

Ngadongeng

b)

Ngalalana

c)

Ngabodor

d)

Ngawih

e)

ngabojeg

23.

Carpon mangrupa karangan ………..

a)

wajib

b)

kauger

c)

jejer

d)

patokan

e)

bebas

24.

Paguneman sarua jeung …………

a)

Ngadongeng

b)

Maca

c)

nulis

d)

dikte

e)

dialog

25.

Nu disebut karangan bebas nyaeta……..

a)

Carpon

b)

Biantara

c)

Paguneman

d)

Sajak

e)

Ngawayang

26.

Kalimah langsung ti palaku anu silih tempat disebut………….

a)

Carpon

b)

Biantara

c)

Paguneman

d)

Sajak

e)

Ngawayang

27.

Tema, palaku, alur, seting, amanah. Nyaeta unsur anu aya dina..

a)

Dongeng

b)

Carpon

c)

Biantara

d)

Ngawayang

e)

Paguneman

28.

Ngebrehkeun atawa nepikeun pikiran ngaliwatan omongan kajalma loba………..

a)

Carpon

b)

Biantara

c)

Sajak

d)

Paguneman

e)

Ngawayang

29.

Mark Zuckerberg teh mahasiswa Harvard college nu nyiptakeun…………

a)

Facebook

b)

yahoo

c)

google

d)

blackberry

e)

microsoft

30.

Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta...

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Cangkang, eusi, wangsal

c)

Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

d)

Piwuruk, sesebred, silihasih

e)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

31.

Rarakitan mibanda salahsahiji ciri ieu di handap, nyaeta kecap mimiti dina jajaran...

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

c)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

d)

Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

e)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusina sarua

32.

Teks:

Mawa Peti dina sundung ,

Dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

Kabisa teu beurat mawa .

Sisindiran di luhur Kaasup Kana Wanda...

a)

Wawangsalan

b)

Teteguhan

c)

Rarakitan

d)

Tatarucingan

e)

Paparikan

33.

Teks:

Sae nu jadi Kapala,

...................................

Diasupkeun Ka sakola,

Banda nu leuwih ti harta.

Ungkara anu merenah Keur ngeusian jajaran Kadua, nyaeta...

a)

Urang nu jadi siswa

b)

Banda aceh di sumatera

c)

Wakilna mah saha wae

d)

Menak nu ka purwakarta

e)

Selat sunda jawa-sumatera

34.

kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajekan dwireka, nyaeta...

a)

Hayam keur papacok di deukeut wadah runtah

b)

  Buah dipipir imah teh plak-plik-pluk raragragan

c)

Manehna poe kamari bulak-balik Bandung-Jakarta

d)

dangdaunan aroyag katebak angin

e)

Guru-guru karumpul di lapang Gaisbu.

35.

Kagiatan ngadu pamadegan (adu argumentasi) boh sorangan-sorangan boh ngelompok (grup) disebutna...

a)

Sawala

b)

Rempugan

c)

Panel

d)

Debat

e)

Rapat

36.

Panumbu catur dina debat teh jalma anu boga wewenang pikeun...

a)

ngatur lumangsungna debat timimiti nepi ka rengse

b)

meunteun kelompok anu alus dina debat

c)

  mihak ka salahsahiji kelompok pangjejer debat

d)

milih alus henteuna kelompok nu debat

e)

  nuliskeun kacindekan tina debat

37.

Ieu di handap sawatara pacen pangjejer dina debat, nyaeta...

a)

nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu di debatkeun

b)

ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur

c)

ngajejeleh panumbu catur jeung kelompok pangjejer sejen

d)

nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu sapaham

e)

ngatur lancar henteuna debat ti mimiti nepi ka rengse

38.

Wanda debat anu sok dipasanggirikeun atawa di lomakeun, nyaeta debat...

a)

Pasanggir

b)

parlemen

c)

kusir

d)

kompetitif

e)

anggota legislatif

39.

Pasanggiri (kajuaraan) debat tingkat dunya anu pamilona barudak sakola, nyaeta...

a)

world School Debating Championship (WSDC)

b)

Apresiasi Basa , sastra, jeung seni daerah (ABSSD)

c)

National Schools Debating championship (NSDC)

d)

Indonesian Schools Debating Championship (ISDC)

e)

Debat anggota legislatif (DPR/MPR)

40.

Ieu dihanap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawanan langsung iwal...

a)

luhur X handap

b)

jangkung X pendek

c)

buleud X pasagi

d)

panjang X pondok

e)

gendut X begang

41.

kecap sipat dina basa sunda rea nu bisa di tuturkeun kecap katerangan sipat, iwal....

a)

beureum euceuy

b)

hejo carulang

c)

poek mongkleng

d)

hideung cakeutreuk

e)

  ipis nyeprin

42.

kaulinan pecle nyaeta bahan na make..

a)

genteng

b)

sendok

c)

tambang

d)

baskom

e)

uyah

43.

kawih anu sok di lagukeun ku barudak bari arulin nyaeta....

a)

kalangkang

b)

Colenak

c)

Ayang ayanggung

d)

Es lilin

e)

Mawar bodas

44.

urang salaku siswa ka guru kudu...

a)

hormat

b)

aamukan

c)

tanggah

d)

nyarekan

e)

ngoroyok

45.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...

a)

Sanduk-sanduk

b)

Nepikeun jejer

c)

Du’a

d)

Hatur nuhun

e)

Eusi

46.

Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari. Ieu mamanis basa payus upama dilarapkeun dina ... biantara.

a)

bubuka

b)

panutup

c)

eusi

d)

kacindekan

e)

du'a

47.

1) ngucapkeun salam bubuka

2) nepikeun jejer

3) nepikeun kacindekan

4) sanduk-sanduk

5) catur hormat

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...

a)

1-2-3

b)

1-2-5

c)

2-5-6

d)

2-4-5

e)

3-2-5

48.

1) sanduk-sanduk

2) ngucapkeun salam bubuka

3) nepikeun kacindekan

4) catur hormat

5) nepikeun jejer

6) salam panutup

 

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...

a)

1-3-5

b)

  1-3-6

c)

3-5-6

d)

3-4-6

e)

4-5-6

49.

Fungsi biantara anu miboga tujuan pikeun mangaruhan nu ngadangu, disebut ...

a)

informatif

b)

rekreatif

c)

persuasif

d)

insentif

e)

ekspresif

50.

Sipat sisindiran anu eusina ngeunaan anu pikalucueun nyaeta . . . .

a)

silih asih

b)

sesebred

c)

piwuruk

d)

sindir sampir

e)

kasindir