wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL BAHASA SUNDA KELAS 8

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.
1. Naon ari nu dimaksud rumpaka teh?
a)
a. Lirik
b)
b. Nada
c)
c. Sajak
d)
d. Tulisan
2.
2. Naon bedana Kawih jeung Tembang ?
a)
a. Kawih teu kauger ku aturan, sedengkeun Tembang kauger
b)
b. Kawih kauger ku aturan, sedengkeun Tembang teu ka uger
c)
c. Kawih kauger ku aturan, kitu oge Tembang kauger
d)
d. Kawih teu kauger ku aturan, kitu oge Tembang teu kauger
3.
3. Naon ari nu dimaksud kawih teh?
a)
a. Lalaguan sunda anu kauger ku aturan pupuh
b)
b. Lalaguan sunda anu teu kauger ku aturan pupuh
c)
c. Lalaguan sunda anu kasohor
d)
d. Sajak anu dihaleuangkeun
4.
4. Dumasar kana kamekaran waktu, kawih baheula anu ayana saacan jaman Jepang nya eta ….
a)
a. Kawih kiwari
b)
b. Kawih jaman Jepang
c)
c. Kakawihan
d)
d. Kawih buhun
5.
5. Bapana Amir keur nyieun kandang sapi.Kandang sapi dina istilah arsitéktur disebut…..
a)
a. Istal
b)
b. Karapyak
c)
c. Pagupon
d)
d. Langgar
6.
6. Carita pondok téh mangrupa karya sastra wangun…..
a)
a. Novel
b)
b. Puisi
c)
c. Pantun
d)
d. Prosa
7.
7. Kacapi, biola, sareng gitar…..
a)
a. Sebutkeun waditra seni nu dijieunna tina perunggu atawa beusi
b)
b. Sebutkeun alat musik nu dijieunna tina awi
c)
c. Sebutkeun waditra seni nu ditabeuhna ku cara ditakol
d)
d. Sebutkeun waditra seni nu maké kawat
8.
8. Kawih kabagi jadi 2 unsur nya eta …
a)
a. Unsur intinsik jeung ekstrinsik
b)
b. Unsur lahir jeung unsur batin
c)
c. Unsur sastra jeung unsur seni
d)
d. Unsur internal jeung unsur eksternal
9.
9. Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
a)
a. Tema
b)
b. Rasa
c)
c. Nada
d)
d. Amanat
10.
10. Kecap nu maké awalan per- nyaéta….
a)
a. Perwira
b)
b. Percis
c)
c. Perbawa
d)
d. Perlu
11.
11. Conto kalimah teu sampurna nyaéta….
a)
a. Ucingna bulu tilu
b)
b. Mobil éta cét beureum
c)
c. Imahna sisi jalan
d)
d. Ka kulonkeun
12.
12. Waditra seni Sunda nu dijieun tina awi kalawan cara ngamaénkeunana ditakol nyaéta….
a)
a. Tarawangsa
b)
b. Calung
c)
c. Suling
d)
d. Angklung
13.
13. Paribasa pacikrak ngalawan merak ngandung harti….
a)
A. Hiji hal anu teu saimbang
b)
B. Hal anu bakal kahontal
c)
C. Hal anu mungkin
d)
D. Hiji hal nu teu pamohalan
14.
14. Ieu di handap aya conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaétta….
a)
a. Gunung diharudung halimun isuk
b)
b. Ah, abdi mah ukur gaduh kebon satalapok jéngkol
c)
c. Pun Aki téh parantos kirang dangu
d)
d. Persib, maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden
15.
15. Pupuh téh kaasup wangun karya sastra….
a)
a. Puisi
b)
b. Prosa
c)
c. Pantun
d)
d. Prosa lirik
16.
16. Basa diudag anjing, barudak….. lalumpat.
a)
a. Kocéak
b)
b. Ngocéak
c)
c. Tingkocéak
d)
d. Gorowok
17.
17. Ieu dihandap mangrupa conto paribasa, nyaéta….
a)
a. Batok bulu eusi madu
b)
b. Gedé hulu
c)
c. Leuleus awak
d)
d. Hampang birit
18.
18. “Ari jadi budak kudu hampang birit sangkan loba anu mikanyaah”. Harti babasan hampang birit dina éta kalimah nyaéta….
a)
a. Teu daék cicing
b)
b. Resep indit-inditan
c)
c. Daéekan, babari dititah
d)
d. Resep pipindahan
19.
19. Budak … mah dititah naon waé ogétara hésé.
a)
A. Ceuli léntaheun
b)
B. Beurat birit
c)
C. Hampang birit
d)
D. Biwir nyiru rombéngeun
20.
20. Ieu dihandap aya nu lain conto babasan nyaéta…
a)
a. Atah anjang
b)
b. Adat ka kurung ku iga
c)
c. Héjo tihang
d)
d. Hampang leungeun
21.
21. Ungkara wangun kantétan atawa frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman disebut….
a)
a. Paribasa
b)
b. Gaya basa
c)
c. Babasan
d)
d. Basa-basi
22.
22. “Persib Maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden.” Eta kalimah téh ngandung gaya basa….
a)
a. Mijalma
b)
b. Euphimismeu
c)
c. Litotés
d)
d. Metafora
23.
23. “Mani asa mobok manggih gorowong, keur mah hayang milu ari pék aya nu ngajak”. Paribasa mobok manggih gorowong dina kalimah di luhur ngandung harti….
a)
a. Boga kahayang tapi kahontal
b)
b. Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunana
c)
c. Jalma nu teu boga kahayang
d)
d. Boga maksud terus panggih pijalaneunana
24.
24. Ditanya kitu téh kabéh ogé kalah… taya nu ngomong sakemék-kémék acan.
a)
a. Tingjarerit
b)
b. Tinggorowok
c)
c. Tingkecewis
d)
d. Tingharuleng
25.
25. Ka jalma beunghar anu … kitu mah teu raresepeun.
a)
A. Gedé hulu
b)
B. Gedé rasa
c)
C. Gedé haté
d)
D. Gedé kawani
26.
26. Rumpaka kawih Tanah Sunda eusina mangrupa ébréhan rasa cinta ka...
a)
a. Lemah cai (tanah air)
b)
b. Indung bapa
c)
c. Kabogoh
d)
d. Kaéndahan alam
27.
27. Anu dimaksud seuweu Pajajaran dina éta rumpaka kawih Tanah Sunda nya éta…
a)
a. Prabu Siliwangi
b)
b. Anak raja
c)
c. Sakumna urang sunda
d)
d. Urang Sunda
28.
28. Lagu Mojang Priangan eusina nyaritakeun…
a)
a. Kaendahan alam
b)
b. Nyaah ka sasama
c)
c. Pasipatan jelema
d)
d. Lemah cai
29.
29. Rumpaka kawih Sunda kagolong wangun…
a)
a. Lancaran
b)
b. Ugeran
c)
c. Lalaguan
d)
d. Sajak
30.
30. Hirup sauyunan dina kawih manuk dadali ma’nana…
a)
a. Babarengan
b)
b. Silih pikanyaah
c)
c. Silih béla
d)
d. Béla pati
31.
31. Nu ngumbara suka betah di Tatar Sunda, lantaran…
a)
a. Urang Sunda balageur
b)
b. Tanahna lega
c)
c. Tanahna subur
d)
e.Pendudukna loba
32.
32. Naon ari nu dimaksud kawih teh?
a)
a. Lalaguan sunda anu kauger ku aturan pupuh
b)
b. Lalaguan sunda anu teu kauger ku aturan pupuh
c)
c. Lalaguan sunda anu kasohor
d)
d.Sajak anu dihaleuangkeun
33.
33. Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
a)
a. Tema
b)
b. Nada
c)
c. Rasa
d)
d. Amanat
34.
34. Naon ari nu dimaksud kawih teh?
a)
a. Lalaguan sunda anu kauger ku aturan pupuh
b)
b. Lalaguan sunda anu teu kauger ku aturan pupuh
c)
c. Lalaguan sunda anu kasohor
d)
d.Sajak anu dihaleuangkeun
35.
35. Hawa di puncak … karasa tiri, sabab tempatna luhur.
a)
a. Gunung
b)
b. Sawah
c)
c. Laut
d)
d. Imah
36.
36. Dina pangajaran basa Sunda aya matéri ngeunaan nerjemahkeun, nu dimaksud nerjemahkeun nya éta?
a)
a. Proses nganalisis ngeunaan hiji karya tulis
b)
b. Proses ngalih basakeun/ ngarobah basa tina hiji basa kana basa séjén
c)
c. Proses ngahartikeun hiji kecap kalayan makna na
d)
d. Proses maca kalayan maham kana maknana
37.
37. Sora anu sarua dina jajaran atawa antarjajaran kawih disebutna ....
a)
a. Gaya Basa
b)
b. Pilihan Kecap
c)
c. Purwakanti
d)
d. Wirahma
38.
38. Gundukan kecap anu ngandung harti kiasan disebut ....
a)
a. Babasan
b)
b. Kakawihan
c)
c. Gѐografi
d)
d. Kawih
39.
39. Sinom jeung Kinanti kaasup rumpaka .....
a)
a. Lalaguan
b)
b. Kakawihan
c)
c. Pupuh
d)
d. Tembang
40.
40. Aya tilu jenis tata basa, nyaeta kasar, lemes jeung .....
a)
a. Loma
b)
b. Leuleus
c)
c. Resmi
d)
d. Sopan