NEW
Font size
WorksheetsSAS 1 BAHASA SUNDA VIII
Total questions: 50
Worksheet time: 1hrs 15mins
Dina kawih biasana sok aya laras, mélodi lagu, surupan, jeung rumpaka. Rumpaka nya éta .....
lagu
judul
lirik
eusi
Naon ari kawih téh ….
Rakitan basa sabangsa dangding anu teu maké patokan pupuh
Rakitan basa sabangsa dangding anu maké patokan pupuh
Carita Baheula sabangsa dangding anu teu maké patokan pupuh
Carita Baheula sabangsa dangding anu maké patokan pupuh
Anu teu kaasup kana unsur-unsur kawih nya éta ..…
tema
rasa
nada
suara
Dihandap aya bagian-bagian kawih numutkeun eusi jeung wangunna. Iwal ….
Kawih barudak
Kawih kaayeunakeun / modern
Kawih buhun
Kawih Cirebonan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
..............................
Mojang priangan
Rumpaka anu merenah pikeun ngalengkepan kawih diluhur nya éta ....
Nganggo sinjang dilamban
Larak-lirik keupat
Dangdosan sederhana
Mun di erok denok
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
..............................
Mojang priangan
Naon judul sempalan lagu diluhur ……
peuyeum bandung
mojang bandung
mojang priangan
mojang sunda
Jalma anu ngarang atawa nyiptakeun melodi lagu disebut ....
juru sanggi
juru kawih
juru rumpaka
juru masak
Jalma anu ngahaleuangkeun kawih disebut .....
juru sanggi
juru kawih
juru rumpaka
juru masak
Sora kecap anu sarua boh dihareup atawa ditukang disebut ....
rumpaka
purwakanti
sajak
gaya basa
Lamun usum hujan mah geus biasa sok balanjir. Usum hujan téh disebut ….
dangdarat
paceklik
ngijih
panen
Ayeuna poé ahad. Pageto poé ….
senen
salasa
rebo
kamis
Jaman kiwari geus loba warta anu dipidangkeun dina média éléktronik jeung média cétak. Kecap “warta” sok biasa disebut ..…
wawancara
berita
wartawan
sinetron
Warta anu geus diproses heula samemeh ditepikeun ka balarea kaasup kana warta......
langsung
teu langsung
dadakan
olahan
Laporan reporter TV sacara langsung disiarkeun ti tempat kajadian mangrupa conto warta ....
langsung
teu langsung
dadakan
olahan
Eusi warta teh kudu mibanda ajen ....
subjektif
inovatif
objektif
selektif
Ieu dihandap mangrupa tujuan nepikeun warta, iwal ....
pangajak
iklan
nepikeun informasi
kaulinan
Di handap ieu aya sawatara média anu dipaké pikeun nepikeun warta, iwal ti ..…
media elektronik
media spiritual
media cetak
internet
Umumna lamun urang rék nulis warta, biasana sok nangtukeun galurna heula. Galur warta disusun dumasar ..…
Naon, saha, di mana, sabaraha, kumaha
Naon, saha, sabaraha, di mana, naha, iraha
Naon, saha, iraha, di mana, naha, kumaha
Naha, kumaha, sabaraha, iraha, di mana
Rumus anu dipaké pikeun nulis warta (berita) nya éta ..…
5W+5H
1W+5H
5W+1H
1W+1H
Horéng seni daérah Jawa Barat téh kacida euyeubna. Unggal daérah miboga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi asét anu bisa dijual keur kapentingan pariwisata. Kumaha warna warnina budaya daérah, katangen dina acara “Pekan Seni Budaya Jawa Barat 2013”. Nu lumangsung salila 7 poé 7 peuting nya éta tanggal 7 nepika 13 september 2013, disabudeureun Gedong Saté Bandung. Eta acara téh dialpukahan ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka 68.
Unsur iraha, tina warta di luhur nya éta ..…
7 poé 7 peuting
7 September 2013
13 September 2013
7-13 September 2013
Horéng seni daérah Jawa Barat téh kacida euyeubna. Unggal daérah miboga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi asét anu bisa dijual keur kapentingan pariwisata. Kumaha warna warnina budaya daérah, katangen dina acara “Pekan Seni Budaya Jawa Barat 2013”. Nu lumangsung salila 7 poé 7 peuting nya éta tanggal 7 nepika 13 september 2013, disabudeureun Gedong Saté Bandung. Eta acara téh dialpukahan ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka 68.
Unsur di mana tina warta di luhur nya éta ..…
Di sabudeureun buruan kantor
Dinas Pariwisata dan kebudayaan
Di Sabudeureun Gedong Saté
Dinas Provinsi Jawa Barat
Horéng seni daérah Jawa Barat téh kacida euyeubna. Unggal daérah miboga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi asét anu bisa dijual keur kapentingan pariwisata. Kumaha warna warnina budaya daérah, katangen dina acara “Pekan Seni Budaya Jawa Barat 2013”. Nu lumangsung salila 7 poé 7 peuting nya éta tanggal 7 nepika 13 september 2013, disabudeureun Gedong Saté Bandung. Eta acara téh dialpukahan ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga miéling milangkala Provinsi Jawa Barat anu ka 68.
Naon sababna acara Pekan Seni Budaya téh dilumangsungkeun….
Pikeun dijual keur kapentingan pariwisata
Dina raraga miéling milangkala Provinsi Jawa Barat
Dijadikeun unggulan sarta asét daérah
Pikeun ngareuah-reuah Provinsi Jawa Barat
Nu teu kaasup kana papasingan sisindiran nya éta ..…
wawangsalan
rarakitan
wawacan
paparikan
Sisindiran anu padeukeut sora vokalna dina tungtung padalisan disebut ..…
guguritan
rarakitan
paparikan
wawangsalan
Hayam jago eukeur béla
Dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
Sangkan beunghar ku pangarti
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun sisindiran ..…
guguritan
rarakitan
paparikan
wawangsalan
Daék sotéh ka cikonéng
Ka cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka nyi Onéng
Ka si itu mah teu purun
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun .…
guguritan
rarakitan
paparikan
wawangsalan
Ngaronda maké padati
Digusur ti Majalaya
Sakola nyiar pangarti
….............................
Pilih ungkara di handap nu merenah pikeun ngalengkepan paparikan di luhur!
Lain ukur loba gaya
Lain ngan ukur indit
Tapi pikeun ngarobah sikep
Lain ngan loba jajan
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
......
Pilih ungkara di handap nu merenah pikeun ngalengkepan paparikan di luhur!
Kabogoh di rebut batur
Nu mipit teu amit-amit
Kacapit ku awi tali
Nu bangor tong sok diabur
Aya listrik di masigit
Aya tangkal mancar ka kolong
Aya Istri jangkung alit
Hanjakal tonggongna bolong
Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur kaasup kana …
piwuruk
silih asih
Sésébréd/guyon
misteri
Ka mana jalan ka Jogja
Ka ditu ka pameuntasan
Ka mana jalan ka surga
Ka ditu ka pangaosan
Ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana …
piwuruk
silih asih
Sésébréd/guyon
religi
Abdi daék ka Kosambi
Asal sami balanjana
Abdi moal jalir jangji
Asal sami satiana
Ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana …
piwuruk
silih asih
Sésébréd/guyon
religi
Kota kuloneun Cianjur
Purah-purah tunggu bumi
Wangsal : Sukabumi
Sisindiran diluhur kaasup kana .....
wawangsalan
paparikan
rarakitan
guguritan
Bibika tipung tarigu
Ku engkang tacan kaharti
Naon eusi wawangsalan di luhur .....
kueh
bolu
roti
brownis
Belut sisi saba darat
Kapiraray siang wengi
Eusi wangsal di luhur nya éta ....
aray
oray
kai
cai
Béas ditutuan deui
Iraha atuh patepung
Eusi wawangsalan di luhur nya éta ....
tipung
kapuk
bubur
aci
Cakcak gedé kadal bilik
Ulah dipaké mokaha
Wangsalna nya éta ......
toke
kadal
Saré
cakcak
Salian ti uyeg, di Sukabumi mekar warna-warni kasenian séjénna, boh nu sipatna umum boh nu husus. Nu umum, mangrupa warna kasenian nu aya tur tumuwuh di sakuliah tatar Sunda, saperti calung, angklung, réog, degung , jaipongan, wayang golék, jeung seni bela diri penca silat. Sedengkeun nu husus, mangrupa warna kasenian has nu aya di hiji wewengkon. Sanajan, aya sawatarana nu geus nyebar tur mekar di wewengkon sejen.
Pokok pikiran wacana di luhut netelakeun ....
Warna kasenia nu nyebar di wewengkon Sukabumi
Rupaning kasenian nu nyebar di wewengkon tatar Sunda
Warna-warni kassenian has Sukabumi
Kabeungharan budaya di tatar Sunda
Dumasar kana pedaran wacana di luhur, penca silat kaasup kana ....
Warna kasenian has
Warna kasenian bela diri
Warna kasenian umum
Warna kasenian tradisional
Pilih kecap di handap, mana anu kaasup kana kasenian has Sukabumi!
Sisingaan
parebut seeng
cianjuran
tari saman
Sawer ilaharna sok dihaleuangkeun dina acara .....
nu kawinan
nu tujuh bulanan
nu kapapaitan
nu tahlilan
Tulisan anu eusina sawangan, idé, opini anu nulis kana hiji pasualan, masalah atawa kajadian di sebut ….
opini
karya ilmiah
artikel
esey
Artikel nu ditulis kudu puguh eunteup seureuhna. Maksudna nya eta ....
acak-acakan
sistematis
pabeulit
panjang
Artikel anu ditulis dimimitian tina hal-hal anu husus tuluy kana hal-hal anu umum disebut .....
induksi
deduksi
narasi
deskripsi
Artikel anu ditulis dimimitian tina hal-hal anu umum tuluy kana hal-hal anu husus disebut .....
induksi
deduksi
narasi
deskripsi
Wangun karangan anu nepikeun hiji kajadian atawa pangalaman dina runtuyan waktu kanu maca kalawan udagan sangkan méré kesan perkara parobahan atawa gerak hiji harti awal tepika akhir disebut ….
narasi
Déskripsi
éksposisi
argumentasi
Karangan anu ngagambarkeun hiji hal, nétélakeun naon-naon anu diindra tur ngagambarkeun perasaan jeung paripolah jiwa dina wangun kalimah di sebut ….
narasi
Déskripsi
éksposisi
argumentasi
Karangan anu ngusahakeun ngabéjérbéaskeun hiji hal kalawan tujuan pikeun netelakeun, sangkan dipikanyaho ku balaréa di sebut ….
narasi
Déskripsi
éksposisi
argumentasi
Wangun karangan nu ngébréhkeun sawangan anu nilisna perkara hiji pasualan atawa hal sangkan mangaruhan nu maca pikeun nangtukeun sikep jeung cara mikir ngeunaan hiji hal di sebut …..
narasi
Déskripsi
éksposisi
argumentasi
Bapana téh pamayang.
Éta ungkara kaasup kana kalimah ….
barang
Pagawéan
bilangan
argumentasi
Néng Dania imut ngagelenyu.
Saupama ditilik dina unsur caritana éta ungkara téh kaasup kana kalimah ….
barang
Pagawéan
bilangan
argumentasi
