NEW
Font size
WorksheetsPANUMBU CATUR
Total questions: 25
Worksheet time: 34mins
Panumbu catur biasana sok disebut oge....
moderator
MC
panata acara
orator
pamilon
Panumbu catur miboga pancen pikeun....
nyieun pananya dina sakabeh jirangan kagiatan
nyepeng kadali dina mingpin jeung ngatur lumangsungna kagiatan sawala
ngadadarkeun jejer materi kalawan jentre dina kegiatan sawala
nyepeng kadali dina nataan runtuyan kagiatan ti awal nepi ka ahir kagiatan
nuliskeun gurat badag Jeung pananya dina kegiatan sawala
Samemeh prung ngalaksanakeun pancen panumbu catur, aya sawatara lengkah anu kudu dipilampah nyaeta.....
nagtukeun waktu jeung aturan sawala
ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer atawa tema kagiatan
muka acara ku cara ngucapkeun salam, ngedalkeun rasa sukur, jeung panuhun pikeun kasempetan jadi panumbu catur
ngawilujengkeun ka pamilon anu hadir
ngajelaskeun pedaran singget ngeunaan kasang tukang pangjejer
Tengetan!
(1) kacindekan
(2) tanya-jawab
(3) bubuka
(4) pedaran ti pangjejer
(5) panutup
Ieu di luhur mangrupa galur nu paling bener dina kagiatan sawala ....
(1)-(2)-(3)-(4)-(5)
(1)-(3)-(4)-(2)-(5)
(3)-(2)-(1)-(4)-(5)
(3)-(4)-(2)-(1)-(5)
(4)-(3)-(1)-(2)-(5)
Ieu di handap jalma-jalma anu kalibet dina kagiatan sawala, iwal ti ....
pangjejer
pamilon
girang serat
panumbu catur
juru simpen
Mangga dihaturanan ka Bapa Ahmad Soleh kanggo ngadugikeun pedaranna.
Kalimah di luhur kaasup kana kagiatan sawala anu disebut ....
muka sawala
pangwilujeng ka nu hadir
ngawanohkeun pangjejer
mere waktu ka pangjejer pikeun medar materi
panuhun ka pangjejer jeung pamilon
Bilih panasaran keneh kana pedaran anu tos didugikeun, di haturanan ka para pamilon kanggo ngajengkeun patarosan. Dina ieu waktos, urang pasihan lolongkrang kanggo dua urang anu bade naros. Mugi bapa atanapi ibu nyebatkeun nami sareng ti mana asalna sateuacan naros. Lajeng patarosan kedah singget tur mundel.
Kalimah di luhur mangrupa kekecapan anu bisa digunakeun ku panumbu catur nalika ....
ngahaturkeun ka pamilon pikeun nanya
ucapan panuhun ka pamilon anu geus nanya
pungkasan sawala
ngahaturkeun pangjejer pikeun medar materi
ngawanohkeun pamilon anu milu kagiatan sawala
Ieu di handap mangrupa hal anu dilakukeun ku panumbu catur nalika muka kagiatan sawala, iwal ti ....
ngucapkeun salam
ngedalkeun rasa sukur
ngahaturkeun nuhun ka panitia anu geus mere kasempetan jadi panumbu catur
ngawilujengkeun ka parapamilon anu hadir
ngaringkes eusi materi anu didadarkeun ku pangjejer
Sangkan ieu sawala teh langkung hegar, parantos linggih di payuneun urang sadaya, salah sahiji ahli widang lingkungan dan penanggulangan bencana nyaeta kersana Bapa Ahmad Soleh.
Kecap hegar dina kalimah di luhur sarua hartina jeung ....
gumbira
kataji
bungah
sumanget
ngartos
Alhamdulillah, urang sami-sami parantos ngupingkeun pedaran anu ngahudang kasadaran ngeunaan pentingna ngajaga kasehatan. Ku kituna, kasehatan teh kudu dijaga dumasar kana pola hirup sehat.
Ieu di luhur kaasup kana bagian .... dina kagiatan sawala.
bubuka
eusi
kacindekan
tanya-jawab
panutup
Lamun Aya pamilon anu adurenyom paduduaan nepika pasea, naon anu kudu dilakukeun ku panumbu catur...
dipiwarang ngarengsekeun pasualan secara pribadi di luar kegiatan sawala
misahkeun pamilon anu keur adu renyom sarta nengan jalan kaluar tina pasualan babarengan
ngabubarkeun kegiatan sawala lantaran geus teu kondusif
kaluarkeun ti rohangan sawala
mihak ka salah sahiji pihak anu dianggap bener ku panumbu catur
"Tepangkeun wasta pun Andi Riadhi, simkuring anu baris janten panumbu catur dina kagiatan sawala dinten ayeuna. Pamugi kagiatan sawala dina dinten ayeuna aya dina kalancaran sareng kaberkahan. Aamiin Yaa Rabbal'aalamin."
Pokpokan panumbu catur diluhur mangrupa ….. dina acara sawala.
Ngawilujeungkeun ka pangjejer
Ngamimitian sawala
Mungkas sawala
Mungkas sawala
Ngawanohkeun diri
Nepikeun pedaran materi anu luyu jeung jejer anu geus ditangtukeun samemehna, mangrupa salah sahiji kaparigelan anu kudu dipiboga ku
pamilon
Panata acara
Panumbu catur
juru tulis
Pangjejer
Saméméh urang ngalaksanakeun pancén jadi panumbu catur, sangkan acarana lancar sarta teu méngpar atawa kaluar tina topik bahasan, urang kudu . . . .
Nyiapkeun slide dina power point.
teu ngayakeun kagiatan tanya-jawab jeung pamilon
Maca heula saméméhna.
Nyiapkeun catetan.
Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/téma acara.
Pancen panumbU catur: ngatur hiji acara sangkan lumangsung kalayan tartib tur lancar, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun.
bener
salah
Naon bedana antara panumbu catur jeung panata acara?
Panumbu catur mingpin sawala, panata acara ngatur acara ti awal nepi ka ahir .
Panumbu catur ngan ukur ngawilujengkeun, panata acara mingpin diskusi.
Panumbu catur nyusun laporan, panata acara ngan ukur ngatur tempat.
Teu aya bedana antara panumbu catur jeung panata acara.
Panumbu catur ngan saukur narasumber, panata acara mingpin diskusi.
Naon anu kudu dilakukeun ku panumbu catur saméméh dimimitian sawala?
Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan sareng maca makalah pangjejer heula
Ngawilujengkeun pamilon sareng ngenalkeun diri ka pangjejer
Nyiapkeun tempat diuk pikeun pamilon diskusi
Nulis laporan hasil kagiatan sawala
Nepikeun pamapag saacan kagiatan sawala lumangsung
Naon tujuan utama tina sawala?
pikeun medar pasualan sarta neangan jalan kaluar tina pasualan anu disanghareupan babarengan
pikeun ngumpulkeun waragad dina hiji kagiatan
pikeun nangtukeun pihak mana anu leuwih kuat pamadeganana
pikeun maksakeun pamadegan pangjejer ka pamilon
pikeun nembongkeun kaparigelan pangjejer
Naon sikap anu kedah dipiboga ku panumbu catur nalika mingpin diskusi?
netral jeung objektif, teu mihak ka salah sahiji pihak
teges jeung maksakeun kahayang ka pamilon
subjektif jeung bela kababaturan
mihak ka pihak anu leuwih kuat argumenna
narima kana pamadegan pamilon sanajan mengpar tina jejer sawala
Tengetan!
1. Salam bubuka
2. Ngatur waktu jeung aturan sawala
3. Ngawilujengkeun ka pamilon
4. ngedalkeun rasa syukur
5. ngahaturan pamilon pikeun nanya
Hal anu kudu ditepikeun ku panumbu catur nalika muka sawala dituduhkeun ku nomer ... jeung ...
1 jeung 2
1 jeung 4
2 jeung 3
2 jeung 4
4 jeung 5
Jalma anu medar jejer pasualan dina kagiatan sawala disebut ....
pamilon
pangjejer
panumbu catur
girang serat
panata acara
Jalma anu miluan kagiata sawala disebut ....
panumbu catur
panata acara
pangjejer
pamilon
girang serat
Jalma anu nulis laporan ngeunaan lumangsungna kagiatan sawala disebut ...
girang serat
panata acara
panumbu catur
pamilon
pangjejer
Ieu di handap mangrupa salam bubuka waktu muka kagiata sawala, iwal ti ...
Assalamu'alaikum wr wb
Wilujeng enjing
Wilujeng siang
Wilujeng sonten
Wilujeng sumping
Naon tugas panumbu catur sanggeus pangjejer medar materi?
Ngeringkes eusi materi anu didadarkeun ku pangjejer
Mere kasempetan pamilon pikeun nanya
Nangtukeun waktu jeung aturan tanya-jawab
Nutup kagiatan sawala
Ngawanohkeun pangjejer jeung jejer sawala
