NEW
Font size
WorksheetsSOAL PSAS BAHASA SUNDA X
Total questions: 25
Worksheet time: 37mins
Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa patali jeung sajarah disebut carita...
Pabel
Parable
Babad
Legenda
Mitos
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
henteu beunang dicekel deleg dokumentasina
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Garantang Sétra
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
daréhdéh
handap asor
wijaksana
Ciri has dina puseur sawangan jalma Kahiji diantarana ....
Ngagunakeun kecap gaganti jalma Kahiji "abdi" dina cara nyaritana
Ngagunakeun kecap gaganti jalma Kahiji "manehna" dina cara nyaritana
Ngagunakeun kecap gaganti jalma kahiji "ngaran tokoh" dina cara nyaritana
Ngagunakeun kecap gaganti jalma Kahiji "anjeun" dina cara nyaritana
Teu ngagunakeun kecap gaganti jalma kahiji "Kuring" dina cara nyarita
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog, Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahya nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar.
Latar waktu nu dipake dina sempalan carita di luhur nya eta ....
Beurang
peuting
pasosore
subuh
isuk-isuk
Aki Dipa téh jalmana jujur. Tara codéka, jeung salawasna pengkuh kana jangji. Éta pangna ku dununganana dipercaya. Hiji poé, Aki Dipa balik ti kota, tas dititah nagihan duit ku dununganana.
Kaitung jauh inditna téh, jaba kudu leumpang, da jaman harita mah masih kénéh langka kendaraan. Nya ku sabab éta, Aki Dipa kaburitan di jalan. Manéhna ngarasa salempang jeung degdegan, sabab loba mawa duit hasil nagihan.
Komo waktu kudu ngaliwat ka jalan anu suni mah. Mindeng kabéjakeun di dinya téh sok aya bégal. Aki Dipa teu neger-neger dirina sorangan, bari ngadunga ka Gusti Alloh, sangkan salamet. Dasar geus nasibna kudu kitu, bet Aki Dipa teh di pegat ku bégal.
carita di luhur dicaritakeun make puser sawangan ...
jalma kahiji
jalma kadua
jalma katilu
jalma kaopat
jalma kalima
Palaku, latar, galur, puseur sawangan, jejer, jeung amanat kaasup kana ...
wangenan babad
ciri-ciri babad
struktur babad
jenis dongéng
wangun babad
Di antara ciri-ciri carita babad, nu mana anu ngagambarkeun latar tempat?
nuduhkeun iraha kajadian anu dipidangkeun dina carita
nuduhkeun dimana carita lumangsung
nuduhkeun saha anu ngalakonan carita
nuduhkeun runtuyan kajadian anu nyusun carita
nuduhkeun hal anu hayang ditepikeun ku pangarang
Carita babad biasana nyaritakeun ngeunaan carita, iwal ti...
Perjuangan tokoh-tokoh legendaris
Asal-usul hiji tempat
Hiji peristiwa
Carita cinta antara dua jalma
Kasang tukang daerah
Nu disebut 'puseur' dina carita babad teh nyaeta ...
Tokoh utama anu jadi fokus carita
Runtuyan kajadian anu nyusun carita
Pesan moral anu hayang ditepikeun
Waktu jeung tempat kajadian
Konflik anu lumangsung dina carita
Nu disebut 'konflik' dina carita babad teh nyaeta ...
Runtuyan kajadian anu nyusun carita
Masalah anu dihadapi ku tokoh
Pesan moral anu hayang ditepikeun
Waktu jeung tempat kajadian
Tokoh utama anu jadi fokus carita
Keuyeup
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
ku: Ganjar Kurnia
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma soleh
jalma munafik
gajah
jalma bangor
Naon anu dimaksud sajak teh...
carita rekaan anu ngandung hal-hal pamohalan
karangan dina wangun basa ugeran (puisi)
dongeng jaman buhun
carita anu kaalaman ku sorangan
Rarangkén anu digunakeun aksara Sunda diluhur disebut …
Panglayar (+r)
Panyecek (+ng)
Panyuku (u)
Panolong (o)
Pangwisad (+h)
Aksara diluhur kaasup kana aksara sunda …
Ngalagena tulén
Ngalagena Serepan
Swara
Imbuhan
Rarangkén
Aksara sunda mekah nya éta …
Dina dongéng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, di antarana waé, nya éta …
Raja kahampangan dina balokéng (batok kalapa)
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
Sangkuriang nyieun parahu
Dayang Sumbi kawin jeung Tumang
Sangkuriang saenyana anak Raja
Naon fungsi utama dongeng dina kahirupan masarakat tradisional?
Hiburan pikeun masarakat
Sarana ngadongéngkeun sejarah
Nyebarkeun ajaran moral jeung budi pekerti
Panjelasan ilmiah ngeunaan alam
Carita pikeun kanak-kanak waé
Naon anu biasana jadi unsur utama dina dongeng?
Tokoh anu realistis jeung jalan carita anu logis
Setting anu mirip kahirupan nyata
Kajadian anu ajaib jeung tokoh fiksi
Konflik politik jeung sosial
Karya ilmiah jeung bukti nyata
Dina dongeng Sangkuriang, naon watek anu kasaksian ti tokoh Sangkuriang.
Bijaksana jeung sabar
Gegabah jeung emosional
Santun jeung jujur
Penyayang jeung hormat ka indung
Serius jeung intelektual
Naon tujuan utama Dayang Sumbi masihan syarat ka Sangkuriang?
Pikeun nguji kamampuhan Sangkuriang
Pikeun ngahindarkeun perkawinan jeung anakna sorangan
Pikeun nulungan masarakat sabudeureunana
Pikeun ngabuktikeun kakuatan cinta Sangkuriang
Pikeun ngajaga kahormatan leuweung tempatna cicing
Naon anu biasana jadi ciri khas carita babad dibandingkeun jeung dongeng?
Dumasar kana kajadian nyata jeung unsur sejarah
Nyaritakeun asal-usul alam jeung budaya
Fokus kana tokoh anu fiktif jeung mistis
Dipaké pikeun hiburan sapopoéna
Ngan ukur nyaritakeun kahirupan raja
Naon watek anu sering dipikawanoh dina tokoh utama carita babad?
Gagabah jeung emosional
Bijaksana jeung boga kapamimpinan anu kuat
Leuleus jeung gampang nyerah
Misterius jeung jauh tina masarakat
Ngan ukur mikirkeun dirina sorangan
