NEW
Font size
WorksheetsUH SAJAK X TJKT 2
Total questions: 20
Worksheet time: 18mins
Dina kamekaranana, sajak téh kaasup kana karya sastra ...
Sampeuran
Pituin
Buhun
Sampakan
Asli Sunda
Conto simbol anu merenah pikeun ngantebkeun maksud kasedih nya éta ...
Hiliwir angin
Bulan ngintip
Méga mendung
Béntang ngiceup
Seuneu ngabébéla
Sajak nya éta salasahiji karya sastra Sunda. Wangenan (pengertian) tina sajak nya éta …
karya sastra anu diréka dina wangun puisi, sipatna fiksi.
karya sastra anu diréka dina wangun puisi, kauger ku patokan-patokan jumlah engang jeung padalisan
karya sastra anu diréka dina wangun puisi, ngan teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang jeung padalisan
karya sastra anu diréka dina wangun lancaran, sipatna fakta.
karya sastra anu diréka dina wangun lancaran, sipatna fiksi.
Unsur-unsur sajak téh sacara gurat badag dibagi jadi adégan lahir jeung adégan bathin. Nu teu kaaasup kana adégan lahir nya éta …
purwakanti
jejer
citraan (imaji)
diksi
wangun sajak (tipografi)
Pangaruh kecap ka nu maca sajak, biasana aya patalina jeung naon nu karasa, katempo, atawa kadéngéku nu maca sajak tina kecap-kecap nu aya dina sajak disebutna …
purwakanti
figuratif
imaji
diksi
tipografi
Dina adegan lahir sajak, padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna …
purwakanti
figuratif
imaji
diksi
tipografi
Dina adegan (unsur) bathin sajak aya nu disebut rasa jeung wirahma (nada). Ungkara nu bener di handap ieu nya éta …
Rasa téh sarua waé jeung wirahma
Rasa mah sarua jeung jejer, ari wirahma sarua jeung amanat
Rasa mah pesen panyajak ka nu maca sajak sedengkeun wirahma mah poko pikiran anu aya dina sajak nu rék dibacakeun
Wirahma (nada) téh sikep panyajak ka nu maca, ari rasa téh ngajiwaan eusi sajak
Rasa mah sikep panyajak ka nu maca, sedengkeun wirahma (nada) téh ngajiwaan eusi sajak
Unsur-unsur sajak téh sacara gurat badag dibagi jadi adégan lahir jeung adégan bathin. Nu teu kaasup kana adegan bathin sajak nya éta …
Purwakanti
Amanat
Wirahma
Rasa
Jejer
Adegan bathin dina sajak nu ngajéntrékeun poko pikiran anu aya dina sajak nu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca disebutna …
Purwakanti
Amanat
Wirahma
Rasa
Jejer
Sacara gurat badag sajak dibagi jadi dua nya éta sajak épik jeung sajak lirik. Nu dimaksud saja épik nya éta …
Sajak nu ngenjéntrékeun ngeunaan kaéndahan
Sajak anu sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun.
Sajak anu eusina ngeunaan kaasih (percintaan)
Sajak nu diwangun ku 4 padalisan
Sajak anu henteu ngalalakon
Baca sempalan sajak ieu sing imeut!
Ayem putu geusan ulun Kaula Surianagara
Nu geus ngalalana ka congkar rasa
Leuwih hade mandi getih nguyup getih
Manan migawé nu teu sapuk jeung lelembutan
Dina sempalan sajak di luhur, nu némbongkeun sikep Pangéran Kornél nya éta …
Taya kawani pikeun ngabéla kasalahan
Wani narohkeun pati pikeun ngabéla panjajah
Bébéakan ngabéla pamaréntah
Taya kawani pikeun ngabéla bebeneran
Wani narohkeun pati pikeun ngabéla bebeneran
Gaya basa (figuratif) téh salasahiji nu kaasup kana adegan lahir tina sajak. Gaya basa anu tujuanana pikeun ngalemeskeun basa sangkan henteu nyigeung (menyinggung) rasa anu diajak nyarita disebut gaya basa …
lalandian (métafora)
ngasor (litotés)
rahulan (hiperbola)
rautan (eufimisme)
mijalma (personifikasi)
Gaya basa (figuratif) téh salasahiji nu kaasup kana adegan lahir tina sajak. Anu ngandung gaya basa mijalma (personifikasi) dina ieu kalimah di handap nya éta …
Si Ratu Ngebor keur ngahibur nu aya di Bogor
Aki Uca mah socana téh parantos teu ningal
Gunung geulis ngungun di harudum halimun
Linggih heula atuh bu ka saung butut
Di Jakarta réa gedong anu jujul ka langit
Gaya basa (figuratif) téh salasahiji nu kaasup kana adegan lahir tina sajak. Gaya basa nu ngibaratkeun barang boga kalakuan atawa sipat kawas manusa disebut gaya basa …
lalandian (métafora)
ngasor (litotés)
rahulan (hiperbola)
rautan (eufimisme)
mijalma (personifikasi)
Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut ...
maca sajak
musikalisasi
déklamasi
parafrase
dramatisasi
CISANGGIRI
(H. Usep Romli H. M.)
Umpak-umpak halimun geus turun
Di mumunggang pasir-pasir Cisanggiri
Sabot ngahurun kangungun
Ngawaas kabetah ngancik na diri
Sajak nu judulna Cisanggiri ngagambarkeun ngeunaan …
Kaéndahan alam Cisanggiri
Katugeunahan kana kaayaan alam Cisanggiri
Ruksakna alam Cisanggiri ku polah manusa
Rasa nyaah kana alam Cisanggiri
Karuksakan alam Cisanggiri
Jakarta Kingkin
(Ku Déper)
Jakarta, diharudum halimun
Alum ngungun, ngaheruk sumegruk
Lirih angina Jakarta ngusap raga nu kingkin
Jakarta jadi lautan satungtun tingal
Disapu banjir taya kendatna
Suasana nu kagambar dina sajak di luhur nya éta …
Banjir
Gumbira
Sedih
Disapu banjir
Ngungun
Jakarta Kingkin
(Ku Déper)
Jakarta, diharudum halimun
Alum ngungun, ngaheruk sumegruk
Lirih angina Jakarta ngusap raga nu kingkin
Jakarta jadi lautan satungtun tingal
Disapu banjir taya kendatna
Dina sajak di luhur, aya kalimah Jakarta diharudum halimun. Éta kalimah ngandung gaya basa …
mijalma (personifikasi)
lalandian (métafora)
ngasor (litotés)
rahulan (hiperbola)
rautan (eufimisme)
Keuyeup
ku: Ganjar Kurnia
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma bangor
gajah
jalma munafik
jalma soleh
Tengetan sempalan sajak di handap!
Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar sempalan sajak di luhur, kumaha nada (sikep panyajak ka nu maca) sajak di luhur?
Hayang ngabéjaan ka nu maca yén najan tanah Sunda éndah, tapi tetep henteu tengtrem tur loba ancaman.
Kasieunan ku kakeueung di tatar Sunda
Ngarasa tengtrem cicing di Indonesia
Kaéndahan laut di tatar Sunda
Karasa keueung di lautan jeung pagunungan
