wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS SAJAK

Total questions: 15

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Lemah Cai

Tanah anu ngeplak satungtung panon. Lawas jadi amparan

pikeun melakkeun kaheman. Sawah jadi pamatangna

silih gupayan, narunjuk walungan nu ngocor di suku gunung.

Pasir-pasir ngahariring nandean kembang kihiang maluguran.

angin ngahiur ngusapan buuk, ngulangkeun daun kalapa,

tangara usum nu anyar datang

(Sempalan sajak Lemah Cai, AKS, H. - 2018:30)

Sajak di luhur eusina nyaritakeun......

a)

Rusakna alam ku lantaran kasarakahan manusa

b)

Alam Sunda anu endah

c)

Alam nu rusak nu pinuh ku kapeurih

d)

Tanah Sunda lemah cai urang

e)

Tanah Sunda titinggal karuhun

2.

Aya Sajak

Aya sajak nu nyereset jadi hinis dina rasa pangnyerina

Basa kecap jeung kalimah laluncatan tina lembar bebeneran.

pertentang jadi sora nu campuh harengheng. jadi ideologi

jeung undang-undang. Jadi tameng nu samagreng

mindingan kasarakahan jeung beungeut anu curaling.

(Dicutat tina AKS< H. (2018:58)

Dina sajak, sanajan saliwat ngan ari diksi-diksina mah matak rea anu kerung jeung bingung,

tapi upama geus maca gembleng sajakna mah bakal kaharti.

Kecap curaling dina diksi sajak di luhur ngandung harti ....

a)

licik, goreng hate

b)

sombong

c)

someah

d)

goreng patut

e)

jelema sholeh

3.

Sajak teh bagean tina puisi. Istilah 'puisi' dina sastra Sunda teh lega pisan,

nuduhkeun karangan wangun ugeran.

Nu teu kaasup kana wangun karya sastra puisi nyaeta ......

a)

carpon

b)

sajak

c)

guguritan

d)

sisindiran

e)

mantra

4.

Sajak disebut puisi moderen, lantaran datangna kaitung anyar, nyaeta sabada kamerdekaan.

Kukituna, sajak kaasup karya sampeuran.

hal ini lantaran sajak pangaruh ti ....

a)

India

b)

Arab

c)

Eropa

d)

Malaya

e)

Cina

5.

Anu mimiti nulis sajak dina basa Sunda nyaeta .....................

a)

Godi Suwarna

b)

Acep Zamzam Noor

c)

Etty RS

d)

Kis. WS

e)

Eris Risnandar

6.

Kalawarta anu sok medar sajak Sunda teh diantarana koran Sipatahoenan, majalah Panghegar, majalah Mangle, jeung sajabana. Tidinya kakara diantologikeun, diterbitkeun jadi buku kumpulan sajak. Ari buku kumpulan sajak anu mimiti medal nyaeta buku sajak karya Sayudi dina taun 1963 anu judulna ......

a)

Maung Bayangan

b)

Miang

c)

Basa ka Olivia

d)

Lalaki di Tegal Pati

e)

Titimangsa

7.

Sanggeus hidep maham bagbagan jeung kamekaran sajak, ayeuna urang pedar ngeunaan jenis jeung unsur sajak. Ditilik tina cara ngadadarkeun eusina jeung cara pangarang ngebrehkeun rasa, sajak teh aya dua jenis. Sajak anu ngalalakonkeun, nyaritakeun, atawa ngadadarkeun hiji kajadian disebut (a)  

8.

Sajak anu ngebrehkeun rasa, pikiran, jeung gagasan pribadi panyajak anu sipatna leuwih subjektif nyaeta (a)  

9.

Sajak teh kaasup kana karya sastra wangun puisi anu boga unsur-unsur. Unsur sajak teh aya dua, nyaeta adegan lahir (unsur fisik sajak) jeung adegan batin (unsur eusi sajak). Anu kaasup kana adegan lahir nyaeta, iwal ............. ​ ​ ​ ​ ​

a)
tipografi
b)
diksi
c)

tema

d)
gaya basa
e)
purwakanti
10.

Sabalikna tina adegan lahir, adegan batin mah nyaeta unsur eusi sajak anu teu katingali langsung, tapi kudu diteuleuman, dirarasakeun, atawa ditapsirkeun. nu kaasup kana adegan batin nyaeta iwal..... ​ ​ ​ ​

a)
tema
b)
rasa
c)
wirahma
d)
amanat
e)
judul
11.

Sajak teh ebrehan rasa, pikiran, jeung gagasan panyajakna ladang nyurahan pasualan tina kahirupan sapopoe, tuluy ditepikeun ngaliwatan ungkara basa anu endah. Sajak biasana ditulis dina wangun ungkara konotasi (kiasan), anu boga harti jeung amanat pikeun anu maca. Ceuk abdullah Mustapa aya genep nu kudu diestokeun dina nulis sajak, nyaeta iwal ......

a)

imaji

b)

simbul

c)

musikalitas

d)

sarana

e)

paribasa

12.

sangkan dina maca sajak teh pikaresepeun, urang kudu boga teknik maca sajak anu hade. Ari teknik maca sajak teh diantarana kudu ngestokeun 3 hal penting. Hal anu patalina jeung teknik sora (vokal) yen sora kudu bedas tur jelas, bentes ngucapkeun kekecapan (artikulasi), jeung hade ngatur gancang-ancana sora (intonasi) nyaeta .....

a)

wirasa

b)

wirahma

c)

wilujeng

d)

wiraga

e)

wiwitan

13.

Kungsi sakali ngalaman

Bisnis lahan pakuburan

Di Cikadut panyandaan

Untungna lain lumayan

Geura tengetan eta di luhur aya sempalan sajak "Kuburan Cikadut" karya Arie Suhanda.

Sajak di luhur ngandung purwakanti (a)  

14.

Upama urang nitenan tutuwuhan, aya istilah-istilah anu tangtu nuduhkeun unggal bagianana. nu kaasup kana bagean-bagean tutuwuhan anu aya di jero taneuh nyaeta (a)   ​ ​ ​ ​ ​

15.

kembang cau disebut (a)