wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SOAL KELAS XII LASTEXAM

Total questions: 27

Worksheet time: 54mins

Name
Class
Date
1.

Baca sempalan biantara ieu di handap kalayan gemet!

“Hayu urang panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti nu murbéng alam nu Maha Welas Maha Asih, réhna dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat”

Kecap panjatkeun leuwih merenah saupama maké kecap....

a)
Sanggakeun
b)
Dugikeun
c)
Manjatkeeun
d)
Pasihkeun
e)
Du'akeun
2.

Baca sempalan dongéng ieu di handap kalawan gemet!

Paménta Tilu Rupa Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon. Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabina-bina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah. Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Wajar baé mun tukang ngangon téh papakéanana geus ruwang-rawing, siga nu gélo baé. Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!” Kalimah nu nuduhkeun dunungan nu ngabogaan watek pedit nyaéta...

a)
Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan.
b)
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabina-bina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
c)
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur.
d)
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan.
e)
Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
3.

Pék titénan ieu tabél!

Dumasar kana tabél , pék bandingkeun kaasup kana jenis dongéng naon éta dua dongéng di luhur téh ?

a)
Dongéng 1 farabel, dongéng 2 fabel
b)
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 farabel
c)
Dongéng 1 sasakala, dongéng 2 farabel
d)
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 sagé
e)
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 mite
4.

Baca teks sajak ieu di handap sing daria!

Ajengan Cigalumpit (Apip Mustopa) Léngkob mana nu can kasaba Pasir mendi nu can kasungsi Ajengan Cigalumpit Lalaki langit Lamun kedal sora tina bahamna Allahu Akbar! Aleutan walanda bubar Tina leungeun-leungeunna nu baruluan Bedil nu metet ku pélor maruragan Beungeut dayeuh dileyek bari dijebéngan Ngadadak muriang ngagibrig tentara karajaan Ngagorowok ajengan Cigalumpit handaruan Ka luar siah kapirin Dikéré ku aing kawas lauk asin Tentara karajaan kawalahan Ngémbarkeun pengumuman : sing saha nu bisa nyabut nyawa ajengan cigalumpit Bakal metet sakuna ku rébuan ringgit Ba’da isa si hianat si murtad Dedepongan ngabongohan ti tukang Ajengan keur husu sumujud Ditigas beuheungna disakalikeun Digusur ka handapeun dapuran awi Ditiir mastakana, ditancebkeun na dadana Ngagakgak si murtad, pokna: Ku lantaran dunungan sia di yogya Ka dinya sia nyanghareup! Ajengan Cigalumpit lalaki langit Geus lawas leungit Mastakana dibayar ku walanda rébuan ringgit Késangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit.

Anu dimaksud “késang” dina sempalan sajak di luhur nya éta....

a)
Pengorbananana
b)
Kasabaranana
c)
Kapasrahanana
d)
Katabahanana
e)
Gogorowokana
5.

Baca teks sajak ieu di handap sing daria!

Ajengan Cigalumpit

(Apip Mustopa)

Léngkob mana nu can kasaba

Pasir mendi nu can kasungsi

Ajengan Cigalumpit Lalaki langit

Lamun kedal sora tina bahamna

Allahu Akbar!

Aleutan walanda bubar

Tina leungeun-leungeunna nu baruluan

Bedil nu metet ku pélor maruragan

Beungeut dayeuh dileyek bari dijebéngan

Ngadadak muriang ngagibrig tentara karajaan

Ngagorowok ajengan Cigalumpit handaruan

Ka luar siah kapirin

Dikéré ku aing kawas lauk asin

Tentara karajaan kawalahan

Ngémbarkeun pengumuman : sing saha nu bisa nyabut nyawa ajengan cigalumpit

Bakal metet sakuna ku rébuan ringgit

Ba’da isa si hianat si murtad

Dedepongan ngabongohan ti tukang

Ajengan keur husu sumujud

Ditigas beuheungna disakalikeun

Digusur ka handapeun dapuran awi

Ditiir mastakana, ditancebkeun na dadana

Ngagakgak si murtad, pokna:

Ku lantaran dunungan sia di yogya

Ka dinya sia nyanghareup!

Ajengan Cigalumpit lalaki langit

Geus lawas leungit Mastakana dibayar ku walanda rébuan ringgit

Késangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit.

Jejer sajak “Ajengan Cigalumpit” nya éta....

a)
Cinta
b)
Kaagamaan
c)
Kaséhatan
d)
Pendidikan
e)
Kapahlawanan
6.

Tengetan ieu sajak di handap!

Priangan Mojang lenjang nu hideung santen Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten Upami wengi dipépéndé bulan ngempur Jungjunan Upami dugi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan

Eusi sajak di luhur téh nyaritakeun ngeunaan....

a)
Mojang nu geulis kabina-bina
b)
Kaéndahan tatar Sunda
c)
Kaéndahan dina waktu pasosoré
d)
Jalma nu rék maot
e)
Waktu rék saré dina waktu bulan ngempur
7.

Prak tengetan ieu runtuyan acara!

Dumasar kana tabel runtuyan acara, kalimah biantara ti Kepala Sakola anu merenah nyaéta …

a)
“Para wargi anu dipihormat, sakumna rahayat Indonesia, di mana baé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak”
b)
“Lamun urang pinter, moal dibobodo jeung moal disapirakeun ku saha baé gé, malahan baris diajénan tur dibutuhkeun ku batur. Lamun bangsa urang pinter jeung motékar, moal aya pulo anu dijual, moal gumantung ka bangsa deungeun”
c)
“Hadirin nu sami-sami linggih, mungguh, ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa cikénéh urang sadaya diajar sasarengan di ieu sakola, ayeuna siswa kelas XII tos kedah paturay deui. Kedah miang deui ngahontal harepan sareng cita-cita nu langkung luhur.”
d)
“Basa Sunda ogé kedah janten émutan urang sadaya, réhna kiwari aya nu disebat Poé Basa Indung Sadunya. Di sababaraha sakola tos diwajibkeun nyarios nganggo basa Sunda unggal dinten kemis. Tapi angger kénéh waé teu digugu. Pajar téh géngsi, jeung teu gaul. Sim kuring ngaraos prihatin, asa karunya ningal kasénian, budaya, sareng basa urang ayeuna siga nu henteu diaku deui ku nonomanana.”
e)
“Upami ditingal tina raksukanana, conto anu gampil urang tingal wé tina anggoan murangkalih jaman kiwari, nu kakirangan bahan, pajar cenah gaya siga di India yén nu ngaranna udel kedah katingal ku nu sanés. Kitu ogé sareng lancingan nu disebat gaya rock n’roll atanapi lancingan pensil. Kacida pisan sampéan saageung tangkal kalapa kedah dilebetkeun kana lancingan saageung paralon 2 inci.”
8.

Baca sempalan teks biantara ieu di handap sing taliti!

“Hadirin anu sami-sami linggih, Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.”

Nurutkeun strukturna, sempalan téks biantara di luhur disebut ....

a)
Panutup
b)
Salam Bubuka
c)
Bubuka
d)
Eusi
e)
Salam Panutup
9.

Baca sempalan biantara ieu di handap!

Hiji mangsa jang Yusuf téh rék ngayakeun sukuran anakna nu disunatan, geus ti jauh-jauh mula manéhna geus ngulem ustad pikeun muka acara sukuran. Ngan hanjakal dina waktuna prung acara, Ustad téh ngadadak ngabatalkeun lantaran gering parna. Atuh harita téh Jang Yusuf maksa ka tatanggana nu jadi guru agama nyaéta pa Ali, atuh pa Ali rumpang-reumpeung taya persiapan pisan kudu nepikeun pamapag dina acara syukuran éta.

Dumasar kana sempalan carita di luhur, tehnik biantara nu digunakeun ku pa Ali téh nyaéta ...

a)
Téhnik impromtu
b)
Téhnik ékstémporan
c)
Téhnik komunikasi masa
d)
Téhnik mémoritér (talaran)
e)
Téhnik maca naskah
10.

Baca sempalan teks biantara ieu di handap kalawan daria!

“Danget ayeuna, Cép Bayu téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksad hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru ka balé nyungcung. Dina ieu kasempetan, kalawan kasakséni ku wargi-wargi, ogé diwuwuh ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun anak Cép Bayu, ka ramana Néng Ésa, pangersana Bapa Ari, kanggo ditikahkeun dina danget ayeuna”.

Nilik eusina, biantara di luhur téh merenah ditepikeun dina acara ....

a)
seserahan calon pangantén
b)
lounching hiji produk
c)
paturay tineung
d)
ngistrénan pejabat anyar
e)
sukuran pernikahan
11.

Tengetan ieu sisindiran di handap!

Cikaracak ninggang batu

Laun-laun jadi legok

Sirah botak nyeri huntu

..................................

Pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur anu bener nyaéta....

a)
Bau hitut nu di juru
b)
Arisin balik ka lembur
c)
Katambah aya nu nyabok
d)
Nu rajin kudu ditiru
e)
Diubaran ka puskesmas
12.

Titénan ieu sisindiran di handap!

Lamun urang ninun kantéh

Ulah resep maké poléng

Lamun urang leutik kénéh

Ulah resep ngomong goréng

Wangun jeung watek sisindiran di luhur nyaéta …

a)
Wawangsalan watekna sesebred
b)
Paparikan watekna silih asih
c)
Rarakitan watekna silih asih
d)
Rarakitan watekna piwuruk
e)
Paparikan watekna sésébréd
13.

Titénan wawangsalan ieu di handap!

I. Belut sisit saba darat

Kapiraray siang wengi

II. Suku jangkung beuheung panjang

Kuring sumpah arék nyaah

III. Kendang gedé pakauman

Dag-dig-dug rasaning ati

IV. Baju bodas ngurus pasén

Pinter pisan nyimpen rasa

Wangsal nu ka hiji (I) jeung ka tilu (III) nyaéta…

a)
bedug jeung oray
b)
oray jeung dokter
c)
raray jeung bedug
d)
soang jeung tamtam
e)
oray jeung bedug
14.

Baca sempalan carita pondok ieu di handap sing daria!

Geus lila kuring ninggalkeun lembur, malah geus betah deui di pangumbaraan téh. Réa dulur nu nitah balik, hayang riung-mungpulung pakokolot cénah, tapi kuringna horéam. Kahiji goréng-goréng gé geus boga sasaungan, piraku kudu ngahagal kuriak deui di lembur, batan sakieu sagala mahal téh. Kaduana nya kitu téa ari di lembur mah sahenteuna sok sagala kadeuleu jeung kadéngé, bubuhan paungku-ungku jeung dulur, geus béak sono mah sok timbul cékcék-bocék, urusan saeutik gé sok dijajadikeun. Cék kolot gé, dulur mah ari jauh seungit kembang, ari deukeut bau “taeun”. Nu matak mending jauh, seungit waé kaambeuna ti kajauhan téh, nyaah jeung asih téh manjang.

Dumasar sempalan carita pondok di luhur, naon nu jadi alesan tokoh kuring horéam mulang deui ka lemburna?

a)
nyieun imah di lembur mahal
b)
geus teu sono ka nu di lembur
c)
embung deukeut jeung dulur
d)
pagawéanana teu bisa pindah
e)
sieun pipaséaeun jeung nu jadi dulur
15.

Titénan ieu sisindiran di handap!

Samangka melak di tonggoh

Melak pala di nu bala

……………………………………..

Sakola tamatkeun heula

Pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur anu bener nyaéta …

a)
hayu urang dahar samangka
b)
tong waka boga kabogoh
c)
sing getol neangan élmu
d)
kudu getol maca buku
e)
ulah sok jajan waé
16.

Baca sempalan carpon ieu di handap!

Nu duaan katénjo sasapu deui. Bet asa jadi anteng lalajo nu sasapu téh, padahal sorangan gé loba pigawéeun. Acan mérésan baju beunang ngalicin, acan meresihan enggon urut bieu beurang sasaréan. Sakapeung sok teu kaharti ku Ema. Ti énjing tara katingal reureuh. Isuk-isuk kasampak nuju bébérés kénéh tilas masak. Sonten geus der deui waé ngurus dahareun keur saimah. Sakalina aya waktu kosong, tara katingal nganggur, naon waé sadamel-damel.

Kumaha watek Ema dina sempalan carpon di luhur téh?

a)
Pangedulan
b)
Embung éleh ku batur
c)
Getol
d)
Euweuh kacapé
e)
Daék dititah
17.

Tengetan struktur ieu di handap!

1) Bubuka

2) Mukadimah

3) Eusi

4) Panutup

5) Kacindekan

Bahasan tradisi Sunda téh miboga struktur karangan,

runtuyan struktur karangan bahasan tradisi Sunda anu bener nyaéta ....

a)
1-2-3-4
b)
1-3-4.
c)
2-1-3-4
d)
2-3-4.
e)
1-3-5.
18.

Titénan téks ieu di handap!

Prabu Pandu Déwanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta Puntadewa, Bima ngaran leutikna nya éta Séna, Arjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten, jeung Sadéwa nu boga ngaran leutikna Tangsen dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.

Babon (sumber) carita wayang di luhur nyaéta....

a)
Mahabarata
b)
Ramayana
c)
Pandawa Lima
d)
Kurawa
e)
Hanoman
19.

“Jang ulah sok saré sareupna, bisi keuna ku teluh!”

Kalimah di luhur nuduhkeun salah sahiji pakeman basa nyaéta ….

a)
Babasan
b)
Paribasa
c)
Cacandran
d)
Uga
e)
Panyaraman
20.

Ari lawang panto téh jajalaneun paranti lalar liwat. Lamun aya awéwé diuk dina lawang panto matak ngahalangan jala.

Ieu téh mangrupa simbul keur asupna jodo ka imah kahalangan.

Jeung euweuh gawé diuk dina lawang siga euweuh deui tempat.

Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conto panyaraman di handap nyaéta ....

a)
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
b)
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
c)
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
d)
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwisen
e)
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
21.

Pék regepkeun kutipan téks di handap !

Ku Batara Surya Karna dipaparin tumbak sakti, ngaranna Konta. Upama éta tumbak dilempagkeun, ulah bangsa manusa, sanajan déwa pasti perlaya. Ngan hanjakal henteu bisa dipaké sakahayangna. Saumur hirup ukur bisa digunakeun sakali. Saterusna Konta bakal balik deui ka sawarga. Mulang ka nu bogana, nya éta Batara Surya.

Naon ngaran pakarang nu boga Batara Surya ?

a)
Salaka Domas
b)
Konta
c)
Pedang Emas
d)
Jamparing
e)
Gada
22.

Pék regepkeun kutipan téks di handap !

"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah. Éta nu diantos-antos," témbal Dipati Karna bangun bungah. "Ti ka pungkur Akang panasaran, hoyong ngajajal kasaktén Putra Panengah Pandawa," pokna deui, maksudna ka Arjuna.

Dumasar kutipan di luhur kaasup kana struktur ...

a)
Kakawén
b)
Murwa
c)
Nyandra
d)
Antawacana
e)
Panutup
23.
Carita wayang nu nyebar di urang aya nu ditulis dina wangun wawacan, dina wangun prosa, atawa dipagelarkeun dina pintonan wayang golek nu ditepikeun ku ….
a)
Dalang
b)
Panembang
c)
Narator
d)
Juru dongéng
e)
Aktor
24.

Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !

"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah.

Dumasar kutipan téks di luhur, kecap unggal poé nunjukkeun latar ...

a)
Suasana
b)
Waktu
c)
Tempat
d)
Setting
e)
Kaayaan
25.

Pék regepkeun kutipan téks di handap !

Saur nira tandana panjang

Sinenggih sabda ya uninga

Sabda ya uninga

Saur nira tandana panjang sinenggih

Sabda uninga, wis mamang

Ulah layu kaya teki

Kala bakti dening asih

Ya dening asih

Wong asih ora katara

Dumasar kutipan di luhur anu ngandung basa kawi kaasup kana struktur ...

a)
Kakawén
b)
Murwa
c)
Nyandra
d)
Antawacana
e)
Panutup
26.

Hartina ti peuting mah waktuna istirahat jeung saré. Kaduana waktu peuting mah poék, tetempoan teu écés kacirina, bisi aya barang penting anu ragrag kasapukeun jadi leungit. Ku kituna, sasapu ti peuting matak ngaleungitkeun rejeki. Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conto panyaraman di handap nyaéta ....

a)
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
b)
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
c)
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
d)
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwisen
e)
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
27.

Perhatikeun sempalan carita pantun ieu di handap!

ka sakur para karuhun

ka sakur para raja

nu kacatur dina galur

nu kakocap na carita

bisi kasebat namina

bisi salah ngadongéngna

bisi salah nyaritana

teu cocok jeung saenyana

kula neda pangampura

Éta bagian carita téh nyaritakeun ngeunaan ...

a)
sanduk-sanduk juru pantun sangkan dibéré kasalametan
b)
ménta hampura ka para karuhun bisi juru pantun loba salahna
c)
nganuhunkeun ka para karuhun lantaran geus disalametkeun
d)
eusi carita pantun anu dijerona muji sukur ka para Pangéran
e)
ménta dibéré kasalametan ku karuhun salila mantun