wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Bahasa Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Sajak téh kaasup karya sastra anu mangrupa pangaruh ti Eropa. Kira-kira asupna dina taun …

a)

1946

b)

1914

c)

1963

d)

1945

2.

naon ari fugsi sajak teh?

a)

pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak

b)

pikeun gagayaan meh kaciri gaul

c)

pikeun nalungtik kabudayaan nu aya

d)

pikeun nurunkeun pejabat

e)

pikeun ningalikeun kamampu urang

3.

Keuyeup


Beungeut nyanghareup

Leumpang nyangigir

Beungeut nyanghareup

Ati mungkir


ku: Ganjar Kurnia


Ngagambarkeun naon sajak diluhur?

a)

Keyeup

b)

jalma soleh

c)

jalma munafik

d)

gajah

e)

jalma bangor

4.

Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan

a)

sajak

b)

puisi

c)

sisindiran

d)

dongeng

e)

mantra

5.

Unsur pangwangun sajak nu eusina sikep panyajak ka nu maca nyaeta ....

a)

tema

b)

nada

c)

purwakanti

d)

rasa

6.

Naon bedana harti konotatif jeung denotatif?

a)

harti konotatif ngandung purwakanti, harti denotatif henteu ngandung purwakanti.

b)

harti konotatif nyaeta harti nu henteu nuduhkeun barang (harti injeuman), harti denotatif nyaeta harti anu langsung nuduhkeun maksud (harti saujratna).

c)

harti denotatif nyaeta harti nu henteu nuduhkeun barang (harti injeuman), harti konotatif nyaeta harti anu langsung nuduhkeun maksud (harti saujratna).

d)

kaduana ngan beda ngaran hungkul.

7.

Di pangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh

Transliterasi (terjemahan) Bahasa Indonesia dina sempalan sajak di luhur nyaeta ....

a)

Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci piring.

b)

Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci muka

c)

Di peperangan tidak ada waktu untuk mandi

d)

Di peperangan tidak ada waktu untuk mencuci baju

8.

Kalimah nu ngandung harti denotatif nyaeta ...

a)

Kang Rusdi teh ayeuna mah geus hirup ngeunah.

b)

Pulisi keur mancing rampog supaya kaluar tina panyumputanana.

c)

Mang Ohang teh ngeupeul pisan, dipentaan teh tara mere.

d)

Neng Rani keur ngala jambu di buruan imahna.

9.

Gaya Basa anu sok katembong dina sajak téh nyaéta... Iwal...

a)

Personifikasi

b)

Metafora

c)

Hiperbola

d)

Eufimismeu/Sarkasmeu

e)

Simbul

10.

Kahirupan Ma Anah

Ma Anah tukang surabi

Soré subuh satia nganti nu meuli

Satuhu usshs ngadago rijki

Ceuk paribasana najan ngan payu sasiki

Sempalan sajak di luhur teh kaasup kana jenis sajak nyaeta...

a)

Sajak Epik

b)

Sajak lirik

c)

Guguritan

d)

Prosa

e)

Purwakanti

11.

Ibuna Siti Aminah

Ramana Sayid Abdullah

Dibabarkeunna di mekkah

Wengi senen taun gajah

Sempalan sajak di luhur mangrupakeun purwakanti sora...

a)

H

b)

A

c)

Lah

d)

Ah

e)

Jah

12.

Hejo pagununganana paul lautan

Taya kamarasan ngan katugeunahan

Hejo pagununganana paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman


Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan.................

a)

Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman

b)

Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.

c)

Kaayaan pagunungan anu hejo lembok

d)

Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi

13.

Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...

a)

Konotatif

b)

Denotatif

c)

Majas

d)

gaya basa

14.

Sajak miboga dua adegan (unsur). Aya adegan anu henteu katingal langsung, sabab ayana di jero eusi éta sajak. Nu dimaksud éta nya éta …

a)

adegan lahir

b)

adegan batin

c)

adegan rasa

d)

adegan cipta

15.

Ngarobah sajak ku cara nambahan kecap sangkan (supaya) kaharti maksudna atawa ngarobah kana wangun paragraf maké basa sorangan ( bahasa sendiri) kaasup kana bentuk …

a)

tarjamahan

b)

ngarobah sora

c)

parafrase

d)

nyalin ide