NEW
Font size
Worksheetsquiz persiapan Ujian Sekolah Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 19mins
Hadirin anu sami lenggah, para pangajén nu ku sim kuring dipihormat. Kantenan seueur kénéh anu
hoyong didugikeun. Namung, lian ti kawatesan ku waktos, inggis tambih lami, kalah tambih ngacapruk
teu puguh.
Téks di luhur mangrupa sempalan tina biantara nu aya dina bagian...
Salam bubuka
Bubuka
Eusi
Panutup
Salam Panutup
Métode biantara anu dina prak-prakanna ngan ukur mawa catetan leuitik anu eusina poin poin anu rék
ditepikeun. Disebut métode…
naskah
Ngapalkeun
Ékstemporan
Impromptu
Dadakan
1) Mang Uhé : Saha kakasih téh jang?
2) Ohim : Jenengan kuring Ohim.
3) Mang Uhé : Pami rorompok di mana?
4) Ohim : Rorompok kuring di Nagrak
5) Mang Uhé : Leres tuang rama téh wastana Emad?
6) Ohim : muhun leres
Dina paguneman di luhur, mana ungkara nu bener dina ngagunakeun basa lemes ka batur...
1
2
3
4
5
Anu jadi pangbéda antara biografi jeung otobiografi nya éta...
Biografi mah riwayat hirup hiji jalma anu ditulis ku pribadina sorangan, sedeng otobiografi mah
riwayat hirup hiji jalma anu ditulis ku jalma séjén
Biografi mah riwayat hirup hiji jalma anu ditulis ku jalma séjén, sedeng otobiografi mah riwayat
hirup hiji jalma anu ditulis ku pribadina sorangan
Biografi mah ditulis dina wangun karangan narasi, sedeng otobiografi mah ditulis dina wangun
karangan argumentasi
Biografi mah ditulis dina wangun karangan argumentasi, sedeng otobiografi mah ditulis dina
wangun karangan narasi
Dina biografi mah préstasi tokohna teu dicaritakeun, sedeng dina otobiografi mah préstasi tokohna
dicaritakeun
Dongeng nyi Rorokidul anu asalna ti Palabuan ratu kaasup kana dongéng…
Légénda
Sagé
Mite
Fabél
Parabél
Salah sahiji unsur dina dongéng téh nya éta pamohalan. Kecap Pamohalan saharti jeung…
Nipu
Nyata
Ngawadul
l
Asup akal
Teu asup diakal
Dongéng anu nyaritakeun asal usul tempat atawa kajadan disebut dongéng…
Légénda
Sagé
Mite
Fabél
Parabél
Saangkot seuri
Kuring hudang subuh-subuh,
Gura-giru tuluy mandi,
Geus mandi maké seragam,
Henteu poho maké dasi
Geus dangdan tuluy sasarap
Geus rapih mah tuluy indit
Naék ankot asa rusuh
Asup gé henteu tarapti
Diuk téh rada ngajégang
Diseungseurikeun ku supir
Beungeut beureum sabab éra
Da saangkot milu seuri
Guguritan di luhur diwangun ku pupuh?
Kinanti
Mijil
Sinom
Asamarandana
Magatru
Sing getol ngimun jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
Dumasar eusina sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran...
Paparikan
Rarakitan
wawangsalan
piwuruk
sésébréd
Di handap ieu mana anu kaasup kana kawih...
Oray-orayan
Cingciripit
Pupuh asmarandana
Mawar bodas
Bulantok
Di handap ieu mana anu kaasup kana gaya basa mijalma
Siga careuh bulan
Kawas kapuk kaibunan
Bulan ngintip sela-sela méga
Hulu dijieun suku
Lumpatna tarik kawas peucang
Mantra anu dipapatkeun pikeun nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang saperti kasakit, siluman,
jurig jeung makhluk lianna anu sakirana ngaganggu ka manusa disebut…
Singlar
Rajah
Jangjawokan
Asihan
Ajian
Di handap ieu novél sunda nu pangheulana medal(terbit) nya éta…
Baruang ka nu ngalora
Baruang keur nu ngalora
Pipisahan
Laleur bodas
Perang Bubat
Éta budak , keur mah geulis amis budi deuih.
Tina kalimah di luhur aya babasan amis budi anu hartina…
Hadé paroman
Takabur
Babari katerap panyakit
Hésé dititah
Teu daék cicing
Saung angklung Udjo kiwari geus jadi salasahji obyék wisata budaya Sunda anu ka jojo di Kota
Bandung. Mémang lalajo pintonan kseian Sunda di saung angklung Udjo mah teu pikaboseneun aya
pintonan wayang golék, arumba, jeung pésta rayat. Pangpangna mah dina ahir acara urang bisa milu
aub dina konsér angklung.
Dina sempalan di luhur tétéla yén saung angklung Udjo mangrupa wisata…
Sejarah
Budaya
Kuliner
Alam
Religi
Anu ngawawancara geus mawa pedoman ngeunaan naon baé anu kudu ditanyakeun sacara gurat badag, tapi dina prakna mah dipasrahkeun ka nu ngawawancara. Mangrupa wangenan tina…
Wawancara kauger
Wawancara bébas kauger
Wawancara teu kauger
Wawancara formal
Wawancara informal
Karya sastra wangun prosa heubeul anu didangding jeung dianggit ku pupuh disebut…
Wawacan
Guguritan
Sajak
Sisindiran
Kawih
Naon bédana anatara wawacan jeung guguritan…
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina sekar alit, sedeng guguritan mah ngagunakeun
pupuh sekar ageung
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina sekar ageung, sedeng guguritan mah
ngagunakeun pupuh anu aya dina skar ageung jeung sekar alit
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina sekar alit, sedeng guguritan mah ngagunakeun
pupuh sekar ageung hungkul
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina sekar alit jeung sekar agung, sedeng guuritan
mah ngagunakeun pupuh sekar ageung hungkul
Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina sekar alit jeung sekar agung, sedeng guuritan
mah ngagunakeun pupuh sekar alit hungkul.
Dina carita pantun, bagian anu sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita disebut…
Rajah
Narasi
Déskripsi
Dialog
Monolog
Éséy anu dimuat dina média massa saperti surat kabar, majalah atawa internét. Anu eusina bisa
mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan pribadi kana hiji hal atawa bisa ogé kritikik kana hji
pasualan atawa kaayaan disebut…
Makalah
Artikel
Warta
Wawancara
Iklan
