WorksheetsUTS BAHASA SUNDA KELAS X
Total questions: 30
Worksheet time: 24mins
naon ari fugsi sajak teh?
pikeun ningalikeun kamampu urang
pikeun nurunkeun pejabat
pikeun nalungtik kabudayaan nu aya
pikeun gagayaan meh kaciri gaul
pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak
Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan
puisi
sajak
sisindiran
dongeng
mantra
Sajak asup kana karangan dina wangun......
pupujian
pupuh
Ugeran
mantra
sisindiran
Sajak teh mangrupakeun...
karya idola
karya seni
lokakarya
karya sastra
karya lukis
nu teu kaasup kana unsur sajak nyaeta
tema
amanat
suasana
imaji
palaku
Nu dimaksud Citraan (Imaji) dina adegan lahir sajak nyaeta ………..
Sajak teh ditulisna beda-beda, umpamana wae aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana ge teu matok siga sisindiran atawa pupuh. Bebas kumaha panyajakna. Lian ti eta, naha hurup-hurupna make aksara leutik atawa akasara gede (Kapital), ieu ge mangaruhan kana wangun sajak
Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah, nilik kana perenahna teh bias ngarendeng jeung sakalimah atawa sapadalisan atawa bias wae ngaruntuy dina antar pada;isan.
Sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipake (arhaik), tuluy dipake nuliskeun sajak. Upamana wae, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap sedih digantijadi kecap tunggara.
Pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadenge ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak, sifatna bias swara (auditif), panempo (visual), jeung pangragaf (taktil). Sajak anu alus teh taya lian sajak anu bias ngabalukarkeun nu macana teh milu ngarasakeun kana naon anu ditepikeun dina eta sajak.
Ngabalukarkeun aya harti konotatif. Bias nimbulkeun harti anu beunghar kana eusi sajak. Sajak teh bias jadi psimatis, hartina bias mibanda harti anu mundel, jero tur loba. Dina basa Sunda misalna siga kecap mijalma,kadalon, rarahulan, jst.
Pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadenge ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak, sifatna bias swara (auditif), panempo (visual), jeung pangragaf (taktil). Sajak anu alus teh taya lian sajak anu bias ngabalukarkeun nu macana teh milu ngarasakeun kana naon anu ditepikeun dina eta sajak.
Nu dimaksud Jejer (Sense) dina adegan batin sajak nyaeta ………..
Sikep panyajak ka nu maca dina ngabalukarkeun suasana nu ka rasa ku nu maca
Poko pikiran anu aya dina sajak
Adegan nu teu katembong langsung nu bisa diteuleuman atawa dirarasa ku nu maca sajak
Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak
Adegan nu teu katembong langsung nu bisa diteuleuman atawa dirarasa ku nu maca sajak
kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai nyaeta nu sok disematkeun dina unsur sajak nyaeta
galur
tema
amanat
suasana
rasa
Dihandap nyaeta cara-cara dina medalkeun sajak, iwal..
deklamasi
dramatisasi
musikalisasi
harewos
Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna …
Gaya basa
Kecap nyata
Purwakanti
Wirahma
Wirasa
Anu jadi ugeran dina sajak nyaéta...
guru lagu jeung guru gatra
kekecapan anu ngandung kakuatan gaib
cangkang jeung eusi
diksi jeung wirahma
jumlah engang dina unggal padalisan
Naon anu disebut imaji dina sajak....
pangalaman jeung kasang tukang panyajakna
gambaran anu karasa, kadenge, atawa katenjo dina hiji sajak
puseur implengan panyajak dina sajakna
runtuyan galur anu gumulung nepi ngawangun hiji sajak
harti injeuman tina hiji kecap pikeun ngantebkeun maksud
Ieu di handap mangrupa ungkara anu ngandung gaya basa mijalma (personifikasi) nyaeta...
sihung ajal ranggeteng kabina-bina
geura tampi ieu ka héman tina raga anu hapa
bulan imut, ngangkleung di langit
raga badag ditapuk jamparing takdir
bentang anu rek murag kana jajantung
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Ajengan Cigalumpit lalaki langit
Geus lawas leungit
Mastakana dibayar ku walanda rébuan ringgit
Késangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit
Sempalan sajak Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa di luhur kaasup kana jenis sajak...
Lirik
Epik
Elegi
Hymne
Ode
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Langit ngemprai, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngalentab sagara keusik
Ngahuru ngabebela
Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong
Afrika-Asia bebas merdeka
Naon eusi tina sempalan sajak Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata di luhur...
kawani jeung sumanget ngabela lemah cai
kamerdekaan afrika-asia
seuneu anu hese dipareuman
Bandung nu kahuruan ku sabab perang ngalawan walanda
langit bandung anu ngagebray caang
Sajak anu sifatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, jeung biasana eusina ngawangun carita kapahlawanan nyaéta….
Sajak lirik
Sajak lirikal
Sajak kauger
Sajak musikal
Sajak épik
Keuyeup
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
ku: Ganjar Kurnia
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma munafik
jalma bangor
jalma soleh
gajah
Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...
Konotatif
Majas
sabenerna
Denotatif
gaya basa
Pék baca sempalan sajak ieu di handap!
jungjunan....
pang nangkepkeun eta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapak na di dunya
angin...
pangngusikeun sapangeusi buana
yen,aya sinatria nuperlaya
di wewengkon langit sunda
....
Eta sajak di luhur kaasup kana sajak....
Epik
Naratif
Gimmick
Lirik
Prosaik
harti konotatif nyaeta...
harti anu teu langsung nuduhkeun hal nu dimaksud (kiasan)
harti sabenerna
harti anu langsung nuduhkeun hal nu dimaksud
harti nu teu nyambung
harti denotatif
Hatena ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat, teu wasa narima kanyataan ngadenge beja bapana tilar dunya.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Hiperbola
Metafora
Litotes
Metonimia
Sabalikna tina adegan lahir, adegan batin mah nyaeta unsur eusi sajak anu teu katingali langsung, tapi kudu diteuleuman, dirarasakeun, atawa ditapsirkeun. nu kaasup kana adegan batin nyaeta iwal.....
tema
judul
wirahma
rasa
amanat
Kacirina tangkal kalapa di sisi basisir teh ngagupayan parahu layar anu aya di tengah laut.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
personifikasi
simile
Metafora
Hiperbola
litotes
Jang Amir mah kasep siga Arjuna.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metafora
Metonimia
Hiperbola
Litotes
Jang Dedi mah pantes sok disebut ujang gembru teh da pagaweanana ngan dahar wae
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metafora
Metonimia
Litotes
Hiperbola
Sawah Kang Amir mah luasna satungtung deuleu.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metafora
Metonimia
Hiperbola
Litotes
Bentang di langit pating kariceup matak endah katempona.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metonimia
Metafora
Litotes
Hiperbola
Pare beuneur mah tarungkul teu rancung kawas anu hapa.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Metafora
Personifikasi
Metonimia
Hiperbola
Litotes
Manehna digawe ti isuk-isuk nepi kapeuting ngabanting tulang pikeun ngabelaan hirup kulawargana.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metafora
Metonimia
Hiperbola
Litotes
Eta Mang Udin ngambek teh beungeutna meni beureum euceuy kitu.
Dina kalimah di luhur digunakeun majas....
Personifikasi
Metonimia
Hiperbola
Metafora
Litotes
