WorksheetsUS BAHASA SUNDA
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Baca dina jero haté pupujian di handap, tuluy jawab pananyana kalawan bener !
Sabab urang bakal mati,
Nyawa dipundut ku Gusti,
Najan raja nyakrawati,
Mo, bisa nyingkahan pati.
Dina pupujian di luhur aya kecap (kata) dipundut, anu sarua hartina (sinonim) jeung . . .
dicekel
di cabut nyawa
dipénta
Dipiceun
Baca dina jero haté (dalam hati) téks arguméntasi di handap ieu !
Jadi kacindekanana, lamun urang maké listrik saperluna, éta sarua jeung ngirit bahan bakar minyak. Naha bet kudu ngirit? Lantaran cadangan minyak di jero bumi tuluy ngurangan. Hartina dina hiji mangsa mah bakal béak.
Naon sababna minyak bumi kudu diirit?
Sabab cadangan minyak bumi di jero bumi tuluyi ngurangan.
Sabab cadangan minyak bumi hésé dialana di jero bumi.
Sabab cadangan minyak bumi ayana di jero bumi
Sabab cadangan minyak bumi loba nu ngadodoho
Baca dina jero haté paguneman di handap ieu !
Dami : “Aki, Nini, tingali aya ucing ngagolér !”
Aki : “Euleuh, enya wé.”
Nini : “Karunya teuing,kalaparan éta ucing téh Dami.”
Aki : “Enya mani langlayeuseun kitu, kawas rék paéh.”
Dami : “Aki, Nini, candaknya, urang urus, karunya.”
Paguneman (percakapan) di luhur eusina ngeunaan (isinya mengenai) ….
A. Nulungan ucing anu katabrak mobil.
Nulungan ucing anu diudag ku anjing.
Nulungan ucing nu hayangeun héés.
Nulungan ucing anu kalaparan
Lantaran capé, Dami (saré) dina korsi panjang.
kecap saré dina kalimah di luhur kuduna ….
Kaasupkeun
Disarékeun
Kasaréan
Diasupna
Lebaran kamari kuring sasalaman jeung bu guru di kelas.
Kecap rajekan Dwipurwa dina kalimah di luhur (kata yang diulang dua kali suku kata pertamanya dalam kalimat di atas), nyaéta ....
sasalaman
lebaran
bu guru
di kelas
Baca dina jero haté wacana di handap!
Kasang tukang kahirupanana ogé rupa-rupa. Héndra jeung Fahmi kasebut jalma aya. Indung bapana Fahmi jadi dokter di rumah sakit. Ari bapana Héndra mah boga usaha sorangan, muka toko di sisi jalan. Bapana Dami pagawéanana téh jadi guru SMP, sarua jeung bapana Saépul, ngan pédah bapana Saépul mah ngajarna di SD.
Dumasar kana wacana di luhur pagawéan (pekerjaan) bapana Héndra nyaéta ….
Guru.
Dokter
Wirausaha
Patani
Titénan gambar di handap ieu (Amati gambar di bawah ini) !
Gambar kaulinan(permainan) di luhur ngaranna (namanya) ....
Sondah
Oray-orayan
Gatrik
Hahayaman
Baca dina jero haté sempalan téks déskripsi di handap!
“Tah, ieu urang mawa kérésék jeung kertasna,” ceuk Iwan. Keretas téh tuluy digulung-gulung nepi ka buleud. Geus kitu dibungkus ku kérésék. Digulung-gulung deui. Terus kitu nepi ka ngajendul sagedé peureup. Geus kitu kakara dibeungkeut ku karét geulang, ngarah pageuh. Eusi ték déskripsi di luhur nyaéta . . . .
A. Digulung nepi ka buleud sagedé peureup, pikeun nyieun bal
B. Keretas digulung sagedé peureup sangkan teu gedé teuing.
C. Keretas digulung sagedé peureup sangkan teu babacak.
D. Keretas digulung sagedé peureup ngarah bisa dialungkeun
Baca téks narasi di handap!
Waktu aya kajadian tsunami, Undang Haérudin keur aya di pangangonan, teu jauh ti basisir. Unggal poé, sanggeus balik ti sakola, manéhna mah ku bapana sok dititah ngangon sapi. Saha nu jadi palaku (tokoh) dina wacana di luhur téh?
Basisir
sakola
Manéhna
Undang Haérudin
Baca dina jero haté sempalan guguritan di handap!
Regepkeun ieu piwuruk,
nyerep kana sanubari,
papatah sing jadi amal,
amal hadé dina bukti,
salila hirup di dunya,
aya dina rido Gusti.
Dina guguritan di luhur aya kecap piwuruk. Naon hartina piwuruk téh?
Naséhat
banyol
Lucu
Resep
Baca dina jero haté sempalan guguritan di handap!
Regepkeun ieu piwuruk,
nyerep kana sanubari,
papatah sing jadi amal,
amal hadé dina bukti,
salila hirup di dunya,
aya dina rido Gusti.
Naon eusina guguritan di luhur?
A. Miharep rido Gusti
B. Ngaregepkeun piwuruk nepi kanyerep kana sanubari jeung buktikeun dina amal hadé salila didunya
C. Bukti dina amal hadé salila didunya
D. Papatah téh aya dina rido Gusti
Dami : “Saha éta?”
Mida : “Budak tatangga kampung.”
Dami : “Geuning, huntuna konéng, nya?”
Mida : “Enya, pastina ogé tara ngosok huntu.”
Dami : “ooh... kumaha kitu akibatna lamun urang tara ngosok huntu?”
Mida : “Huntuna jadi kotor jeung bau.”
Saha anu keur paguneman(percakapan) dina téks di luhur?
Mida jeung Dami
Huntu jeung Mida
Dami jeung Huntu
Huntu jeung Bau
13. Baca téks kawih (lagu) di handap kalawan (dengan) taliti !
CINTA NUSA
Sanggian : Koko Koswara
Indonésia gemah ripah loh jinawi,
alam éndah héjo lémbok sugih mukti,
subur tutuwuhan beunghar pepelakan,
daun héjo ngémploh, karaharjaan lemah cai.
Pikeun ngagambarkeun kasuburan tutuwuhan (tumbuhan) di Indonésia, dina rumpaka kawih (lirik lagu) di luhur digambarkeun ku kecap (kata) ….
Indonésia
Héjo ngémploh
Lemah cai
Sugih mukti
Gemah ripah Tatar Sunda
boa ngan tinggal carita
sabab geus digunasika
kiwari ....
Kecap (kata) anu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka sajak di luhur nyaéta ….
panineungan
kaéndahan
rusak alamna
Sasatoan
15. Baca téks éksposisi di handap, tuluy jawab pananyana!
Unggal jalma perlu dahar. Cing, naon sababna urang kudu dahar? Sangkan urang boga tanaga pikeun hirup. Jalma nu kurang dahar sok langlayeuseun. Awakna laleuleus kurang tanaga jeung kuru.
Dina téks di luhur aya kalimah awakna laleuleus kurang tanaga jeung kuru (kurus). Anu dimaksud kuru (kurus) dina éta kalimah nyaéta ….
Cibuy
Leuleus
Létoy
Begang
Palaku, latar, téma, jeung amanat kaasup kana unsur-unsur nu sok aya dina....
sajak
paguneman
carpon
guguritan
. Baca sempalan carpon di handap! (Baca potongan carpon di bawah)
‘‘Naha balik timasjid téh mawa ucing, ucing saha Fikri?’’
“Duka, Ma. Tadi waktu ka masjid, ieu ucing kapanggih keur kacepét ku kai, sukuna tatu teu bisaeun leumpang. Nya ku Fikri dibawa waé ka imah. Karunya!”
Naon amanat tina bacaan di luhur?
Urang kudu ningalian sasatoan.
Urang kudu nyaah ka sasatoan.
Sasatoan kedah dikencarkeun
Nu ngukut sasatoan bakal beunghar
Baca dina jero haté téks arguméntasi di handap kalawan taliti!
Penca jadi alat dina ngabeugkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara. Diajar penca lain pikeun néangan satru kabuyutan, tapi pikeun népakeun kanyaah ka sasama. Salian ti éta pikeun kaséhatan, kaéndahan, jeung pertahanan diri.
Kasenian di luhur ngaranna ….
Guyub
Béla diri
Kabuyutan
Penca
Naon sababna kasenian penca kudu dijaga jeung dimumulé?
A. Sabab penca jadi alat pikeun meungkeut rasa duduluran.
B. Sabab penca pikeun nguatkeun awak tur jadi palinceng
C. Sabab lamun bisa penca batur bakal sarieuneun.
D. Sabab penca bisa naékkeun kalungguhan jalma
Gambar di luhur alat kasenian anu sok dipaké dina mirig
kawih. Salian ti éta, kacapi ogé biasana dipaké dina hiji
pagelaran anu disebut mantun. Ngagunakeunana ku cara
disintreuk- ditoél-dipetik, éta alat ngaranna ….
Kendang
Suling
Kacapi
Rebana
Baca téks biografi di handap kalawan taliti!
Taufik Hidayat, keurjaya-jayana jadi atlét badminton baheula pohara kasohorna. Lain nagara urang baé, malah nepi ka manca nagara. Ari sababna, mindeng jadi juara badminton tingkat dunya. Saha anu dicaritakeun dina téks di luhur?
Hidep
Taufik Hidayat
Urang Pangaléngan
Nu nyeungitkeun nagara
. Kaahlian naon anu dipimilik ku tokoh dina téks di luhur téh?
Olahraga badminton
Nyeungitkeun nagara
Olahraga anu dipikaresep
Keyeng ngahontal cita-cita
Kecap-kecap ieu di handap kaasup kana istilah dina widang olah raga maén bal ….
Free kick, hand ball
Toser, sérpen
Smés, back hand
Kiper, pinalti
Baca dina jero haté wacana di handap, tuluy jawab pananyana!
Globalisasi ngandung harti “asup kana lingkungan dunya”. Maksudna mah, dina campur gaul baé upamana, henteu ngan saukur gaul jeung batur salembur atawa sanagara, tapi jeung bangsa-bangsa anu aya di sakuliah dunya.
Tina wacana di luhur bisa kapaham, yén (bahwa) globalisasi téh hartina ….
A. Asup kana lingkungan dunya.
B. Bangsa-bangsa sadunya bisa wawuh.
C. Urang bisa cicing di mana waé di saban nagara.
D. Campur gaul jeung bangsa-bangsa di sakuliah dunya
Baca téks déskripsi di handap kalawan taliti!
Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran tehnologi. Anu karasa pisan mah dina widang informasi. Komo sanggeus aya internét, urang bisa nyaho kajadian di sakuliah dunya dina waktu harita kénéh.
Cing pék jelaskeun pangaruh globalisasi pikeun widang informasi . . .
A. Informasi loba anu nepi kalawan dina waktu gancang tur ongkosna mahal.
B. Informasi loba pisan anu nyampak di saban nagara kudu disaring.
C. Informasi di sakuliah dunya bisa kanyahoan dina waktu harita kénéh.
D. Informasi kudu dipilih bisi anu matak ngabahayakeun pikeun bangsa.
Kandaraan di di gigir kaasup kandaraan … (a) anu lajuna diboséh
ku jelema
Peuyeum ... dijeunna tina ketan hideung, tuluy maké ragi.
Kecap anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .
(a)
Gambar di luhur kadaharan anu asalna ti Cililin, dijieunna tina ketan, rasana amis,
dibungkusna ku daun jagong. Éta kadaharan ngaranna . . . .
(a)
Baca dina jero haté sempalan pidato di handap!
Mung sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana samukawis perhatosan. Hapunten bilih aya kakirangan, billahi taufik walhidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Wacana di luhur kaasup ték pidato bagéan( wacana di atas termasuk tek pidato bagian) . . . .
(a)
Kadaharan anu teu séhat téh jadi ...pikeun kalolobaan jalma.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta . . . .
(a)
Pahlawan téh gedé jasana pikeun kamerdékaan Indonésia.
Urang kudu neruskeun perjoanganana pikeun (a)
Lian ti melak kembang eros, di buruan Tanti aya ogé ... anu daunna rarubak.
Kecap kantétan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta . . . .
(a)
Baheula mah lembur kuring téh tiiseun jeung (sieun), tatangkalan ngaroyom caranéom.
Kecap anu di jero kurung kuduna ….
(a)
Tukang béca teu buru-buru hudang, taksiran ngarasa lieur jeung kabur pangacian.
Kecap kabur pangacian hartina …
(a)
Dahar téh teu mirasa lamun teu aya lalab jeung sambel téh.
Kecap mirasa sarua hartina jeung . . .
(a)
Sebutkeun tilu kecap (kata) anu make rarangkén (imbuhan) tengah ar !
(a)
Nurul nanya iraha urang indit
Pék tulis deui kalimah langsung di luhur bari nengetan (sambil memperhatikan) tanda baca anu bener !
(a)
Pék Jelaskeun ku maraneh tilu cara ngirit energi !
ramo - ngitung - dititah - mun - make - sok - bareto –mah
Susun kecap-kecap (kata-kata) di luhur jadi kalimah anu merenah!
Pék, Jelaskeun ku maranéh hartina kasakit bisul !
