WorksheetsPSAJ BAHASA SUNDA
Total questions: 41
Worksheet time: 21mins
Name
Class
Date
1.
NAMA PESERTA UJIAN
a)
ALIVA AVRILIANI
b)
ALIYA OKTAVIANA
c)
BARA AL BAIHAQI PUTRA
d)
ELIYA RAHMAH
e)
FATHIYAH NURUL JANAH
2.
NOMOR PESERTA UJIAN
a)
27-049-001-8
b)
27-049-002-7
c)
27-049-003-6
d)
27-049-004-5
e)
27-049-005-4
3.
Titénan teks “Gotong Royong “ pikeun ngajawab soal no 1 jeung 2!
Poè Ahad isuk-isuk, teu jauh ti imah Mida, warga Cidora geus ngarumpul di sisi jalan.
Lolobana lalaki, bapa-bapa jeung pamuda. Aya meren kana tilu puluh urangna.Sarèrèa pada
nyarekel papakas, kayaning pacul,congkrang,jeung bedog.
“Geus hudang acan, bu, Mida tèh?” Bapana Mida norojol ti dapur.
“Ngagojod kènèh di kamarna. Kè geura urang guyah-guyah,” tèmbal ibu Teti, bari terus
indit ka kamarna.
“Mida! Mida! Hudang! Apan ayeuna tèh aya kerja bakti,” ceuk Ibu Teti.
Teu lila kadèngè sora nu gegeroan di luar. Horèng Saepul nyampeur, geus saged. Makè
dudukuy pandan, nyekel pacul.
Lèos Saepul jeung Mida arindit ka jalan. Kasampak nu sèjèn mah geus sibuk baranggawè.
aya nu ngababad jukut, meresihan kamalir, jeung nyaeur jalan. Kituna tèh bari dibarung ku
heureuy sempal guyon. Atuh kaayaan tèh mani ramè. Babaturan Mida gè araya di dinya,
marilu mantuan. Kabagèan ngakutan runtah barudak mah.
Jam sapuluh sarèrèa tuluy ngaraso heula. Lalawuh bawa ibu-ibu disuguh-suguhkeun ka nu
Kerja bakti. Mida gè teu tinggaleun milu cacamuilan. Rèngsè ngaso, sarèrèa digawè deui.
Sumber: Midadami BASA SUNDA Pikeun murid SD kelas IV
1. Dumasar tina niténan teks “Gotong royong” kasebat, di handap ieu eusi nu bener ngenaan teks,nyaéta....
a)
Poè Minggu warga Cidora karumpul di nu hajat
b)
Mida jeung Saepul arindit ka sawah
c)
Kasampak nu sejen na geus baranggawè ngadegkeun tihang
d)
Aya kana tilu puluh urang na warga Cidora milu kerja bakti meresihan jalan
4.
2. Dina teks “Gotong Royong” aya kalimah “ngagojod kènèh” arti ngagojod nyèta ...
a)
Sarè morongkol
b)
Sarè nangkarak disimbut rapet
c)
Sarè nangkarak
d)
Sarè ngaringkuk
5.
3. Titénan gambar stiker !
a)
Kudu ngahémat BBM
b)
Kudu ngahémat cai
c)
Kudu ngahémat dompèt
d)
Kudu ngahémat ènergi listrik
6.
5. Titénan kecap – kecap di handap!
Urang Pangandaran – deukeut - ka pantai - kusabab – jaradi – lolobana – nelayan – pagawean – deukeut – lemburna
Susunan kalimah nu bener, nyaéta…
a)
Lolobana dukeut ka pantai kusabab Urang Pangandaran lemburna, pagawéan jaradi nelayan.
b)
Lolobana pagawean urang Pangandaran jaradi nelayan, kusabab lemburna deukeut ka pantai.
c)
Lolobana Urang Pangandaran jaradi nelayan kusabab pagawéan deukeut ka pantai lemburna.
d)
Lolobana Urang Pangandaran dukeut lemburna ka pantai, kusabab pagawéan jaradi nelayan.
7.
6. Pèk titenan conto pupuh di handap!
BAPA TANI
Rebun-rebun bapa tani,
getol digawé di sawah,
ngolah lahan sangkan léndo,
melak paré bulan-bulan,
mun usum panén datang,
hasil tina lahan subur,
mangpaat keur saréréa.
Guru wilangan pupuh di luhur nyaèta.…
a)
8 – 8 – 8 – 8 – 7 – 8 – 8
b)
.8 – 8 – 8 – 7 – 7 – 8 – 8
c)
8 – 8 – 8 – 8 – 8 – 7 – 8
d)
8 – 8 – 7 – 8 – 8 – 8 – 8
8.
7. Pék baca pedaran ieu di handap!
KIRIPIK TALEUS
Kiripik taleus kaasup lalawuh nu sok disuguhkeun dina kéler, dibarengan ku citéh atawa cikopi. Disebut kiripik taleus lantaran bahan bakuna dijieunna tina taleus. Bahan-bahan séjénna nyaéta uyah, cai, jeung minyak goréng. Ari parabotna mah cukup ku katél. Cara nyieunna kieu. Taleus dipesék cangkangna, tuluy disiksikan aripis, ngujur ka panjangna atawa ka lébarna, kumbah nepi ka beresih. Keueum kana ciuyah, antepkeun sina nyerep uyahna nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun, kakara digoréng. Teu béda ti kiripik sampeu atawa kiripik kentang, kiripik taleus disuguhkeun ka sémah dina kéler, ilaharna dibarengan ku citéh atawa cikopi. Nyuguhkeunana bisa iraha waé.
Sumber: Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun murid SD/MI kelas IV
Niténan kana éta pedaran di luhur, cara pikeun nyieun kiripik taleus nu bener nyaéta…
a)
A. Taleus digoreng dina katel jeung cangkangna, tuluy dikeueumkeun kana ciuyah sina nyerep uyahna nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun bari disiksikan aripis.
b)
B. Taleus dipesék cangkangna, kumbah nepi ka beresih tuluy keueumkeun kana ciuyah, geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy poekeun taleusna nepi ka garing, kakara digoreng.
c)
C. Taleus dipesék cangkangna, tuluy disiksikan aripis, kumbah nepi ka beresih. Keueum kana ciuyah sina nyerep nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun, kakara digoréng.
d)
D. Taleus dipesék cangkangna, tuluy disiksikan aripis, kumbah nepi ka beresih, tuluy goreng. Geus kitu keueum kana ciuyah sina nyerep nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun.
9.
8. Titénan gambar di handap ieu!
a)
bal
b)
kewuk
c)
tutup botol limun
d)
siki salak
10.
9. Kaulinan cacauan diulinkeun ku barudak limaan nepi ka tujuh urang. Samèmèh na hompimpah heula pikeun nangtukeun saha nu jadi ucingna. Nu jadi ucingna nangtung di tengah-tengah bari panon na dipeungpeunan. Nu sèjèn na pacekel-cekel ... nyieun buledan.
Kecap nu saluyu pikeun ngalengkepan kalimah nyaéta….
a)
taktak
b)
sirah
c)
leungeun
d)
tonggong
11.
10. Titénan pupuh ieu sing taliti!
Hèy barudak kudu mikir tileuleutik
Manèh kahutangan
Ka kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan
Makna nu dimaksud dina pupuh di luhur nyaéta….
a)
A. kudu nyaah ka kolot
b)
B. kudu nyaah ka awak
c)
C. kudu nyaah ka babaturan
d)
D. kudu mikir boga hutang
12.
11. Harti kalimah aksara Sunda kasebat nyaéta….
a)
lauk marlin
b)
lauk kerapu
c)
lauk nilem
d)
lauk lélé
13.
12. Kecap anu ngandung rarangkén di- + -keun jeung n- + -keun aya dina kalimah ….
a)
A. isuk-isuk Jamal hudang sangkan nunutur bapana ka kebon
b)
B. isuk-isuk Jamal dihudangkeun sangkan nuturkeun bapana ka kebon
c)
C. isuk-isuk Jamal hudang sangkan nuturkeun bapana ka kebon
d)
D. isuk-isuk Jamal dihudangkeun sangkan nunutur bapana ka kebon
14.
13. Titénan gambar tutuwuhan kasebat!
a)
batuk jeung mencret
b)
ginjal jeung kolesterol
c)
gula darah jeung kolesterol
d)
asam urat jeung panyakit kulit
15.
14. Titénan gambar tutuwuhan kasebat!
a)
dikumbah sing beresih - ditapelkeunn kanu reheut
b)
dikumbah sing beresih - dirieus dicampuran apu saeutik - ditapelkeun kanu raheutna.
c)
dikumbah sing beresih - dilèob ku cai panas - diuapkeun caina
d)
dikumbah sing beresih - diproses jadi tipung
16.
15. Titénan sajak “Alam Padésaan” di handap ieu!
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Numutkeun sajak di luhur, jumlah engang unggal padalisan nyaéta….
a)
7 – 8 – 8 – 6 – 8 – 9
b)
8 – 8 – 8 – 6 – 8 – 9
c)
8 – 8 – 8 – 8 – 8 – 10
d)
7 – 8 – 8 – 8 – 8 – 10
17.
16. Pasosoré néng Euis anu keur ulin di buruan, diajak ku lanceukna ngabuburit ka basisir Pangandaran, hanjakal kaayaan langit angkeub janten teu tiasa ningali éndahna surup panon poé. Surup panon poé biasana dina wanci ….
a)
sariak layung
b)
haneut moyan
c)
carangcang tihang
d)
pecat sawed
18.
17. Kahuruan di hiji pusat perbelanjaan di Dayeuh Bandung yaktos Bandung Indah Plaza, kahuruan dina ping 28 Januari 2015. Opat mobil pemadam kahuruan langsung nuju ka tempat kanggo mereuman seuneu, "kajadian na lumangsung kira-kira tabuh dua belas siang", anjog-anjog nu datang ti luhur lulumpatan ka handap. Teu lila kuring langsung ka tempat kajadian. Toko nu kabeuleum meledeg hasep hideung. Saur Ella Eliya di tempat kajadian ceuceuleuweungan aya nu kahuruan.
Dimana eta kajadian carita....
a)
Bandung Indah Plaza
b)
Dago
c)
Pasar Caringin
d)
D. Tegal Lega
19.
Baca wacana pikeun ngajawab soal nomer 18 nepi ka 20 kalayan taliti!
Penyu Hejo
Penyu teh nyaeta kuya laut. Nurutkeun para ilmuawan, penyu teh geus aya ti ahir jaman baheula rek saumur jeung dinosaurus.
Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarenghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu jalu salilana hirup di laut. Penyu bikang muru basisir nyelang rek ngendog. Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandengan. Di dunya the ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaeta penyu hejo, penyu sisik, penyu kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing penyu pipih, jeung penyu tempayan.
Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah kiwari teh geus meh tumpur. Eta the lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. Upamana anak penyu kajaring ku pamayang atawa diala, terus diawetkeun dijual dijieun cinderamata.
Di basisir pakidulan Jawa Barat sok aya keneh nu ngala endog penyu keur jualeun atawa keur dahareun. Dina sakali endog aya 150 sikina. Keur pelestarian penyu hejo hususna sangkan penyu teu tumpur di sababaraha tempat di basisir laut kidul: di Batukaras, di Pangandaran, di Pangumbahan, di Cikepuh, kitu deui di Parigi geus diadegkeun Kelompok Penangkaran Biota Laut (KPBL). Eta kelompok the ti taun 1983, geus ngamimitian programna di wilayahna. Kagiatan para anggota ngumpulkeiun endog penyu mapay-mapay basisie ti mimiti Batuhiu nepi ka Bojongsalawe, saban tabuh sawelas peuting.
18. Sato nu dicaritakeun dina bacaan.
a)
belut
b)
kepiting
c)
lauk
d)
penyu
20.
19. Numutkeun bacaan dina paragraf kaopat, ngenaan ….
a)
Penyu kaasup sato jaman purba
b)
Penyu sato nu ampir punah
c)
Penyu salilana hirup di jero cai
d)
Tempat penangkaran Penyu
21.
20. Kasimpulan bacaan Penyu Hejo nyaeta ….
a)
Cara miara penyu
b)
Ngajaga penyu sangkan teu punah
c)
Rupa-rupa penyu
d)
Tempat hirup penyu
22.
Titenan pupuh durma pikeun ngajawab soal nomer 21 nepi ka 23 kalayan taliti!
Pupuh Durma
Sarerea urang teh kudu sayaga
Ngajaga lemah cai
Ti nu niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rayatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi
21. Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh durma anu bener nyaeta ….
a)
12a – 7i – 6a – 8a -8i – 6a- 7i
b)
12a – 7i – 6a – 8a -8i – 5a- 7i
c)
12a – 7i – 8a – 8a -8i – 5a- 7i
d)
12a – 7i – 7a – 8a -8i – 5a- 7i
23.
22. Eusi pupuh Durma nyaeta …
a)
gede kawani
b)
kesatria
c)
pantang mundur
d)
wanian
24.
23. Kecap sayaga dina pupuh Durma di luhur, ngandung harti kecap ….
a)
cicing
b)
kabur
c)
lumpat
d)
siap
25.
Ieu di handap aya bacaan. Pék baca heula dina jero haté pikeun ngeusian soal nomer 24 jeung 25!
Nu manggihan Mesin Kaput
Bapa kuring téh tukang ngaput. Mesin kaputna mesin kaput “duduk” (diuk). Makéna diputerkeun ku leungeun. Ngaputna oge di imah baé teu incah balilahan. Nu rék ngéngkén daratang sorangan. Ayeuna sok aya tukang kaput nu ngider ka lembur, nguriling ka unggal komplék paimahan. Kasebutna tukang kaput béca, tukang kaput "gerobak". Kaayeunakeun mah aya nu ku dinamo muterkeunana téh.
Mesin kaput nu disebutan bieu téh moal aya, lamun seug jalma nu ngaran Elias Howé teu manggihkeun mesin paranti ngaput. Elias Howé téh lahir di Spencer Massachusetts,
Amérika Serikat, 9 Juli 1819. Kulawarga Elias, boga lahan pertanian nu dikokolakeun ku kulawarga. Elias téh budak nu ulet diajar, malah boga karep kana “permesinan”.
(Diropéa tina Penemu Mesin Jahit, Pikiran Rakyat 24 Oktober 2013)
24. Dumasar kana carita di luhur, anu dimaksud tukang kaput béca, nyaeta tukang kaput nu sok...
a)
Ngagunakeun mesin kaput “duduk” (diuk) di imahna.
b)
Ngider ka lembur, nguriling ka unggal komplék paimahan.
c)
Ngaput di imah baé bari jeung teu incah balilahan.
d)
Ngapangfaatkeun teknologi mesin jeung komputer.
26.
25. Nu manggihan mesin kaput, nyaeta....
a)
Elia Huges
b)
Elis Howé
c)
Elias Spencer
d)
Elias Howé
27.
26. Tengetan kalimah di handap ieu!
“alpuket diblender ku mamah”.
Kallimah aktif na nyaèta....
a)
Mamah ngablender alpuket
b)
Alpuket mamah ngablender
c)
Ngablender alpuket mamah
d)
Ngablender mamah alpuket
28.
27. Yogi, kapilih jadi ketua osis di sakolana. Sallianti pinter Yogi budak sopan ka saluhureun, mikanyaah kababaturan, daèkan dina sagala widang, jeung heunteu boga ahlak asa aing teu welèh handap asor ka sasaha ogè.
Paribasa anu luyu jeung carita, nyaeta ….
a)
Èlmu tungtut dunya siar
b)
Hirup katungkul ku pati
c)
Hadè tata hadè basa
d)
Hadè ku omong gorèng ku omong
29.
Baca ieu wacana di handap sing gemet pikeun ngajawab soal nomor 28 nepi ka 30!
Réstoran Sunda
Kiwari rumah makan Sunda dug-deg di mamana. Ngaran-ngaran nu nyunda atawa istilah Sunda di réstoran Sunda sok ditulis dina plang, sangkan nu rék nyimpang apal kana papasakan naon nu disadiakeun atawa dijual di dinya. Aya ogé nu nuliskeun papasakan has cara nu mandiri jeung jadi papasakan kokojo cara pindang, sangu timbel atawa sop buntut. Masing-masing réstoran némbongkeun kabisana dina soal papasakan has Sunda. Sagala kadaharan nu geus jadi ciri has masarakat Sunda dijarieun kaasup nu kawilang langka cara sangu tutug oncom, pencok kacang panjang, malah aya nu nyadiakeun piritan lauk sagala.
Lian ti nyadiakeun papasakan has, di réstoran-réstoran nu tangtu, malah cara ngawadahanana dina piring gé diréka-réka sangkan nyeni, sangkan nu daratang kataji. Sangu timbel nu asalna bekel ka kebon, ka sawah atawa bekel nyanyabaan, dibawa ka réstoran jadi menu has kumplit, kitu deui deungeunana. Ku sabab tradisi dahar urang Sunda mah sila dina palupuh, atuh di réstoran gé dijieun tempat dahar ngampar samak modél di imah panggung. Aya nu dahar ngampar dina tempat modél saung, misah ti réstoran. Cara kieu niru modél saung sawah, niru patani ngawadang.
Sumber: Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI
28. Di handap ieu mangrupa kadaharan has Sunda numutkeun eusi bacaan “Réstoran Sunda” nyaeta...
a)
Karedok, pindang gunung, papasakan pais, jeung tutug oncom.
b)
Sangu timbel, sop buntut, tutug oncom, jeung pencok kacang panjang.
c)
Pindang gunung, karedok leunca, sate sapi, jeung pencok kacang panjang.
d)
Sop buntut, titug oncom, pencok kacang panjang, jeung kurupuk.
30.
29. Kunaon sababna di réstoran-réstoran has Sunda cara ngawadahan kadaharanana dina piring make diréka-réka sagala?
a)
Sangkan nyeni tur nu daratang kataji.
b)
Ngahemat wadah pikeun kadaharan.
c)
Geus jadi tradisi kadaharan urang Sunda.
d)
Nurutkeun modél dahar di saung sawah.
31.
30. Tengetan kalimah di handap!
“Doni ngahèden bal diarahkeun ka baturna sangkan bisa ngasupkeun ka gawang lawan.”
Kecap ngahèden, asalna tina kecap basa Inggris, nyaèta....
a)
dihèden
b)
ngahèdenkeun
c)
hèden
d)
dihèdenkeun
32.
31. Nu mangrupa kalimah bubuka dina biantara nyaeta ….
a)
Assalamualaikum wr.wb. Sampurasun. Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru nu ku simkuring dipihormat, barudak nu ku bapa dipikadeudeuh....
b)
Tangtu baè ibu-ibu sareng bapa-bapa sadaya hèran ….
c)
Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana.
d)
Pamungkas, aya cara pikeun miara kasèhatan ….
33.
32. Nu ngalantarankeun katarajang … nyaeta alatan virus dangue nu dibawa ku reungit (nyamuk aedes aegypty).Pikeun ngalengkepan biantara di luhur, kecap anu merenah nayeta….
a)
cuci darah
b)
darah rendah
c)
darah tinggi
d)
demam berdarah
34.
Ieu di handap aya kawih. Pék baca heula dina jero haté pikeun ngeusian soal nomor 33 nepi ka 35!
Miceun Runtah
Karya: Amas Tamaswara
Miceun runtah sing merenah
Entong dimana daékna
Dina lombang nu geus aya
Mun geus pinuh geura duruk
Lamun rajin reujeung apik
Moal dikuntit panyakit
Katempona teu rarujit
Matak betah tumaninah
(Dicutat ti: Pandai Karawitan, SD Kls 6, Syahroni, S. Sn., dkk.)
33. Éta kawih téh diwangun ku rumpaka lagu. Sanajan aya dua pada jeung diwangun ku opat padalisan tapi kawih diluhur teu kasup kana sisindiran, sabab...
a)
Teu diwangun ku dua baris cangkang jeung ku dua baris eusi.
b)
Sora panuntungna murwakanti (a - b - a - b).
c)
Diwangun ku 8 engang tiap padalisan.
d)
Aya dua pada nu diwangun ku 4 padalisan.
35.
34. Rumpaka kawih di luhur, unggal jajaran diwangun ku ... engang.
a)
6
b)
8
c)
10
d)
12
36.
35. Kawih “Miceun runtah” di luhur eusina ngeunaan hal kebersihan lingkungan....
a)
nu betah tur tumaninah
b)
tumaninah jeung aman
c)
sakola nu matak betah
d)
imah nu bebas panyakit
37.
36. Sasakala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian....
a)
Malin Kundang
b)
Jaka Tarub
c)
Sangkuriang
d)
Gatot Kaca
38.
37. ....baè acara dina kanaèkan kelas tèh?
Kecap anu merenah keur ngeusian kalimah kasebat nyaèta....
a)
A. Naon
b)
B. Sabaraha
c)
C. Di mana
d)
D. Geus
39.
38. Kalimah nu merenah ngagunakeun tata basa ragam hormat, nyaèta....
a)
Pa Jaja nuju dahar di kantin
b)
Bu Lala arèk meuli bèas
c)
Ema nuju neda di dapur
d)
Pa Guru angkat ka sakola
40.
39. Titenanan sempalan pupuh sinom di handap!
Ku ayana sèlèr bangsa
Èta tèh sunah Ilahi
Kersana Alloh Ta’ala
Niyipta bangsa rupi-rupi
Barèda warna kulit
Tur heunteu sami pamulu
Rupa-rupa basana
Keur urang mah Sunda sidik
Nu manawi Basa Sunda tèh piara
Tangtukeun guru lagu jeung guru wilangan unggal padalisan!
a)
8a-8a-8i-8a-7i-8a-7a-8a-12a
b)
8a-8i-8a-8i-7i-8u-7a-8i-12a
c)
8i-8a-8a-7i-8i-8u-7a-8a-12i
d)
8a-8a-8i-7i-8a-8a-7a-8a-12a
41.
40. Tengetan gambar!
a)
Jual-beuli di pasar
b)
Kerja bakti
c)
Kagiatan jual-beuli masyarakat jeung pamayang di basisir
d)
Panumpang nu èk mentas kana parahu
100 %
