WorksheetsLatihan soal Semester 2 (Sajak+Biantara)
Total questions: 30
Worksheet time: 35mins
Pangarang Sunda anu mimiti ngawanohkeun karya sastra wangun sajak dina kasusastraan Sunda nyaéta…
Abdullah Mustappa
Wahyu Wibisana
Kiswa Wiriya Sasmita
Godi Suwarna
Karna Yudibrata
Judul buku kumpulan sajak anu munggaran dina kasusastraan Sunda nyaeta.... anu dijieun ku Sajudi dina taun 1963.
Janté Arkidam
Tepung di Bandung
Lalaki di Tegalpati
Surat Kayas
Ombak Laut Kidul
Naon anu disebut imaji dina sajak....
puseur implengan panyajak dina sajakna
gambaran anu karasa, kadenge, atawa katenjo dina hiji sajak
runtuyan galur anu gumulung nepi ngawangun hiji sajak
pangalaman jeung kasang tukang panyajakna
harti injeuman tina hiji kecap pikeun ngantebkeun maksud
Tengetan ciri-ciri sajak ieu di handap!
(1) Gambaran rasa panyajakna.
(2) Sajak anu ngalalakon.
(3) Sipatna leuwih objéktif.
(4) Aya runtuyan caritana.
(5) Panyajak mibanda kabébasan dina méré tafsiran kana jejer sajakna.
Nu kaasup kana ciri sajak lirik nyaéta dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1 jeung 5
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 5
Ieu di handap mangrupa ungkara anu ngandung gaya basa mijalma (personifikasi) nyaeta...
geura tampi ieu ka héman tina raga anu hapa
raga badag ditapuk jamparing takdir
bulan imut, ngangkleung di langit
bentang anu rek murag kana jajantung
sihung ajal ranggeteng kabina-bina
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Ajengan Cigalumpit lalaki langit
Geus lawas leungit
Mastakana dibayar ku walanda rébuan ringgit
Késangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit
Sempalan sajak Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa di luhur kaasup kana jenis sajak...
Lirik
Hymne
Epik
Ode
Elegi
Baca Sajak ieu di handap!
Priyangan
Karya Rahmat M. Sas Karana
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung, ......)
Harti Jungjunan dina sajak di luhur nyaéta ....
nu dipikacinta
nu dipikangéwa
nu dipikareueus
nu dipikamelang
nu dipikahariwang
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Langit ngemprai, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngalentab sagara keusik
Ngahuru ngabebela
Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong
Afrika-Asia bebas merdeka
Naon eusi tina sempalan sajak Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata di luhur...
kamerdekaan afrika-asia
langit bandung anu ngagebray caang
seuneu anu hese dipareuman
kawani jeung sumanget ngabela lemah cai
Bandung nu kahuruan ku sabab perang ngalawan walanda
Sabalikna tina adegan lahir, adegan batin mah nyaeta unsur eusi sajak anu teu katingali langsung, tapi kudu diteuleuman, dirarasakeun, atawa ditapsirkeun. nu kaasup kana adegan batin nyaeta iwal.....
Sajak disebut puisi moderen, lantaran datangna kaitung anyar, nyaeta sabada kamerdekaan.
Kukituna, sajak kaasup karya sampeuran.
hal ini lantaran sajak pangaruh ti ....
India
Arab
Eropa
Malaya
Cina
Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Majas
gaya basa
sabenerna
Pek baca ieu sajak di handap!
JANTE ARKIDAM
:AJIP ROSIDI
Panonna beureum siki saga
Lengeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam
Di pangaduanndi kalangan ronggeng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam
Ti peuting angkeb ku mendung
Jante raja alam petang
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgade milang ku ramona
Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra!"
Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara
Samemeh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
Eta sajak di luhur kaasup kana sajak....
Epik
Lirik
Deskriptif
Dangding
Kauger
Pék baca sempalan sajak ieu di handap!
jungjunan....
pang nangkepkeun eta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapak na di dunya
angin...
pangngusikeun sapangeusi buana
yen,aya sinatria nuperlaya
di wewengkon langit sunda
....
Eta sajak di luhur kaasup kana sajak....
Epik
Lirik
Naratif
Prosaik
Gimmick
Wangun sajak téh béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada. Ieu hal disebut wangun sajak atawa istilah séjénna nya éta …
Citraan
Purwakanti
Wirahma
Tipografi
Gaya basa
Minangka pamungkas saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu”alikum Wr.Wb.,
Paragraf di luhur kaasup...............biantara.
Bubuka
Panutup
Sambutan
Salam Pamuka
Salam Panutup
Baca ieu sempalan biantara!
Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.
Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?
paturay tineung
hajat kawinan
tujuh belasan
karang taruna
pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung
Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara disebutna...
Kurator
Moderator
Kolektor
Koruptor
Orator
Poe Rebo Imam digeroan ku guruna ka kantor. Di kantor, Imam dibere nyaho yen anjeunna kudu miluan pasanggiri biantara nu diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat dina bulan hareup. Jenis binatara nu kudu dilakukeun ku Imam nya eta ...
Ekstemporan
Memoriter
Impromptu
Manuskrip
Dadakan
Saupama hiji jalma rek ngalakukeun kagiatan biantara, alusna mah merhatikeun hal-hal anu geus ditangtukeun dina kecap TAMAN tea, nya eta Tatag nyaritana, Aktual témana, Munel eusina, Alus basana, jeung Ngandung wirahma. Maksud tina ngandung wirahma nya eta .....
Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kumagok atawa loba ngarandeg.
Biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.
Biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa.
Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.
Biantara teh dina bahasa Indonesia mah disebutna...
pantun
puisi
pidato
karangan
Anu kaasup salam dina Basa Sunda diantarana...
wilujeng tuang
wilujeng siang
wilujeng bingah
wilujeng tepang taun
Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggappenting nyaéta….
ngapalkeun biantarana
impromtu
ékstémporan
persuasif
maca naskah biantara
Basa anu digunakeun dina biantara biasana diluyukeun jeung situasi jeung kondisisabudeureun. Anu teu kaasup kana situasi jeung kondisi anu kudu diperhatikeun dinabiantara téh nyaéta ….
saha anu ngahadiran éta acara
jenis acara anu dilaksanakeun
kalungguhan nu haladir
jumlah hadirin anu aya
kapentingan acara
Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dinanyarita nyaéta ....
salam bubuka
mukadimah
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
sanduk-sanduk
Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetepngocor ngagolontor ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
salam bubuka
mukadimah
ngahaturkeun nuhun
eusi biantara
sanduk-sanduk
Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
luyu jeung aturan nyieun téks biantara
kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
merhatikeun kaédah-kaédah biantara
dumasar kana struktur biantara
di handap ieu anu kaasup kana bagean panutup dina BIANTARA diantarana nya eta ...
dunga
ngahaturkeun nuhun ka hadirin
sanduk-sanduk bilih aya kalepatan
salam panutup
salam panghormat
metode atawa tehnik nepikeun biantara teh aya opat rupa nya eta ...
ngapalkeun
eksternal
maca
ekstemporan
impromtu
