wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

RBS PSAJ

Total questions: 31

Worksheet time: 26mins

Name
Class
Date
1.

Baca kakawihan di handap ieu!

Ayang ayang gung

Gung goongna ramé

Ménak ki mas tanu

Nu jadi wadana

Naha manéh kitu

Tukang olo-olo

Loba nu giruk ka kumpeni

 

Lamun ku urang dilenyepan, eusi kawih kaulinan barudak èta tèh nyaritakeun ngeunaan ….

a)

A.       Kaom pribumi anu biluk ka walanda          

b)

B.       Kaom pribumi anu biluk ka pribumi           

c)

C.       Kaom walanda anu biluk ka kaom pribumi

d)

D.       Kaom walanda anu biluk ka walanda

2.

Watek pupuh maskumambang nyaèta ….

a)

A.       gumbira       

b)

              B.   nalangsa             

c)

   C.   pikaseurieun        

d)

D.   silih asih

3.

Di handap ieu anu ngarupakeun bahasan ngeunaan bèdana tembang jeung kawih nyaéta ….

a)

kawih mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, sedengkeun tembang nyaèta wangun puisi anu kaiket ku aturan

b)

kawih mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, sedengkeun tembang nyaèta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan

c)

kawih dihaleuangkeun khusus dina acara resmi, sedengkeun tembang dihaleuangkeun di mana wae

d)

kawih dihaleuangkeun di mana wae , sedengkeun tembang dihaleuangkeun khusus dina acara resmi

4.

Titenan pupuh ieu!

Pupuh Jurudemung Mungguh

nu hirup di dunya

Kukersaning anu agung

Geus pinasti panggih

Jeung dua rupa perkara

Senang paselang jeung bingung

Laras dina pupuh jurudemung nyaèta ….

a)

salèndro

b)

madenda

c)

pèlog

d)

prolog

5.

Nu kaasup dua tahapan latihan I dina pagelaran nyaèta latihan ….

a)

sekar jeung gending

b)

laras jeung sekar

c)

sekar jeung laras

d)

gending jeung laras

6.

Dina pangajaran karawitan, hidep mindeng manggihan kecap laras. Naon hartina laras tèh?

4 lines
7.

Jelaskeun naon anu dimaksud sekar bèbas wirahma tèh?

4 lines
8.

Waktu samen barudak kelas 6 ngawihkeun lagu rampak sekar "Karatagan Bandung Barat" babarengan di luhur pangung. Naon hartosna ari rampak sekar tèh?

4 lines
9.

Titènan ku hidep waditra di handap ieu!

Ceuk hidep waditra nomer sabaraha nu mibanda nada tèh?

4 lines
10.

Di handap ieu mangrupakeun tatacara nyora jeung midangkeun anggana sekar, iwal ti ….

a)

lunggal-linggek

b)

ngatur tanaga

c)

ngatur napas

d)

sikep nyora

11.

Perhatikeun gambar ieu! Waditra ieu dipintonkeunna ku cara di ….

a)

sintreuk

b)

takol

c)

gesek

d)

tepak

12.

Nu kaasup pupuh sekar ageung nyaeta ....

a)

asmarandana

b)

maskumambang

c)

mijil

d)

pucung

13.

Anu mangrupa katangtuan rumpaka atawa ugeran guguritan pupuh gambuh diantarana nyaèta jumlah padalisan, anu tiap padana aya ….

a)

opat

b)

lima

c)

genep

d)

tujuh

14.

Tengetan gambar ieu! Gambar waditra di luhur ditabeuh ku cara ….

a)

(i) ditakol, (ii) ditepak, (iii) ditiup

b)

(i) ditepak, (ii) ditakol, (iii) ditiup

c)

(i) ditakol, (ii) ditiup, (iii) ditepak

d)

(i) ditepak, (ii) ditiup, (iii) ditakol

15.

Titenan serat kanayagan ieu! Ajèn bangsa nu utama, Boga ciri nu mandiri Napak dina budayana Serat kanayagan di luhur dicutat tina guguritan ….

a)

ajèn nagri

b)

ajèn bangsa

c)

bakti nagri

d)

bakti bangsa

16.

Lambang anu digunakeun dina serat kanayagan salèndro, salah sahijina nyaèta 3 3 3 5 5 4 1 2 1 3 3 3 5 5 4 3 2 4 4 51. Lambang serat kanayagan laras salèndro di luhur dicutat tina judul guguritan ….

a)

hahayaman

b)

kukudaan

c)

mumundingan

d)

sasapian

17.

Salah sahiji kakawihan anu mangrupa conto sekar tiruan, nyaeta ….

a)

bulan sapasi

b)

oray-orayan

c)

sasalimpetan

d)

sieuh-sieuh

18.

Anggana sekar tèh nyaèta midangkeun lagu ku ….

a)

sorangan

b)

duaan

c)

tiluan

d)

opatan

19.

Gambar suling di handap nunjukkeun nada ….

a)

mi

b)

na

c)

ti

d)

la

20.

Andi lalajo pintonan penca silat. Sikep Andi anu hadè nyaèta ….

a)

ngahargaan tur ngantep

b)

reueus tur milu ngarawat

c)

ngantep tur harè-harè

d)

ngahargaan tur harè-harè

21.

Seni calung kaasup kana pidangan karawitan sekar ….

a)

apalan

b)

bèbas

c)

aantayan

d)

gending

22.

Baca kakawihan ieu! Ayang-ayang gung Gung goongna ramè Mènak Ki Wastanu Nu jadi Wadana Naha manèh kitu Tukang olo-olo Judul anu luyu pikeun potongan kawih kaulinan barudak kasebut nyaèta ….

a)

ayang-ayang gung

b)

oray-orayan

c)

slèp dur

d)

sasalimpetan

23.

Ngawihkeun lagu babarengan disebut ....

a)

anggana sekar

b)

karawitan sekar

c)

rampak sekar

d)

sekar gending

24.

Perhatikeun gambar ieu! Cara nabeuh waditra nu aya dina gambar nyaèta di ….

a)

gèsèk

b)

pencèt

c)

takol

d)

tepak

25.

Salah sahiji syarat tata cara midangkeun sekar rèngkak tironan nyaèta ….

a)

dikawihkeunnana babarengan bari cicing dina tempat, dariuk, patarik-tarik jeung paapal apal

b)

kakawihan anu dilagukeun bari jeung ngarèngkakna niron sasatoan, beubeutian, jeung tatangkalan

c)

ngawihna bari makè ketukan tapi iramana bèbas dilagukeun bari jeung ngarengkak pa alus-alus

d)

ngawihkeunana paantay-antay jeung patarik-tarik bari lulumpatan paheula-heula

26.

Titenan gambar di handap! Gambar anu kaasup kana jenis waditra ditunjukkeun ku nomer ….

a)

1 jeung 3

b)

1 jeung 2

c)

2 jeung 3

d)

2 jeung 4

27.

Tengetan rupa-rupa pagawèan anu aya patalina jeung rampak sekar dihandap ieu!

  1. 1. maham kana harga waditra pangiring rampak sekar

  2. 2. maham kana lagu sagemblengna, kaasup lagu sora kahiji, kadua jeung katilu

  3. 3. maham kana ketukan gerakan atawa tempo jeung wirahma lagu

  4. 4. maham kana papaés panggung jeung riasan nu rampak sekar. Nu kaasup kana pagawéan kondakter rampak sekar nyaéta ….

a)

1 jeung 2

b)

2 jeung 3

c)

3 jeung 4

d)

1 jeung 4

28.

Tiap taun, di sakola sok diayakeun acara paturay tineng murangkalih siswa kelas 6. Rancangan pagelaran nu saluyu keur acara paturay tineng mah nyaèta pagelaran ….

a)

rampak kendang

b)

gending karesmèn murangkalih

c)

karesmèn pangrujung laku

d)

karawitan sunda

29.

Mun aya tulisan 2 3 5 dina serat kanayagan daminatila dibaca ….

a)

da, mi, la

b)

mi,na,la

c)

ti, na, da

d)

la, ti, na

30.

Pamaèn kacida nangtukeun kana alus jeung gorèngna pagelaran, kitu ogè dina pagelaran karesmen pangrujung laku. Para pamaèn nu kudu aya dina karesmen pangrujung laku diantarana nyaèta ….

a)

panyatur laku, pamaèn payung, juru sekar

b)

panyatur laku, anggana sekar, rampak sekar

c)

panyatur laku, kacapi kawih, juru sekar

d)

panyatur laku, rampak sekar, kacapi kawih

31.

Baca kakawihan ieu! Bubuy bulan bubuy bulan sangray béntang Panon poé Panon poé disasaté. Harti kecap SANGRAY tina rumpaka kawih bubuy bulan nyaéta ngagoréng ….

a)

teu maké minyak

b)

teu maké cai

c)

maké cai

d)

ku minyak