wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAT B. SUNDA 2023-2024

Total questions: 19

Worksheet time: 2hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

Teu . . . . buah nu rek diala teh, da kahalangan daun.

a)

Kabaca

    

b)

Katempo

c)

Kabeuli

d)

Kadahar

2.

Duit tabungan teh beak . . . . meuli baju saragam.

      

a)

Diduruk

b)

Dibaca

c)

Dipake

d)

Disirib

3.

Waktu maranehna cunduk, perpustakaan teh kakara pisan buka.

Kecap ’cunduk’ sarua hartina jeung kecap . . . .

a)

Gampang

b)

Kadang-kadang

c)

Loba

d)

Datang

4.

Murid kelas opat . . . . seragam pramuka rek Latihan.

a)

Make

b)

Marake

c)

Balik

d)

Baralik

5.

Agus teh budak . . . . sangkan gampang mun rek nitah.

  

a)

Bageur

b)

Balageur

c)

Bangor

d)

Balangor

6.

Pakakas anu ilaharna digunakeun di dapur, nyaeta . . . .

     

a)

Susuk

b)

Kastrol

c)

Katel

d)

Sendok tembok

e)

Korang

7.

Pakakas anu dipake keur nyieun barang, nyaeta . . . .

a)

Open

b)

Gegep

c)

Obeng

d)

Susug

e)

Ragaji

8.

Pakakas anu patali jeung ngala lauk, nyaeta . . . .   

a)

Bubu

b)

Obeng

c)

Mutu

d)

Sirib

e)

Korang

9.

Pahlawan ti tatar sunda, nyaeta . . . .    

a)

Ir. Soekarno

b)

Oto Iskandardinata

c)

R. E. Martdinata

d)

KH. Zainal Mustofa

e)

Kartini

10.

Pagawean anu ngahasilkan barang, nyaeta . . . .    

a)

Patani

b)

Pamayang

c)

Guru

d)

pulisi

e)

Koki

11.

Lengkepan kalimah di handap ku kecap anu aya patalina jeung cai. Eusian soal di handap ku kecap anu disayogikeun di beulah katuhu!

a)

Runtah dina . . . . dipiceunan ngarah teu mendet.

1.

saluran cai

b)

Cai hujan tina kenteng ngocorna ngaliwatan . . . .

2.

talang

c)

Lauk hias anu warna warni dipiarana dina . . . .

3.

akuarieum

d)

Ti kajauhan keneh oge geus kadenge sora . . . . ngaguruh

4.

curug

e)

Ulah ngaganggu . . . . apa pikeun kapentingan urang.

5.

hulu cai

12.

Anak japati teh geus payu sapuluh rebu, . . . . ku tatangga.

(a)  

Choose from the below words
dibeuli
kabeuli
13.

Ulah nunda gelas jajalaneun, bisi . . . . ku nu ngaliwat.

(a)  

Choose from the below words
katajong
ditajong
14.

Barudak anu di perpustakaan keur . . . . buku mani husu.

(a)  
Choose from the below words
maraca
maca
15.

Ujang teu kabagean korsi, jadi wayahna wae . . . .

(a)  

Choose from the below words
nangtung
narangtung
16.

Ulah waka diala ayeuna lauk teh, da . . . . keneh.

(a)  

Choose from the below words
laleutik
leutik
17-19.

Baca carita di handap, tuluy jawab pertanyaanna dumasar bacaan di handap!

Ma Eroh Pahlawan Lingkungan

"Arapal ka Ma Eroh, urang Tasikmalaya?" Uwa Kosim nanya ka Ratna jeung Permadi.

"Henteu, Wa," tembal Permadi. "Saha eta teh?"

"Ma Eroh teh pahlawean anu gede jasana pikeun masarakat," tembal Uwa Kosim.

"Pedah ngiringan perang, Wa? Ngalawah Walanda?" Ratna ge milu nanya.

"Ari pahlawan teh teu salawasna anu maju jeung gugur di medan perang wae. Pokona mah sing saha wae anu loba jasana pikeun kapentingan masarakat, eta teh disebutna pahlawan. Tah ari Ma Eroh mah pahlawan lingkungan. Jasana nyaeta nyieun saluran cai ti gunung, terus dikocorkeun ka lembur jeung ka pasawahan,"

"Ma Eroh nya anu ngadamel saluran cai ka dinya teh?" Permadi nanya deui.

"Enya. Malah mimitina mah dipigawena ngan ku Ma Eroh wungkul. Nugaran batu jeung nyieun saluran cai make pakakas siga linggis, balincong, pacul, pahat, jeung palu."

"Mimitina mah nu sejen taya nu percayaeun mun cai bakal bisa dikocorkeun ka lembur, da tempat nu kudu diliwatanana gunung batu. Tatanggana nganggap pamohalan mun Ma Eroh bisa nyieun saluran cai. Anu matak taya anu daekeun mantuan. Tapi sanggeus kabuktian Ma Eroh mampuh migawena mah, ahirna tatanggana milu marantuan. Nya ahirna mah cai teh bisa dikocorkeun ka lembur," Uwa Kosim nerangkeun.

17.

Naon sababna Ma Eroh disebut pahlawan?

4 lines
18.

Naha mimitina mah Ma Eroh ku tatanggana teu dibarantuan?

4 lines
19.

Naon wae pakakas anu digunakeun ku Ma Eroh teh?

4 lines
20-22.

20.

Regepkeun pupuh magatru. Teras jelaskeun ku hidep maksud dina eusi pupuh magatru eta!

4 lines
21.

Naon cita-cita hidep lamun geus gede?

4 lines
22.

Cing sebutkan naon wae anu kudu dikerjakeun meh urang bisa ngahontal cita-cita!

4 lines
23-25.

Jieun kalimah tina kecap di handap ieu.

23.

Ambeh

4 lines
24.

Mindeng

4 lines
25.

Getol

4 lines