Worksheets8 BAHASA SUNDA
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Name
Class
Date
1.
Utamana jalma kudu rea batur, Keur silih tulungan Silih tutupkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur, nyaeta ....
a)
9a-8i-7a-21
b)
12u-6a-8i-12a
c)
12i-12u-8a-8u
d)
12a-8i-6a-12u
2.
Utamana jalma kudu rea batur, Keur silih tulungan Silih tutupkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma Dumasar kana pupuh di luhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur...
a)
Sangkan bisa silih tulungan jeung keluarga
b)
Sangkan bisa silih asih, asah, asuh jeung keluarga
c)
Sangkan silih titipkeun diri tur sili tulungan jrng pada jalma
d)
Sangkan dipikanyaah ku guru, kolot, jeung babaturan
3.
Utamana jalma kudu rea batur, Keur silih tulungan Silih tutupkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma Pupuh pucung diluhur teh ngabogaan watek ngagambarkeun
a)
Pikaseurieun atawa banyol
b)
Piwuruk, wawaran, atawa kakaget
c)
Kaprihatinan atawa pinalangsaeun
d)
Laku tamba kesel jeung pangangguran
4.
Durma ka asup kana pupuh...
a)
Sekar alit
b)
Sekar ageung
c)
Rampak sekar
d)
Anggana sekar
5.
Anu henteu kaasup kana sekar ageung nyaeta ...
a)
Balakbak
b)
Durma
c)
Ladrang
d)
Sinom
6.
Nu dimaksud kana guru lagu teh nyaeta ....
a)
Ngahaleuangkeun guguritan
b)
Jumlah lobana enggang dina unggal padalisan
c)
Sora (vokal) dina enggang panungtungan kecap unggal pada lisan
d)
Karangan pondok wangun ugeran anu disusun ku hiji wanda
7.
Puisi anu kauger ( boga patokan, katangtuan ) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapada disebut....
a)
Sisindiran
b)
Pupujian
c)
Pupuh
d)
Sajak
8.
Aya sabaraha hiji pupuh nu dipake dadasar nyusun guguritan...
a)
9
b)
17
c)
15
d)
4
9.
Nu kaasup sekar ageung aya opat nyaeta....
a)
Kinanti, sinom, asmarandana, dangdangula
b)
Kinanti, durma, pucung, wirangrong
c)
Sinom, mijil, gurisa, gambuh
d)
Balakbak, sinom, magatru, pangkur
10.
Nu ka asup sekar alit aya sabaraha hiji ...
a)
4
b)
8
c)
13
d)
17
11.
Nagri urang katelah Indonesia (12a) Diriksa tur dijaring (7 i) Sumirat komara (6a) Berkahna Pancasila (7a) Ageman eusining nagri (81) Yu sauyunan (5a) ngawangun lemah cai (7i) pupuh diluhur teh jumlahna aya sabaraha ...
a)
Sapadalisan
b)
Saenggang
c)
Sapada
d)
Purwakanti
12.
Ari anu disebut guru wilangan teh nyaeta...
a)
Lobana padalisan dina sapada
b)
Lobana engang dina sapada
c)
Lobana aksara dina sapada
d)
Loba engang dina sapadalisan
13.
Ari disebut guru lagu teh nyaeta...
a)
Aksara tungtung dina unggal padalisan
b)
Lobana engang dina unggal padalisan
c)
Lagu dina tungtung unggal padalisan
d)
Sora tungtung dina unggal padalisan
14.
Pupuh anu watekna heureuy nyaeta....
a)
Durma
b)
Balakbak
c)
Mijil
d)
Kinanti
15.
Dina acara ngistrenan pupuhu osis, nu kapancenan jadi pangjejer acara teh nyaeta ...
a)
Tanti
b)
Siti Aisah
c)
Tatan Rustandi
d)
Ahmad Mubarok
16.
Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawargina, tur dugi ka urang salaku umatna. Ungkara diluhur teh di omongkeun ku pangjejer acara dina bagean...
a)
Doa
b)
Eusi
c)
Bubuka
d)
Panutup
17.
Bilih aya kacaletot basa abdi salaku pangjejer acara, hapunteun ka sadayana. Ungkara diluhur teh di omongkeun ku pangjejer acara dina bagean...
a)
Eusi
b)
Panutup
c)
Doa
d)
Bubuka
18.
Ieu dihandap anu teu kasup kana istilah jalma anu ngajejeran acara nyaeta...
a)
Pangjejer acara
b)
Panata acara
c)
Pemandu acara
d)
Pawarta acara
19.
Pancen utama pangjejer acara, nyaeta...
a)
Ngatur anu boga hajat sangkan tartib
b)
Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar
c)
Ngatur pamaen nu rek manggung
d)
Ngatur pakean nu rek minton
20.
Ieu dihandap nu teu kaasup kana acara resmi diatur ku pangjejer acara, nyaeta...
a)
Upacara adat di nu hajat
b)
Ulang Tahun
c)
Upacara bendera
d)
Upacara adat saweran
21.
Ieu dihandap ditataan runtuyan nu sok aya dina acara resmi, iwal ...
a)
Niup lilin jeung motong kueh
b)
Acara poko
c)
Bubuka
d)
Pangbagea/ sambutan
22.
Tata krama waktu ngajejeran acara, iwal...
a)
Kudu geulis jeung bisa ngahaleuang
b)
Basa nu dipake kudu direka sing merenah
c)
Make pakean nu sopan atawa luyu jeung tema acara
d)
Sora kudu jelas atawa bedas
23.
Istilah panata acara dina basa Sunda, sarua hartina jeung ..... dina basa Indonesia.
a)
Protokol
b)
Notulen
c)
Moderator
d)
Pemakalah
24.
Anu kaasup kalimah barang nyaeta...
a)
Wawan meuli buku Basa Sunda
b)
Wawan resep kana buku Basa Sunda
c)
Wawan boga buku Basa Sunda
d)
Wawan maca buku Basa Sunda
25.
Anu kaasup kalimah sifat nyaeta...
a)
Ujang mah turunan berehan
b)
Ujang mere duit ka nyai
c)
Ujang anak pahaji nu berehan
d)
Ujang teh haji nu berehan tea
26.
Anu kaasup kana kalimah pagawean nyaeta....
a)
Murid kelas 8 aya 40 urang
b)
Murid kelas 8 keur diajar
c)
Murid kelas 8 mah balageur
d)
Murid kelas 8 mah garetol maca
27.
Karya sastra anu direka dina basa lancaran ( prosa ) kalawan ukuranana pondok disebut....
a)
Carpon
b)
Sajak
c)
Novel
d)
Wawaran
28.
Majalah nu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1920 teh...
a)
Parahyangan
b)
Mangle
c)
Lalakon
d)
Galur
29.
Unsur-unsur nu ngawangun carpon nyaeta ....
a)
Tema, palaku, latar, galur, amanat
b)
Jejer, rasa, wirahma, amanat, purwakanti
c)
Judul, bubuka, eusi, pamungkas
d)
Judul, tema, pamungkas
30.
Tokoh anu ngalakonan dina carpon disebutna...
a)
Palaku
b)
Latar
c)
Lalakon
d)
Galur
31.
Anu disebut latar dina carpon teh nyaeta...
a)
Gagasan nu ditepikeun ku pangarang
b)
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
c)
Jalan carita atawa runtuyan kajadian dina carita
d)
Perkara nu bisa di pahami eusi caritana
32.
Kajadian anu istimewa teh disebut ...
a)
Informasi
b)
Fakta
c)
Warta
d)
Peristiwa
33.
Ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna...
a)
Informasi
b)
Fakta
c)
Warta
d)
Peristiwa
34.
Laporan peristiwa umumna dilaksanakeun ku ...
a)
Siswa
b)
Panalungtik
c)
Wartawan
d)
Guru
35.
Barudak sakola di Desa Mekarwangi Garut jalibreg waktu rek miluan UN lantaran mentas di ...
a)
Walungan Cimanuk
b)
Walungan Cibaluk
c)
Walungan Cikarang
d)
Walungan Ciwulan
36.
Barudak ngahaja mentas walungan babarengan, tujuanana ....
a)
Malar salamet sararea
b)
Malar bisa silih puntangan
c)
Malar teu sieun ku cai
d)
Malar bisa nepi ka peuntas
37.
Dasar walungan ge mangrupa babatuan nu laleueur jeung caina ...
a)
Herang
b)
Kiruh
c)
Ngagulidag
d)
Deet
38.
“Babakuan sieun ku cai walungan nu sok ngadadak naek.” Gundukan kecap sok ngadadak naek ngandung harti...
a)
Caah ngagulidag
b)
Saat ngoletrak
c)
Ngeuyeumeung
d)
Herang Ngagenclang
39.
Dina warta aya unsur-unsur nu disebut....
a)
W=H
b)
5H+1W
c)
5W+1H
d)
5HW+1H
40.
Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca wae...
a)
Bagian puhu warta
b)
Bagian eusi wartana
c)
Bagian kateranganana
d)
Judulna
41.
Warta teh katerangan atawa beja anu ditepikeun ka...
a)
Balarea
b)
Kelompok
c)
Pribadi
d)
Kulawarga
42.
Eta katerangan atawa beja disebut warta umpamana....
a)
Ditulis kuwartawan
b)
Dikirimkeun ka media masa
c)
Dimuat dina media masa
d)
Dibaca ku balarea
43.
Warta teu menang nuduh salah sahiji jalma, lamun...
a)
Geus kabuktian kasalahan secara hukum
b)
Teu acan kabuktian kasalahan ceuk balarea
c)
Teu acan kabiktian kasalahan sacara hukum
d)
Teu acan kabuktian kasalahan sacara wartawan
44.
Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta….
a)
Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan
b)
Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan
c)
Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan
d)
Silih asih, piwuruk, jeung sesebred
45.
Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung….
a)
Sesebred
b)
Paparikan
c)
Rarakitan
d)
Wawangsalan
46.
Wawangsalan di handap anu wangsalna reungit nyaeta…
a)
Langir cai leumpang ngijing, Kadeuleu kayap-keyepna
b)
Laleur leutik hama raga, Liarna sakolong langit
c)
Laleur hideung panyeureudan, Kilang bara urang jadi
d)
Manuk lisung anu jalu, Dagoan di pasampangan
47.
Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..
a)
Kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih
b)
Nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan
c)
Nyusun rumpaka maké patokan pupuh
d)
Nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang
48.
Sing getol ngiinum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat Sisindiran di luhur di wangun …. Padalisan.
a)
4
b)
2
c)
8
d)
6
49.
Jajaran kahiji jeung ka dua dina sisindiran disebut ….
a)
Cangkang
b)
Sindir
c)
Eusi
d)
Wangsal
50.
Jajaran katilu jeung ka opat dina sisindiran disebut……
a)
Eusi
b)
Cangkang
c)
Sindir
d)
Wangsal
100 %
