NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas 8 Semester 2
Total questions: 40
Worksheet time: 21mins
Saha nu mangkat seja maju jurit nurutkeun éta pupuh ?
Para Sesepuh
Arimbi
Gatotkaca jeung para prawira
Arjuna
Guru lagu jeung guru wilangan dina éta pupuh nya éta …
7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o
10-i, 6-o, 10-a, 10-i, 6-i, 6-u
10-i, 6-o, 10-é, 10-u, 6-i, 6-u
7-i, 6-o, 10-o, 10-i, 6-i, 6-u
Naon nu ngahiung nurutkeun éta pupuh ?
mobil
heulang
kapal udara
kapal selam
kecap Belewuk hartina ...
beresih
séhat
hégar
kotor/lagedu
Ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan ngan leuwih pondok disebut ...
Kakawihan
Asmarandana
Guguritan
Sajak
Guru wilangan pupuh kinanti nya éta ...
8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-a
10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u
10-i, 6-a, 10-é, 10-i, 6-i, 6-a
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Watek pupuh Mijil nyaéta …
Gumbira
Bungah
Biasa baé
Sedih
Jumlah lobana engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris) disebut …
Guru Lagu
Purwakanti
Padalisan
Guru Wilangan
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula (KSAD) sok disebut pupuh …
Sekar Alit
Dangding
Sekar Ageung
Rampak Sekar
Panalungtik (peneliti) budaya Sunda bidang wawacan nu asalna ti Jepang nya éta …
Akiko Kawaguchi
Dr. Mikihiro Moriyama
Eichiro Oda
Masashi Kishimoto
Ieu di handap mangrupa conto salam bubuka, iwal …
Assalamualaikum wr. wb.
Wilujeng enjing pamiarsa
Sampurasun
Wassalamualaikum wr. wb.
Mangrupa doa nu sok aya dina …
Salam panutup
Salam bubuka
Eusi biantara
Panutup biantara
Langkung ti payun mangga urang sami-sami .....… puji sinareng sukur ka Allah SWT.
Doakeun
Golontorkeun
Panjatkeun
Buktikeun
Mangrupa bagéan …… dina biantara nalika jadi MC
Salam bubuka
Eusi
Bubuka
Salam panutup
Kecap nu diteleban mun dina basa Indonésia sarua hartina jeung …
berbicara
meneliti
menulis
menyimak
Kecap nu diteleban dina basa Indonésia hartina …
peserta
juri
juara
pendaftar
Kecap anu diteleban hartina …
mimitian
bérés
saméméh
bubar
Lancar nyaritana sacara runtut, logis, sistemis bisa nyorocos ngomong dina mikropon mangrupa bagéan sarat biantara, disebut …
kréatif
humoris
goodlooking
komunikatif
Golden voice sarua ogé jeung …
sora empuk
sora écés
sora cempréng
sora emas
"Aduh ieung, ieu beuteung peurih kieu".
Éta kalimah panyeluk téh nuduhkeun rasa …
sukur
geuleuh
nyeri
mupuas
Karangan rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya nu diukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000 – 10.000 kecap, disebut …
Novél
Dongéng
Carpon
Guguritan
Carpon téh mangrupa tarjamahan tina Basa Inggris nya éta …
Short time
Short literasi
Short story
Short fiction
Buku kumpulan carita pondok munggaran (pertama) Basa Sunda judulna …
Lain Éta
Papacangan
Hujan Munggaran
Dog-dog Pangréwong
Carpon “Jurig” karangan …
Yus Rusyana
Asikin Hidayat
Ayat Rohaedi
Tini Kartini
Bédana carpon jeung dongéng, lamun dongéng mah wangun caritana …
Loba nu asup akal
Loba nu pamohalan
Loba nu pikagugueun
Loba nu pikasediheun
Galur carita anu runtuyan kajadianana mundur (kilas balik) sok disebut …
Plot
Flashback
Campuran (Mix)
Biasa
Tina gambar pancakaki, Euis ka Roma nyebutna …
Bibi
Emang
Uwa
Lanceuk
Tina gambar pancakaki, Euis ka Irma nyebutna ...
Bibi
Tétéh
Uwa
Ceuceu
Tina gambar pancakaki, Arkan ka Esih nyebutna ...
Bibi
Uwa
Ceuceu
Nini
Laporan kajadian nya éta …
Laporan nu mangrupa kajadian ngeunaan hiji katerangan hal nu ditulis dumasar kana hasil fiksi, imajinasi, nu ditulis dina hiji runtuyan kajadian.
Laporan nu mangrupa katerangan ngeunaan hiji kajadian/hal nu ditulis dumasar kana data, fakta jeung katerangan ngeunaan hiji kajadian.
Laporan nu mangrupa kajadian ngeunaan hiji katerangan nu ditulis dumasar katerangan ngeunaan hiji katerangan.
Laporan nu mangrupa katerangan ngeunaan hiji kajadian hal nu ditulis dumasar imajinasi nu ngarang.
Nu kaasup conto laporan kajadian/peristiwa, iwal …
Laporan hasil kegiatan
Laporan acara OSIS
Laporan perjalanan singkat
Laporan guguritan
Carana supaya hiji laporan téh bisa dipercaya nya éta, iwal …
Nepikeun fakta kajadian nu bener
Nepikeun data nu akurat
Tong nambah hal nu teu aya hubunganna
Ditambah-tambah sakarep sorangan sangkan seru
5W + 1H dina laporan téh ngawengku ...
What, Who, When, Where, Why, Now
What, Who, Whey, Where, Why, How
What, Who, When, Which, Why, How
What, Who, When, Where, Why, How
Why hartina …
Iraha
Di mana
Saha
Kunaon
Who hartina …
Iraha
Di mana
Saha
Kunaon
Nu dimaksud kalimah wawaran nya éta …
Kalimah nu eusina méré béja atawa méré nyaho, jadi teu ngabutuhkeun jawaban.
Kalimah nu eusina méré paréntah sarta merlukeun tindakan.
Kalimah nu eusina nanya hiji hal sarta merlukeun jawaban.
Kalimah nu eusina ngagambarkeun hiji kaayaan.
Kalimah wawaran téh kabagi jadi 2, nya éta …
Jembar jeung Lega
Jembar jeung Pasif
Aktif jeung Pasif
Jembar jeung Basajan
resep – Lisa – malati – ngambeu
Susun dumasar struktur kalimah nu bener!
Lisa resep malati ngambeu
Malati resep ngambeu Lisa
Lisa ngambeu malati resep
Lisa resep ngambeu malati
Nu teu kaasup ngaran pupuh nya éta ...
Durma
Pucung
Dangdanggula
Aswatama
Istilah Pancakaki nomer 1, 3, 6 sacara ngaruntuy nya eta ...
Karuhun, Udeg-udeg, Buyut
Karuhun, Buyut, Udeg-udeg
Udeg-udeg, Karuhun, Buyut
Buyut, Udeg-udeg, Karuhun
