wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Nu ngabédakeun antara dongéng jeung carpon (carita pondok) téh nyaéta dongéng mah ...

a)

Eusina loba pamohalanna

b)

Kapanggih pangarangna

c)

Palakuna saeutik

d)

Caritana pikasediheun

2.

Dongéng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna disebut ...

a)

Dongéng fabél

b)

Dongéng sasakala

c)

Dongéng parabél

d)

Dongéng mitos

3.

Hal anu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ....

a)

Amanat

b)

Latar

c)

Téma

d)

Palaku

4.

Tokoh dongéng anu disebut-sebut asli Sunda nyaéta ...

a)

Si Lamsijan

b)

Si Kabayan

c)

Si Malin Kundang

d)

Si Boséték

5.

Téma dongéng Babad Majaléngka di handap nya éta …

a)

Asal-usul ngaran daérah Majaléngka

b)

Asal-usul ngaran daérah Kuningan

c)

Asal-usul ngaran daérah Cirebon

d)

Asal-usul ngaran daérah Indramayu

6.

Palaku nu aya dina dongéng Babad Majaléngka, iwal

a)

Nyi Rambut Kasih

b)

Pangéran Muhammad

c)

Siti Saomah

d)

Siti Armilah

7.

Latar tempat kajadian dina dongéng Babad Majaléngka, iwal

a)

Sindangkasih

b)

Kadipatén

c)

Talaga

d)

Rajagaluh

8.

Ngaran "Majalengka" dumasar dongéng Babad Majaléngka asalna tina …

a)

Majané Pait

b)

Raja jeung Galuh

c)

Maja jeung Léngko

d)

Majané Langka

9.

Pangéran Muhamad nalika ka Majaléngka harita kungsi tatapa di pagunungan …

a)

Merbabu

b)

Margatapa

c)

Merapi

d)

Bromo

10.

Dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran disebut dongéng …

a)

Sasakala

b)

Fabél

c)

Mite

d)

Parabél

11.

Jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun hiji leunjeuran carita dina unsur dongéng disebut …

a)

Téma

b)

Setting

c)

Amanat

d)

Galur

12.

Dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah disebut dongéng …

a)

Pieunteungeun

b)

Mitos

c)

Fabél

d)

Pamuk

13.

Pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca dina carita disebut …

a)

Téma

b)

Setting

c)

Amanat

d)

Galur

14.

Di handap nu kaasup fungsi dongéng, iwal

a)

Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan

b)

Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki

c)

Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat

d)

Ngarah anak incu urang percaya kana mitos

15.

Nu kaasup jenis-jenis iklan, iwal

a)

Iklan komérsil

b)

Iklan Korporat

c)

Iklan Layanan Masyarakat

d)

Iklan Berita

16.

Di handap conto-conto iklan layanan masarakat, iwal

a)

Iklan anti narkoba

b)

Iklan keluarga berencana (KB)

c)

Iklan global warming

d)

Iklan parabot dapur

17.

Iklan anu miboga tujuan pikeun ngadukung kampanyeu pemasaran hiji produk atawa jasa disebut …

a)

Iklan Komérsil

b)

Iklan Korporat

c)

Iklan Layanan Masyarakat

d)

Iklan Berita

18.

Nilik desain jeung eusina, éta iklan téh ngajak …

a)

Ngajaga énérgi

b)

Ngajaga kabersihan diri

c)

Miceun runtah kana tempatna

d)

Miara lingkungan sakola

19.

Nilik desain jeung eusina, éta iklan téh negeskeun …

a)

Aturan kajeun ngaroko tapi di tempatna

b)

Aturan teu meunang ngaroko di éta tempat

c)

Paréntah sangkan ngaroko

d)

Larangan jualan roko

20.

Tanda atawa iklan layanan masyarakat nu sok aya dina pom bénsin, iwal

a)

Dipahing ngaroko

b)

Dipahing ngomé hapé

c)

Motor kudu dipareuman nalika ngeusi bénsin

d)

Dipahing mawa budak orok

21.

Kalimah pananya dipungkas ku tanda baca …

a)

Titik (.)

b)

Koma (,)

c)

Seru (!)

d)

Tanya (?)

22.

Dina wangun tinulis kalimah wawaran téh dipungkas ku tanda baca …

a)

Titik (.)

b)

Koma (,)

c)

Seru (!)

d)

Tanya (?)

23.

Sajak anu judulna "Tukeuran Ieu Sajak" karangan …

a)

Surachman RM

b)

Etty RS

c)

Yus Rusyana

d)

Ajip Rosidi

24.

Sajak téh salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu (pati) kauger ku patokan wangunna. Ku lantaran kitu, mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas. Éta pendapat téh ditepikeun ku …

a)

Taufik Faturochman

b)

Iskandarwassid

c)

Yus Rusyana

d)

Ajip Rosidi

25.

Buku kumpulan sajak nu pangheulana medal (terbit) nyaéta …

a)

Lalaki Ditegal Pati karya Sayudi

b)

Ombak Laut Kidul karya Rahmat M. Sas Karana

c)

Janté Arkidam karya Ajip Rosidi

d)

Surat Kayas Karya Surachman RM.

26.

Inohong atawa tokoh Sunda nu lahir di Jatiwangi, Kab. Majalengka, nulis rupa-rupa karya sastra Sunda – Indonesia, sarta kungsi dilélér Béntang Kahormatan ti Presiden Joko Widodo, nyaéta …

a)

Ajip Rosidi

b)

KH. Abdul Halim

c)

Jajang Nurdjaman

d)

Oghel Zulvianto

27.

Nu pangmimitina nulis sajak Sunda nyaéta …

a)

Rahmat M.Sas Karana

b)

Ajip Rosidi

c)

Surachman RM

d)

Kis WS

28.

Dina sajak “Janté Arkidam”, saha sabenerna nu dimaksud Janté Arkidam téh …

a)

Penjahat kahot (legendaris)

b)

Demang

c)

Wadana

d)

Mantri pulisi

29.

Unsur-unsur ékstrinsik dina sajak, iwal

a)

Biografi

b)

Ajén/nilai dina carita

c)

Kamasarakatan

d)

Vérifikasi

30.

Di handap pangarang taun 1950-an nepi ka 1960-an, iwal

a)

Tan Bie Hun

b)

Tini Kartini

c)

Kis WS

d)

Affandi

31.

Sok disebut ogé harti anu saujratna atawa harti sabenerna luyu jeung kamus. Harti nu sarupa kitu téh disebutna …

a)

Dénotatif

b)

Konotatif

c)

Ujrat

d)

Harti bener

32.

"Dunya maya bakal jadi racun dunya keur nu teu bisa ngendalikeun mah."

Kecap racun dina éta kalimah ngandung makna …

a)

Dénotatif

b)

Konotatif

c)

Ujrat

d)

Harti bener

33.

dibaca ...

a)

mana

b)

yana

c)

manah

d)

yanah

34.

dibaca ...

a)

sagawayah

b)

samagaha

c)

kamarana

d)

samarata

35.

dibaca ...

a)

Majalaya

b)

Majaléngka

c)

Bandung

d)

Kertajati

36.

dibaca ...

a)

manuk japati

b)

manuk heulang

c)

manuk dadali

d)

manuk walét

37.

dibaca ...

a)

Wilujeng sumping

b)

Hatur nuhun

c)

Hapunten

d)

Sampurasun

38.

dibaca angka ...

a)

opat (4)

b)

lima (5)

c)

genep (6)

d)

tujuh (7)

39.

dibaca ...

a)

kujang

b)

kejang

c)

kijang

d)

larang

40.

dibaca ...

a)

sapi

b)

kuda

c)

sapu

d)

muda