NEW
Font size
WorksheetsUlangan Basa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Dongéng téh carita rékaan nyaéta anu nyaritakeun hal anu ....
teu enya-enya kajadian
saluyu jeung kanyataan
enya-enya kajadian
kajadian sapopoé
Anu disebut pamohalan téh nyaéta hal-hal anu ....
kaharti ku akal
enya-enya kajadian
teu kaharti ku akal
euweuh kajadianana
Conto unsur pamohalan dina dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau” nyaéta ....
monyét beuki cau
monyét ngala cau
patani melak cau
monyét bisa ngomong
Dongéng téh carita rékaan anu kaasup kana wangun ....
puisi
éséy
prosa
kritik
Dongéng anu aya patalina jeung laut nyaéta ....
“Nyi Roro Kidul”
“Arca Domas”
“Ki Rangga Gading”
“Syéh Maulana Akbar”
Ngaran tempat anu aya patalina jeung dongéng di wewengkon Tasikmalaya nyaéta ....
Gunungpéréng
Singaparna
Kalapagenep
Cipatujah
Ngaran-ngaran tempat anu mangrupa jenis kai, iwal ....
Cijati
Cikaso
Cijeungjing
Ciburuy
Conto kalimah iklan layanan masarakat anu eusina panyaram nyaéta ….
Punten, ulah miceun runtah di dieu.
Pangwangunan nagara, urang rojong ku saréréa.
Ulah lali, pilih Bapa Daroji, calon nomer 1!
Susu cap Biruang, saé pisan kanggo salira.
Anu teu kaasup iklan layanan masarakat dina wangun visual nyaéta ….
buklét
poster
stiker
iklan radio
Sangkan narik ati, iklan anu mangrupa poster biasana sok diwuwuhan ku ….
sajak
pilem
gambar
aturan
Dina nepikeun iklan téh kudu ringkes. Hartina ….
iklan ulah midangkeun hal anu teu nyambung
iklan ulah ngayayay atawa ngagebay panjang
iklan ulah hésé kahartina ku nu ngabandungan
iklan ulah dipasang di tempat anu teu merenah
Conto iklan layanan masarakat anu eusina patali jeung lingkungan nyaéta ….
Leuweung ruksak, cai béak, urang balangsak.
Pangwangunan nagara, urang rojong ku saréréa.
Ulah poho tanggal 2, ngadongdon ka TPS pikeun méré sora.
Paké saperluna, pareuman anu teu perluna.
Conto iklan layanan masarakat anu eusina patali jeung ngahémat énérgi nyaéta ….
Leuweung ruksak, cai béak, urang balangsak.
Pangwangunan nagara, urang rojong ku saréréa.
Ulah poho tanggal 2, ngadongdon ka TPS pikeun méré sora.
Paké saperluna, pareuman anu teu perluna.
Iklan anu teu miharep kauntungan disebut....
iklan teu nguntungkeun
iklan layanan masarakat
iklan haratis
iklan keur kapentingan kulawarga
Iklan layanan masarakat mah teu meunang ngandung
....
produk
ajakan
paréntah
barang
“Hayu urang ngajaga lingkungan!”
Iklan layanan masarakat di luhur mangrupa ....
uar pangajak
atikan
paréntah
panyaram
Iklan anu ngan kadéngé sorana wungkul disebut iklan
....
audio
visual
audio-visual
audio-vidéo
Conto iklan audio nyaéta iklan anu disiarkeun dina ....
televisi
internét
radio
surat kabar
Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu gunana ....
pikeun méré nyaho hiji hal ka batur
pikeun nanyakeun hiji hal ka batur
pikeun maréntah ngalakukeun hiji hal ka batur
pikeun nyaram ngalakukeun hiji hal ka batur
Kalimah wawaran teu kudu panjang-panjang, pondok ogé bisa, contona ....
Geura balik!
Saha éta?
Manéhna datang.
Tong ceurik atuh!
Kalimah paréntah dina tulisan sok ditungtungan ku ....
koma
pananya
titik
panyeluk
Kalimah paréntah anu mangrupa pangajak nyaéta ....
Urang ka perpustakaan, yu!
Urang téh ulah ulin baé!
Urang téh kudu daék diajar!
Muga-muga urang lulus saréréa!
“Punten, sapatuna teu kénging dianggo ka lebet!” Kalimah di luhur mangrupa ....
kalimah paréntah
kalimah panyaram
kalimah pangjurung
kalimah pangajak
“Mugi-mugi sing énggal damang sabihara-sabihari deui!”
Kalimah di luhur mangrupa ....
kalimah pangharepan
kalimah panyaram
kalimah panitah
kalimah pangajak
“..., geura indit bisi kabeurangan!”
Kecap panganteur anu merenah dina kalimah di luhur nyaéta ....
pék
der
jung
pok
“..... , pangnutupkeun panto, bisi aya hayam asup!”
Kecap panganteur anu merenah dina kalimah di luhur nyaéta ....
jung
cing
sok
pék
Upama ku urang ditengetan, umumna do’a mangrupa
....
kalimah pangjurung
kalimah panyaram
kalimah panitah
kalimah pangharepan
Kalimah panitah anu merenah nyaéta ....
Pok ngomong!
Der ngomong!
Cik ngomong!
Jig ngomong!
Kalimah panitah anu merenah nyaéta ....
Jung, geura indit bisi kabeurangan!
Jung, geura diuk di dinya!
Jung, geura ditabeuh kendangna!
Jung, geura ngomong ari aya kahayang téh!
Jalma alus budi sok disebut jalma hadé gogog hadé ….
dogdog
tagog
porog
jebrog
Jalma gagal tuda si éta mah. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu ….
akaran
buahan
daunan
ayaan
Kabisa téh ngan ukur nitah wé! Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas ….
nyarékan
nitahan
miwarang
gantawang
Cicing budak …. mah, ulah ilubiung kana urusan kolot!
beletak
campelak
galak
satepak
Najan rupana jajar …. ogé, ari budina mah kawilang hadé.
pasar
kasar
datar
layar
Karunya Mang Irman téh, sakitu geus béak …. nyakolakeun budak, tapi euweuh nu cucud.
rangsak
balak
déngkak
réngkak
Ari ngarumasakeun pribumi mah ulah jati kasilih ku …. atuh! Sing bisa tegas!
nganti
ranti
kunti
junti
Nu matak ari nanaon téh ulah sok waka percayaan, da béja mah ….
bala
béla
baju
béjé
Awéwé dulang …. téh hartina pamajikan kumaha salaki.
bahé
tinandé
papandé
rancagé
Sakitu geus kungsi dipanjara, tapi teu kapok-kapok. Batan kapok kalah ….
nyolok
olohok
gawok
ronghok
Atuda Ki Ahdi mah jelema sangsara pisan, kokoro …. malarat rosa téh saenyana.
kojor
sohor
nyoso
bobo
