NEW
Font size
WorksheetsSOAL PTS GENAP VII
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
“Tong miceun runtah kana solokan”.
Ieu Ungkara kalimah téh aya dina iklan layanan masarakat nu eusina mangrupa ...
Panyaram
Paréntah
Anjuran
Pangajak
“Ulah éra mun nyarita ku basa Sunda.”
Ieu ungkara téh mangrupa iklan layanan masarakat nu eusina ....
anjuran
atikan
pangajak
panyaram
Ieu di handap nu lain fungsi tina iklan layanan masarakat nyaéta ....
média éksprési seni
média komunikasi
média atikan
média sosial
Iklan téh mibanda fungsi pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana hiji perkara anu dipiharep bisa ngarobah paripolahna, anu tadina négatif jadi positif.
Ieu téh fungsi iklan anu mangrupa....
atikan
komunikasi
éksprési seni
komunikasi seni
Hal anu henteu kaasup kana unsur iklan nyaéta....
Gambar
Sumber
Pesen
Média
Anu teu kaasup kana ciri-ciri bahasa iklan nyaéta...
Ngagunakeun bahasa daérah
Ngagunakeun dikni anu merenah, ngirut, logis, jeung sopan
Ngagunakeun ungkapan atawa majas tur mibanda daya sugésti
Disusun pikeun munjulkeun informasi anu dipentingkeun
Sabun gégéroh Sanlite, ngicalkeun lemak mung sausap.
Éta kalimah téh ngagunakeun gaya basa…
hiperbola
personifikasi
metafora
metonomia
Pangmeresihankeun buruan nya!
Éta kaasup kana kalimah …
Panitah
Panyaram
Pangajak
pangjurung
Jung geura balik, geus soré!.
Éta kaasup kana kalimah …
pangjurung
Panyaram
Pangajak
Panitah
Mangga, bilih badé mulih mah da tos teu aya nanaon deui!
Éta kaasup kana kalimah …
Pangjurung
Panyaram
Panitah
Pangajak
Hal nu jadi ciri dina dongéng nyaéta aya hal nu pamohalan.
Naon maksudna pamohalan téh?
Hal anu teu mungkin
Teu kanyahoan anu ngarangna
Sumebarna turun-tumurun
Carita rékaan atawa fiksi
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…
kuya jeung maung
Kuya
maung
kuya jeung peucang
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
Kumaha sipat kuya sabada hidep maca éta sempalan dongéng ?
pinter
Béréhan
reuwasan
éléhan
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
Kumaha sipat atawa watek maung nu kagambar dina éta sempalan dongéng?
bengis
Bageur
hadé lampah
éléhan
Ari jol anu boga kebon néang, ngan gogodeg baé bari nangkeup harigu. "Ieu ku ruksak! Euleuh, ka pentil-pentilna dipotongan! Lain da ari urut jelema anu maling mah. Ieu mah tétéla peucang anu ngaruksak téh...."
Gambaran rasa haté anu kumaha kalimah di luhur téh?
handeueul campur ambek
handeueul campur sedih
handeueul campur bungah
handeueul campur telenges
Dongéng "Gagak Hayang jadi Merak"
Nilik kana judul, sakuduna eusi éta dongéng kaasup kana jenis dongéng...
fabél
legenda
mité
parabél
Di handap ieu anu lain unsur-unsur instrinsik dongéng nyaéta...
kandelna buku
tokoh
latar / setting
amanat
Sanajan urang kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawean sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
Ahlak nu saluyu jeung ngaran palaku (Si Sabar) dina sempalan dongeng nyaéta...
hadé ahlakna
tara ngalawan
teu weléh hormat
teu hararésé
Sanajan urang kampung tur jalma miskin, tapi Si Sabar mah hadé ahlakna. Ka Indung tara ngalawan, tara nyusahkeun. Kitu deui ka sasaha teu weléh hormat. Tong boro ka saluhureun, diheureuyan ku nu sahandapeun ogé tara ngalawan. Mun aya nu ménta tulung teu pernah ménta buruh. Malah boro-boro dipénta sanajan teu dipénta ogé mun aya nu butuh ku tanagana, si Sabar mah teu hararésé. Atuh saréréa ogé resepeun ka manéhna téh. Komo indungna mah.
Pagawean sapopoéna éta indung jeung anak téh ngasruk ka tengah leuweung, maksudna ngala daun jati atawa suluh pikeun jualeun ka pasar. Kituna gé ka pasarna téh teu unggal poé da puguh jauh sarta kagok ari jualeunana saeutik mah. Nya ka pasarna téh tilu poé sakali atawa saminggu sakali.
Pangna Si Sabar dipikaresep ku papada jalma téh nyaéta...
teu hararésé kana barang gawé
goréng ahlak jeung kalakuanana
resep ngalawan ka kolot sorangan
tara daék ngahormat ka batur
Hanjuang di Kutamaya
Ayeuna disebut Sumedang sotéh, da baheula mah karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna di Kutamaya, di pingpin ku Prabu Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Bisa disebutkeun yen Sumedang Larang teh gaganti atawa neruskeun Pajajaran, sabab mahkota Prabu Siliwangi ragragna ka Geusan Ulun.
Ari Sumedang téh ayana di daérah mana?
Jawa Barat
Jawa Tengah
Jawa Timur
Yogyakarta
Hanjuang di Kutamaya
Ayeuna disebut Sumedang sotéh, da baheula mah karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna di Kutamaya, di pingpin ku Prabu Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Bisa disebutkeun yen Sumedang Larang teh gaganti atawa neruskeun Pajajaran, sabab mahkota Prabu Siliwangi ragragna ka Geusan Ulun.
Saha nu mingpin Sumedang Larang téh?
Prabu Geusan Ulun
Gatot Kaca
Kian Santang
Prabu Siliwangi
Dongéng anu eusina ngandung unsur sajarah disebutna dongéng …
babad
parabél
sasakala
sasatoan
