NEW
Font size
S
M
L
XL
Worksheets7.PAT_BAHASA SUNDA_GENAP
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Name
Class
Date
1.
Wacana di luhur teh kaasup kana carita…
a)
Pangalaman
b)
Fiksi / rekaan
c)
Dongeng
d)
Laporan
2.
Anggara disebut Si Geureuleung lantaran…
a)
Sorana alus
b)
Jiga sinden
c)
Alus ngajina
d)
Milu MTQ
3.
Haji Sobur jalma nu pangbeungharna di lembur kuring mah. Kecap nu saharti jeung kecap beunghar nyaeta…
a)
Jegud
b)
Badag
c)
Gede
d)
Rosa
4.
Entong milihan anu ngora peuteuy mah, alusna mah anu…
a)
Kolot
b)
Anom
c)
Leutik
d)
Gede
5.
Bu Sri :”Hallo, Assalamualaikum!” Anggara : “Wa’alaikum salam! Sareng saha ieu?” Bu Sri : “Leres ieu bumina Bu Yayat?” Anggara : “Oh, leres. Abdi pun Angga, bade ka mamah, nya? Ke antosan sakedapku abdi bade di sauran.”! Dina guneman di luhur, waktu nyarita dina telepon kudu ngagunakeun basa anu…
a)
Lemes
b)
Sedeng
c)
Kasar
d)
Loma
6.
Anu mimiti ditanyakeun ka jalma nu can wawuh dina telepon, nyaeta…
a)
Ngaran
b)
Alamat
c)
Kaperluam naon
d)
Rek ngomong jeung saha
7.
Anu kaasup alat teknologi canggih saperti di handap, IWAL
a)
Hawu
b)
Komputer
c)
HP
d)
Mesin cuci
8.
Memeh dahar teh kudu sibanyo heula. Kalimah di luhur disebut kalimah……
a)
Reflektif
b)
Resiprokatif
c)
Transitif
d)
Intransitif
9.
Geus lila teu amprok jeung sobat, basa papanggih kuring jeung manehna ngan papelong-pelong. Kalimah di luhur mangrupa kalimah…
a)
Resiprokatif
b)
Transitif
c)
Reflektif
d)
Intransitive
10.
Jalma anu sok ngalalakonkeun carita pantun disebut …
a)
Juru pantun
b)
Juru sinden
c)
Ki dalang
d)
Alok
11.
Sanduk-sanduk ka karuhun menta ijin arek mantun disebut…
a)
Ngaruat
b)
Rajah
c)
Sawer
d)
Kawih
12.
“Sumuhun timbalan Gusti, tapi Uwa ayeuna awon pinaos, samemeh ngadamel penjara beusi, juragan rek ngadamel naon heula?” Ceuk Ciung Wanara, “Hayang tepung heula jeung ibu, nu ngaran Naganingrum, ayeuna aya dimana?” “Sumuhun pariksa Gusti, perkawis ibu Naganingrum ayana di patapaan. Baheula nurutkeun pepeling abdi, sina tatapa di patamanan.”! Dina carita pantun, indungna Ciung Wanara nya eta…
a)
Naganingrum
b)
Uwa
c)
Ki Lengser
d)
Gusti Prabu
13.
Indungna Ciung Wanara teh keur aya di…
a)
Patapaan
b)
Karajaan
c)
Kaputren
d)
Leuweung
14.
Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku mamah ti barang gugah. Basa ku nini digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu kaemut pangpayuna teh, asik… engke siang ka makam bapa. Carita di luhur nyaritakeun yen abdi rek jarah ka…
a)
Makam bapa
b)
Makam aki
c)
Patapaan
d)
Makam
15.
Abdi ka makam bapa dina waktos …
a)
Lebaran
b)
Poe Juma’ah
c)
Poe minggu
d)
Bulan Mulud
16.
Amanat anu ditepikeun dina carita pondok di luhur nyaeta…
a)
Urang kudu inget kana maot
b)
Ulah poho kanu geus maot
c)
Kudu manjangkeun silaturahmi jeung nu maot.
d)
Unggal lebaran kudu jarah ka makam.
17.
Ku lantaran teu pageuh nutupkeun pantona, ngan … we manuk teh hiber tina kurungna.
a)
Geleber
b)
Berebet
c)
Serepet
d)
Derekdek
18.
Ngadenge carita Rudi nu pikaseurieun, ngan … we Reni seuri mani ngehkey
a)
Barakatak
b)
Cikikik
c)
Nyeh
d)
Nging
19.
“MOHAMAD TOHA” Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung Selatan dina mangsa revolusi kamerdekaan. Lahir di kota Bandung dina taun 1927. Anjeunna estu yatim, sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu janten ramana. Dina waktu kajadian Bandung Lautan Seuneu atawa Bandung Lautan Api (24-25 Maret 1946), pasukan anjeunna ninggalkeun kota Bandung nuju ka bagian kidul anu markasna di Kulatet, peuntaseun walungan Citarum di Dayeuh Kolot, sarta pasukanana aya dina lingkungan Markas Pejuang Pertahanan Priangan (MP3) nu merangan NICA (Netherlands Indies Civil Administration) jeung sekutu. Mohamad Toha lahir di…
a)
Kota Bandung
b)
Bandung Kidul
c)
Priangan
d)
Garut
20.
Dina yuswa dua taunan Mohamad Toha tos yatim. Kecap yatim dina kalimah tadi hartina …
a)
Teu boga bapa
b)
Teu boga indung
c)
Teu boga indung bapa
d)
Teu boga sasaha
21.
Dina jaman harita aya kajadian anu moal poho sapanjang sajarah, Bandung kungsi jadi…
a)
Lautan Seuneu
b)
Varis Van Java
c)
Kota Kembang
d)
Kota Priangan
22.
Di handap ieu nu ngagunakeun gaya basa mijalma (personifikasi) nyaeta…
a)
Sapatu kuring calawak hayangeun dahar.
b)
Langlayangan teh ngapung ka luhur kabawa angin.
c)
Ngadenge bapana maot, manehna ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat.
d)
Jang, pangmeserkeun Gudang Garam sabungkus.
23.
Tema sajak “Cai” di luhur nyaeta…
a)
Usum halodo anu walurat ku cai.
b)
Tikoro karasa garing lantaran hareudang.
c)
Panon poe anu ngabetrak karasana.
d)
Usum halodo nu geus genep bulan can aya hujan.
24.
Padeukeutna sora nu sarua dina sajak disebut…
a)
Purwakanti
b)
Padalisan
c)
Wirahma
d)
Margaluyu
25.
Kalimah nu ngabogaan harti denotatif nya eta…
a)
Manehna diuk dina korsi di tengah imah.
b)
Ayeuna mah loba pajabat nu dahar duit rahayat.
c)
Rea aktivis partey anu marebutkeun korsi.
d)
Kagorengan teh jadi geutah ka urang.
26.
Kalimah anu ngabogaan harti konotatif, nyaeta…
a)
Ku sabab kapanggih korupsi, Rodi dibawa ka meja hejo.
b)
Udung sirahna gundul.
c)
Dina pipi Ahmad aya ceda urut labuh tina motor.
d)
Buku teh aya di luhureun meja hejo.
27.
Panon poe ngabetrak. Kecap ngabetrak dina kalimah di luhur, sarua hartina jeung…
a)
Kacida panasna
b)
Ngabeledug
c)
Panon poe caang
d)
Panon poe pareum
28.
“Rida mawa boboko ka cai rek ngisikan.” Kecap husus tina kecap mawa anu luyu pikeun kalimah di luhur nyaeta…
a)
Ngajingjing
b)
Ngelek
c)
Nyuhun
d)
Manggul
29.
(1) “Bapa kuring pagawe bank.” (2) Kamari Bapa Ruswan tatangga kuring pupus. Kecap Bapa dina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti anu :
a)
Ngalegaan
b)
Ngaluhuran
c)
Ngahandapan
d)
Ngaheureutan
30.
Eling-eling dulur kabeh, Ibadah ulah campoleh,Beurang peuting ulah weleh, Bisina kaburu paeh! Puisi di luhur kaasup kana wangun…..
a)
Pupujian
b)
Sisindiran
c)
Paparikan
d)
Kakawihan
31.
Eusi puisi di luhur teh nya eta…
a)
Pepeling
b)
Piwuruk
c)
Muji ka Allah SWT
d)
Do’a
32.
“Di hiji kampung,kaasup Banyuresmi, Kabupaten Garut, aya randa beunghar,ngaranna Nyi Endit. Saluyu jeung ngaranna memang eta jalma teh pedit kacida. Dina hiji poe Nyi Endit rek ngawinkeun anak awewe nu ngan hiji-hijina. Nu diondang ngan jalma beunghar wungkul. Hiji waktu aya aki-aki tukang jajaluk datang ka dinya. Kaayaan eta aki-aki pikageuleuheun,tuluy ku Nyi Endit diusir. Pungkas carita, sakabeh kampung eta kakeueum ku cai, sarta katelah Situ Bagendit.” Dongeng anu nyaritakeun ngeunaan asal muasalna kajadian hiji tempat saperti cutatan di luhur disebut dongeng…
a)
Sasakala
b)
Fabel
c)
Parabel
d)
Sage
33.
Anu kaasup kalimah aktif, dina kalimah dihandap nya eta…
a)
Hadi mangmeulikeun roko keur bapana
b)
Buku dibaca ku Ajat.
c)
Odoy dipacok ku oray welang
d)
Ucing diteunggeul make sapu ku Udin.
34.
Di handap ieu kaasup istilah kasenian, IWAL…
a)
Variatif
b)
Bujangga
c)
Juru mamaos
d)
Dalang
35.
Rea baju batik anu dimodifikasi jadi baju modern. Dimodifikasi hartina…
a)
Diropea
b)
Dijieun
c)
Dipikaresep
d)
Diganti
36.
Urang kanekes lalakina sok make iket. Iket teh istilah papakean nu mangrupa…
a)
Totopong, beungkeut sirah tina batik.
b)
Sabangsa kopeah anu dijieunna tina batik
c)
Baju bedahan warna hideung.
d)
Baju koko, leungeunna panjang tur aya kerahan.
37.
Lamun arek solat, biasana sirah sok ditutupan ku…
a)
Kopeah
b)
Sorban
c)
Tiung
d)
Sajadah
38.
Kalimah anu ngagunakeun gaya basa kadalon, nya eta…
a)
Bu, permios abdi bade ka pengker heula.
b)
Geus dua poe sirah teh ngan jangar wae.
c)
Neng, pangmeserkeun sasa sabungkus
d)
Panon poe molotot semu nu ngambek.
39.
Ari usum halodo sok rorombeheun suku teh! Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa…
a)
Kadalon
b)
Personifikasi
c)
Metonimia
d)
Hiperbola
40.
Warta berita tinulis umumna aya dina media saperti ieu di handap, IWAL…
a)
Radio
b)
Koran
c)
Majalah
d)
Internet
Reset
