NEW
Font size
WorksheetsASAS B.SUNDA 7 GANJIL 2024
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Karangan Pangalaman pribadi nyaéta …
nulis karangan sastra fiktif
nyaritakeun pangalaman batur
nyaritakeun pangalaman sorangan dina wangun tulisan
nyaritakeun pangalaman sorangan nu diaya-aya
Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …
Karesep
Pangalaman
Karangan
Paguneman
Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …
Nutup carita sakahayang urang
Ngagunakeun basa Sunda nu sakasar-kasarna
Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan
Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah (baik dan benar)
Pangalaman anu karandapan ku sorangan disebut …
Pangalaman batur
Pangalaman pribadi
Pangalaman asli
Pangalaman hayalan
Anu teu kaasup struktur karangan pangalaman nyaéta …
Pangbagéa
Paragarap bubuka
Paragarap eusi
Paragarap panutup
Conto pangalaman langka tur matak anéh anu bisa dijadikeun karangan pangalaman nyaéta …
Indit sakola babarengan jeung babaturan
Ulin bola di lapangan
Hudang saré kabeurangan
Jadi pinunjul pasanggiri sajak sa-Jawa Barat
Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Ninina ngantunkeun
Ninina nyaaheun
Ninina sok ngajajanan
Ninina aya di bumi
Ilikan ungkara ieu di handap!
(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan
(2) Abdi kacida sedihna
(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi
(4) Nini ngantunkeun
Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …
(2) – (4) – (1) – (3)
(2) – (4) – (3) – (1)
(4) – (2) – (3) – (1)
(4) – (2) – (1) – (3)
Tangtos sonona téh da langka atuh tepang sareng Aki téh.
Kecap tepang mangrupa basa lemes tina kecap …
Panggih
Saré
Dahar
Ulin
Pupujian téh lain karya asli sastra Sunda tapi mangrupa karya sastra Sunda pangaruh tina sastra...
Arab
Éropa
Jawa
Malayu
Nepikeun pupujian biasa ku cara ...
dituliskeun
dikawihkeun
dialungkeun
dipotokeun
Eling-eling umat muslim jeung ...
muslimat
mu'minat
musyrikat
muslimin
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah beungeutna
Pupujian di luhur eusina ngeunaan ...
pepeling
solawat nabi
pangajaran kaagamaan
muji ka gusti
Pupujian teh asalna tina kecap puji nu hartina ………….
Ucapan pikeun ngagungkeun manusa di alam dunya.
Ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa.
Ucapan pikeun silih puji jeung sasama manusa.
Ucapa npikeun silih ajenan dina kahirupan sapopoe
Eling-eling umat
Eling-eling umat muslim jeung muslimat
Hayu urang berjamaah solat isa
Estu kawajiban urang keur didunya
Pikeun pibekelen urang diaherat
Pupujian eling –eling umat nyaeta sapada.
Sapada aya 4 padalisan
padalisan nyaeta ................
kecap
baris atawa jajaran
paragraf
vokal
Eling-eling dulur kabeh
Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah kaliwat
Tara ngalakukeun solat
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
Pada (paragraph) kahiji pupujian eling –eling dulur kabeh diwangun ku ….. padalisan
3
4
5
6
Eling-eling dulur kabeh
Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah kaliwat
Tara ngalakukeun solat
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
Padalisan kadua dina pada (paragraph) katilu diwangun ku………engang.
6
7
8
9
Guru wilangan nyaeta ………….
Sora vocal tiap-tiap tungtung padalisan
Jumlah baris tiap-tiap paragraf
Jumlah engang / kecap tiap-tiap padalisan
Sora vokal tiap-tiap padalisan kudu murwakanti
Sora vokal tiap tiap tungtung padalisan nyaeta ..............
guru wilangan
guru lagu
padalisan
pada
Pardu wudu aya genep sadayana,
Hiji niat hadua ngumbah beungeuta
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ngusap saeutik tina sirahna
Lima ngumbah suku dua jeung muncangna
Genep tartib sing puguh runtuyanana
Aya sabaraha pada pupujian diluhur ?
sapada
dua pada
tilu pada
opat pada
Kaulinan Barudak nyaéta kaulinan …
ayeuna
nu aya dina hapé
tradisional
modéren
Saha nu biasa maénkeun kaulinan barudak téh?
ibu-ibu jeung bapa-bapa
barudak gedé
aki-aki jeung nini-nini
barudak leutik
Di handap ieu waktu nu sok dipaké ulin, IWAL …
balik sakola
asar
peré sakola
peuting
1) lapang
2) buruan
3) jero imah
4) masigit
Tempat nu sok dipaké barudak ulin, dituduhkeun ku nomer …
1, 2, & 3
1 & 3
2 & 4
4
conto Kaulinan barudak nu maké kakawihan, nyaéta …
galahsin
punten-mangga
péclé
boyboyan
1) paciwit-ciwit lutung
2) oray-orayan
3) cingciripit
4) békles
Kaulinan Barudak nu maké kakawihan, dituduhkeun ku nomer …
1, 2, & 3
1 & 3
2 & 4
4
Salahsahiji unsur dina Kaulinan Barudak nyaéta Tangkas (Skill), hartina …
kaadilan maén yén urang jeung lawan miboga hak nu sarua
rancinges jeung parigelna sakabéh awak sacara téknis
pola cara anu calakan pikeun permainan anu éféktif
silih rojong satujuan ngawangun kémistri
Naon ngaran kaulinan barudak tina gambar di luhur?
Galah
Cingciripit
Ucing sumput
Oray-orayan
Gambar di luhur mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu dijieunna tina ...
Awi
Kaleng
Batu
Kaén
Tina opat gambar di handap, nu mana anu disebut kaulinan "Sapintrong"?
jenis kaulinan naon ieu teh?
beklen
congklak
galah asin
maen karet
Salasahiji mangpaat kaulinan teh nyaeta...
silih tulungan jeung batur
pasea jeung batur
mumusuhan jeung babaturan
neangan hadiah
Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...
Perintah
Percakapan
Bercakap
Berbicara
Aya tilu syarat lamun urang rek ngalakukeun paguneman, salah sahijina nyaeta paguneman teh kudu dilakukeun ku...
Tujuhan
Limaan
Duaan atawa leuwih
Saurang
Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi
heula!”
Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”
Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...
Hawa lembur nu tiis
Liburan ka kutub
Nginum kopi
Mang Utas jeung Alo
Baca Sempalan paguneman ieu di handap!
Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”
Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...
Kasar
Lemes
Hormat
Loma
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten
kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon
atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
"muhun sakedap deui dugi"
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...
mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur
teu kudu nyambung jeung jejer/tema
sora kudu haharewosan
sora kudu ngoncrang, ulah haharewosan
Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...
kuring indit ka sakola
Teh Dina permios bade ka Bandung
antosan sakedap, abdi dahar heula
Mamah diuk gigireun Bapa
Kamari kuring papanggih jeung adi manéh
Ragam bahasa hormatna.....
Kamari kuring panggih jeung rai anjeun
Kamari kuring papanggih jeung rai manéh
Kamari abdi patepang sareng tuang rai
Kamari abdi papanggih sareng pun rai
