wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAT B. SUNDA KELAS 7 Semester 2

Total questions: 40

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

1)  Wangun lancaran pondok

2)  Ngandung unsur atikan

3)      Sipatna pamohalan    

4)      Ngandung unsur waditra musik

Ciri karya sastra wangun dongéng, nya éta ….

a)

1,2,3,4             

b)

1,2,4   

c)

1,2,3

d)

1,3,4 

2.

Ku lantaran palaku utama dongéng sok dijadikeun tokoh panutan ku nu ngadéngékeunana, ku kituna palakuna kudu protagonis, hartina ….

a)

Nu gagah tur kudu meunang di ahir carita

b)

Ngandung unsur nu kudu dipiconto saperti tokoh nu bageur, béréhan, pinter, jsté..

c)

Dina caritana kudu éléh heula ku musuh, saterusna kudu meunang di ahir caritana

d)

Tokohna kudu jalma ulah sasatoan lantaran nu ngadéngékeunana jalma

3.

Aya  hiji aki-aki ménta cai nginum tapi warga éta kampung teu aya nu méré. Hiji patani di sawah méré cai sakendi ka aki-aki. Aki-aki nganuhunkeun. Patani kagét lantaran ti tempat pangdiukan aki-aki kaluar cai ngagolontor. Patani ngudag aki-aki sarta nyaritakeun éta kajadian, ceuk aki-aki tutup baé ku batu. Ku kajadian kitu, éta lembur téh  dingaranan Lembur Sukacai. Ieu lembur tara kakurangan deui cai nepi ka kiwari.

Nurutkeun jenisna, dongéng di luhur kaasup kana dongéng ….

a)

Fabel

b)

Sagé

c)

Parabel

d)

  Legénda

4.

Tuluy maranéhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau téa. Sakadang Monyét tuluy naék, metikan hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibéré sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak neureuyan ciduh.

“Sakadang Monyét, mana bagéan uing ? kapan geus jangji paparoan ?” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.

Tapi Sakadang Monyét teu maliré, jongjon baé metikan jeung ngadaharan, kalah malédogan ku cangkangna.

      Nurutkeun  sempalan dongéng di luhur, palaku antagonisna ngabogaan watek ....

a)

Jalir jangji 

b)

Soméah

c)

Sarakah

d)

Pinter

5.

Palaku anu ngabogaan watek henteu pikaresepeun (pieunteungeun), upamana cunihin,galak, deleka, hasud, panjang leungeun, jst, disebut palaku ....

a)

Protagonis

b)

Tritagonis

c)

Antagonis

d)

Utama

6.

Ajén atikan tina dongéng Situ Bagendit nya éta ....

a)

Jadi jalma kudu daék tulung-tinulungan ka tatangga, tur teu meunang ngabogaan sipat hawek tur korét

b)

Urang kudu daréhdéh narima tamu kalawan ihlas teu karana hayang dipuji atawa hayang meunang hadiah

c)

Urang ulah nyieun tindakan saméméh apal kana kondisi jeung situas kajadianana

d)

Hirup ulah jadi jalma sombong lantaran bakal cilaka ku kasombonganana sorangan

7.

Dongeng anu raket patalina jeung tokoh sajarah atawa pahlawan, saperti Dongeng Prabu

Siliwangi, Kéan Santang,  jsté , disebut ....

a)
  1. Legenda

b)

Sagé

c)

Fabel

d)

Mite

8.

Meunang sajongjonan mah éta patani melong ka oray sanca nu geus paéh téa. Sanggeus leler tina kagétna, éta patani kakara eungeuh yén Si Loréng geus bener-bener nandonkeun nyawana, gelut jeung oray sanca nu sakitu gedéna pikeun nyalametkeun anak patani  nu  aya dina ayunan.  Si patani kacida handeueulna, hanjelu lantaran nyalahan.  Goréng sangka ka Si Loréng.  Akibat salah sangka, bet nyalahan nyieun kaputusan, nepi ka Si Loréng maung nu dipikadeudeuhna, tur nu geus buméla nandonkeun nyawana, kalah dipaéhan.

      Ungkara dongéng di luhur bagian tina carita dongéng sasakala ....

a)

Situ Bagendit

b)

Maung jeung Oray

c)

Patani jeung Anakna  

d)

Désa Panyalahan

9.

Latar   suasana   nu  aya dina dongéng  Asal-Usul Désa Panyalahan nya éta rasa ...

a)

Hanjakal

b)

Hariwang

c)

Bungah  

d)

Sedih

10.

Dongéng anu eusina pikalucueun atawa pikaseurieun.  Contona : Si Kabayan ngala tutut, Si Kabayan maling lahang, Si Kabayan ngala roay, Si Kabayan dicukur, jsté.

kasebut kaasup kana jenis dongéng ….

a)

Mite

b)

Fabel   

c)

Parabel

d)

Legénda

11.

Lir ombak nu ngagalura. Jero dada

ngagedur puja-puji.  Kabungah

awor na aweuhan nu parat satungtung jagat

Allohu Akbar`! Allohu Akbar ! Allohu Akbar !

langit peuting hibar. Ti masjid

ka masjid. Bruy-bray cahaya

mapag poé pangbalikan

blung-blang jalan ka sawarga

Latar  tempat dina sajak di luhur nya éta ....

a)

Laut

b)

Imah  

c)

Sawarga

d)

Masjid

12.

Lebah pager imahna manéhna ngarandeg heula

Uteukna nyarita mépés kanyeri nu baris tumiba

“Ema, kuring untung bisa mulang, sedeng mitra réa nu palastra

di hiji taneuh nu direbut ditebus getih !”.

Panto hareup ngarékét aya nu muka

Hiji wanoja geus aya umuran

Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng

Cimata indung  maseuhan buuk anakna

Eusi sajak di luhur  nyaritakeun ......

a)

Hiji indung ngoceak lantaran anakna kacilakaan

b)

Hiji tentara nu balik ti pangperangan

c)

Kasedih indung lantaran pager imahna diruksak ku budakna

d)

Balikna hiji budak nu salamet tina kacilakaan tabrakan

13.

Ilo sajak di handap !

ANAKING

Dina sorot panonna aya talaga

nu ngagenclang. Meruhkeun amarah

mantengkeun kadeudeuh

jeung katineung nu langgeng

Dina léngkahna aya udagan

nu manjangkeun harepan. Mapalérkeun kasusah

mayakpak kanyaah

jeung wangwangan nu éndah

Dina lampahna aya kamelang

nyangkaruk na lelembutan

     Jejer pedaran sajak karangan Éddy D. Iskandar di luhur ngeunaan ....

a)
  1. Babaktina hiji budak

b)

Kanyaah indung

c)

Etika jeung sopan-santun

d)

Kahirupan rumah tangga

14.

Di juru taman sisi kalér

Aya pot anu ngagolér

Deudeuh, kembangna katokér

Bongan piket tamolér

Taman leutik iuh-iuh daun camara,

Héjo lembok amparan jukut nu rata

                  Téma tina cuplikan sajak di luhur nya éta ….

a)

Agama

b)

Atikan 

c)

Kaéndahan taman 

d)

Pahlawan

15.

Tutas sarapan saaya-aya

Ngaboséh mapay urat-urat kota

Demi sahuapeun, sakopeun

Panas morérét, hujan ngagebrét

Jalan lecir jalan garicul

Disorang dipaju 

Palaku utama dina sajak di luhur nya éta ….

a)

Tukang béca 

b)

Tukang nugar batu

c)

Supir

d)

Tukang ngaspal jalan

16.

Ilo sajak di handap !

           MAPAG PANÉN

Héjo konéng pasawahan

Geter haté singkayoan

Héjo konéng pasawahan

Imut hegar pakampungan

            Saung ranggon, bapa geura adegkeun

Tempat tunggu pibuateun

Kokoprak di tengah sawah

Jung hama sing jauh ingkah

Sajak Mapag Panén karangan Usép Romli HM di luhur nyaritakeun ....

a)
  1. Paré nu meujeuhna konéng ngan sok loba hama manuk piit

b)

Kaayaan hiji kampung nu di kuriling ku pasawahan

c)

Bapa tani keur anteng nyieun saung jeung kokoprak tina awi.

d)

Rasa bungah nu karasa dina nyanghareupan panén

17.

Neuteup karéta nu ngarayap pipir mumunggang

Ras ka diri nu ngarayap mapay jalan kahirupan

Nu tarahal tanding koral

Lalewang luhureun jungkrang

Rarisi mipir-mipir gawir pasir

Unsur rasa nu diébréhkeun dina eusi sajak di luhur, ngeunaan ....

a)

Simpati

b)

Hariwang

c)

Sedih

d)

Keuheul

18.

AKI JEUNG BALON                                                                       

Beurat teuing léngkah aki ngukur jalan

Kota Bandung geus biasa ku aki diléngkahan

Dibaturan ku sobat ngaran rancatan

Anu runtuy digantungan barang-barang kaulinan

       Téma tina sajak Aki jeung Balon nya éta ….

a)

Pacabakan (pagawéan)

b)

Atikan

c)

Agama

d)

Budaya

19.

Hiji dua léngkahna teuing ku  beurat

Aya haté milu lewang, paur umur bret pegat

Teuing di mana si aki tetep nya matuh

Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung

Ngan nu nyata kulitna asak kapoé

        Nada nu diébréhkeun ku pangarang dina sajak di luhur nya éta ….

a)

Mapatahan

b)

Sinis

c)

Nyungkun

d)

Nyaritakeun

20.

Ku asih Pangéran :                            

Kang Ésdi, ayeuna hujan geus turun deui

Caian solokan-solokan                             

Nyiram taneuh garing sawah urang        

Mun cai geus naék kana kotakan             

Kang, urang turun bebelokan                  

Ngayun pacul nyekel wuluku                   

Ngayun parang keur nampingan

Amanat dina sajak  Béja keur ka Esdi di luhur, nya éta ....

a)

Ngajak muji sukur ka Pangéran

b)

Waktuna panén paré di sawah

c)

Ngajak ngolah sawah

d)

Hujan geus mimiti turun

21.

Eling-éling dulur kabéh

Ibadah ulah campoléh

Beurang-peuting ulah weléh

Bisina kaburu paéh

       Ciri-ciri pupujian di luhur nya éta ….

a)

Diwangun ku 4 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8-10 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua

b)

Diwangun ku 4 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua

c)

Diwangun ku 2 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 10 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua

d)

Diwangun ku 2 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua

22.

Bismillah ucap ngawitan

Terasna ngumbah panangan

Kekemu di lebet baham

Ngingsreuk cai lalaunan

Ngumbah raray kalimana

Panangan banjur sing rata

Kénca sareng katuhuna

Semet siku nya watesna

Pupujian di luhur medar ngeunaan ....

a)

Rupa-rupa cai nu tiasa dianggo susuci

b)

Cara wudhu

c)

Lobana rokaat solat

d)

Muji jeung do’a ka Alloh

23.

Hayu urang saradia

Meungpeung keur hirup di dunya

Amal keur sampeureun téa

Di akhir moal sulaya       

 Pupujian di luhur eusina .....

a)

Naséhat

b)

Muji ka Alloh

c)

Solawat ka nabi

d)

Ajakan

24.

Sim kuring  rumaos ageung dosa, boh dosa alit boh dosa ageung, dosa ka sasama sareng utamina dosa ka Alloh. Ku kituna, kacida rugelna upami henteu dihapunten dosa-dosa abdi. Mugia Alloh ngahapunten kana dosa abdi sareng ibu rama abdi.

Ungkara di luhur ébréhan pupujian ….

a)

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah kaliwat

Tara ngalakukeun solat

b)

Solat éta minangkana

Dina agama tihangna

Jalma nu luput solatna

Mangka rubuh agaman

c)

Alloh abdi sanés ahli surga Firdaus

Nanging moal kiat di naraka Jahim

Mugi  Gusti  kersa ngahampura dosa

Sareng dosa Ibu-Rama jisim abdi

d)

Hayu urang saradia

Meungpeung keur hirup di dunya

Amal keur sampeureun téa

Di akhir moal sulaya

25.

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

Umur anjeun di dunya téh moal lila

Anak Adam umur anjeum téh ngurangan

Saban poé saban peuting dicontangan

Eusi pupujian di luhur kaasup kana ....

a)
  1. Solawat Nabi

b)

Do’a

c)

Pépéling

d)

Pangajaran

26.

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

Umur anjeun di dunya téh moal lila

Anak Adam umur anjeum téh ngurangan

Saban poé saban peuting dicontangan

Pupujian di luhur medar ngeunaan ....

a)

Hirup jeung kahirupan

b)

Kabagjaan

c)

Agama 

d)

Harta banda

27.

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

Umur anjeun di dunya téh moal lila

Anak Adam umur anjeum téh ngurangan

Saban poé saban peuting dicontangan

Amanat  tina eta pupujian, nya éta ….

a)

Hirup kudu ngalaksanakeun ibadah

b)

Sakabéh manusa bakal paéh

c)

Hirup manusa di dunia henteu lila

d)

Hirup kudu loba élmu

28.

Urang  kudu getol ibadah. Ngumpul-ngumpul amal kahadéan. Lantaran sakabéh jalma pasti maot. Sedengkeun nu bakal nyalametkeun di aherat engké nya éta hasil tina ibadah, nu mangrupa amal téa.  Di sagigireun éta urang kudu ninggalkeun dosa-dosa nu bakal ngaruksak kana hasil ibadah urang.

Amanat nu diébréhkeun di luhur gambaran tina pupujian ….

a)

  1. Alloh abdi sanés ahli surga Firdaus

  2. Nanging moal kiat di naraka Jahim

  3. Mugi  Gusti  kersa ngahampura dosa

  4. Sareng dosa Ibu-Rama jisim abdi

b)

Karasana keur sakarat

  1. Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah kaliwat

Tara ngalakukeun solat

c)
  1. Solat eta minangkana

Dina agama tihangna

Jalma nu luput solatna

Mangka rubuh agamana

d)
  1. Hayu urang saradia

Meungpeung keur hirup di dunya

Amal keur sampeureun tea

Di ahir moal sulaya

29.

Ulah sok solat di imah

Salagi aya masjid mah

Pribumi atawa sémah

Lamun teu aya udur mah

Eusi tina pupujian di luhur nya éta...

a)

Ngajak narima tamu

b)

Sangkan kudu natamu

c)

Ngajak solat berjamaah  

d)

Sangkan urang umajak ka sasama

30.

Kagét reuwas mata mencrong

Rénghap ranjug munggah bengong

Napas ngangseg na genggerong

Nu deukeut geus samar-samar

Upama ku urang dianalisis dumasar kana kaidah pupujian, nu salah tina pupujian di luhur nya éta ....

a)

Jumlah padalisan dina sa-pada-na

b)

Jumlah engang dina unggal padalisan

c)

Purwakanti dina sora panungtung padalisan

d)

Pupujian di luhur diwangun sa-pada

31.

Cara maca pupujian ku cara ......... saméméh solat atawa panyelang dina hiji kagiatan kaagamaan.

a)

Digalantangkeun

b)

Disajakkeun

c)

Didramakeun

d)

Dinadomkeun

32.

Lolobana sumebarna pupujian ku cara ....

a)

Lisan

b)

Tulisan

c)

Media massa

d)

Media elektronik

33.

Nurutkeun asal muasalna pupujian asalna tina sa’ir anu asalana tina sastra ….

a)

Cina

b)

Arab

c)

Iran

d)

Persia

34.

Jumlah engang dina unggal padalisan pupujian diwangun ku ….

a)

11 engang

b)

10 engang

c)

9 engang

d)

8 engang

35.

Sangkan nyaritakeun pangalaman ngaruntuy kalawan sistematis, kudu nyieun heula …

a)

Kacindekan

b)

Bubuka carita

c)

Panutup carita

d)

Rangkay karangan

36.

Di jalan   siswa-siswa galécok.  Beus  ngaliwatan  kota Ciamis, pamandangan kacida éndahna. Pasawahan upluk-aplak di kénca-katuhueun beus. Tatangkalan lalumpatan ka tukang  saliwat-saliwat.  Teu lila asup ka Kota Banjar.

Dina téks pangalaman lalampahan di luhur ngagunakeun gaya basa ....

a)

Litotés

b)

Personifikasi

c)

Lalandian

d)

Hiperbola

37.

Liburan kamari, di sakola kuring diayakeun karyawisata. Kelas VII ka Bandung, Kelas VIII ka Cianjur jeung Bogor, jeung Kelas IX ka Jogjakarta. Kuring kabagéan ka Bandung. Ongkosna henteu dipénta deui, lantaran unggal bulan sakur siswa ngayakeun tabungan husus pikeun karyawisata. Dina ieu kasempetan kuring rék nyaritakeun pangalaman karyawisata.

Ungkara di luhur kaasup kana bagian  ….

a)

Bubuka

b)

Eusi carita

c)

Panutup

d)

Tambahan carita

38.

Sakitu pangalaman kuring karyawisata ka Bandung. Muga-muga engké kelas dalapan atawa salapan kuring bisa milu deui. Kuring rék soson-soson nabung. Pasti bakal resep jeung nambahan pangalaman.

Ungkara   di luhur   kaaup  kana bagéan ….

a)

Bubuka

b)

Eusi carita

c)

Panutup

d)

Salam panutup

39.

Nu ngébréhkeun tahap persiapan rék balik kaunggel dina paragraf ….

a)

Kuring dianteur ka sakola ku lanceuk, lantaran poek kénéh. Miang téh  tabuh satengah genep, ti sakola. 

b)

Beus nu dicarter ka Bandung téh  aya salapan beus. Beus AC. Sabeusna pikeun sakelas siswa, ditambah ku guru pangapingna

c)

Tabuh satu beurang, sabada sabada solat di tukangeun museum, beus maju ka tujuan anu kadua nya éta  Gunung Tangkuban Parahu

d)

Tabuh lima soré, barudak geus karumpul deui dina beus. Sanggeus solat, beus ngadius balik deui ka sakola.

40.

Tabuh 19.00,  siswa kelas 8 pamilon karyawista geus kumpul di sakola

Tabuh 20.00, siswa geus aya dina beus masing-masing kalayan diaping ku wali kelas. Sabada diabsén tur dipungkas ku doa babarengan beus miang kalawan tujuan Jogjakarta.

Tabuh 24.00, beus istirahat di Purwokerto di Rumah Makan Tasik, sajam ti harita berangkat deui.

      Téhnik medar pangalanaman lalampahan di luhur dumasar kana runtuyaan ....

a)

Waktu

b)

Topik

c)

Jejer

d)

Ruang