NEW
Font size
WorksheetsPAT Bahasa Sunda kls 8
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebutna ...
guguritan
prosa
asmarandana
majas
Pupuh minangka dadasar guguritan teh aya dua nyaeta ....
kinanti jeung sinom
durma jeung mijil
sekar alit jeung sekar ageung
sinom jeung balabak
kumaha watekna pupuh kinanti
rasa gumbira
silih asih jeung nasihat
rasa ngambek jeung pasea
prihatin, harepan, nganti-nganti
durma kaasup kana pupuh ...
sekar alit
sekar ageung
rampak sekar
anggara sekar
dihandap aya ngaran pupuh mana nu kaasup kana pupuh sekar ageung ... .
mijil, asmarandana, sinom, dangdanggula
durma, asmarandana, kinanti
asmarandana, kinanti, maskumambang,
kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula
pek baca pupuh dihandap!
Negri urang katelahna Indonesia
diriksa tur dijaring
sumirat kamarana
berkahna pancasila
ageman eusing nagari
yu sauyunan
ngawangun lemah cai
pupuh diluhur disebutna pupuh ....
durma
kinanti
sinom
asmarandana
pek itung guru lagu jeung guru wilangan penggalan pupuh.
nagari urang katelahna Indonesia
guru lagu jeung guru wilangan dina penggalan pupuh nyaeta ..
12a
13a
7a
8a
pupuh pucung teh ngabogaan watek
rasa ambeuk
kabungah
rasa era
piwuruk
Baca pupuh dihandap!
Utama jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaeta .. .
9a,8i,7a,2i
12u,6a,8i,12a
12i,12u,8a,8u
12a,8i,6a,12u
Dina basa sunda khususna guguritan aya istilah "pada". naon hartina "pada" teh ...
baris
kecap
bait
kalimah
naon hartina guguritan?
nyusun pidato
nyusun karangan
nyusun kawih
nyusun pupuh
pupu anu patokanana 8a, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i nyaeta ...
balkabak
kinanti
jurudemung
durma
sora vokal dina unggal tungtung padalisan disebut ...
guru wilang
guru lagu
guru kecap
guru vokal
Baca pupuh ieu dihandap
Utamana jalma kudu rea batur,
Keur silih tulungan ,
Silih titipkeun nya diri,
Budi akal lantaran ti pada jalma
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur, nyaeta...
9a -8i -7a – 2i
12u – 6a – 8i -8u
12 i – 12u – 8a -8i
12 a – 8i – 6a – 12u
Puisi nu kauger ( terikat ) ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisa dina sapadana ( setiap bait ) disebut...
Sajak
Pupujian
Pupuh
Guguritan
Nu dimaksud guru lagu teh nyaeta...
Jumlah suku kata dina tiap padalisan
Karangan pondok wangun ugeran anu disusun dina wanda pupuh
Sora vokal ahir dina unggal padalisan/ baris
Ngahaleuangkeun ( menyanyikan ) guguritan
Anu henteu ka asup aturan nulis pupuh nyaeta...
jumlah larik tina hiji pada (bait)
jumlah engang (suku kata ) tina tiap padalisan ( larik)
sora guru lagu ( purwakanti ) dina tiap padalisan (larik)
gaya basa
GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”
Kieu rasana kaduhung
Rumasa salah di diri
Ayeuna kari erana
Indung bapa milu sedih
Batur mah ukur ngalimba
Tanggung jawab mah pribadi
Waktuna lain ngalengkur
Ayeuna kuduna singkil
Nyingkirkeun sifat leleda
Diajarna masing gasik
Ngarah aralus peunteunna
Ka indung bapa geus jangji
Dina unggal pada na aya sabaraha padalisan dina guguritan pupuh kinanti diluhur ….
2
6
8
12
1. Hiji jalma nu ngatur tur nyusun hiji acara sangkan kalayan lungsur-langsar, disebut …
Panyanggi
Pangjejer acara
Panyatur
Pamiarsa
2. Di handap ieu nu kaasup istilah nu sarua/sama jeung MC , iwal …
Panyatur
Moderator
Panata acara
Pangjejer acara
3. Jalma nu ngatur acara sawala atawa diskusi disebut …
Panyanggi
Panyatur
Pamiarsa
Moderator
4. Di handap ieu kaasup hal-hal anu kudu dimibanda ku pangjejer acara, iwal …
Ngagunakeun basa nu cohag
Apal anu baris dijejeran
Apal saha nu pangeusi acara
Apal kana situasi jeung kondisi
5. Dina waktu ngajejeran acara, salah sahiji pangeusi acara téh telat nyampé ka lokasi. Ari waktos téh geus nunjukkeun yén pangeusi acara éta kudu tampil. Doni salaku pangjejer acara tuluy ngulur waktu, Doni ngadakeun sési tanya-jawab. Ti sikap Doni nunjukkeun yén pangjejer acara kudu mibanda …
Ngagunakeun basa nu cohag
Apal anu baris dijejeran
Apal saha nu pangeusi acara
Apal kana situasi jeung kondisi
6. Hal-hal nu dilakukeun lamun jadi pangejejer acara, iwal …
Ngahaturanan
Nganuhunkeun
Nepikeun masalah
Mungkas acara
7. Pangjejer acara kudu némbongkeun/menunjukkan paripolah nu …
Ambek
Hegar
Sedih
Judes
8. Nu dimaksud “Ngahaturanan” dina basa Indonesia nyaéta …
Mempersilakan
Berterima kasih
Mengakhiri acara
Menyampaikan komentar
9. Urutan nu bener dina nyusun téks ngajejeran acara nyaéta …
Salam bubuka – salam panutup – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup
Salam panutup – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup – salam bubuka
Salam bubuka – paragrap panutup – paragrap eusi – paragrap bubuka – salam panutup
Salam bubuka – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup – salam panutup
11. Hal-hal nu aya dina paragrap bubuka di téks ngajejeran acara, iwal …
Runtuyan acara
Salam panutup
Ngawanohkeun acara
Ngawanohkeun pangjejer acara
12. Moderator sok disebut ogé …
Panata rias
Panata harta
Narasumber
Panumbu catur
13. Paragrap eusi dina struktur téks ngajejeran cara eusina nyaéta …
Salam
Solawat nabi
Susunan acara
Sanduk-sanduk/maaf jeung do’a
Hatur nuhun ka sadérék Rahma anu parantos ngaoskeun ayat suci al-Qur’an.
14. Kalimah di luhur kaasup conto … dina ngajejeran acara.
Ngahaturanan
Nganuhunkeun
Nepikeun komentar
Mungkas acara
"Biantara anu pamungkas nyaeta biantara ti wawakil kelas IX anu bade didugikeun ku saderek Marsya Armando. Ka saderek Marsya, sumangga dihaturanan!"
16. Kalimah dina tanda kutip kaasup conto kalimah ...
Ngahaturanan
Nganuhunkeun
Nepikeun komentar
Mungkas acara
19. Di handap ieu nu kaasup eusi dina paragrap panutup, iwal ...
Mungkasan acara
Menta hampura
Nuhunan ka nu hadir
Runtuyan acara singget
Pancen utama pangjejer acara, nyaeta...
Ngatur anu boga hajat sangkan tartib
Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar
Ngatur pamaen nu rek manggung
Ngatur pakean nu rek minton ( main)
Di handap ieu mangrupa bagian-bagian surat anu ngan ukur kapanggih dina surat resmi, nyaéta.....
Salam bubuka
Kop surat
Titimangsa
Identitas nu nulis
Di handap ieu anu kaasup kana surat pribadi...
Surat ti budak mere beja ka kolotna.
Surat panggero ti guru wali kelas ka murid-muridna sabab jarang datang ka sakola.
Surat ti kapala sakola nugaskeun putrana, nu jadi guru, milu latihan.
Surat ti budak ka wali kelas ménta idin.
Salam hormat, Dina raraga milangkala SMPN 5, simkuring ngahaja ngayakeun seminar anu témana “Prestasi Tanpa Narkoba”. Ku alatan éta, kami nyuhunkeun anjeun janten narasumber. Kagiatan bakal dilaksanakeun dina dinten, kaping: Salasa 18 Oktober 2016 waktos: 13.00 WIB Tempat : lapang upacara SMPN 5
[...]
Bagian panutup anu merenah pikeun ngalengkepan surat nyaeta...
Ku kituna inpormasi ieu dikintunkeun. Nuhun kana perhatosanana.
Kituna informasi ieu disampekeun. Hatur nuhun pikeun kahadiranna ka Anjeun.
Kukituna simkuring dugikeun ieu uleman. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Ku kituna ditepikeun pamundut ieu ku sim kuring sadayana. Hatur nuhun kana kaperhatosanana.
Basa anu digunakeun dina surat pribadi nyaeta...
baku
santai
formal
bebas
Di handap ieu nu lain ciri-ciri téks surat pribadi nyaéta...
aya kop surat
teu boga nomer surat
Paké basa non-formal atawa santai
tulisanna leuwih bébas tapi sopan
Anu lain conto surat pribadi nyaeta...
uleman ulang taun
ijin teu sakola
nawarkeun meuli jeung ngajual produk
lamaran padamelan
