wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Remedial Basa Sunda Kelas 7

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng téh nyaéta carita rékaan anu ngandung…

a)

Kanyataan

b)

Pamohalan

c)

Kajadian

d)

Lalakon

2.

Dongéng téh kaasup kana karya balaréa, lantaran…

a)

Kanyahoan nu ngarangna

b)

Teu kanyahoan nu ngarangna

c)

Sumebar sacara tinulis

d)

Sumebar sacara lisan

3.

Dongéng kaasup kana carita rayat, upama dina basa Inggris mah disebut…

a)

Folktale

b)

Folksong

c)

Folklore

d)

Folkative

4.

Tokoh dongéng nu disebut-sebut asli Sunda nyaéta…

a)

Si Boséték

b)

Si Salhiam

c)

Si Lamsijan

d)

Si Kabayan

5.

Nu kaasup kana unsur dongéng nyaéta…

a)

Palaku, latar, galur

b)

Palaku, eusi, galur

c)

Bubuka, palaku, galur

d)

Bubuka, palaku, amanat

6.

Tina cutatan paragraf dongéng di luhur, hal naon nu jadi pigeunjleungeun masarakat tina diri putri Ki Pandita…

a)

Putri Ki Pandita téh sakti tur masih kénéh aya dina kaayaan suci

b)

Putri Ki Pandita téh sakti ogé aya dina kaayaan geus teu suci

c)

Putri Ki Pandita téh sakti dibantuan ku lelembutan

d)

Putri Ki pandita teu sakti

7.

Tina cutatan paragraf dongéng di luhur, dimana pernahna gunung geulis téh…

a)

Di wewengkon Desa Cipelah, Kec. Rancabali, Kab. Bandung

b)

Di wewengkon Desa Ciwalini, Kec. Rancabali, Kab Bandung

c)

Di wewengkon Desa Geulis, Kec. Rancabali, Kab. Bandung

d)

Di wewengkon Desa Cianjur, Kec. Rancabali, Kab. Bandung 

8.

Tina cutatan paragraf dongéng di luhur, naon akibat tina Nyi Mojang ngalanggar amanat Ki Pandita téh…

a)

Nyi Mojang jadi kakandungan

b)

Nyi Mojang jadi teu bisa lempang

c)

Nyi Mojang jadi nini-nini

d)

Nyi Mojang jadi awéwé sakti

9.

Anu kaasup kana dongéng sasatoan nyaéta..

a)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet 

b)

Sasakala Maung Panjalu

c)

Cikaracak Ninggang Batu Laun-Laun Jadi Legok

d)

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar 

10.

Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Purwakarta nyaéta…

a)

Sasakala Gunung Guntur

b)

Sasakala Kalapa Genep

c)

Sasakala Leuwi Ronggeng

d)

Sasakala Rancadarah

11.

                                    Aki jeung Balon
                          Karya: Ami Raksanagara
Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun
Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki
Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Nu jadi jejer dina sajak di luhur nyaéta…

a)

Sosial

b)

Kaéndahan alam

c)

Kapahlawanan

d)

Lingkungan hirup

12.

Aki jeung Balon

Karya: Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan

Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan

Dibaturan sobat ngaran rancatan

Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun

Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun

Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki

Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Jumlah padalisan dina cutatan pada sajak di luhur nyaéta…

a)

Lima

b)

Dua

c)

Opat

d)

Tilu

13.

Sajak “Aki jeung Balon” téh ngahudang rasa…

a)

Sumanget

b)

Prihatin

c)

Gumbira

d)

Sedih

14.

Aki jeung Balon

Karya: Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan

Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan

Dibaturan sobat ngaran rancatan

Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun

Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun

Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki

Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Barang-barang kaulinan barudak nu disebutkeun tina cutatan sajak di luhur nyaéta

a)

Kakapalan, kukudaan, tarompét

b)

Kakapalan, béklen, kukudaan

c)

Kakapalan, balon, kukudaan

d)

Kakapalan, kokolécéran, kukudaan 

15.

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
Purwakanti dina tungtung padalisan sajak di luhur nyaéta...

a)

*-a

b)

*-an

c)

*-nan

d)

*-han

16.

Sajak munggaran basa Sunda di tulis ku…

a)

Kis WS taun 1946

b)

Kis WS taun 1945

c)

Yus Rusamsi taun 1946

d)

Yus Rusamsi taun 1945

17.

Upama nilik kana wangunna, sajak téh kaasup kana...

a)

Puisi/ugeran

b)

Prosa/lancaran

c)

Éséy

d)

Drama

18.

Naon baé nu jadi ugeran dina sajak…

a)

Jejer, diksi, purwakanti

b)

Jejer, diksi, wirahma

c)

Diksi, wirahma, purwakanti

d)

Diksi, wiraga, purwakanti

19.

Pangarang sajak “Tanah Sunda” nyaéta…

a)

Ajip Rosidi

b)

Etty RS

c)

Yus Rusamsi

d)

Godi Suwarna

20.

Nu kaasup kana buku kumpulan sajak nyaéta…

a)

Lalaki di Tegal Pati karya Sajudi

b)

Dosa karya Etty RS

c)

Tanah Sunda karya Ajip Rosidi

d)

Aki jeung Balon karya Ami Raksanagara

21.

Pupujian téh nyaéta puisi buhun nu nyoko kana…

a)

kaélmuan

b)

pagawéan

c)

Ajaran agama islam

d)

Kahadéan

22.

Fungsi éksprési dina pupujian maksudna nyaéta…

a)

pikeun ngébréhkeun kereteg ati pangarangna

b)

pikeun ngébréhkeun kakeheul pangarangna

c)

pikeun ngébréhkeun kabagjaan pangarangna

d)

pikeun ngébréhleun kasedih pangarangna

23.

Fungsi sosial dina pupujian maksudna nyaéta…

a)

Pikeun méré gambaran ka balaréa

b)

Pikeun méré sumanget ka balaréa

c)

Pikeun méré pangajaran atawa mépélingan ka balaréa

d)

Pikeun méré kabagjaan ka balaréa

24.

Nu kaasup kana golongan dina pupujian nyaéta…

a)

Do’a balaréa

b)

Do’a jeung Tobat ka Pangéran

c)

Ajaran Paélmuan

d)

Ajaran Kahadéan

25.

Dimana ilaharna pupujian dihaleuangkeun téh…

a)

Masjid jeung Pasantrén

b)

Masjid jeung sakola

c)

Masjid jeung dina sawala

d)

Masjid jeung acara nikahan

26.

Ari di masjid, pupujian téh dihaleungkeunana iraha…

a)

sabot nungguan pangajian

b)

bérés pangajian

c)

sanggeus waktu solat

d)

saméméh manjing kana waktu solat

27.

Ari di madrasah, pupujian téh dihaleungkeunana iraha…

a)

sabot nungguan pangajian

b)

bérés pangajian

c)

sanggeus waktu solat

d)

saméméh manjing kana waktu solat

28.

Ya Alloh nu sipat rohman
Ni’matna ngawalatraan
Sadayana kabagéan
Ka nu kapir ka nu iman
Disawang tina eusina, pupujian di luhur kaasup kana golongan…

a)

Solawat ka Kanjeng Nabi

b)

Do’a jeung Tobat ka Pangéran

c)

Pépéling

d)

Muji ka gusti Alloh

29.

Mugi Gusti ngahampura
Kana Dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu-rama
Dulur muslimat-muslimin
Disawang tina eusina, pupujian di luhur kaasup kana golongan…

a)

Solawat ka Kanjeng Nabi

b)

Do’a jeung Tobat ka Pangéran

c)

Pépéling

d)

Muji ka gusti Alloh

30.

Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Disawang tina eusina, pupujian di luhur kaasup kana golongan…

a)

Solawat ka Kanjeng Nabi

b)

Do’a jeung Tobat ka Pangéran

c)

Pépéling

d)

Muji ka gusti Alloh

31.

Aksara ngalagena /sa/ upama ditambahan rarangkén pangwisad, sorana jadi....

a)

So

b)

Sah

c)

Sar

d)

Sla

32.

Kalimah di luhur, dibaca…

a)

Amis daging

b)

Amis cau

c)

Amis pisan

d)

Amis budi 

33.

Aya sabaraha jumlah rarangkén dina aksara Sunda....

a)

11

b)

12

c)

13

d)

14

34.

Tanda pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara Sunda disebut….

a)

Pamaéh

b)

Pamingkal

c)

Panyakra

d)

Pangwisad

35.

Rarangkén anu nyampak dina éta aksara nyaéta....

a)

Panyakra

b)

Paneuleung

c)

Panghulu

d)

Panolong

36.

Jumlah aksara swara dina aksara Sunda nyaéta....

a)

Opat

b)

Lima

c)

Genep 

d)

Tujuh

37.

Lamun rék nulis angka dina aksara Sunda, kudu diapit ku....

a)

Dua gurat condong

b)

kekenteng

c)

Dua gurat ajeg (lempeng)

d)

Kurawal

38.

ieu aksara dibacana…

a)

Pa

b)

Ba

c)

Va

d)

Fa

39.

Aksara swara aya tujuh rupa, naon waé anu wangunna mirip....

a)

a, e, eu

b)

a, o, u

c)

a, é, o

d)

a, é, eu

40.

Tarjamahkeun kalimah aksara Sunda ieu di handap.

a)

Barudak ulah balangor nya

b)

Barudak ulah arindit nya 

c)

Barudak ulah waka jajan nya 

d)

Barudak ulah ka sakola nya 

41.

Paguneman téh dilakukeun ku…

a)

Sorangan bari bedas

b)

Duaan tapi nu ngomongna saurang

c)

Duaan atawa leuwih bari silitémpas

d)

Sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur

42.

Anu kaasup paguneman téh nyaéta…

a)

Dialog

b)

Epilog

c)

Monolog

d)

Prolog

43.

Jejer dina paguneman téh…

a)

Diatur ku nu nyarita

b)

Diatur ku nu diajak nyarita

c)

Bisa naon baé

d)

Teu bisa sambarangan

44.

Paguneman dilaksanakeun …

a)

Dimana baé

b)

Di jero kelas

c)

Monolog

d)

Prolog

45.

Hal nu teu pantes nalika urang keur paguneman nyaéta…

a)

Nyarita dibarung ku pasemon nu marahmay

b)

Nyarita dibareng ku rengkuh nu merenah

c)

Nyarita dibarung ku lentong anu merenah

d)

Nyarita dibarung ku lajag-léjég jeung poporongos

46.

Pék ilo sing gemet paguneman di handap, pikeun ngajawab soal nomer 46, 47, jeung 48!

Basa Sunda mah Teu Hésé
Putri, Aska, Dani, jeung Roni dariuk di tepas imah Putri. Maranéhna kakara réngsé migawé pancén kelompok pangajaran basa Sunda. Terus ngarobrol ngeunaan basa Sunda.
Putri : “Basa Sunda téh hésé nya?”
Dani : “Ceuk saha hésé?”
Roni : “Loba nu nyarita kitu téh. Malah loba anu boga pamadegan lamun nyarita ku basa Sunda téh sok sieun salah. Anu matak cenah, enggeus wé nyaritana ngagunakeun basa Indonésia.”
Aska : “Ari ceuk Aska mah, asa teu hésé, biasa wé. Geuning ayeuna gé urang nyarita téh apan ku basa Sunda. Tadi ogé apan nyawalakeun pangajaran basa Sunda, ngagunakeun basa Sunda.”

Saha nu nyebutkeun yén saenyana basa Sunda teu hésé téh…

a)

Putri 

b)

Roni 

c)

Aska

d)

Dani

47.

Pék ilo sing gemet paguneman di handap, pikeun ngajawab soal nomer 46, 47, jeung 48!

Basa Sunda mah Teu Hésé

Putri, Aska, Dani, jeung Roni dariuk di tepas imah Putri. Maranéhna kakara réngsé migawé pancén kelompok pangajaran basa Sunda. Terus ngarobrol ngeunaan basa Sunda.

Putri : “Basa Sunda téh hésé nya?”

Dani : “Ceuk saha hésé?”

Roni : “Loba nu nyarita kitu téh. Malah loba anu boga pamadegan lamun nyarita ku basa Sunda téh sok sieun salah. Anu matak cenah, enggeus wé nyaritana ngagunakeun basa Indonésia.”

Aska : “Ari ceuk Aska mah, asa teu hésé, biasa wé. Geuning ayeuna gé urang nyarita téh apan ku basa Sunda. Tadi ogé apan nyawalakeun pangajaran basa Sunda, ngagunakeun basa Sunda.”

Saha nu nyebutkeun yén basa Sunda hésé téh…

a)

Putri

b)

Roni 

c)

Aska

d)

Dani

48.

Ragam basa naon nu digunakeun dina paguneman di luhur téh…

a)

Basa loma

b)

Basa hormat

c)

Basa kasar

d)

Basa lemes

49.

Basa hormat keur songaran tina kecap nyokot nyaéta…

a)

Cokot

b)

Ngabantun

c)

Nyandak 

d)

Mawa

50.

Basa hormat keur batur tina kecap indit nyaéta…

a)

Mios

b)

Ngajugjug

c)

Ngaleut

d)

Angkat