NEW
Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS 9
Total questions: 25
Worksheet time: 2hrs 5mins
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa riung mungpulung dina ieu acara kalawan dina kaayaan sehat walafiat ….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
Kalimah di luhur nya eta mangrupa conto ….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
1) Ngucapkeun salam
2) Nepikeun kasimpulan tina masalah nu dipedar
3) Ngucapkeun muji sukur ka Allah
4) Medar tema nu ditepikeun
5) Ngahaturkeun nuhun ka nu tos sumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal ...
Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun
Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun
Tagog/penampilan kudu gaya
Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara
1) Biantara Impromtu
2) Biantara manuskrip
3) Biantara memoriter
4) Biantara ekstemporan
5) Biantara Pangarahan
6) Biantara Laporan
nu kaasup kana jenis biantara dumasar kana persiapanana, ditujukeun dina nomor …...
1, 3, 5, 6
1, 2, 3, 4
3, 4, 5, 6
kabehanna bener
Sawatara hal di handap ieu nyaeta tujuan biantara, iwal ...
pikeun méré informasi atawa pamahaman ka batur
pikeun mangaruhan batur sangkan daék milu kana maksud anu nepikeun biantara
pikeun ngayakinkeun batur ngeunaan hiji perkara atawa pasualan
pikeun nembongkeun kakuasaan nu biantara
Bedana biantara jeung khutbah nyaeta....
tehnikna
padikana
strukturna
temana
Pa Presiden biantara na sok ngagunakeun naskah. Hal eta dilantarankeun biantarana paranjang.
Disebut naon metode anu digunakeun ku presiden teh...
Impromtu
Ekstemporan
Memoriter
Manuskrip
dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara dina rapat DPR
biantara sukuran boga imah anyar
biantara dina upacara
dina nyusun teks biantara eusina kudu munel,naon hartina kecap munel teh...
loba mangfaat jeung loba pulungeunana
strukturna kudu bener
merhatikeun kaedah-kaedah biantara
dumasar kana struktur biantara
Ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun .....
Ucapan hatur nuhun
Muji sukur ka gusti Allah SWT
Ucapan du'a
Salam pangwilujeungan
Perhatikeun 6 unsur biantara di handap ieu!
1) Salam bubuka
2) Bubuka Biantara
3) Panutup Biantara
4) Pangbagéa
5) Eusi Biantara
6) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
1-2-5-3-6-4
2-5-3-1-6-4
2-3-5-1-6-4
1-4-2-5-3-6
Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..
Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir
Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun
Urang tampil sangakan ka puji ku batur
Urang moal salah macakeun teks biantara
…….
Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto bagian…..
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
harepan biantara
1) biantara bubuka
2) biantara pengarahan/pituduh
3) biantara sambutan
4) biantara peresmian
5) biantara laporan
6) biantara pertanggung jawaban
Sawatara hal di luhur nya eta mangrupa ……...biantara.
Jenis Biantara
Fungsi Biantara
Tujuan Biantara
Wangenan Biantara
Biantara ngagunakeun naskah atawa maca naskah. Ku lantaran dijieun heula naskahna, tangtu waé pikeun ngurangan kasalahan. Biantara ieu leuwih ngéntép seureuh tur jéntré eusina. Ngan sakapeung mah sok bosen, lantaran nu biantara sok bari maca naskah. Ieu teknik disebut ...
Memoriter
Ekstemporan
Manuskrip
Impromtu
Fungsi biantara anu miboga tujuan pikeun mangaruhan nu ngadangu, disebut ...
Informatif
Persuasif
Rekreatif
Insentif
Teknik biantara anu carana nyiapkeun gurat badag picaritaeun atawa nyatet point anu pentingna wungkul disebut teknik ...
Manuskrip
Memoriter
Ekstemporan
Impromtu
Anu katelah salaku orator ulung nyaeta ...
Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula disebut ....
Metode talaran
Metode maca naskah
Metode catetan ringkes
Metode dadakan
Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...
Konversasi
Religius
Didaktik
Agiator
Biantara ilaharna ngagunakeun ....., sabab ngajénan hadirin anu ngabandungan biantara.
Basa Kasar
Basa Wewengkon
Basa Loma
Basa Lemes
Dinten ieu urang sadaya mieling dinten kamerdekaan bangsa Indonesia, ku kituna sim kuring dina denget ayeuna hoyong ngemutkeun urang sadaya kanggo ngeusi ieu kamerdekaan ku hal-hal anu positif. Urang kedah ngajenan pangurbanan para pahlawan anu tos gugur. Aranjeuna bajoang ngamerdekakeun bangsa urang teh tug dugi ka maotna.
Urang salaku generasi penerus ngagaduhan tanggung jawab kanggo neraskeun tur ngajaga kamerdekaan ieu kalayan pinuh sumanget. Hayu urang tingkatkeun sumanget urang, prestasi urang, oge gotong royong urang supados bangsa urang tambah maju.
Mana informasi anu bener tina teks biantara di luhur?
urang kudu ngantepkeun kamerdekaan
urang gaduh tanggung jawab kanggo neraskeun kamerdekaan
gotong royong teh lain kawajiban urang
biantara di luhur ngeunaan poe Kebangkitan Nasional
Lamun urang biantara dina waktu isuk-isuk kudu ngucapkeun salam...
wilujeng sonten
wilujeng siang
wilujeng wengi
wilujeng enjing
