wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Formatif Carita Babad Kelas X

Total questions: 25

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Babad téh asal kecapna tina basa ...

a)

Sunda

b)

Jawa

c)

Madura

d)

Melayu

e)

Betawi

2.

Kecap babad téh hartina sarua jeung ...

a)

Nuar tangkal

b)

Carita anyar

c)

Muka kahirupan

d)

Muka carita

e)

Muka lawang

3.

Carita babad téh sarua jeung dongéng jenis ...

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sagé

d)

Sasakala

e)

Légénda

4.

Carita babad téh kaasup kana dongéng lantaran ...

a)

Ngandung unsur fiksi

b)

Ngandung unsur pamohalan

c)

Ngandung unsur imajinatif

d)

Ngandung unsur non fiksi

e)

Ngandung unsur rékaan

5.

Naon anu dimaksud pamohalan téh?

a)

Henteu kaharti ku haté

b)

Kaharti ku akal

c)

Asup akal

d)

Henteu kaharti ku akal

e)

Kaharti ku haté

6.

Naon anu dimaksud ku carita babad?

a)

Dongeng ngeunaan kahirupan sato

b)

Carita anu ngandung unsur sejarah

c)

Cerita fiksi ilmiah

d)

Dongeng tentang asal-usul alam semesta

e)

Carita ngeunaan perjalanan jauh

7.

Naon bédana carita babad jeung dongeng biasa?

a)

Carita babad leuwih panjang tibatan dongeng biasa

b)

Carita babad ngandung unsur sejarah, sedengkeun dongeng biasa mah henteu

c)

Carita babad sok ditulis dina wangun puisi, sedengkeun dongeng biasa mah henteu

d)

Carita babad ngan ukur aya di wewengkon Sunda, sedengkeun dongeng biasa mah aya di mana-mana

8.

Naon bédana antara babad jeung sajarah?

a)

Babad leuwih fiktif, sedengkeun sajarah leuwih faktual

b)

Babad leuwih panjang, sedengkeun sajarah leuwih singkat

c)

Babad ngan ukur ngeunaan raja, sedengkeun sajarah ngeunaan kahirupan umum

d)

Babad ditulis dina basa Sunda, sedengkeun sajarah ditulis dina basa Indonesia

e)

Euweuh bédana

9.

Jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana.

Anu jadi latar waktu dina cutatan carita babad di luhur nya éta …

a)

Jaman baheula

b)


Prabu Siliwangi

c)


Kagagahanna

d)


Karajaan Pajajaran

e)

Kongas

10.

Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.

Anu nuduhkeun latar tempat dina cutatan carita babad di luhur nya éta …

a)

Hiji Poé – moro

b)

Moro – panon poé manceran

c)

Hiji poé – panon poé manceran

d)

Sato héwan siga tilem

e)

Turun unggah gunung

11.

Baca jeung tengetan!

(1) Nyatet gagasan utama.

(2) Maca deui kotrétan ringkesan bari dibebener deui upama aya kasalahan.

(3) Nuliskeun deui carita babad.

(4) Maca naskah asli carita babad.

Lengkah-lengkah nyieun ringkesan carita babad anu paling bener nyaéta....

a)


(1)-(2)-(3)-(4)

b)

(4)-(1)-(3)-(2)

c)

(4)-(1)-(2)-(3)

d)

(2)-(3)-(1)-(4)

e)

(1)-(3)-(4)-(2)

12.

Ieu di handap mangrupa conto-conto unsur pamohalan anu biasana osok aya dina carita babad, iwal ti...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

c)

manusa bisa ngapung

d)

parahu bisa robah jadi gunung

e)

sasatoan bisa ngomong

13.

Pak Hasan téh anakna Pa Suhadma. Maliki anakna Pa Hasan.

Pa Suhadma disebutna …. ku Maliki

a)

Aki

b)

Uwa

c)

Bapa

d)

Mamang

e)

Uyut

14.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Soal: Saha ari Prabu Geusan Ulun téh?

a)

Raja Karajaan gedé

b)

Raja anu kaceluk ka awun-awun nu kakoncara ka janapria

c)

Raja anu mawa rahayatna ma’mur

d)

Raja Karajaan Sumedang Larang

e)

Raja anu adil wijaksana

15.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Ngaran Prabu Geusan Ulun téh ngandung ma’na ...

a)

Tempat jalma anu kasohor

b)

Tempat jalma anu ahli dina élmu santika (pangperangan)

c)

Tempat jalma anu bisa dipéntaan tulung

d)

Tempat jalma anu rahayatna ma’mur

e)

Tempat jalma anu gagah perkasa

16.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan

Saha putrana Guru Gantangan ...

a)

Sunan Corenda

b)

Ratu Pucuk Umum

c)

Ratu Nyi Mas Patuakan

d)

Prabu Siliwangi

e)

Prabu Geusan Ulun

17.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Walungan naon anu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan Sumedang Larang ...


a)

Cibéo

b)

Citanduy

c)

CIkahuripan

d)

Cipeles

e)

Cimuntur

18.

Baca sempalan babad ieu di handap!

Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.

Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....

a)

teu boga pamadegan

b)

daréhdéh

c)

wijaksana

d)

gedé hulu

e)

handap asor

19.

Baca sempalan carita babad ieu di handap!

Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.

Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....

a)


Prabu Siliwangi

b)

Gagak Lumayung

c)

Garantang Sétra

d)

Prabu Kian Santang

e)

Bagus Daka

20.

Carita babad acan bisa diaku sumber sajarah lantaran ...

a)

Ngandung fakta sajarah

b)

Ngandung unsur pamohalan

c)

Ditulis dina wangun karya ilmiah

d)

Puguh waktuna

21.

Baca sempalan carita babad di handap!

Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah. Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah. Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit. Pluk murag hareupeun Waliyullah. Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh. Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah.

Kalimat anu ngandung unsur pamohalan tina sempalan carita babad di luhur nyaéta ….

a)
Prabu Siliwangi henteu patepung jeung Waliyullah.
b)

Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit.

c)


Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah.

d)

Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah

22.

Baca sempalan babad ieu di handap!

(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng­-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna  perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.

Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

5

23.

Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut puseur sawangan. Puseur sawangan nyaeta ......

a)

Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita

b)

Cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu

c)

Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita

d)


Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi

24.

Carita wanda heubeul nu medar perkara hiji kajadian penting atawa ngeunaan asal – usul atawa carita ayana hiji tempat anu ngandung ajen sajarah jeung ngandung unsur dongeng disebutna ....

a)

Carita Pondok

b)

Novel

c)

Carita Babad

d)

Drama

25.

Struktur carita babad nyaéta ...

a)

Téma, amanat, gaya basa, galur, palaku, latar.

b)

Amanat, palaku, galur, purwakanti, puseur sawangan.

c)

Téma, amanat, palaku, latar, galur, puseur sawangan.

d)

Palaku, latar, galur, tema, amanat, puseur sawangan, diksi.