WorksheetsPTS SUNDA XI (BIOGRAFI)
Total questions: 20
Worksheet time: 30mins
Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna .....
geografi
monografi
biografi
leksikografi
paleografi
Tokoh seniman Sunda nu ngawihkeun lagu "Kabogoh Jauh" nyaeta...
Yayan Jatnika
Darso
Sule
doel sumbang
Di handap ieu nu kaasup kana unsur biografi nyaeta..
Identitas babaturan tokoh
pikiran atawa gagasan
Barang-barang mewah tokoh
dokumen sajarah
Hasil karya nu nyata dipidangkeun ku ieu tokoh nyaeta...
Kawih
kakawihan
Seni wayang
Seni teater
Tokoh wanoja Sunda nu miboga gagasan jeung pikiran ngeunaan Wanoja teh kudu bisa nulis jeung maca ngarah teu bisa dibobodo ku nu pinter, ngaran ieu tokoh nyaeta...
RA Kartini
Raden Dewi Sartika
Ibu Inggit Garnasih
Raden Ayu Lasminingrat
Salah sahiji mangpaat ayana biografi nyaeta...
Bisa mikanyaho harta banda tokoh
Diajar kana pangalaman hirup tokoh
bagian tina tanda jasa
Maham kana kajadian tina perspektif nu sarua
Godi Suwarna
Salah sahiji pangarang Sunda nu karyana euyeub pisan, gumelarna di Tasikmalaya ping 23 Mei 1965. Ayeuna matuh di Ciamis. Mimiti daria ngarang sajak jeung carpon dina basa Sunda ti mimiti taun 1967 nalika masih keneh jadi mahasiswa di IKIP Bandung tug nepi ka kiwari. Salian éta anjeuna téh salaku pangarang novel, fiksimini sarta karya-karya laina.
Buku kumpulan sajakna nu geus medal diantarana nyaéta Jagat Alit (1979), Surat-surat Kaliwat (1982), Blues Kere Lauk (1992), jeung sajak Dongeng Si Ujang (1998). Sajak-sajakna oge aya nu dikumpulkeun dina Antologi Puisi Sunda Mutakhir bareng jeung karya-karya Eddy D. Iskandar, Yoseph Iskandar jeung rea-rea deui.
Sempalan diluhur téh ka asup kana....
Autobiografi
Biografi
Biodata
Otobiografi
Pangalaman
bedana biografi jeung otobiografi téh nyaéta.....
otobiografi mah lalakon hirup nu ditulis ku batur, biografi mah lalakon hirup nu ditulis ku sorangan.
Otobiografi téh lalakon prestasi, ari biografi mah lalakon hirup
Otobiografi téh carita lalakon hirup dina wangun lancaran, ari biografi mah dina wangun ugeran
Otobiografi karangan riwayat hirup anu ditulis ku sorangan, biografi mah ditulis ku batur
a. Otobiografi téh lalakon hirup jalma anu geus maot, biografi mah lalakon hirup jalma anu hirup kénéh.
Biografi biasana ditulis dina wangun…
Eksplanasi
Deskripsi
Argumentasi
Narasi
Eksposisi
Anu teu kasup kana unsur-unsur biografi nyaéta...
Bentuk fisik jeung pasipatanana
Gaji poko unggal bulam
Kalahiran jeung asal-usul kaluarga
Ngaran lalandian atawa jujuluk
Préstasi jeung pangajén anu pernah katarima
Doel Sumbang
Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Badung téh kaasup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.
Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola di SMA BPI Bandung jeung SMA Ma’arif Bandung. Hasil tina rékaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi ogé dipaké pikeun kapentingan sosial.
Anu dicaritakeun dina paragraf kadua dina wacana di luhur téh ngeunaan….
karir Doel Sumbang
sohorna Doel Sumbang
lagu-lagu Doel Sumbang
lahirna Doel Sumbang
sakolana Doel Sumbang
Biografi asalna tina kecap bio nu hartina......
Hirup
Maot
kolot
ngora
Ilmu
Biografi asalna tina kecap grafis nu hartina.......
Catatan Atawa tulisan
Sae
Gambar
garis
Pamandangan
Mana anu kaasup mangpaat biografi dina data di luhur …
1,2, jeung 3
1,2, jeung 4
1,3, jeung 4
3 jeung 4
2,3, jeung 4
Dina sempalan biografi di luhur, kaasup kana struktur biografi bagian ...
Oriéntasi (Bubuka)
Kajadian nu kawilang penting
Salam bubuka
Réoriéntasi
Oriéntasi jeung peristiwa
Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia. Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana. Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003. Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara. Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto. Pénsiun sarta balik deui ka Indonésia taun 2003.
Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun…
pangajén anu kungsi katarima
riwayat atikan
riwayat pakasaban/pagawean
lalandian atawa julukan
tempat ping gumelar
Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN), upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957),
Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.
Unsur biografi nu kapanggih tina téks di luhur nyaéta…
Riwayat atikan jeung pagawean
Dedeg jeung pasipatan
Karya, prestasi atawa hasil gawe
Cita – cita jeung pangharepan anu kahontal jeung nu can kahontal
Lalakon hirup nepi ka junun dina widangna
Anu gabédakeun antara karya tulis biografi jeung otobiografi téh nya éta …
Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana.
Riwayat pendidikan jeung pagawéanan
Béda nu nulisna
Tema jeung amanatna
Béda nu macana
Tengetan ungkara ieu di handap!
(1) ngaran, lalandian, atawa jujulukna, (2) riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana, (3) wangun fisik tokoh jeung pasipatanana, (4) riwayat pendidikan jeung pagawéanana, (5) pikiran atawa gagasanana, (6) karya atawa hasil gawé, (7) préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarimana.
Unsur-unsur diluhur kudu aya dina karya tulis nu disebut..
Béwara
BIantara
Wawacan
Biografi
Artikel
Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16
Séptémber 1960. Kang Miki téh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profésor widang basa Indonésia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung éséy ngeunaan budaya citak jeung modérnitas ogé ngeunaan kawijakan basa di Indonésia. Narjamahkeun sastra kontémporér Indonésia kaasup karya Séno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonésia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonésia keur siswa di Jepang.
Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina…
tepang taun
milangkala
lahir
maot
palastra
