wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Paguneman

Total questions: 35

Worksheet time: 3hrs 33mins

Name
Class
Date
1.

Tata krama basa disebutna....

a)

Undak-usuk basa

b)

Undak usuk basi

c)

Undak usik basi

d)

Undak-undakan

2.

Seni macakeun atawa nembangkeun pupujian sok disebutna....

a)

Adzan

b)

Ngaji

c)

Nadhoman

d)

Ngaos

3.

éling-éling dulur kabéh

Ibadah ulah campoléh

Beurang peuting ulah weléh

bisina kaburu paéh

Dumasar kana pupujian di luhur, kaasup kana jenis pupujian....

a)

Muji ka Allah

b)

Tobat ka Gusti

c)

Pépéling

d)

Shalawat ka kanjeng Nabi

4.

Naon nu dimaksud "paguneman"?

a)

Percakapan

b)

Ngobrolkeun baatur

c)

Bercerita

d)

Ngadongeng

5.

Paguneman mangrupa komunikasi basa anu watekna...

a)

Silih hereuyan

b)

Silih témpas

c)

Langsung

d)

Jelas

6.

Paguneman dilakukeun ku....

a)

Saurang bari sorana tarik

b)

Saurang bari cumarita

c)

Duaan tapi nu ngomongna saurang

d)

Duaan atawa leuwih bari silih tempas

7.

Paguneman nu dilakukeun ku siswa ka guru ngagunakeun Ragam basa....

a)

Loma keur sorangan

b)

Lemes keur batur

c)

Lemes keur sorangan

d)

Loma

8.

Lamun urang keur ngobrol jeung batur aya sababaraha hal anu kudu dilakukeun, diantarana....

a)

Motong omongan batur

b)

Teu ngaregepkeun omongan batur

c)

Nyarita kalawan gancang

d)

Nyarita sing jentre tur sopan

9.

Keur ngobrolkeun naon paguneman nu dibaca ku hidep?

a)

Ngadiskusikeun tema tina sajak

b)

Ngadiskusikeun suasana nu kagambar dina sajak

c)

Ngadiskusikeun amanat nu tiasa dicangking dina sajak

d)

Ngadiskusikeun ngeunaan tokoh jeung watek tina tokoh

10.

Santo: "nepangkeun abdi Santo, kumaha damang?"

Dani: "......................"

Tina paguneman di luhur, pék ku hidep pilih jawaban anu paling merenah!

a)

Saé, pangesto

b)

Alhamdulillah, cageur

c)

Séhat

d)

Wilujeng

11.

Di handap ieu mangrupa tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaéta....

a)

Mun batur keur nyarita, urang kudu motong obrolan

b)

Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah

c)

Sora kudu haharewosan

d)

Teu kudu nyambung jeung jejer atawa topik nu keur diobrolekun

12.

Jalma nu nepikeun informasi Atawa nu nyarita disebutna....

a)

Panyatur

b)

Pamiarsa

c)

Pemain

d)

Palaku

13.

Nu diajak nyarita atawa nu ngaregepkeun caritaan, disebutna....

a)

Panyatur

b)

Pamiarsa

c)

Nu ngadongeng

d)

Interaksi

14.

Saupama urang ngobrol jeung babaturan sapantaran, biasana ngagunakeun ragam basa?

a)

Hormat ka batur

b)

Loma

c)

Kasar

d)

Hormat ka diri sorangan

15.

Anu kaasup kana paguneman téh nyaéta....

a)

Monolog

b)

Bubuka

c)

Dialog

d)

Panutup

16.

Di handap ieu nu kaasup kana unsur-unsur dina tatakrama paguneman....

a)

béntés atawa tarik launna sora atawa sok disebut oge lafal

b)

Sorana kudu lalaunan sangkan kadangu ku nu ngaregepkeun

c)

Ngobrol kudu merenah tapi kudu gegerenyeman

d)

Bahasana kudu saluyu jeung abjad ti A nepi ka Z

17.

Siswa: " ibu, dupi ibu kamari mulih tabuh sabaraha?"

Ibu Guru: "ibu mah wangsul tabuh 15.00 kamari mah bageur"

Paguneman di luhur ngagunakeun ragam basa....

a)

Hormat

b)

Loma

c)

Kasar

d)

Sedeng

18.

Mang Darso: "Nan, kadieu heula geura sakeudeung, urang ngopi bala-bala"

Danan: "ehhh gening sugan téh saha, meni pangling diharudung sarung mah"

Mang Darso: "puguh Nan, amang keur kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting tepi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di kutub Nan"

Naon eusi tina paguneman di luhur?

a)

Liburan ka kutub

b)

Ngopi bala-bala

c)

Hawa lembur anu tiis

d)

Mang Darso jeung Danan

19.

Fathir: "Bagi euy saeutik"

Deni: "euweuh, manéh mah punta-penta waé"

Basa nu dipaké dina paguneman di luhur kaasup ragam basa....

a)

Hormat keur sorangan

b)

Hormat keur batur

c)

Kasar sedeng

d)

Basa loma

20.

Bahasa lomana mulih, nyaéta....

a)

Balik

b)

Uih

c)

Wangsul

d)

Mulih

21.

Mugi gusti ngahampura

kana dosa jisim abdi

Sareng dosa ibu rama

Dulur muslimah muslimin

Tina padalisan ka tilu pupujian di luhur, sabara jumlah engangna....

a)

Lima

b)

Genep

c)

Tujuh

d)

Dalapan

22.

Pardu wudu aya genep sadayana

Hiji niat kadua ngumbah beungeutna

Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna

opat ngusap saeutik tina sirahna

Lima ngumbah suku dua jeung muncangna

genep tartib sing puguh runtuyanana

Sabara jumlah padalisan tina pupujian di luhur...

a)

Tilu

b)

Opat

c)

Lima

d)

Genep

23.

Suku kata sarua hartina jeung....

a)

Purwakanti

b)

Pada

c)

Padalisan

d)

Engang

24.

Jumlah baris dina unggal bait, disebutna....

a)

Purwakanati

b)

Engang

c)

Pada

d)

Padalisan

25.

Padeukeutna sora dina unggal kalimah disebutna purwakanti

a)

Bener

b)

Salah

26.

Nu dimaksud Bait sok disebut oge?

a)

Engang

b)

Pada

c)

Purwakanti

d)

Padalisan

27.

Pupujian biasana sumebar ngaliwatan....

a)

Lapangan

b)

Pure

c)

Gereja

d)

Pasantren

28.

Pupujian biasana eusina ngeunaan ajaran....

a)

Agama Protestan

b)

Agama Khatolik

c)

Agama Budha

d)

Agama Islam

29.

Pupujian asalna tina sastra Turki

a)

Bener

b)

Salah

30.

Pupujian Sumebarna ngaliwatan tatalepa atawa sok disebut ngaliwatan lisan

a)

Salah

b)

Bener

31.

Naon maksudna fungsi ekspresi dina pupujian teh........

a)

Pikeun Sisindiran

b)

Pikeun ngebrehkeun eusi hate pangarang

c)

pikeun ngungkapkeun kasedih

d)

pikeun mere nyaho ka sarerea

32.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat

Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Opat Padalisan

b)

Lima Padalisan

c)

Genep Padalisan

d)

Tujuh Padalisan

33.

Ari sarat wajib saum

Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat.

Sempalan kalimah di luhur kaasup kana?

a)

Carita Pondok

b)

Dongeng

c)

Sisindiran

d)

Pupujian

34.

Eling-eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang shalat
Berjamaah Magrib

Biasana pupujian di luhur sok ngingetin urang sangkan?

a)

Inget kana dosa

b)

Inget kana puasa

c)

Inget kana zakat

d)

Inget kana shalat

35.

Purwakanti atawa sasaruaan sora basa, biasana aya dina?

a)

Jero padalisan

b)

Awal Padalisan

c)

Tengah padalisan

d)

Akhir padalisan