NEW
Font size
WorksheetsLatihan Soal Tradisi jeung Drama
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...
Folklor
Budaya
Tradisi
Etika
Tatakrama
Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaéta….
Adat nu Nyiram
Adat Ngariksa nu Reuneuh
Adat Ngariksa nu Ngajuru
Adat Mulasara Bali
Adat Nyalin
Ieu tradisi teh sok aya dina adat kawinan, prak-prakanana nyaeta, Panganten sok di diukeun di luar, tuluy dipayungan, sabada eta aya juru kawih nu ngahaleuang, sabada juru kawih ngahaleuang tuluy sesepuh ti panganten ngawurkeun sabangsaning permen, duit kencring, suuk, jste ka para tatamu, ieu tradisi teh disebut….
siraman
sawer
huap lingkung
bantayan
pabetot-betot bakakak
Ieu tradisi teh so aya dina adat kawinan, prak-prakanana nyaeta, Panganten sok di diukeun di luar, tuluy dipayungan, sabada eta aya juru kawih nu ngahaleuang, sabada juru kawih ngahaleuang tuluy sesepuh ti panganten ngawurkeun sabangsaning permen, duit kencring, suuk, jste ka para tatamu, ieu tradisi teh disebut sawer kulantaran tempatna sok dina….
Panyaraman
Panyiraman
Panyaweran
Panyerewedan
Panglumpatan
Anu henteu kaasup karakter Pangimbuing Twah, nyaéta…
Emét
Imeut
Kandulan
Rajeun
Leukeun
Anu henteu kaasup karakter goréng opat paharaman, nyaéta…
Babarian
Humandeuar
Kukulutus
Langsitan
Pundungan
Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasa Pasanta (Panengtrem Hate), nyaéta…
Ramah
Hook
Cangcingan
Nyecep
Asih
Dina sistem kapamimpinan Sunda "Tri Tangtu di Bumi", Sang prabu kudu boga palasipah ngarurat batu , nyaéta…
Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem
Taat tur patuh dina ngajalankeun hokum, tanpa ayana rékayasa
Boga watek nengtremkeun dina kaadilan
Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh
Kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah
Dina sistem kapamimpinan Sunda "Tri Tangtu di Bumi", Sang Rama kudu boga palasipah ngarurat lemah , nyaéta…
Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem
Taat tur patuh dina ngajalankeun hokum, tanpa ayana rékayasa
Boga watek nengtremkeun dina kaadilan
Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh
Kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah
Barang anu henteu kaasup kana beulitan iket, nyaéta…
Barangbang semplak
Parékos nangka
Koncér/paitén
Kuda balap
Kolé nyangsang
Kampung adat anu pernahna di Desa Mekar Rahayu, Kecamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung, nyaeta disebut….
Kampung Kuta
Kampung Urug
Kampung Mahmud
Kampung Miduana
Kampung Naga
Ari tradisi teh patalina jeung adat kabiasaan anu turun tumurun dilakonan ku masarakat sarta diwariskeun ti generasi ka generasi, ieu di handap rupa-rupa jenis tradisi iwal….
Tradisi nu patali jeung siklus kahirupan
Tradisi dina wangun upacara adat
Tradisi nu patalina jeung kaagamaan
Tradisi nu patalina jeung adat mandiri hiji kelompok masarakat
Tradisi nu patali jeung peristiwa alam atawa kajadian penting
Ieu dihandap rupa-rupa tradisi nu kaasup kana wangun upacara adat, iwal…
Tradisi seren taun
Tradisi ngalaksa
Tradisi seba
Tradisi nyangku
Tradisi pacaduan
Ieu tradisi sok dilaksanakeun di daerah Kab. Sukabumi nyaeta di....
Rancakalong
Ciptagelar
Panjalu
Cirebon
Garut
Situs Megalitik Gunung Padang disebut-sebut ku para ahli Arkeologi mangrupa situs megalitik pangrohakana di….
Asia Tenggara
Jawa Barat
Indonesia
Eropah
Dunya
Aya tradisi nu dilaksanakeun di sabudeureun Gunung Padang nyaeta….
Tradisi Nyeka Banda
Tradisi Seren Taun
Tradisi ngalaksa
Tradisi seba
Tradisi nyangku
Kampung adat anu pernahna di Desa Balegede, Kecamatan Naringgul, Kabupaten Cianjur, nyaeta disebut...
Kampung Kuta
Kampung Urug
Kampung Mahmud
Kampung Miduana
Kampung Naga
Drama nu dialog atawa monologna sok dilagukeun disebutna
Gending Karesmen
Gending Suara
Gending Kacapi
Gending Lalakon
Gending Musik
Ieu di handap anu kaasup drama tradional iwal....
Monolog
Longser
Ubrug
Topeng banjet
Lenong
Carita drama téh nya éta karangan sastra winangun dialog. Maksud éta wangenan téh nya éta
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun obrolan di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun adegan di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun setting di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun galur di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun peta jeung réngkak di antara tokoh-tokohna
Cutatan di luhur nyaeta tina naskah drama nu judulna
Garong Pinter
Garong Calakan
Garong Nyetrik
Garong Jenius
Garong mikir
Ku lantaran ngébréhkeun paripolah palaku, nyaéta palaku téh sina langsung meta, boh lahir boh batinna, drama téh sok disebut sastra…
lakon
hirup
paéh
carita
pintonan
Pintonan téater anu paguneman atawa mintokeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna…
dialog
monolog
prolog
epilog
sosiolog
Pintonan drama anu pintonanan ngandelkeun gerak, ibing, lagu, music, jsté. Disebutna téater…
Lakon
Verbal
Tradisional
Non-verbal
Balaréa
Di Désa Bojong ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya hareupeunana. Hansip béak carita, mikir pangakalan sangkan bisa néwak éta garong. Cutatan di luhur nyaeta cutatan tina naskah drama "Garong Jenius", nu tokoh garongna teh nyaeta….
Asep jeung Ujang
Sanip jeung Juen
Ajen jeung Sanip
Ujang jeung Dadan
Ajen jeung Asep
