NEW
Font size
WorksheetsSoal PSAS Basa Sunda Kelas X TKR1
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Naon hartina ᮘᮛᮚ ?
Baraya
Naraya
Barata
Nyaraya
Barawa
Naon nu dimaksud carita babad?
Carita nu ngandung unsur pamohalan
Carita nu aya di tatar sunda
Carita nu ngandung unsur sajarah
Carita nu nyaritakeun asal muasal
Carita nu dicaritakeun deui sacara turun tumurun
Unsur nu teu asup akal sok disebut …
Unsur pamohalan
Unsur dongeng
Unsur carita babad
Unsur carita
Unsur dongeng babad
Rarangkèn nu bisa ngarobah sora /a/ jadi /è/ nyaèta...
Pamingkal
Panèlèng
Pamepet
Panyakra
Panglayar
Rarangkèn nu bisa ngarobah /a/ jadi /i/ nyaèta...
Panykra
Panghulu
Pangwisad
Pamaèh
Panyuku
"Hanjuang Beureum di Kutamaya" nyaèta sempalan tina babad Sumedang. Jejerna ngeunaan sajarah...
Lokal
Politik
Èkonomi
Hirupna ki sayang hawu
Ngadegna karajaan Pajajaran
Di handap nu kaasup kana conto unsur pamohalan nyaèta...
Hanjuang jadi tanda èlèh meunangna perang
Pasukan ngaso (istirahat) di leuweung
Jelema nyamar jadi aki-aki
Melak hanjuang di alun-alun
Sumedang diserang ku karajaan Cirebon
Pangèran girilaya tèh ngaran raja ti karajaan...
Cirebon
Tasik
Garut
Sumedang
Bandung
Pangèran Geusan Ulun tèh ngaran raja ti karajaan...
Sumedang
Cirebon
Tasikmalaya
Mataram
Tarumanagara
Dina carita hanjuang beureum di kutamaya, aya patih nu boga ajian weduk banyu. Ajian weduk banyu tèh nyaèta...
Ajian ki sayang hawu
Ajian nu mantak batur kataji
Ajian nu bisa meulah cai
Ajian nu bisa ngaleungit
Ajian nu bisa liput lir cai
Asal kecap carita babad nu hartina muka lahan anyar, asalna ti basa ...
Sunda
Kawi
Jawa
Sansakerta
Walanda
Di handap, nu teu kaasup kana cara nuliskeun carita babad tèh nyaèta...
Aksara sunda kuna
Arab gundul
Pègon
Puisi
Inggris
Inti pikiran atawa puseur implengan nu aya dina prosa fiksi disebut unsur carita babad...
Judul
Jejer
Amanat
Puseur sawangan
Palaku
Runtuyan kajadian nu ngawangun hiji carita, umumna diwangun ku sababaraha unsur nu salasahijina aya konfliks, nyaèta unsur...
Palaku
Latar
Jejer
Galur
Puseur sawangan
Mana nu kaasup kana unsur carita babad...
Palaku, jejer, judul
Amanat, konfliks, puseur sawangan
Manggalasastra, palaku, galur
Latar, pungkasan carita, galur
Galur, klimaks, palaku
Mana nu kaasup kana unsur galur dina carita...
Latar, manggalasastra, konfliks, klimaks, anti klimaks
Manggalasastra, konfliks, klimaks, anti klimaks, pungkasan carita
Manggalasastra, galur, palaku, konfliks, klimaks
Jejer, palaku, judul, galur, amanat
Amanat, galur, latar, klimaks, pungkasan carita
Nyoko kana waktu jeung tempat dina carita disebut unsur...
Galur
Jejer
Palaku
Latar
Amanat
Naon sababna babad bisa asup kana dongèng…
Sabab caritana asup akal
Sabab caritana aya nu henteu asup akal
Sabab dina caritana aya sajarah
Sabab dina caritana sok jadi kanyataan
Sabab caritana ngabogaan palaku
Kecap babad asalna tina basa jawa nu hartina…
Babaturan
Lahan heubeul
Muka lahan anyar
Babarian
Sajarah
Babad dina wangun prosa sok disebut…
Sajak
Puisi
Guguritan
Dongèng
Wawacan
Mana nu teu kaasup kana jenis dongèng?
Fabèl
Parabèl
Sasakala
Mite
Carpon
Di handap mana nu kaasup kana conto dongèng parabel...
Sasakala gunung tangkuban parahu
Sakadang monyèt jeung kuya
Carita Nyi Roro kidul
Si Kabayan ngala nangka
Kancil jeung gajah
Di handap mana nu kaasup kana conto dongèng fabèl...
Si kabayan ngala nangka
Si kabayan ngala tutut
Carita Nyi Roro Kidul
Sasakala situ bagendit
Gajah èlèh ku sireum
Di handap mana nu kaasup kana conto dongèng mite..
Carita Nyi Roro Kidul
Sasakala Gunung tangkuban parahu
Sasakala Talaga warna
Kuya ngala cabè
Sasakala uncal tandukan
Kecap "perlaya" sok aya dina carita babad (kecap has) nu hartina...
Hirup
Gering
Tilem
Maot
Nundutan
Palaku nu biasana miboga peran nu bageur dina hiji carita disebut...
Tritagonis
Antagonis
Triagonis
Protagonis
Palaku tambahan
Palaku nu biasana miboga peran nu jahat dina hiji carita disebut...
Palaku tambahan
Antagonis
Protagonis
Tritagonis
Triagonis
Rarangkèn nu bisa nambahan /h/ ditukang dingaranan...
Panglayar
Panyakra
Pamingkal
Pameupeut
Pangwisad
Rarangkèn nu bisa nambahan /ng/ di tukang dingaranan...
Panyecek
Panolong
Panyiku
Panyuku
Pamepet
Rarangkèn nu bisa ngarobah /a/ jadi /u/ dingaranan...
Panyiku
Panglayar
Panyuku
Pangwisad
Panèlèng
ᮠᮚᮥ dina kecap digigir, ditambahan ku rarangkèn nu diaranan...
Panyuku
Panyiku
Pamepet
Pamingkal
Panolong
Aya sabaraha jumlah aksara swara dina huruf ngalagena?
6
5
8
7
4
Mana nu kaasup kana huruf serepan dina huruf ngalagena...
Ka, ga, nga
ca, ja, nya
Fa, qa, va
Za, da, na
Ma, xa, sa
Mana aksara sunda nu bener tina kecap "Indonèsia"?
ᮄᮔ᮪ᮓᮔᮦᮞᮤᮃ
ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮞᮤᮃ
ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮦᮞᮤᮃ
ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮨᮞᮤᮃ
ᮑᮔ᮪ᮓᮧᮔᮦᮞᮃ
ᮄᮞᮥᮊᮔ᮪ kecap digigir tèh miboga harti...
Asakan
Pasakan
Isarat
Isukan
Isikan
Gambar di gigir kaasup kana huruf...
Ngalagena
Swara
Jawa kuno
Sunda kuno
Cacarakan
Cacakan kamari urang milu ka kèmah mah, meureun resep. Kecap cacakan lamun robah kana aksara sunda jadi...
ᮎᮎᮛᮊᮔ᮪
ᮎᮙᮊᮔ᮪
ᮎᮎᮞᮔ᮪
ᮎᮎᮊᮔ᮪
ᮎᮛᮊᮞᮔ᮪
ᮊᮙᮛᮤ ᮅᮛᮀ ᮄᮔ᮪ᮓᮤᮒ᮪ ᮊ ᮕᮞᮁ, naon harti tina kalimah nu ditulis dina wangun aksara Sunda?
Kamari urang libur ka pasar
Kamari urang henteu ka pasar
Kamari kuring nempo balanjaan ka pasar
Kamari urang indit ka pasar
Kamari aya pasar
Pamingkal tèh salasahiji rarangkèn anu bisa ngarobah...
/a/ jadi /i/
/a/ jadi /u/
Nambahan /+ya/ di tengah
Nambahan /+ra/ di tengah
/a/ jadi /è/
Mana nu nunjukeun tanda panyiku?
ᮢ
ᮁ
ᮤ
ᮣ
ᮡ
Aksara Sunda tèh nulisna ngagunakeun sistem penulisan silabis, naon nu dimaksud penulisan silabis?
Hurufna mandeg mandiri
Hurufna rangkaian tina a b c d, jst.
Hurufna teu ngabogaan konsonan
Hurufna dibarengan ku huruf a misalna ka lain k
Hurufna boga 5 vokal
Sistem penulisan fonètis ngabogaan vokal jeung konsonan. Lamun dina silabis, nu disebut vokal tèh nyaèta huruf...
Swara
Ngalagena
Serepan
Angka
A, i, u, e, jeung o
Dibacana nyaèta ᮊᮔ᮪ᮓᮀ ᮊᮥᮓ...
Kandang hayam
Kandang kuda
Kandang rusa
Kandang domba
Kandang sapi
Huruf nu hampir sarua cara nulisna nyaèta...
/Na/ jeung /da/
/Ba/ jeung /ca/
/Ba/ jeung /ka/
/Da/ jeung /ja/
/Za/ jeung /sa/
Pikeun nulis kecap "imah" diperlukeun rarangkèn...
Pangwisad
Panglayar
Panyakra
Panèlèng
Panolong
Rarangkèn anu ditulisna di luhureun huruf nyaèta...
Pamingkal
Panglayar
Panolong
Panyiku
Pangwisad
Rarangkèn anu ditulisna di handapeun huruf nyaèta...
Panglayar
Panolong
Panyecek
Panyuku
Panèlèng
Rarangkèn anu ditulisna di gigireun huruf nyaèta...
Paneuleung
Pamepet
Panolong
Panyuku
Panyiku
Aksara ngalagena tulen (tanpa serepan) dina aksara sunda aya sabaraha hiji?
18
19
20
21
23
Dina kecap ᮘᮧᮘᮧᮊᮧ aya rarangkèn nu bisa ngarobah /a/ jadi /o/, nu disebut...
Panolong
Panyuku
Panyiku
Pamingkal
Panglayar
