wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS BAHASA SUNDA X

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut
a)
alih basa
b)
alih kecap
c)
Alih kalimah
d)
Alih omongan
e)
Alih carita
2.
Struktur laporan kagiatan nyaeta, iwal…
a)
kasang tukang
b)
panutup
c)
bubuka
d)
waragad
e)
pamilon
3.
Tarjamahan tina amis budi nyaeta:
a)
Budi yang manis
b)
Manis sekali
c)
Si budi yang berwajah manis
d)
Wajah manis
e)
Murah senyum
4.
Tarjamahan tina amis daging nyaeta:
a)
Daging yang manis
b)
Manis daging
c)
Memiliki daging yang manis
d)
Mudah terkena penyakit kulit
e)
Selalu berwajah manis dalam kehidupan
5.
Tarjamahan tina bengkok tikoro nyaeta ...
a)
Bengkok tenggorokan
b)
Tenggorokan yang bengkok
c)
Tidak kebagian makanan karena telat datang
d)
Tenggorokan yang melengkung
e)
Tenggorokan manusia yang bengkok atau melengkung
6.
Clom giriwil teh bahasa nu sok kadenge dina ....
a)
Ngusep
b)
Ngoyos
c)
Meuncit
d)
Ngayuman
e)
Ngarompes
7.
Perhatikeun dongeng di handap ieu! Dongeng Santri Bodo Aya santri pohara beletna. nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrěn, can ngalaman hatam Al Qur-an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al Qur-an, jampě solat oge ukur baě bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pang pinterna. Kabějakeun kaanggo ku Ajengan sagala. Loba babaturanana nu geus baroga pasantrěn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng maněhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ěra sorangan. Êra ku sasama santri, isin ku ajengan. Kecap belet sarua hartina jeung kecap ....
a)
Pinter
b)
.  Bodo
c)
Calakan
d)
Gelo
e)
Tanginas
8.
Ari anu dimaksud ngaliwet teh nyaeta ....
a)
Naheur cai
b)
Ngulub hui
c)
Nyangu
d)
Nyangray jagong
e)
Ngisikan beas
9.
Ari anu disebut ajeungan teh nyaeta ....
a)
Nu bisa nguseup
b)
Nu bisa ngaji
c)
Nu teu bisa ngaji
d)
Nu bisa luncat
e)
Nu bisa nyupiran
10.
Jenis dongeng di luhur, mun diperhatikeun kaasup dongeng ....
a)
Parabel
b)
Fabel
c)
Mite
d)
sage
e)
Babad
11.
Ari pasantren teh nyaeta hiji tempat nyuprih elmu anu di eusian ku ....
a)
Padagang
b)
Polisi
c)
Tantara
d)
Santri
e)
penjahat
12.
Dongeng Nyi Roro Kidul kaasup kana jenis dongeng…
a)
Fable
b)
Parabel
c)
Myte
d)
Sage
e)
Sasakala
13.
Tokoh anu disebut-sebut dina dongeng diluhur teh nyaeta ....
a)
Santri jeng pasantren
b)
Ajeungan jeung pasantren
c)
Santri nu dipoyokan
d)
Pasantren nu teu menyat-menyat
e)
Santri jeung Ajeungan
14.
Nėlėngnėng kung, nėlėngnėng kung, Geura gedė geura jangkung, Geura gedė geura jangkung, Geura makayakeun indung, Kakawihan di luhur keur .....
a)
Mépėndė budak;
b)
Magawė
c)
Botram
d)
Kakawihan kaulinan.
e)
Badarat
15.
Di handap ieu anu teu kaasup kana unsur-unsur kawih nyaeta…
a)
tema
b)
Nada jeung suasana
c)
Galur
d)
rasa
e)
amanat
16.
Ayun ambing, ayun ambing, Diayun-ayun ku samping, Gėura bobo lila nyaring, Mun nyaring gė ulah rungsing Kakawihan di luhur keur .....
a)
Mépėndė budak;
b)
Magawė
c)
Botram
d)
Kakawihan kaulinan
e)
Badarat
17.
“cingciripit tulang bajing kacapit” Judul di luhur kaasup kana conto…
a)
Kawih
b)
Tembang
c)
Kakawihan
d)
Kaulinan
e)
Lagu sunda
18.
Perhatikeun kakawihan di handap! Eundeuk-eundeukan lagoni, Meunang peucang sahiji, Leupas deui ku nini, Beunang deui ku aki. Kakawihan di luhur keur .....
a)
Mépėndė budak;
b)
Magawė
c)
Kakawihan kaulinan
d)
Botram
e)
Badarat
19.
Kecap kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina ...
a)
Sa’ir
b)
Lagu
c)
Pupuh
d)
Paparikan
e)
Sisindiran
20.
Bedo bahasa Indonesia na nyaėta...
a)
Tiba
b)
Datang
c)
Sama
d)
Batal, Tidak Jadi
e)
Naik
21.
Ari anu dimaksud “pangaos teu luhur” teh nyaeta ….
a)
Nyengceling
b)
Gratis
c)
Teu mahal
d)
Teu nyengceling
e)
Teu murah
22.
Ari sampeu teh hiji pepelakan sabangsaning ….
a)
Hui
b)
Genyer
c)
Eceng
d)
Cengek
e)
Bangkuang
23.
Tulisan atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun disebutna ....
a)
Sambutan
b)
Laporan
c)
Dongeng
d)
Puisi
e)
Drama
24.
Titenan Laporan kagiatan 17 Agustusan SMA Plus Tata Tauhidan. 1) Ngarayakeun kamerdekaan bangsa Indonesia 2) Ngahargaan jasa pajoang Indonesia 3) Melakkeun rasa mikacinta ka Indonesia 4) Mudarkeun rasa cinta ka nagara 5) Ngahibur warga 6) Ngahesekeun masyarakat 7) Kaulinan barudak Tina tujuan diluhur, nu lain saenyana tujuan kagiatan 17 agustusan nyaeta ....
a)
1 jeung 2
b)
2 jeung 3
c)
4 jeung 6
d)
1 jeung 7
e)
4 Jeung 5
25.
Ceuk Ajip Rosidi yen tarjamahan the kudu…
a)
Geulis jeung bageur
b)
Bageur jeung satia
c)
Satia jeung Geulis
d)
Satia jeung someah
e)
Geulis jeung Satia
26.
Carita rekaan anu ngabogaan unsur pamohalan nyaeta...
a)
Carpon
b)
Novel
c)
Dongeng
d)
Esey
e)
Biografi
27.
Salasahiji ciri dongeng teh anonim, nyaeta...
a)
Sumebarna sacara lisan
b)
Sumebarna sacara tulisan
c)
Kanyahoan nu ngarangna
d)
Teu kanyahoan saha nu ngarangna
e)
Ngabogaan amanat
28.
Urang sunda (….) Sing toweksa (….) Nyangga darma anu nyata Eusi nu merenah dina jero kurung nyaetaa…
a)
Gemah ripah & suka betah
b)
Gemah ripah & sawawa
c)
Sawawa & perceka
d)
Suka betah & perceka
e)
Perceka & sawawa
29.
Judul kawih di luhur nyaeta
a)
Manuk dadali
b)
Tanah sunda
c)
Gemah ripah
d)
Es lilin
e)
Kaendahan di tanah sunda
30.
Di handap ieu nu kaasup kana jenis jenis dongeng, iwal …
a)
Sage
b)
Myte
c)
Parabel
d)
Mijalma
e)
Legenda
31.
Salasahiji ciri dongeng teh anonim, nyaeta
a)
sumebarna sacara lisan
b)
sumebarna sacara tulisan
c)
kanyahoan nu ngarangna
d)
teu kanyahoan saha nu ngarangna
e)
ngabogaan amanat
32.
Nu kaasup kana conto dongeng mite nyaeta
a)
talaga warna
b)
prabu siliwangi
c)
situ bagendit
d)
mahabarata
e)
Nyi Roro Kidul
33.
Carita babad aya patalina jeung
a)
biologi
b)
sajarah
c)
dongeng
d)
bahasa
e)
carita fiksi
34.
Unsur-unsur intrinsik kawih nyaeta, iwal
a)
tema
b)
rasa
c)
wiletan
d)
nada
e)
suasana
35.
Naon nu dimaksud waragad?
a)
biaya
b)
anggota
c)
peserta
d)
kepanitiaan
e)
laporan kagiatan
36.
Dongeng Prabu Siliwangi kaasup kana papasingan…
a)
myte
b)
sage
c)
legenda
d)
fabel
e)
parabel
37.
Nyaeta pesan nu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca. Pengertian tinaaa
a)
galur
b)
latar
c)
amanat
d)
panokohan
e)
jejer
38.
saha nu sok biasa nyieun laporan kagiatan
a)
KM
b)
girang serat
c)
OSIS
d)
MPK
e)
siswa
39.
Dina laporan kagiatan aya nu ngarana kasang tukang. Naon kasang tukang the
a)
tujuan laporan
b)
keanggotaan
c)
latar belakang
d)
biaya
e)
peserta
40.
Naon judul dongeng nu doraka ka kolot?
a)
Si tumang
b)
Malin Kundang
c)
Batu Menangis
d)
Roro Jonggrang
e)
Situ Bagendit
41.
Dongeng naon nu ayana di Puncak Jawa Barat?
a)
Talaga kiruh
b)
Talaga Warna
c)
situ bagendit
d)
Situ Patenggang
e)
Situ Ciburuy
42.
Naon conto judul dongeng Parabel?
a)
Sangkuriang
b)
Malin Kundang
c)
situ bagendit
d)
Si Kabayan Ngala Nangka
e)
Sireum jeung Japati
43.
Laporan kagiatan ngabogaan tujuan….
a)
bukti peranggung jawaban
b)
lampiran
c)
proposal
d)
acara
e)
OSIS/MPK
44.
Dongeng anu nyaritakeun jalma biasa disebut….
a)
fabel
b)
Parabel
c)
sage
d)
myte
e)
legenda
45.
Dongeng anu nyaritakeun asal muasalna hiji tempat disebut…
a)
fabel
b)
Parabel
c)
ssge
d)
myte
e)
legenda
46.
Dina laporan kagiatan aya nu ngarana pamilon. Naon pamilon teh?
a)
peserta
b)
penonton
c)
audiens
d)
biaya
e)
kepanitiaan
47.
Mana nu kaasup kawih di handap ieu, iwal..
a)
bubuy bulan
b)
mojang priangan
c)
maskumambang
d)
tanah sunda
e)
es lilin
48.
Naon anu sok disebut kaulinan budak leutik?
a)
kawih
b)
tembang
c)
kakawihan
d)
pupuh
e)
gamelan
49.
Dina laporan kagitan sok aya bukti foto-foto kagiatan, foto kagiatan eta aya dipalebah mana?
a)
kasang tukang
b)
tujuan kagiatan
c)
bubuka
d)
panutup
e)
lampiran
50.
Taun sabaraha Ajip Rosidi nu kungsi midangkeun hiji artiekl teh?
a)
90an
b)
70an
c)
95
d)
91
e)
80an