wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SUNDA 6

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna........

a)

Dongéng

b)

carpon

c)

skétsa

d)

carita wayang

2.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal..........

a)

Palaku

b)

latar

c)

wirahma

d)

galur

3.

Di handap ieu kaasup kana buku kumpulan carpon, iwal.......

a)

Jajantén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana

b)

Néangan karya Caraka

c)

Jiad Ajengan karya Usép Romli HM.

d)

Di Kebon Binatang karya Ayat rohaédi

4.

Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah, nyaéta.....

a)

kumaki

b)

laleueur

c)

barudak

d)

gumading

5.

Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah -ar-, nyaéta

a)

Baralik

b)

karadak

c)

jaragjag

d)

arindit

6.

Dawegan téh keur meujeuhna (lého).

a)

Léhoan

b)

ngalého

c)

léléhoan

d)

lumého

7.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaéta.....

a)

Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?

b)

Kaayaan di sakolana téh kumaha ayeuna?

c)

Wandi pangnyokotkeun buku di lomari?

d)

Di mana Wandi téh bumina?

8.

 

Pangéran nyiptakeun kaayaan nu béda-béda téh sangkan urang......

a)

silih asih

b)

silih poyok

c)

silih ajénan

d)

silih tipu

9.

'Wanda teh sakolana geus kelas VI."

Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta.....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Di mana Wandi teh sakolana?

c)

Sok kana naon Wandi teh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Wandi teh sakolana?

10.

Kalimah di handap ieu anu salah nulis huruf kapital, nyaeta....

a)

Dudi sakelas jeung Wandi.

b)

Di mana bumina Pa Dedi teh?

c)

Bapa nembe mulih ti jakarta.

d)

Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda.

11.

Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta...

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Iraha Kang Ajat sumpingna?

c)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

d)

Doni, pangnyandakkeun buku di perpustakaan!

12.

Indonésia téh beunghar, ngabogaan.....leuwih basa daérah.

a)

600

b)

700

c)

800

d)

900

13.

Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonésia pikeun ningali.....

a)

kaéndahan alam jeung budaya Nusantara

b)

warga nagara Indonésia

c)

sélér bangsa Indonésia

d)

jumlah pulo di Indonésia

14.

Motto "Bhinneka Tunggal Ika" téh hartina....

a)

Bangsa Indonésia téh boga rupa-rupa sélér bangsa.

b)

Nagara Indonésia boga rébuan pulo.

c)

Nagara Indonésia sarua jeung Nusantara.

d)

Najan rinéka tur binéka, tapi tetep hiji.

15.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangkén tukang -ing/-ning, iwal......

a)

Mungguhing

b)

ceceting

c)

kersaning

d)

bakating

16.

Di handap ieu anu Iain kalimah aktip, nyaéta.....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong.

d)

Jang Adang kacugak paku.

17.

leu di handap anu Iain kalimah paslp, nyaéta.....

a)

Oray diteunggeul ku tangkal sampeu.

b)

Buah diala ku Mang Nana,

c)

Barudak keur dlaJar ngawih.

d)

Si Dédé keur diacukan ku Mamah.

18.

….ku puyeng, Ma Icih ngagubrag.

Kecap anu merenah keur ngeusian titik-titik éta kalimah, nyaéta....

a)

Aya

b)

lamun

c)

bakating

d)

najan

19.

leu di handap anu Iain seni budaya Sunda, nyaéta......

a)

angklung

b)

calung

c)

bangréng

d)

tari lilin

20.

Kasenian angklung téh dijieunna tina.....

a)

Kai

b)

parunggu

c)

awi

d)

kuningan

21.

Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu suksés dina kahirupanana disebutna.....

a)

otobiografi

b)

biografi

c)

monografi

d)

bibliografi

22.

Lantaran kawanina, R. Oto Iskandardinata téh kawentar ku jujuluk....

a)

Si Rawing

b)

Ayam Kelantan

c)

Si Jalak Harupat

d)

Maung Bandung

23.

Oto Iskandardinata aktip dina ngawangun...... 

a)

Palang Merah Indonesia (PMI)

b)

Gerakan Pramuka Indonesia (GPI)

c)

Tentara Nasional Indonesia (TNI)

d)

Badan Keamanan Rakyat (BKR)

24.

Koran anu kungsi dipingpin ku R. Oto Iskandardinata, nyaéta.....

a)

Cahaya

b)

Pikiran Rakyat

c)

Galura

d)

Giwangkara

25.

Indung/bapana bao disebutna.....

a)

Janggawaréng

b)

buyut

c)

kait siwur

d)

udeg-udeg

26.

Lanceukna indung/bapa urang disebutna.

a)

Bibi

b)

ua

c)

paman

d)

suan

27.

Di handap ieu anu kaasup kana kalimah paréntah, nyaéta

 

a)

Adé geura ibak!

b)

Mah, nyuhunkeun kuéh!

c)

Aduh, sampéan abdi titajong!

d)

Urang mios ayeuna, yu!

28.

Anu kaasup kana kalimah panyarék, nyaéta.....

a)

Mangga ka lebet, Pa!

b)

Muga-muga urang sadaya lulus!

c)

Wan, nambut pamupus!

d)

Teu kénging ameng di dinya!

29.

Pasemonna mani marahmay. Babasan tina marahmay, nyaétA......

a)

gedé hulu  

b)

amis budi

c)

hampang birit

d)

haseum budi

30.

Babasan bodo aléwoh hartina.

a)

bodo pisan

b)

bodo tapi daék tatanya

c)

bodo katotoloyoh

d)

bodo lantaran kedul

31.

Alat komunikasi anu bisa dibabawa ka mana-mana, disebutna....

a)

Telepon

b)

hp

c)

léptop

d)

line

32.

Kamajuan jaman kudu dibarengan ku.....

a)

Waragad

b)

diajar

c)

katakwaan

d)

listrik

33.

Téhnologi téh kudu kacangking ku urang. Kecap kacangking hartina.....

a)

Dicekel

b)

diulik

c)

dibeuli

d)

dikawasa

34.

Cai eueut téh lamun hayang tiis mah kudu disimpen dina.....

a)

Bupét

b)

kulkas

c)

lomari

d)

térmos

35.

Di handap ieu alat-alat anu ngagunakeun listrik, iwal....

a)

Radio

b)

komputer

c)

TV

d)

jam dingding

36.

Di handap ieu kecap serepan tina basa Perancis nyaeta .....

a)

Diploma

b)

lomari

c)

amplop

d)

dasi

37.

Kecap anduk asalna tina basa,,,,,,,

a)

Perancis

b)

Cina

c)

Portugis

d)

Walanda

38.

Di handap ieu anu teu kaasup kana istilah téhnologi, nyaéta......

a)

Hateup

b)

parabola

c)

kulkas

d)

satelit

39.

leu di handap nu mangrupa kalimah barang, nyaéta....

a)

Ayeuna abdi tos kelas genep.

b)

Di kelas genep abdi diajar basa Sunda.

c)

Bukuna téh Pangrumat Basa Sunda.

d)

Diajar basa Sunda téh pikaresepeun.

40.

Manéhna téh jadi kiper lantaran ......

a)

nyépak pinalti

b)

maju ka hareup

c)

ngajaga gawang

d)

pamaén sayap