NEW
Font size
WorksheetsKISI-KISI PSAS
Total questions: 30
Worksheet time: 27mins
Baheula urang Sunda teh boga aksara sorangan, tapi tuluy dipaksa ku pamarentah kolonial Walanda pikeun make aksara ….
INTERNASIONAL
PEGON
JEPANG
LATEN
KAGANGA
Salasahiji panalungtik anu ngabuktikeun yen urang Sunda boga kasara Sunda Kuno nu dipake mangabad-abad ka tukang nyaeta ....
C. M. Pleyte
Adjat Sudrajat
Umar Wirahadikusumah
Arya Soeryaatmaja
Erdward Dowes Deker
Ngaliwatan publikasi bacaan jeung kalawarta, pamarentah kolonial ngaganti aksara tradisional ku aksara ....
LATEN
ARAB
JEPANG
WALANDA
INDONESIA
Sumender kana hasil panalungtikan para ahli, urang Sunda timbul kasadaranana hayang boga deuiaksara sorangan, anu tuluy diwujudkeun ku kaluarna ….
Perda no 1 taun 1996
Perda no 4 taun 1994
Perda no 5 taun 1995
Perda no 6 taun 1996
Perda no 7 taun 1996
Eusi eta peraturan daerah provinsi Jawa Barat teh ngeunaan ….
Pemeliharaan kesenian daerah
Pemeliharaan bahasa, sastra, dan Aksara Daerah
Pemeliharaan cagar budaya daerah
Pemeliharaan tradisi dan adat istiadat daerah
Pemeliharaan perkampungan adat Sunda
Pikeun ngawujudkeun amanat Perda, diayakeun Lokakarya Aksara Sunda di Unpad gawe bareng jeung sawatara lembaga nu lumangsung tanggal ….
19 Oktober 1997
20 Oktober 1997
21 Oktober 1997
22 Oktober 1997
23 Oktober 1997
Bulan April taun 2006, aksara Sunda baku didaftarkeun jeung dipatenkeun jadi font internasional ka lembaga ….
Unicode Nasional
UNESCO
WHO
Unicode Internasional
Tessaurus Internasional
Aksara Sunda baku hasil modifikasi teh tuluy populer disarebut Aksara Sunda ....
KAGANGA
PAKUAN
CACARAKAN
PEGON
MODEREN
Aksara Sunda Baku teh ngawengku opat komponen aksara, nyaeta ….
Konsonan, vocal, rarangken, angka
Aksara ngalegena aksara swara, aksara rarangken, angka
Aksara konsonan, aksara swara, aksara rarangken, angka
Konsonan, vocal, angka
Konsonan, ngalegena, rarangken, swara
Posisi rarangken dina aksara Sunda ayana di ....
TENGAH JEUNG TUKANG
HAREUP JEUNG LUHUR
LUHUR, HANDAP, HAREUP JEUNG TUKANG
LUHUR HANDAP JEUNG TUKANG
HAREUP TUKANG JEUNG LUHUR
Rarangken anu fungsina ngarobah sora /a/ dina aksara ngalegena jadi aksara /o/ disebu t….
PANELENG
PANOLONG
PANGHULU
PANEULEUNG
PANYECEK
Ejaan patali jeung tanda baca dina aksara Sunda, saperti titik (.) koma (,) atawa tanda panaya (?) aturanana kudu ditulis ….
Disaruakeun jeung ejaan laten
Diluyukeun jeung ejaan aksara Sunda
Disaruakeun jeung EYD
Disaruakeun jeung aksara Arab
Dirobah sautak saeutik
Vokal atawa aksara swara dina aksara Sunda jumlahna aya ....
LIMA
OPAT
GENEP
TUJUH
DALAPAN
Tanda pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara Sunda disebut ….
PAMINGKAL
MANYUKU
PANEULEUNG
PANYECEK
PAMAEH
Dina vocal atawa swara hurup vocal e aya sabaraha rupa ….
SARUPA
DUA RUPA
TILU RUPA
OPAT RUPA
SARUA JEUNG AKSARA LATEN
Teks Carita Babad dihandap pikeun ngajawab soal dihandap :
Niskala Wastu Kencana
Prabu Maharaja teh Raja Sunda anu palastra di bubat (Majapahit). Anjeuna nyepeng kalungguhan salami tujuh taun (1950-1957). Nya alasan palastra keung ngabelaan kahormatan jeung kadaulatan nagara, anjeuna kenging jujuluk Prabu Wangi ti rahayatna. Nalika ramana pupus di Bubat, Niskala Wastu Kancana yuswana nembe salapan taun. Anjeunamah salamet da teu ngiring jeung ramana Prabu wangi ka Bubat nu bade nganteurkeun putra sulungna Dewi Citraresmi, nu bade nikah di majapahit.
Sabada ramana pupus, sakuduna Niskala Wastu Kencana anu ngagantikeun ramana. Tapi kusabab anjeuna harita teh alit keneh, kukituna pamarentahan diwalian ku pamanna nyaeta Hyang Bunisora. Ari Hyang Bunisora teh basa ramana Niskala Wastu Kancana ngajabat, anjeuna gaduh kalungguhan mangkubumi, tur gelarna nyaeta Mangkubumi Suradipati. Hyang Bunisora anu pohara nganggem ajaran agama (satmata) jadi pangasuh Niskala Wastu Kancana, tur ngasah sareng ngatik anjeuna ku rupa-rupa elmu pangaweruh jeung kasantikaan dina ngolah nagara.
Ku Hyang Bunisora, Niskala Wastu Kancana kacida dipikanyaahna jeung didama-damana, sasat ngaleuwihan ka putrana nyalira. Kukitunamah tuda Mangkubumi Suradipati teh sasat kaamanatan sarta diserenan tanggungjawab ti kang raka kanggo ngasuh, ngatik, sareng ngajaga kasalametan putrana. Atuh Niskala Wastu Kancana ku anjeuna suhud diajarna sarta tuhu kana sagala nasehat pamanna.
Mangkubumi Suradipati ngawalian teh 14 taun (1357-1371). Titaun 1372 mah prabu Niskala Wastu Kancana mimiti nyangking tahta sareng ngalaksanakeun pamarentahan ku anjeuna, da lantaran pamanna tilar dunya.
Boh ramana boh pamanna kamashur raja anu wujaksana kamashur raja anu Wijaksana, jujur tur pengkuh yekel jeung ngajalankeun tetekon agama jeung darigama. Sikep sarupa kitu teh turun ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna ku sabab dibekelan elmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung pisan jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahyangan.
Sipat jeung sikep Prabu Niskala Wastu Kancana digambarkeun ku pangarang Carita Parahyangan kieu : sikepna koloteun sanajan umurna ngora keneh, kusabab raja muhit cara hirup satmata sarta mituhu atikan pangasuhna, Hyang Bunisora.
Ku kituna, minangka kapala nagara (raja) Prabu Niskala Wastukancana giat mingpin rahayat jeung ngokolakeun nagara: nyieun aturan pikeun ngalaksanakeun hiji kagiatan, ngawangun hal anu diperlukeun keur kapentingan rahayat jeung nagara. Prasasti Kawali 1 antarana nataan tilu rupa nu geus dipidamel ku ieu raja : (1) nyantosaan keraton suryawisesa (2) ngawangun lombang nu ngurilingan puseur dayeuh kawali keur kapentingan pertahanan nagara, jeung (3) ngaraharjakeun sakumna rahayat padesaan.
Prabu Maharaja teh Raja Sunda nu palastra di Bubat (Majapahit) kecap palastra saharti jeung ….
MAOT
DATANG
SATATA
TAPA
HIRUP
Anjeuna nyepeng kalungguhan salami tujuh taun (1350-1357). Kecap kalungguhan ngandung harti ….
Pagawean
Kakawasaan
Karajaan
Jabatan
Kapamingpinan
Nya alatan palastra keur ngabelaan kahormatan jeung kadaulatan rahayatna, anjeuna kenging jujuluk Prabu Wangi ti tahayatna. Kecap jujuluk ngandung harti ….
Alias
Gelar
Kahormatan
Ngaran
Jabatan
Ari Hyang Bunisora dina jaman Prabu Maharaja jumeneng keneh nyangking gelar kalungguhan mangkubumi tur gelarna Mangkubumi Suradipati. Kecap jumeneng teh lemesna tina kecap ….
Maot
Ngaran
Hirup
Jeneng
Ngajabat
Kecap Mangkubumi teh gelar baheula, nu hartina sarua jeung ….
Raja
Prameswari
Patih
Mantri
Ponggawa
Hyang Bunisora anu pohara nganggem ajaran agama (satmata) jadi ngasuh Niskala Wastu Kancana. Kecap nganggem saharti jeung ....
Nyekel
Mentingkeun
Ngahontal
Mawa
Nganut
Hyang Bunisora ngasah sareng ngatik anjeuna ku rupa-rupa elmu pangaweruh jeung kasantikaan dina ngolah nagara. Kecap kasantikaan ngandung harti ….
Kaparigelan
Kasantikaan
Kasampurnaan
Kapercekaan
Kadugalan
Ku Hyang Bunisora, Niskala Wastu Kancana kacia dipikanyaah jeung didama-damana, sasat ngaleuwihan ka putrana nyalira. Kecap didama-damana ngandung harti ….
Dijaga jeung dirawat kalayan ati ati pisan
Dianggap jelema pentingDianggap jelema penting
Disaruakeun jeung ka anak sorangan
Dipupusti siga ka barang alus atawa jimat
Diperlakukeun kalawan hade jeung dihormat
Kitunamah tuda Mangkubumi Suradipati teh sasat kamanatan sarta diserenan tanggungjawab ti kang raka kanggo ngasuh, ngatik sareng ngajaga kasalametan putrana. Kecap sasat jeung diserenan ngandung harti ….
Puguh, dibere saran
Sabab, dipasrahan
Ditalatahan, dibere
Puguh, dipasrahan
pasti dibere
Atuh Niskala Wastu Kancana Suhud diajarna sarta tuhu kana sagala nasehat pamana. Kecap Suhud jeung tuhu hartina nyaeta ….
enya-enya, burut
rajin, satia
rajin, nurut
teu nyaho waktu, tanggungjawab
daria, enya-enya
Ti taun 1371 mah Prabu Niskala Wastu Kancana mimiti nyangking tahta sareng ngalaksanakeun pamarentahan ku anjeuna da pamana tilar dunya. Kecap tilar dunya nuduhkeun harti ….
gering
teu damang
maot
pangsiun
turun jabatan
Boh ramana boh pamanna kamashur raja anu wijaksana, jujur, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun tetekon agama jeung darigama. Kecap tetekon sarua hartina jeung ….
bagbagan
aturan, ajaran
amalan
titincakan
jeung
Sikep sarupa kitu teh turun ka Prabu Niskala Wastu Kancana malah aya leuwihna sabab dibekelan elmu katut kasantikaan loba pisan. Kecap panyambung katut nuduhkeun harti ….
tapi
oge
ngan
jeung
atawa
Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina diacet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahyangan. Kecap prasasti nuduhkeun harti ….
Tulisan dina tangkal kai
Tulisan dina batu atawa tambaga
Tulisan dina batu nisan
Tulisan din kertas daluang
Tulisan dinamakam
Sikepna koloteun sanajan umurna ngora keneh, ku sabab raja muhit cara hirup satmata sarta mituhu kana ajaran pangasuhna, Hyang Bunisora. Nu Dimaksud mugit nyaeta ….
neuleuman
ngajaga
ngajalankeun
ngajarkeun
ngamalkeun
