NEW
Font size
WorksheetsPSAS KELAS X
Total questions: 40
Worksheet time: 1hrs 13mins
Carita babad nyaéta dongéng nu ngandung unsur sajarah. Nilik kana eusina, nu kaasup kana carita babad nyaéta ……
Syéh Kuro muji sukur ka Allah nu Maha Agung lantaran Sang Prabu Siliwangi geus dipaparin hidayah tepi ka ngagem agama Islam.
Bakat ku hanaang, Si Aki antukna ngali taneuh, nyieun sumur. Can gé jero ngalina, ana burial téh kaluar cai. Nya tiis nya hérang canembrang.
Ti harita Si Kabayan téh kapokeun tara daékeun deui hitut di mana waé. Komo di areupeun urang Walanda mah. Mun sakalieun hayang hitut, sok ditahan sataker tanaga.
Kacaritakeun sakadang monyét jeung sakadang kuya waktu keur ngala cabé, kapanggihan ku patani. Sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
Baheula aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit nu kacida pisan kumedna kakeueum caah gedé jeung sakabéh pakayana nepi ka jadi situ nyaéta Situ Bagendit.
(1) Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. (2) Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi walungan Cipancar. (3) Puguh baé anjeunna hémengeun. (4) Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh ka luar tina awak hiji putri nu keur mandi. (5) Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Kalimah nu pamohalan dina éta carita babad téh nyaéta nomer ...
1
2
3
4
5
Éta rayi-raka téh ijén patutunggalan ragot pisan. Taya nu wani misah saurang ogé, kawantu ieu kasaktian dua putra Prabu Borosngora téh taya tandingna. Atuh duanana ogé pada-pada teu daék ngéléhan. Adu jajatén, adu wawanén. Kacaturkeun patelakna téh nepi ka tujuh poé tujuh peuting. Beuki lila kalah beuki rongkah.
Latar waktu nu kagambar dina éta téks carita babad nyaéta ......
beurang jeung peuting
tujuh peuting
peuting katujuh
tujuh poé
tujuh poé tujuh peuting
Éta rayi-raka téh ijén patutunggalan ragot pisan. Taya nu wani misah saurang ogé, kawantu ieu kasaktian dua putra Prabu Borosngora téh taya tandingna. Atuh duanana ogé pada-pada teu daék ngéléhan. Adu jajatén, adu wawanén. Kacaturkeun patelakna téh nepi ka tujuh poé tujuh peuting. Beuki lila kalah beuki rongkah.
Suasana nu kagambar dina éta téks carita babad nyaéta ......
Riweuh
Sieun
Tegang
Ramé
Geregeteun
Prabu Maharaja téh Raja Sunda nu palastra di Bubat lantaran keur ngabélaan kahormatan jeung kadaulatan nagara. Anjeunna kénging jujuluk Prabu Wangi ti rahayatna. Nalika Prabu Maharaja pupus, putrana nu sakuduna ngaganti ramana nyaéta Niskala Wastu Kancana nembé 9 taun. Ku kituna, dina ngalaksanakeun pamaréntahanana diwalian ku pamanna, Hiyang Bunisora nu nyangking kalungguhan mangkubumi tur gelarna Mangkubumi Suradipati. Diwalianna téh ti taun 1357-1371. Ti taun 1371 mah Prabu Nisakala Wastu Kancana ngalaksanakeun pamaréntahan ku anjeunna, sabab pamanna tilar dunya. Dumasar kana eusi caritana, naon sababna Niskala Wastu Kancana kudu diwalian saméméh anjeunna jadi raja?
Sabab yuswana nembé 9 taun, murangkalih kénéh
Ti taun 1371 mah Prabu Niskala Wastu Kancana mimiti nyangking tahta sareng ngalaksanakeun pamaréntahan ku anjeunna, da pamanna tilar dunya. "Tilar dunya" hartina ......
Ari Hiyang Bunisora dina jaman Prabu Maharaja jumeneng kénéh nyangking kalungguhan mangkubumi tur gelarna Mangkubumi Suradipati. Kecap "jumeneng" hartina ......
Muhun kusabab Abah mah pinuh kupanasaran hayang ngamprokan jirimna maung kajajdén téh kawas kumaha da ceuk béja mah éta maung téh sok ngamangsa ka jelma-jelma baleungahar.
Dumasar kana caritana, éta dongéng téh mangrupa jenis dongéng ......
Rarangkén naon baé nu digunakeun dina éta aksara Sunda?
panyuku, panyakra, panghulu
panyuku, panglayar, panghulu
panyuku, panyecek, panghulu
panéléng, panglayar, panolong
panéléng, panyakra, panolong
Éta gambar mangrupa waditra (alat musik) nu ngaranna ......
Éta aksara Sunda dibaca ......
Huruf konsonan dina aksara Sunda disebut ……
Panyecek gunana pikeun ……
Nambah huruf (+ng) handapeun aksara dasar
Nambah huruf (+ng) luhureun aksara dasar
Nambah huruf (+ng) tukangeun aksara dasar
Nambah huruf (+ng) hareupeun aksara dasar
Nambah huruf (+ng) di tengah aksara dasar
Éta aksara Sunda nuguhkeun ngaran warna nyaéta warna ......
Éta gambar mangrupa bungbuahan nu ngaranna .......
Dumasar kana catetan sajarah, Aksara Sunda geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-14, nyaéta antara taun ......
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Saha nu jadi palaku utama tina sempalan Babad di luhur?
ramana Prabu Niskala Wastu Kancana
pamanna Prabu Niskala Wastu Kancana
Prabu Niskala Wastu Kancana
dulur Prabu Niskala Wastu Kancana
baturna Prabu Niskala Wastu Kancana
Dongéng téh karya balaréa, lantaran teu kanyahoan saha nu ngarangna, atawa dina istilahna sok disebut ……
Anonim
Sinonim
Homonim
Akronim
Antonim
Sanggeus asak tinimbangan, Prabu Borosngora milih putra cikalna, Aria Kuning. Alesanna, anak cikal anu paling utama kudu neruskeun karajaan jeung dianggap leuwih déwasa, tangtu leuwih bisa mingpin karajaan.
Dumasar kana eusi caritana, watek nu digambarkeun ku Prabu Borosngora téh nyaéta .......
adil jeung wijaksana
pilih kasih
kurang taliti
béréhan / dermawan
loba alesan
Jaman baheula aya raja jenenganana Prabu Borosngora, anjeunna téh raja di Panjalu. Kagungan putra dua nyaéta Radén Aria Kuning jeung Radén Aria Kancana. Ieu rayi-raka téh silih pikanyaah, silih tulungan jeung silih élédan.
Bagian nu digurat handapan (garis bawah) téh medar (ngabahas) ngeunaan ......
latar tempat
amanat
palaku jeung watekna
latar waktu
téma
Dina jaman Pajajaran dirajaan ku Prabu Siliwangi, sakuliah Pulo Jawa ngagem kénéh agama Hindu, ............ di sawatara tempat di basisir mah geus mimiti aya nu nganut agama Islam.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta .........
jeung
tapi
sabab
lamun
atawa
Abdi mah dinten ayeuna moal ka sakola ......... badé ngiring ka acara wisuda pun lanceuk.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta klimah nyaéta .......
jeung
tapi
sangkan
atawa
sabab
Dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nyaritakeun ngeunaan asal-usul ……
sasatoan
tutuwuhan
barang
tempat
sajarah
Conto dongéng sasatoan (fabel) nyaéta ……
Maung kajajadén
Si Kabayan ngala nangka
Sasakala kuya ngagandong imah
Gagak hayang jadi merak
Carios Prabu Siliwangi
Pa Adi sok jajap putrana ka sakola ............ angkat damel ka puskesmas téh.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta .......
sabab
atawa
jeung
saméméh
sangkan
Rarangkén nu gunana pikeun nambahan huruf (+r+), (+l+), (+y+) di tengah-tengah aksara ngalagena nyaéta ......
panyakra, panyiku, pamingkal
panyakra, panyuku, pamingkal
panglayar, panyiku, pamingkal
panglayar, panyuku, panyakra
panglayar, panyiku, panyakra
Aksara swara jumlahna aya ......
4 huruf
5 huruf
6 huruf
7 huruf
8 huruf
Éta kecap dina aksara Sunda dibaca ........
Khotib Jumat
sobat akrab
séhat walafiat
sohib creative
kawan ceria
