NEW
Font size
WorksheetsUH KAWIH SISINDIRAN
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
........ nyaéta indung sakumna seni
sora nu aya di tatar Sunda atawa sakur seni sora anu aya di tatar Sunda, atawa disebut oge lagu sora nu
euweuh pupuhna atawa taya patokanana (Danadibrata, 2015: 328).
kawih
tembang
kakawihan
pupuh
lagu
Eusi téks kawih biasana luyu jeung kamekaran masarakatna. Jaman baheula mah téks kawih téh eusina nyaritakeun ngeunaan ...
alam jeung perjuanga
kahirupan rumaja
ngeunaan kadaharan
kritik sosial
asih jeung tresna
Eusi téksna kawih biasana luyu jeung kamekaran masarakatna. Jaman kiwari mah eusi téks kawih biasana nyaritakeun ngeunaan ...
Kahirupan sosial masarakat
Kaendahan Alam
Perjuangan
Lemah Cai
Piwuruk
Teu honécewang sumoréang
tékadna pahlawan Bangsa
cadu mundur pantrang mulang
mun maksud tacan laksana
bajoang keur lemah cai
................................
taya basa ménta pamulang tarima
ikhlas rido keur korban merdéka
Lengkepan empalan téks rumpaka kawih di luhur !
lali rabi tur téga pati
dibarengan tékad suci
Sinatria dana laga
béla Bangsa jeung Nagara
teu ngingetkeun ka dirina
lagu-lagu anu dinyanyikeun ku
barudak nalika keir ulin disebut ....
kawih
kakawihan
tembang
pupuh
lagu
Téks kakawihan téh bisa dipasing-pasing dumasar tujuan jeung waktu.
Ditilik tina waktuna, lolobana kakawihan dipaké nalika keur beurang,
tapi aya ogé kakawihan nu dipakéna ti peuting, upamana waé kakawihan ...
punten - mangga
slép dur
bulan tok
cingciripit
tatitut
Tina segi dialogna, wangun kakawihan aya nu wangunna dialog jeung
wangun monolog. Kakawihan wangun dialog di antarana:
Punten - Mangga
paciwit - lutung
Cingciripit
Ayang - Ayang Gung
Cingcangkeling
Tina segi dialogna, wangun kakawihan aya nu wangunna dialog jeung
wangun monolog. Kakawihan wangun monolog di antarana:
Punten Mangga
Bangkalima Gobang
tatitut
Oray - Orayan
Eundeuk - Eundeukan
Sanajan kakawihan teh dipake dina kaulinan barudak, téksna mah can tangtu karangan
budak atawa pikeun barudak. Sabab aya ogé kakawihan nu mangrupa
protés atawa kritik sosial.
Conto Kakawihan anu eusina protés sosial nya éta ...
Ayang - Ayang Gung
Oray - Orayan
Punten - Mangga
Paciwit - ciwit Lutung
Perepet Jengkol
Tengetan conto rumpaka kakawihan ieu di handap !
AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
DItilik tina eusina, teks kakawihan di luhur nyaritakeun ngeunaan ...
Piwuruk
Asih - Tresna
Kritik sosial
Banyol
Heureuy
Lamun urang meuli uyah
Ulah poho meuli cikur
Lamun urang hayang bungah
Ulah poho rasa sukur
Sisindiran di luhur kaasup kana jenis sisindiran ...
paparikan
rarakitan
wawangsalan
puisi
sajak
Ka Ciraos tunggang kuda
Kuda depa mawa injuk
Sanaos tuang sareng peda
Pedana sanés kenging nganjuk
Sisindiran di luhur kaasup kana conto sisindiran ....
rarakitan
paparikan
wawangsalan
sajak
pupuh
Aya tukang nyieun salé
Asa gaya baju belang
Hayu urang ngamumulé
.............................................
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya eta ...
Budaya Sunda nu urang
Asih tresna anu urang
Nu ganteng kabogoh urang
Sakumna idola urang
Imah gedong anu urang
oray
sidat
belut
liwet
ulet
sireum
simeut
udang
endol
cucunguk
Cakcak gedé kadal bilik
Ulah dipaké mohaka
wangsalna nya éta ...
toké
bayawak
buhaya
komodo
londok
Béas ditutuan deui
Iraha atuh urang patepung
wangsalna nya éta ...
tipung
sangu
liwet
leupeut
kupat
Cisusu kentel dipasak
Ulah téga-téga teuing
wangsalna nya éta ...
mantéga
kéju
yogurt
és krim
custard
Di handap ieu anu kaasup kana Sisindiran Paparikan nya eta ...
Aya listrik di masigit
Hanjakal moncor ka kolong
Aya istri jangkung alit
Hanjakal tonggongna bolong
Daék sotéh ka Cikonéng
Ka Cisitu mah teu purun
Daék sotéh ka Nyi Onéng
Ka nu itu mah teu purun
Lamun urang ka Cikole
Moal hese tumpak kahar
Lamun urang boga gawe
Moal hese barangdahar
Di Masjid keur nakol kohkol
Dicarék ku Uwa Haji
Dasar maneh atah adol
Dahar lima ngaku hiji
Lain bangban lain pacing
lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
lain ka dinya aduna
Anu kaasup kana Sisindiran Paparikan - Piwuruk nya eta ....
Meuli cabe eujeung babat
Balikna nyimpang ka Ema
Urang kudu getol salat
Salat wajib anu lima
Aya budak mawa casan
Ngan hanjakal teu dibeuli
Aya budak gelis pisan
Ngan hanjakal tara mandi
Aya listrik di masigit
Hanjakal moncor ka kolong
Aya istri jangkung alit
Hanjakal tonggongna bolong
Lamun urang ka Cikole
Moal hese tumpak kahar
Lamun urang boga gawe
Moal hese barangdahar
Kuring mah alim ka Bandung
hayang ka Sumedang bae
kuring mah alim dicandung
hayang ku sorangan bae
