Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAJ BAHASA SUNDA 2024-2025

Total questions: 40

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Naon anu dimaksud biantara teh ?

a)

Nepikeun omongan anu alus euntep seureuhna diharepeun balarea

b)

Cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian

c)

Carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula

d)

Nepikeun omongan anu teu alus euntep seureuhna diharepeun balarea

e)

Nepikeun omongan anu alus euntep seureuhna diharepeun kelas

2.

" cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian" mangrupakeun harti tina?

a)

Narjamahkeun

b)

Biantara

c)

Teteleponan

d)

Ngadongeng

e)

Paguneman

3.

Naon anu dimaksud dongeng teh?

a)

Carita anu teu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman kiwari

b)

Carita anu teu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula

c)

Carita anu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman ayeuna

d)

Carita anu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula

e)

Carita anu teu asup ku akal jeung kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula

4.

Dinten ieu teh kalintang bagjana kanggo simkuring sadayana. Oge janten dinten anu kalintang pikaseudiheunnana. Bagja wireh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun ibu sinareng bapak .... jst.

a)

Eusi

b)

Salam

c)

Bubuka

d)

Panutup

e)

Panengah

5.

Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, "Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharan ana." Anu di garis hanapan ka asup kana unsur carita naon?

a)

Amanat

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

e)

Tema

6.

Cara biantara ku nyiapkeun pokok-pokok materi anu bade didugikeun

a)

Teknik impromtu

b)

Teknik naskah

c)

Teknik ekstemporan

d)

Teknik ngapalkeun

e)

teknik jitu

7.

Dongeng anu nyaritakeun makhluk ciptaan (khayalan) bangsaning jurig jeung siluman. Disebut?

a)

Dongeng mite/mitos

b)

Dongeng fabel

c)

Dongeng sasakala atawa legenda

d)

Dongeng parabel

e)

Dongeng pamuk (kagagahan/kasaktian

8.

Jalan carita atawa runtuyan carita anu campuran kadang maju kadang aya munduran disebut?

a)

Galur maju jeung munur

b)

Galur mabok tengah

c)

Galur munur

d)

Galur maju

e)

Galur campuran

9.

Undak-usuk basa sunda nyaeta ...

a)

aturan atawa tatakrama nyarita basa indonesia supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé

b)

aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya merenah jeung teu ngeunah kanu ngadéngé

c)

aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé

d)

aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya teu merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé

e)

aturan atawa tatakrama nyarita basa barat supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé

10.

Naon ari bahasa lemesna "makan" kange nyalira?

a)

Dahar

b)

Lolodok

c)

Babahak

d)

Neda

e)

Tuang

11.

anu dimaksud kasenian nyaeta ...

a)

hal anu dilakukeun tanpa sadar kuhiji jalma nalika aya inspirasi

b)

hal nu endah

c)

ungkapan rasa

d)

ekspresi jiwa

e)

bagean tina budaya jeung mangrupakeun sarana nu digunakeun pikeun ngaekspresikeun rasa kaendahan tina jiwa manusia

12.

Kasenian anu pakakasna make halu jeung lisung nyaeta ...

a)

Gondang buhun

b)

Angklung sered

c)

Pencat silat

d)

Wayang golek

e)

Degung

13.

... ... ... disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti "khas, mandiri, khusus, pribadi".

a)

cacandran

b)

Pakeman Basa

c)

Kila-kila

d)

Paribasa

e)

Babasan

14.

hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun. Disebut?

a)

Cacandran

b)

Kila-kila

c)

Paribasa

d)

Babasan

e)

Uga

15.

Lalaguan sunda bebas, anu henteu kauger atawa kaiket ku ugeran nyaeta?

a)

Tembang

b)

Sisindiran

c)

Kawih

d)

Kakawihan

e)

Pupuh

16.

Gaya basa nyaeta ?

a)

Rakitan basa (kalimah) anu dipake kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.

b)

Rakitan basa (kalimah) anu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun,

c)

Rakitan basa (kalimah) anu teu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun, kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.

d)

Rakitan basa (kalimah) anu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun, kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.

e)

Rakitan basa (kalimah) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun,

17.

Kalimah "dibumi abi mah teu gaduh uyah uyah acan". Mangrupakeun contoh gaya basa naon?

a)

Gaya basa peupeuh lemes (ironi/nyindiran)

b)

Gaya basa ngasor (litotes)

c)

Gaya basa ngumpakeun (simile)

d)

Gaya basa babandingan (metafora)

e)

Gaya basa mijalma (personifikasi)

18.

Rumpaka kakawihan biasana sok dipake dina?

a)

Kariaan

b)

Tatarucingan

c)

Upacara

d)

Kaulinan

e)

Gelaran

19.

Novel dina kasastraan sunda gelar leuwih ti heula di bandingkeun novel dina kasustraan indonesia nyaeta dina tahun?

a)

1917

b)

1916

c)

1914

d)

1915

e)

1913

20.

Novel nyaeta ...

a)

Karangan fiksi anu ngagambarken kahirupan manusa sapopoe, jalan caritana loba bagian-bagianna, dina eusi caritana teu digambarkeun watek palakuna, suasana, waktu, jeung tempat lumangsungna

b)

Karangan fiksi anu teu ngagambarken kahirupan manusa sapopoe, jalan caritana loba bagian-bagianna, dina eusi caritana digambarkeun watek palakuna, suasana, waktu, jeung tempat lumangsungna

c)

Karangan fiksi anu ngagambarken kahirupan manusa sapopoe, jalan caritana loba bagian-bagianna, dina eusi caritana digambarkeun watek palakuna, suasana, waktu, jeung tempat lumangsungna

d)

Karangan fiksi anu ngagambarken kahirupan manusa, jalan caritana loba bagian-bagianna, dina eusi caritana digambarkeun watek palakuna, suasana, waktu, jeung tempat lumangsungna

e)

Karangan fiktif anu ngagambarken kahirupan manusa, jalan caritana loba bagian-bagianna, dina eusi caritana digambarkeun watek palakuna, suasana, waktu, jeung tempat lumangsungna

21.

Naon nu dimaksud Wawacan nyaeta ...

a)

Karangan pondok lantaran suasana carita anu beda-beda tur ngagunakeun patokan pupuh

b)

Karangan panjang lantaran suasana carita anu sarua tur ngagunakeun patokan pupuh

c)

Karangan panjang lantaran suasana carita anu beda-beda tur ngagunakeun patokan pupuh

d)

karangan panjang lantaran suasana carita anu beda-beda tur teu ngagunakeun patokan pupuh

e)

karangan pondok lantaran suasana carita anu beda-beda tur ngagunaken patokan pupuh

22.

beluk nyaeta ...

a)

pagelaran seni tembang (tradisional) maca wawacan ditembangkeun ku sora halon. nadana rata-rata luhur, wirahmana bedas

b)

pagelaran seni tembang (tradisional) maca wawacan ditembangkeun ku sora bedas, nadana rata-rata handap, wirahmana bedas

c)

pagelaran seni tembang (tradisional) maca wawacan ditembangkeun ku sora bedas, nadana rata-rata luhur, wirahmana bedas

d)

pagelaran seni tembang (tradisional) maca wawacan nu teu ditembangkeun ku sora bedas, nadana rata-rata luhur, wirahmana bedas

e)

Pagelaran seni tembang modern maca wawacan ditembangken ku sora bedas nadana rata-rata luhur, wirahmana bedas

23.

Pagelaran wawacan salah sahijina pikeun kapentingan ....

a)

Hiburan

b)

Salametan jeung hiburan

c)

Tradisi jeung kabudayaan

d)

kapercayaan

e)

Ritual keagamaan

24.

Wawacan mangrupakeun hasil karya nu asalna ti....

a)

Sunda

b)

Cirebon

c)

Jawa

d)

bali

e)

Banten

25.

Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur maneuh. Nya eta...

a)

Manggalasastra (alofon), jeung eusi

b)

Manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup (kolofon)

c)

Unsur struktur jeung unsur instrinsik

d)

eusi, jeung panutup (kolofon)

e)

unsur-unsur anu maneuh

26.

Kasmaran kaula muji, Ka gusti ajawajala, Nu murah ka mahluk kabeh, Jeung muji utusannana, Kanjeng nabi muhammad. Conto kalimah diluhur mangrupakeun bagaian tina wawacan nu disebut...

a)

Manggalasastra (alofon)

b)

Eusi

c)

Panutup (kolofon)

d)

Titimangsa

e)

Pupujian

27.

Mekarna wawacan di urang teh ngaliwatan sababaraha tahap, tahap ka 4 nyaeta?

a)

Tembong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa sunda

b)

Lalakon-lalakon wawacan tina sastra jawa teh disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah

c)

Lain narjamahkeun, tapi nyipta carita - carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongeng, hikayat, jeung babad.

d)

Lain nembangken, tapi nyipta carita - carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongeng, hikayat, jeung babad.

e)

Sabada aya teknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah teh rea anu diterbitkeun mangrupa buku, dibarengan ku ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana oge anyar

28.

Carita rekaan nu ukurannana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal nu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kecapi disebut...

a)

Wawacan

b)

Biantara

c)

Carita pondok

d)

Carita pantun

e)

Carita bersambung

29.

Carita pantun mimiti gelar nyaeta ngaliwatan golongan masyarakat ...

a)

Masyarakat dagang

b)

Masyarakat tani

c)

Masyarakat biasa

d)

Para Ulama

e)

Masyarakat pamayang

30.

Carita pantun biasana diayakeun pikeun kapentingan ...

a)

Acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina kawinan

b)

Acara kariaan, acara kawinan, ngaruat imah

c)

Acara pemilihan pamingpin, hiburan, nu kariaan

d)

Acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina rengse panen

e)

Acara ngaruat imah, ngaruat lembur

31.

Bagian anu sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat cerita disebut ...

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

32.

Bagian Nyaritakeun anu ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna bari heunteu ditembangkeun disebut ?

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

33.

Bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh cerita dina hiji kajadian saperti putri dangdan, lengser, lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam di adu jeung sajabana disebut?

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

34.

Paguneman antara parapalakuna pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan. Disebut?

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

35.

Nyarita sorangan atwa nyarita dina jero hate disebut?

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

36.

Pun sapun ka sang rumuhun ka guru putra hyang bayu ka handap ka sang batara kabatara ngaraja wacana diluhur mangrupakeun contoh tina ...

a)

Bagian rajah

b)

Bagian narasi

c)

Bagian deskripsi

d)

Bagian dialog

e)

Bagian Monolog

37.

Upamana nilik kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola anu sarua nyaeta...

a)

Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur ngumbara.

b)

Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur neangan pipamajikaneun

c)

Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pipamajiakaneun

d)

Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran anu keur ngalegaan nagara anyar

e)

Anu teu Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran anu keur ngalegaan nagara anyar

38.

Dina tahun sabaraha carita pantun kungsi ngalaman jaya?

a)

50-an

b)

60-an

c)

45-an

d)

40-an

e)

30-an

39.

Proses ngarobah tina hiji bahasa kana bahasa lain ka leubeut kana hartos naon?

a)

Tarjamahan

b)

Paguneman

c)

Dialog

d)

Wawacan

e)

Narjamahkeun

40.

Sajak anu eusina nyaritakeun ngeunaan dongeng sasatoan disebut?

a)

Sajak balada

b)

Sajak fabel

c)

Sajak lirik

d)

Sajak epik

e)

Sajak sasatoan