wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS_BAHASA SUNDA KELAS 4 SEMESTER 2

Total questions: 25

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Lembur Kuring

Karya : Gilang


Endah pisan lembur kuring

Disawang ti kaanggangan

Biru paul pagunungan

Kasimbutan ku halimun

Pasawahan anu upluk aplak

Patani keur barangpelak

Saban poe ngucur kesang

Engke panen bakal senang

Manuk manuk ngahariring

Dina tangkal dadap cangkring

Deudeuh teuing deudeuh teuing

Nungguan pare Koneng

Waas pisan lembur kuring

Tempat endah mantak tingtrim

Alam paparin Pangeran

Kudu diriksa dijaring


Tema sajak diluhur nyaeta…..

a)

sawah

b)

lembur

c)

alam

d)

kaendahan

2.

Patani anu aya dina sajak diluhur, dicaritakeun keur…….

a)

upluk - aplak

b)

barangpelak

c)

ngahariring

d)

ngucur kesang

3.

Amanat anu aya dina sajak nu hidep baca nyaeta….

a)

urang kudu jadi patani

b)

lembur kuring anu endah

c)

alam paparin pangeran kudu diriksa

d)

lembur anu paparin pangeran

4.

pamandangan di cilaut eureun endah kacida.

Cara nulis aksara gede dina kalimah diluhur sakuduna…….

a)

Pamandangan Di Cilaut Eureun Endah Kacida.

b)

Pamandangan di cilaut eureun endah kacida.

c)

Pamandangan di Cilaut Endah kacida.

d)

Pamandangan di Cilaut endah kacida

5.

Jawa barat ibukotana Bandung.

Kalimah anu bener tina kalimah diluhur nyaeta…….

a)

Penulisan Jawa barat geus bener cara nulisna nyaeta Jawa na badag barat na make huruf leutik.

b)

Penulisan ibukotana salah ditulis make huruf leutik. Sakuduna jadi Ibukota.

c)

Penulisan Bandung geus bener ditulis make huruf Badag kusabab Bandung ngaran hiji tempat.

d)

Penulisan Bandung salah kusabab ditulis make huruf badag. Sakuduna bandung.

6.

Ieu dihandap aya kawih, pek titenan ku hidep !

Gumbira


Rasa guligah rapot alus angkana

Seuri gumbira ha ha ha ha

Seubeuh pamuji irung ge asa kembung

Igel-igelan pak pong pak pong gung


Rasa guligah itungan bener kabeh

Seuri jeung surak, heup heup heup horseh

Waktu pakanci ulin bareng ngalabring

Kakarawihan during duraring


Kawih diluhur ngabogaan…. pada

a)

2

b)

4

c)

6

d)

8

7.

Sedangkeun tiap pada dina kawih diluhur diwangun ku ………..padalisan.

a)

2

b)

4

c)

6

d)

8

8.

Rasa guligah rapot alus angkana

Seuri gumbira ha ha ha ha

Seubeuh pamuji irung ge asa kembung

Igel-igelan pak pong pak pong gung


Dina pada kahiji nyaritakeun tentang…..

a)

Budak anu guligah hatena waktu narima rapot

b)

Seubeuh narima rapot

c)

Ngigel kana wangsa narima rapot

d)

Guligah kusabab rapotna butut

9.

Cita – cita Boim hayang jadi pamaen bola.

Kecap barang dina kalimah diluhur teh nyaeta….

a)

cita - cita

b)

Boim

c)

Hayang

d)

Bola

10.

Si Jalak Harupat

Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih Désember 1945.


1. Tanggal sabaraha Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun?

a)

a. 31 Desember 1945

b)

b. 31 Maret 1897

c)

c. 31 Maret 1945

d)

d. 31 Desember 1897

11.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

12.

Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.

a)

Jajan

b)

Ngacung

c)

Ngadu’a

d)

Olahraga

13.
Pupujian biasana dinadomkeun di ….
a)
Pasar
b)
Sakola
c)
Masjid
d)
Imah
14.

Lengkepan ieu kalimah di handap ku kecap nu ngandung harti injeuman anu merenah!

“ Resep ka Neng Tuti teh jalmina ….. budi.”

a)

Amis

b)

Haseum

c)

Gede

d)

Alus

15.

Bewara sarua hartina jeung

a)

Surat

b)

Pengumuman

c)

Paguneman

d)

Caritaan

16.

Tujuan tina bewara nyaeta....

a)

Sangkan anu dibere beja apal kana naon anu ditepikeun

b)

Sangkan anu dibere beja teu apal kana naon anu ditepikeun

c)

Sangkan bisa ngajawab

d)

Sangkan bisa istirahat

17.

Basa keur batur "Hayang" nyaeta...

a)

Hoyong

b)

Palay

c)

Ingin

d)

Sae

18.

Budi : ...harga mobil teh?

Jaya : dua puluh juta.

Jawaban nu bener nyaeta...

a)

A. Kumaha

b)

B. Saha

c)

C. Sabaraha

d)

D. Naha

19.

Kecap barang nu aya dijero sakola nyaeta...

a)

A. Sapedah jeung mobil

b)

B. Ember jeung kompor

c)

C. Buku jeung meja

d)

Paku jeung palu

20.

Timana wa Ujang meser domba teh?

Kecap pananya di luhur nanya keun...

a)

A. Tempat

b)

B. Waktu

c)

C. Harga

d)

D. Luar

21.

Panulisan aksana gede nu bener nyaeta....

a)

A. Didi nya banyak ka Bandung

b)

B. didi nyaba ka Bandung

c)

C. Didi Nyaba ka Bandung

d)

D. DIDI nyaba ka Bandung

22.

...nu bisa nembangkeun pupuh teh?

Kecap pananya nu bener nyaeta....

a)

A. Saha

b)

B. Iraha

c)

C. Sabaraha

d)

D. Dimana

23.

Lamun rapot hidep alus angkana, bakal ngarasa …

a)

bungah

b)

sedih

c)

sieun

d)

nalangsa

24.

Kudu kumaha sangkan cita-citana laksana?

a)

ulin wae ka warnet

b)

kedul sakola

c)

tara ngerjakeun tugas

d)

getol diajar

25.

Buku Asep (bawa) Ahmad. Kecap bawa kuduna....

a)

babawa

b)

kabawa

c)

bawaan

d)

bawaeun