NEW
Font size
WorksheetsUS Bahasa Sunda 2025
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Jalma nu ngatur heula - pandeurina omongan unggal peserta diskusi waktu cacarita disebut.....
Pamilon
Girang serat
Panumbu catur
Pangjejer
Alesan sababaraha kampung disebut Kampung Adat téh lantaran …
Jadi salah sahiji objék wisata adat
Mindeng ngalaksanakeun upacara adat
Imahna mangrupa imah panggung
Wargana masih kénéh ngukuhan adat karuhun
Melak pare anu meunang ngabinihkeun samemehna nyaéta.....
Tebar
Tandur
Dibuat
Ngahuma
Sing daék usaha atuh ari hayang boga panghasilan mah, apan ceuk paribasa gé….
Lauk buruk milu mijah
Piit ngendeuk-ngendeuk pasir
Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak
Mun teu ngakal moal ngakeul
Sagala kalakuan anu ngalanggar aturan naon baé nu lumaku di masarakat nyéta...
Paribasa
Pamali
Babasan
Uga
Dasar jelema …, sakitu geus meunang bagian, masih ménta kénéh
Laér gado
Gedé hulu
Tiis leungeun
Kandel kulit beungeut
Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Ninina ngantunkeun
Ninina sok ngajajanan
Ninina nyaaheun
Ninina aya di bumi
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .....
Anu dianggap penting pikeun urang
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
Anu dianggap penting pikeun pamimpin
Anu dianggap penting pikeun sarerea
Lalaguan sunda anu dihaleuangkeun dina kaulinan barudak nyaeta....
Kakawihan
Kawih
Tembang
Sisindiran
Naon ari anu di sebut rumpaka téh ?
Lirik
Sajak
Nada
Tulisan
Dina warta aya unsur 5 W + 1 H, nyaéta.......
What, Who, Warm, Why, Week, How
What, When, Where, Who, Why, How
What, When, Where, Who, Why, Have
What, When, Where, Who, Why, Has
Jumlah engang dina unggal padalisan disebut.....
Guru lagu
Guru gatra
Guru kecap
Guru wilangan
Aya sabaraha jumlah sakabeh pupuh....
17
18
19
20
Meuli lontong reujeung cipe
Kertas kado ditalian
Ulah loba maen hape
Matak poho pelajaran
Sisindiran di luhur dumasar téks kaasup .....
Rarakitan
Wawangsalan
Paparikan
Kakawihan
Dudukuy panjang gagangna
Pikir bati ngalanglayung
Wawangsalan tina sisindiran di luhur nyaéta....
Oray
Gayung
Payung
Ati
Dina sisindiran aya nu disebut murwakanti atawa sarua sora tungtung, lamun dina polana nyaéta .....
a-a-b-b
b-b-b-a
a-a-a-a
a-b-a-b
Kagiatan anu dilakukeun pikeun meresihan salah sahijina biasana meresihan pasawahan (pare) tina kayamang sareng gagajahan nyaéta.......
Tebar
Gacong
Ngarambét
Babut
Iklan anu sok ditepikeun ku pamaréntah atawa lembaga-lembaga disebut.....
Iklan layanan perusahaan
Iklan layanan masyarakat
Iklan layanan kesehatan
Iklan layanan kadaharan
Patokan guru wilangan 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i disebat pupuh ?
Asmarandana
Mijil
Kinanti
Sinom
Kecap téh, mah, baé, ogé, waé, kénéh, téa, jsb kaasup kana kecap ?
Panganteb
Panganteur
Panangtu
Panahap
Eusi warta mah kudu nétral, maksudna......
Kudu mihak ka pamimpin
Teu meunang mihak ka salahsahiji pihak
Kudu aya di pihak balarea
Kudu aya di pihak media nu ngawartakeun
Dina waktos ieu, sim kuring seja biantara ngadugikeun jejer “Lembur Kuring Hirup Kuring”. Pangapunten upami dina ieu kasempetan, sim kuring seja medar ieu jejer, sanés ku tiasa atanapi “kokolot begog”, namung bakal ku nyaah ka sarakan.
Mamanis basa dina biantara di luhur kapanggih dina bagian …
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
salam biantara
Babasan "aki-aki tujuh mulud" miboga harti …
Hesé dititah
Geus kolot pisan
medit
sok puak-paok
Ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu nu merenah aya dina kalimah …
Euleuh, itu si Caca ngadahar peuyem sampe mani cacamuilan.
Piraku teu sébéh mah atuh ngadahar lepeut nepi ka sapuluh.
Sangges ngadahar petey manéhna térab.
Abdi mah dipangmésérkeun kembang warnana beureum.
Salasahiji ciri husus tina karangan dongéng nyaéta …
Kanyahoan pangarangna
Ngandung unsur pamohalan
Caritana mangrupa kahirupan sasatoan
Caritana mangrupa carita nyata
Di handap ieu anu wangsalna roti nyaéta …
Gula permen digulung
Abdi mah moal paduli
Dijieunna tina tepung tarigu
Hirup mah kudu loba pangarti
Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi
Najan sono najan heman
Sono nganjang di jalan
Baca sisindiran di handap!
Poé Saptu poé Kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eunduk-eundeukan
Eusi paparikan di luhur nyaéta …
Sésébred
Silih asih
Piwuruk
Heureuy
Dina hiji acara, upama tamu uleman nu hadir pajabat; menteri, bupati jeung gubernur. Urutan sapaan hormat nu disebutkeun ku panata acara nyaéta …
Gubernur, menteri, bupati
Bupati, gubernur, menteri
Menteri, gubernur, bupati
Menteri, bupati, gubernur
Biasa ngadodol gula
Abdi henteu dipaduli
Wawangsalan di luhur téh ngabogaan wangsal..
Dodol
Peremén
Gulali
Aromanis
Sisndiran téh nya éta salah sahiji karya sastra buhun nu umumna di wangun ku opat padalisan. Sisindiran téh kaasup wangun...
Lancaran
Kauger
Drama
Kritik
Nilik kana eusina, artikel téh kaasuip kana karangan.....
Non ilmiah
Sastra
Ilmiah
Fiktif
Guguritan lamun disawang tina wangunna kaasup kana wangun....
Prosa
Puisi
Dongéng
Carita
Guguritan téh kaasup kana karya sastra wangun kauger sabab guguritan mah kauger ku patokan....
Pupuh
Pupujian
Sisindiran
Kakawihan
Cik sing soméah ka batur téh, ulah sok........bisi teu dipikaresep!
Amis budi
Amis daging
Haseum budi
Pait daging
Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian hiji tempat, barang, sasatoan jeung tutuwuhan disebut....
Fabél
Parabél
Sasakala
Sagé
Palaku anu mibanda watek alus disebut palaku....
Antagonis
Protagonis
Tritagonis
Simbiosis
Katangtuan jumlah engang dina unggal jajaran disebut.....
Guru lagu
Guru padalisan
Guru wilangan
Guru pada
Nu dimaksud girang acara nyaéta.....
Jalma anu resep kana acara
Jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara
Jalma anu miboga pancén jeung tanggung jawab dina hiji pintonan
Jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna sawala
“Ulah dahar cau ….! Bisi kasingsalkeun!”
Sareupna
Bari ngadiukan bantal
tengahna
pangsisina
Kunaon atuh mani ...... labuh téh
Blag-blig-blug
Dag-dig-dug
Trang-treng-trong
Hak-hek-hok
