wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal ASAJ Basa Sunda - Kelas 6

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Paribasa anu merenah ngagambarkeun kalimah di luhur nyaéta …

a)

adat kakurung ku iga

b)

agul ku paying butut

c)

halodo sataun lantis ku hujan sapoé

d)

ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

2.

Pék titénan sajak ieu di handap!

Éndah pisan lembur kuring

Disawang ti kaanggangan

Biru paul pagunungan

Kasimbutan ku halimun

Jejer sempalan sajak di luhur nyaéta …

a)

sosial

b)

kaéndahan

c)

lingkungan

d)

kapahlawanan

3.

Pék titénan pupuh ieu di handap!

Pupuh Magatru

Coba teguh naon nu sukuna tilu

panon opat heunteu galib

leumpang rumanggieung laun

estuning ku matak watir

dongko bari aha oho

 

Eusi pupuh di luhur nyaéta nyaritakeun ngeunaan …

a)

aki – aki anu diiteuk, dikacamata, leumpangna rumanggieung teu bisa ajeg matak pikawatireun.

b)

aki – aki anu buta, dikacamata, leumpangna laun matak pikawatireun bari dongko wae.

c)

aki – aki anu diiteuk, dikacamata hideung, leumpangna teu bisa ajeg bari dongko wae.

d)

aki – aki anu buta, dikacamata, leumpangna rumanggieung teu bisa ajeg.

4.

Kaulinan anu ngagunakeun batu anu buleud gepéng atawa anu démprak saukuran dampal leungeun atawa gadéan saeutik, nyaéta …

a)

gampar

b)

gatrik

c)

sondah

d)

béklen

5.

Pék titénan pupuh magatru ieu di handap!

Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur

buluna carentik rintik

matana mangpuluh – puluh

rasa haseum semu amis

rajeg narangtung di kebon

Guru lagu jeung guru wilangan dina padalisan kaopat pupuh di luhur nyaéta …

a)

8-i

b)

8-e

c)

8-u

d)

8-o

6.

"Ceulina beureum bakating ku era basa kapanggih keur nyalin di tukangeun panto."

Kecap dina kalimah di luhur anu hartina konotatif nyaéta …

a)

beureum

b)

nyalin

c)

kapanggih

d)

panto

7.

Muga-muga wabah panyakit corona téh buru-buru leungit di dunya ieu!

Nilik kana eusina, kalimah di luhur kaasup kalimah ....

a)

panitah  

b)

pangajak    

c)

panyaram

d)

panghareup

8.

Jang Juned mah loba nu mikaresep di mamana ogé, da manéh namah ....

Pikeun ngalengkapan kalimah di luhur nyaéta ....

a)

haseum budi     

b)

amis budi   

c)

laér gado

d)

gedé hulu

9.

Di handap ieu nu kaasup kalimah aktif intransitif. Nya éta ....

a)

Adi, Dinda jeung Yuni keur jajan cilok.

b)

Dendi, Dinda jeung Denti keur maca buku di perpustakaan

c)

Barudak keur ngojay di walungan.

d)

Bapana Yuda keur nulis surat keur ka sakola.

10.

Barudak keur maraca buku dongéng di Perpustakaan.  Rarangkén tengah -ar- dina kecap maraca ngandung harti ....

a)

loba nu migawéna    

b)

loba bukuna

c)

loba dongéngna

d)

loba nu datangna

11.

Adi saréng réréncangana ngawawacara pa Suganda, Numutkeun pa Suganda, taleus Bogor nu asli téh aya tilu rupa. Pa Suganda téh jadi tokoh anu di wawancara, sok disebut ....

a)

wartawan

b)

patani

c)

narasumber

d)

ajudan

12.

Pikeun nu dagang wawarungan mah balanjana tangtu ka Pasar tradisional moal ka Pasar Swalayan supaya hargana leuwih murah.

Dina kalimah di luhut aya kecap Pasar Tradisional, wawarungan jeung Pasar Swalayan. Kecap-kecap saperti kitu kaasup kana istilah ....

a)

perdagangan 

b)

industri   

c)

ekonomi

d)

tehnologi

13.

Ari jadi jelema mah mun teu nyaho kudu daék tatanya supaya jadi nyaho.

Paribasa anu akur jeung kalimah di luhur nya éta ....

a)

bodo katotoloyo

b)

pintér kodék

c)

bobo aléwoh

d)

pinter kabalinget

14.

Mang Konod ngala lauk di balong.

Kalimah samodél kitu kaasup kana kalimah ....

a)

barang  

b)

kaayaan     

c)

pagawéan

d)

paréntah

15.

Ku kamajuan téhnologi, hal-hal anu tadina pamohalan ayeuna geus teu dianggap anéh.

Pamohalan hartina ....

a)

kaanéhan

b)

luar biasa

c)

mustahil/teu mungkin

d)

biasa wae

16.

Supaya henteu basi sayur téh disimpén dina kulkas.

Dina kalimah di luhur aya kecap ’kulkas’ mangrupa kecap serepan tina basa ....

a)

Arab

b)

Jawa

c)

Inggris

d)

Walanda

17.

Awak Dendi mah jangkung gedé, henteu leutik siga adina.

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

sifat

b)

pagawéan

c)

aktif

d)

paréntah

18.

Kecap aksara Sunda di luhur, dibacana....

a)

Sunda 

b)

Taleus 

c)

Kebon Raya

d)

Bogor

19.

Pék titénan kawih ieu di handap!

KARATAGAN KI SUNDA

(Rumpaka & lagu : Ganjar Kurnia)

 

Ieu kuring

Kuring, lalanang Sunda

Kuring, wanoja Sunda

Mikanyaah ka rahayatna

Rék ngarumat lemah caina

Rék rumawat kabudayaanna

 

Moal rék luncat mulang

Lamun sunda can meunang

Makalangan …………….. kumelendang

 

Reff :

Getih kuring, renghap kuring

Bathin kuring, sukma kuring

Tekad kuring, léngkah kuring

Pikeun Sunda

Nanjeur ……. nanjeur ………

Nanjeur di buana

 

Ajén – inajén anu aya dina kawih di luhur diantarana …

a)

Hormat kana budaya Sunda

b)

Sumanget juang pikeun kamerdekaan

c)

Micinta kana budaya Sunda jeung lemah caina

d)

Nandonkeun jiwa raga pikeun kamerdekaan Sunda

20.

Pék titénan sajak ieu di handap!

Cai nu canémbrang hérang nu badag ngagulidag

Kiwari geus teu katingali

Ti girang matak hariwang kana haté matak melang

Sok sieun caah déngdéng datang

Penggalan (jeda) sajak anu merenah sangkan bener ma’nana nyaéta …

a)

Cai nu canémbrang //hérang nu badag ngagulidag

Kiwari geus //teu katingali

Ti girang //matak hariwang kana haté// matak melang

Sok sieun caah //déngdéng datang

b)

Cai nu canémbrang hérang //nu badag ngagulidag

Kiwari //geus teu katingali

Ti girang matak hariwang //kana haté matak melang

Sok sieun //caah déngdéng datang

c)

Cai nu canémbrang hérang //nu badag ngagulidag

Kiwari //geus teu katingali

Ti girang matak hariwang// kana haté //matak melang

Sok sieun caah //déngdéng datang

d)

Cai nu canémbrang //hérang nu badag //ngagulidag

Kiwari geus //teu katingali

Ti girang //matak hariwang //kana haté matak melang

Sok sieun //caah déngdéng datang