NEW
Font size
WorksheetsASAJ B.SUNDA 6A
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Kantong Keretas
Unggal balik ti sakola Juhri tara katempo ngulampreng ulin. Manéh na boga tugas ngabantu pakasaban kulawarga. Ari pakasaban kulawargana nyaéta industri rumah tangga nyieun kantong keretas.
Anu dipigawé ku Juhri nyaéta motongan keretas, sakumaha pola jeung ukuran kantong. Geus kitu mah keretas-keretas meunang motongan dilepet-lipet terus di elém. Juhri dina sapopoé bisa nyieun dua ratus kantong keretas, tina saratus kantong kerestas anu dijieunna diburuhan dua rébu rupia. Juhri bisa nabung, jeung sakalieun hayang jajan atawa meuli buku teu kudu ménta ka kolotna.
Naon pakasaban kolotna Juhri?
ngumpulkeun keretas urut
nyieun kantong kertas
motongan kantong keretas
dagang keretas urut
Pikeun ngamumulé kadaharan ( kulinér) khas Jawa Barat, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disbudpar) jawa barat ngayakeun acara Féstival Kulinér khas jawa barat.
Kecap ngamumulé dina bahasa Indonesia sarua jeung ….
memperhatikan
mengindahkan
melestarikan
menjaga
Raksukan ulah kalotor, upami kalotor, énggal …, ulah ditambrukeun atanapi digantungkeun.
jaitan
poékeun
keueuman
seuseuhan
Mung sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan naon-naon anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaatna. Hatur nuhun anu kasuhun, hapunten kana samukawis kalepatan, urang pungkas dugi k adieu.
Wangun kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ….
panutup
salam pamuka
salam panutup
eusi
Puji sukur kasanggakeun ka Gusti nu maha asih, anu parantos … saniskara kani’matan ka urang sadayana dugi ka danget ayeuna.
dipasihan
masihan
dipasihkeun
masihkeun
Sampurasun, dijawabna ….
mangga
rampés
manga calik
Wa’alaikum salam
… jenengan Bapa?
Di mana
Kumaha
Ti mana
Saha
Badé angkat …?
ka mana
ti mana
di mana
mana
“ Bapa kuring mah pagawéana téh jadi pamayang.”
Pamayang téh nyaéta jalma nu pagawéana tukang ….
ngala lauk di laut
nyieunan parahu
nyelam di laut
dagang lauk
“Urang dina hirup kumbuh sapopoé kudu mibanda tatakrama”
Tatakrama hartina ….
hitup kumbuh
sopan santun
campur gaul
sosobatan
Pun Bibi kamari … ka Cianjur.
angkat
indit
miang
mios
Abdi dipiwarang … pacul ku Pa Nana
nyokot
mawa
nyandak
ngabantun
Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak, kukumpul ti lelembut, geus gedé ngan kari maké.
Paribasa di luhur hartina nyaéta ….
kudu daek make
kudu daek dititah
kudu daek nabung
kudu daek prihatin
Di handap ieu nu kaasup kalimah aktif nyaéta ….
Ika mérésan buku
Runtah dipiceun ku Ujang
Cing, pangmawakeun kantong!
Buruan disapukeun ku Bi Ijah
Baca paguneman di handap ieu!
Maman : “ Dun, geus maca béwara di sakola?
Dadan : “Béwara naon,Man?
Maman : “ Di sakola urang rék diayakeun lomba pidato basa Sunda, rék miluan moal, Dun?
Dudun : “Ih! Boro-boro miluan pidato, nyarita maké basa Sunda gé teu lancar kuring mah.”
Maman : “Wah! Piraku jadi urang Sunda teu lancar kana basa Sunda, pan di imah maké basa Sunda?
Eusi paguneman di luhur nyaéta . . .
sakola rék ngayakeun lomba pidato basa Sunda
sakola keur ngayakeun lomba pidato basa Sunda
urang sunda kudu bisa basa sunda
disakola kudu maké basa sunda
“Upami aya waktos (tangtos) abdi gé badẻ dongkap”
Kecap (tangtos) mun maké rarangken tengah –in- jadi….
katangtosan
tinangtos
antosan
diantos
Baca Pupuh Sinom di handap ieu!
Aya hiji rupa kembang
Raranggeuyan tapi leutik
Rupana bodas kacida
Matak lucu liwat saking
Hanjakalna da teu seungit
Lamun ku urang di ambung
Kitu sotéh ti beurang
Lamun heug mungguh tipeuting
Sumeleber nyambuang sapakarangan
Guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur nyaéta ....kitu soteh ti beurang
8-i, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-i
8-u, 8i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12 -a
8-a, 8-u, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12 –i
Neng Nada mah ..., tara nolak mun di titah téh
hejo tihang
gedé haté
amis budi
hampang birit
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ….
dekok
legok
jero
bolong
Baca paguneman di handap ieu !
Bilal: Naon nu ngajantenkeun Pa Dani janten pangusaha tahu nu suksẻs sapertos ayeuna ieu?
Pa Dani : Koncina mah hiji kanggo kasuksẻsan mah, nyaẻta getol di damelna
Bilal: Janten, ku getol di damel Pa Dani tiasa sukses siga kieu tẻh?
Pa Dani: Ditambih ku getol ibadah tangtosna ogẻ supados jalan kanggo kasuksẻsan digampilkeun ku Allah SWT.
Topik paguneman di luhur nyaéta ....
iklas mayunan cobaan
rajin ibadah teu kudu digawe
cara nyajikeun tahu nu leres
koncina sukses pangusaha tahu
Kalimah di handap ieu nu make rarangkén tengah “-al" nyaéta….
Di balong lauk téh paraéh kabéh
Buah téh ieu mah keur humaseum
Ka mana nya barudak téh wayah kieu can daratang
Ari keur puasa mah biasana téh sok laleuleus
Baca wacana di handap ieu pikeun ngajawab soal!
Buah-buahan kacida loba manpaatna pikeun kasehatan awak urang. Vitamin nu aya dina buah-buahan kacida dibutuhkeuna. Saumpamana kandungan vitamin A dina apel hẻjo, manpaatna pikeun kasehatan panon.Salian ti ẻta, kandungan vitamin B2 na bisa menangkal radikal bẻbas dina awak urang. Lain ngan ukur tina buah apel wungkul, kitu ogẻ urang bisa meunang vitamin tina buah-buahan nu sajẻnna,
Manfaatna vitamin A dina apel hẻjo bisa keur ubar kasẻhatan ....
panon
kulit
tulang
bueuteung
Vitamin nu aya dina buah-buahan kacida dibutuhkeunna
Sinonim kecap dibutuhkeun, nyaẻta ….
diperlukeun
dimanpaatkeuna
dipikahayang
dipibeuki
Baca sajak di handap ieu !
Sajak Gupay Katineung
Ranggeuyan sungkeman kahéman
Kadeudeuh Bapa, Ibu Guru nu moal sirna
Nu moal kasilih ku waktu
Nu moal perlaya ku jaman
Tékad anjeun nu satia
Seungitna sumebar di alam dunya
Jumlah engang dina padalisan di luhur nyaéta ....
8 , 14, 9, 8,8,11
9 , 14, 9, 9,8,11
9, 9, 14, 8 ,9,12
8 , 10, 9, 9,8,12
Kalimah di handap ieu nu ngandung harti konotatif nyaéta ....
Rambutan téh amis rasana
Dodol garut rasana amis
Nẻng Lala mah amis budi
Mun kurang amis kolek tẻh gulaan deui
Udin geus ngarasa lapar, waktu dibéré kue ku Ujo langsung wé … dahar
Kecap panganter nu merenah pikeun titik-titik di luhur nyaaéta …
am
gék
jung
blug
Kanggo pameget netepan
Meserna sanes ti warung
Arti wawangsalan di luhur nyaéta ….
karung
sarung
kurung
kurang
Sajak Kariaan
Cuh cih di buruan tukang
pak pik pek di dapur
trang tréng trong di panggérohan
ditata dahareun di rohang parasmanan
ngampar bagugah di tengah imah
Geuning kariaan
paingan dipasang balandongan
Aya nu disepitan
ngantay nu sarumping
maparin cecepan ka budak sunat.
Nyaritakeun naon sajak di luhur?
kaayaan dinu hajat nyunatan
kagiatan nu masak
nu daratang ka ondangan
nyunatan masal
Nu kaasup kalimah panyeluk di handap ieu nyaéta . . . .
Aduh! atoh pisan, bal téh geus kapanggih deui!
Sabaraha pangaosna buku téh?
“Bapa mah nuju angkat ka garut”
Dinteun kamari Udin teu sakola.
Jenengana Jihad Abdulah Dilahirkeuna di Bandung, 9 Mei 2004 Anjeuna siswa SD kelas V, No. Telpna (022) 778776 (5).Agamana Islam Bumina di Jalan Pasir Jati No. 12 Bandung.
Eusina wasta nyaéta….
Islam
Jihad Abdulah
Bandung, 9 Mei 2012
Jalan Pasir Jati No. 12 Bandung
