Font size
WorksheetsLatihan Soal Basa Sunda
Total questions: 45
Worksheet time: 35mins
"hadirin nu ku simkuring dipihormat"
Ungkara di luhur kaasup kana bagéan …
Bubuka
Pangbagéa
Pangbagéa randegan
Eusi
Nu dijéntrekeun ku panata acara dina acara panutup kaunggel di handap ieu, iwal …
Ngébréhkeun yén acara geus réngsé
Sanduk-sanduk ménta hampura bisi aya kasalahan salila jadi panata acara
Mingpin ngucapkeun hamdallah
Mingpin du'a
1. 1) Laporan panata calagara
2) Pangbagéa ti Komiteu Sakola
3) Pangbagéa
4) Pangbagéa ti Pupuhu Sakola
5) Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
6) Do’a
7) Upacara adat paturay tineung
8) Panutup
Kaidah-kaidah runtuyan acara Paturay Tineung kelas 9 nya éta....
3-1-5-4-6-2-8-7
3-5-1-4-2-6-8-7
3-1-5-4-6-5-2-8
3-5-1-2-4-7-8-6
Acara anu dipandu ku panata acara, nya éta …
Sawala (diskusi)
Kerja kelompok
Rapat
Isro Mi'raj
Nu kaasup kana kalimah wawaran, nya éta...
Jeung saha Rendi inditna?
Nya ari kitu onaman mah, ngan ulah sakali-kali deui wé!
Ulah miceun runtah didieu!
Mang usep meunang lauk ti Wahangan.
Nu kaasup kana kalimah pananya, nya éta...
Indit ka dituh!
Euleuh-euleuh, éta jang Asep geuning geus jangkung kitu.
Euleuh, éta mani kalotor kitu.
Kunaon kamari manéh teu sakola?
"Euleuh-euleuh si Asep meuli motor anyar" Kaasup kana kalimah....
Wawaran
Pananya
Paréntah
Panyeluk
Artikel eusina méré prediksi atawa kamungkinan hal anu baris karandapan dina mangsa nu bakal datang, ngeunaan hiji hal anu aya patalina jeung nu keur dibahas.
Déskriptif
Éksplanatif
Prédiktif
Préskriptif
Artikel nu eusina ngandung ajakan, dorongan, atawa paréntah ka nu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.
Déskriptif
Éksplanatif
Prédiktif
Préskriptif
Nu dimaksud artikel éksplanatif nya éta ….
Tulisan nu eusina ngajéntrékeun hiji masalah
Eusina nerangkeun kalawan nepi ka bubuk leutikna ngeunaan hiji masalah
Eusina méré prediksi atawa kamungkinan hal anu baris karandapan dina mangsa nu bakal dating, ngeunaan hiji hal anu aya patalina jeung nu keur dibahas
Eusina ngandung ajakan, dorongan, atawa paréntah ka nu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.
1. Asal-usul kasenian calung. Jaman baheula para pamuda anu ngamaénkeun calung, nu waktuna téh dina sela-sela pagawéanana. Mangrupa panyelang waktu reureuh tina gawé atawa pikeun ngusir ngagebahan manuk di sawah.
Jejer nu dipedar dina artikel di luhur ngeunaan…
Asal-usul seni calung
Pungsi calung
pamaen calung
pagawean pamaen calung
Di daérah Parung Kabupaten Tasikmalaya aya upacara adat anu disebut tarawangsa. Dina ieu upacara, calung dikolaborasikan jeung waditra nu disebut tarawangsa. Ieu upacara téh dilaksanakeun sabada panén, nu mangrupa wujud tina muji sukur lantaran geus panén kalawan mucekil hasilna.
Téma dina artikel di luhur nya 'eta…
Géografi
Kasenian
Agama
Pagawéan
Aya dua pamadegan asal usul kecap sawer téh. Kahiji cenah sawér asal kecapna tina awer (awur) lantaran dina upacara sawér dipungkas ku ngawurkeun barang sawéran. Aya deui nu nyebutkeun yén sawér téh asal kecap tina panyawéran, lantaran tempat kagiatan nyawér biasana di tempat panyawéran hareupeun imah nu boga hajat.
Jejer nu dipedar dina artikel di luhur ngeunaan ....
Sawér
Tempat nyawér
Asal usul kecap 'sawér'
Barang anu disawérkeun
Nepikeun informasi nu sipatna faktual ngeunaan hiji masalah, boh individual boh kelompok , ka pihak nu tangtu, disebut…
Warta
Laporan
Drama
Novel
Kaidah-kaidah dina nepikeun laporan ka unggal di handap ieu , iwal...
Nangtukeun jejer (topik) laporan
Laporan di tulis kalwan sistematis, saluyu jeung ruruntuyan kajadian
Nyatetkeun unggal kagiatan secara sistematis saluyu jeung hasil panalungtikan
Nyampeurkeun kagiatan nu peunting, jeung nu kurang penting dina laporan
Nurutkeun cara nepikeunana, laporan dibagi dua nya éta…
Laporan kagiatan jeung laporan kaayaan
Laporan kajadian (peristiwa) jeung laporan perjalanan
Laporan hasil rapat jeung samemeh rapat
Laporan lisan jeung tulisan
Kalimah dina laporan kudu saluyu jeung papagon di handap ieu , iwal…
Pondok, singget, jentre
Ngagunakeun basa basajan jeung gampil kahartina
Ngagunakeun istilah asing
Merhatikeun etika (sopan santun)
Wanci haneut moyan beus anjog ka hareupeun Musieum Geologi
Latar waktu dina laporan lalampahan di luhur nuduhkeun tabuh...
06.00 WIB
08.00 WIB
12.00wib
16.00 WIB
Anu kaasup kalimah transitif ieu di handap nya éta...
Asep maén bal
Bi Dewi meuli baju ti jogja
Rendi nguseup
Bi Elis keur sasapu
Néng Amel nuju ibak mangrupa kalimah...
Transitif
Intransitif
Parénah
Panyeluk
Palaku anu boga karakter pikaresepeun (picontoeun) dina hiji carita pondok, disebut...
Antagonis
Protagonis
Tritagonis
Kartunis
Amanat dina hiji karya sastra maksudna...
Hal-hal penting nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca, ngaliwatan paripolah tokoh anu digambarkeun dina carita
Jalan carita, kajadian nu dilalakonkeun
Jiwa pangarang nu jadi patokan poko pangarang dina ngagelarkeun carita
Pasifatan tokoh kapanggih tina ingkah lakuna atawa paripolah tokohna sorangan dina suasana anu tangtu
Di handap ieu buku kumpulan carita pondok, iwal...
Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga
Halimun Peuting karangan Iskandarwasid
Néangan karangan Caraka
Baruang Ka Nu Ngarora karangan Ahmad Bakri
Anu kaasup kana kalimah aktif di handap ieu nya éta...
Jajang dititah nyokot baju.
Rokok téh diudud ku mang Hendi.
Mobil téh dibeuli ku mang Deni.
Manéhna meuli minyak.
Pupuhu Madrasah anu ku simkuring dipikahormat,
Bapa kalih ibu guru anu kusimkuring dipikahormat,
Teu hilap réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikareueus sareng dipikadeudeuh.
Ungkara di luhur kaasup kana bagéan.…
Bubuka
Pangbagea Randegan
Pangbagea
eusi
Kaayaan nu diébréhkeun ku pangarang, misalna suasana hégar, pikasediheun, pikahariwangeun, jsté. Dina hiji carpon mangrupa analisis carpon ...
Latar waktu
latar tempat
latar suasana
latar alam
Sora mobil geus deukeut... barang ngaliwat pisan ka hareupeun imah, kuring bati hanjelu, lantaran nu datang téh lain téngki nu mawa cai, tapi treuk nu ngajual kai keur pabrik.
‘’engke Asar meureun, Dung!’’ ceuk Bapa kawas nu surti kana kahanjelu kuring.
Watek bapa nya éta ....
Hanjelu
sabar
gede kawani
nyaah
“Ni, cing pangnyokotkeun suluh ti tukangeun imah!” Ema ngagorowok.
“Alim, ah Ma! Kagok….!” Ani ngagorowok ti kamarna.
“Hih, ari manéh, iraha atuh daék tutulung ka indung téh? Teu cara lanceuk manéh, si Andri, daékan!” Saur Ema bari ngaléos rék nyokot suluh.
Watek tokoh Andri kaunggel ku cara….
Langsung dicaritakeun ku pangarang
Ngaliwatan omongan tokoh lian
Paripolah tokoh
Omongan palaku sorangan
Latar atawa setting ngawengku hal di handap ieu, iwal...
Waktu
Tempat
Suasana
Tatarias
Girang acara téh nya éta jalma anu ngabogaan pancén purah ngatur lumangsungna hiji acara, boh acara anu sifatna formal atawa nonformal.
Bener
Salah
Panata acara nya éta jalma purah ngatur acara sawala.
Bener
Salah
Ti kamari kuring teu sakola téh lantaran gering. Kalimat dicetak kandel mangrupa conto kalimat panyeluk.
Bener
Salah
Ti kamari kuring teu sakola téh lantaran gering. Kalimat dicetak kandel mangrupa conto kalimat panyeluk.
Bener
Salah
Artikel préskriptif nya éta artikel anu eusina nerangkeun hiji masalah nepi ka bubuk leutikna.
Bener
Salah
Artikel eksplanatif nya éta artikel anu eusina ngandung ajakan, dorongan atawa paréntah ka nu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.
Bener
Salah
Mang Asep loba hutang. Kalimat anu dicetak kandel mangrupa conto kalimat bilangan.
Bener
Salah
Laporan nya éta nepikeun informasi nu sifatna faktual ngeunaan hiji masalah, boh individu boh kelompok, ka pihak anu tangtu.
Bener
Salah
Kalimat intransitif nya éta kalimat anu predikatna kecap pagawéan intransitive, nya éta kecap pagawéan anu henteu merlukeun objék.
Bener
Salah
Samsul nulis surat. Kalimat anu cetak kandel mangrupa conto kalimat intransitif.
Bener
Salah
Hapid meuli baju lebaran. Kalimat anu cetak kandel mangrupa conto kalimat aktif.
Bener
Salah
Jéntrékeun naon bébédaan panata acara jeung panumbu catur !
Pék jieun hiji teks pangbagéa bubuka acara dina salah sahiji acara formal !
Jéntrékeun naon nu dimaksud Artikel déskriptif jeung artikel Prediktif !
Naon nu dimaksud téma dina carpon !
Pék jieun masing-masing 1 kalimah !
a. Kalimah Langsung
b. Kalimah teu langsung
