wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian kelas X B Sunda SMA

Total questions: 40

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Dina sajarahna, sajak Sunda mimit muncul taun 1946 nu ditulis ku sastrawan anu ngaranna...

a)

Ajip Rosidi

b)

Kis Ws

c)

Wahyu Wibisana

d)

Yus Rusyana

e)

Tini Kartini

2.

Munculna wangun sajak nimbulkeun  polemik (pagedrung pamadegan), utamana polemik muncul di koran ...

a)

Nonoman Sunda

b)

Kujang

c)

Sipatuhanan

d)

Galur

e)

Pikiran Rakyat

3.

Eta polemik teh Nembongkeun bedana pamadegan antara ...

a)

Pangarang puisi jeung pangarang prosa

b)

Generasi kolot jeung generasi ngora

c)

Redaktur jeung sastrawan

d)

Penerbit jeung pangarang

e)

Pangarang lalaki jeung pangarang awewe

4.

Ceuk nu nolak sajak dina polemik, sajak mah pangaruh deungeun (Barat) da nu dianggap banda asli Sunda mah nyaeta wangun ...

a)

Guguritan atawa dangding

b)

Novel atawa roman

c)

Wawacan jeung guguritan

d)

Prosa

e)

Puisi

5.

Dina polemik nu ka- 1 ngeunaan sajak Sunda taun 1950-an, utamana nembongkeun kateupanuju kana sajak ti hiji jalma anu nyumput dina sandi asma ...

a)

Wahyu Wibisana

b)

Usep Romli H.M.

c)

Ki Sunda

d)

Rachmat M. Sas Karana

e)

Sangkuriang

6.

Dina polemik nu ka-2 anu muncul taun 1955-an dikokojoan ku bedana pamadegan antara ...

a)

Yuyu Yuliati jeung Wahyu Wibisana

b)

Yuyu Yuliati jeung Wahyu Wibisana ngalawan generasi kolot

c)

Generasi ngora ngalawan Yuyu Yuliati

d)

Generasi kolot ngalawan Wahyu Wibisana

e)

Generasi puisi ngalawan generasi prosa

7.

Sajak Sunda ahirna ditarima jadi bagian tina kasusastraan Sunda, utamana sanggeus medal buku kumpulan sajak munggaran taun 1963 anu judulna ...

a)

Nu Mahal ti Batan inten karangan Yus Rusyana

b)

Carita Biasa karangan RAF

c)

Ombak Laut Kidul karangan Rachmat M. Sas Karana

d)

Lalaki di Tegal Pati karangan Sayudi

e)

Maung Bayangan karangan Etti R.S

8.

Ti entragan taun 1950-an, karya para pangarang sajak teh dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga dina antalogi ...

a)

Sajak Sunda Indonesia Emas

b)

Saratus Sajak Sunda

c)

Kanjut Kundang

d)

Sajak Sunda

e)

Sawidak Sajak

9.

Panyajak nu kaasup entragan munggaran sabada polemik 1950-an di antarana ...

a)

Hadi AKS

b)

Teddi Muhtadin

c)

Nunu Nazarudin Azhar

d)

Deden Abdu Aziz

e)

Rukasah S.W

10.

Sajarah kamekaran sajak Sunda ti magsa ka mangsa kungsi didokumentasikeun karya jeung pangarangna dina buku Sajak Sunda anu medal taun 2006 au disusun ku ...

a)

Abdullah Mustappa

b)

Ajip Rosidi

c)

Usep Romli H.M

d)

Rusman Sutiasumarga

e)

D.K Ardiwinata

11.

Patepung lawung, paamprok ...

a)

Raray

b)

Jonghok

c)

Wajah

d)

Orok

e)

Emok

12.

Indung tunggul rahayu, bapa tangkal ...

a)

Darajat

b)

Kanyaah

c)

Salamet

d)

Kaasih

e)

Kaheman

13.

Ngaleut ngangkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang ...

a)

Tangkal

b)

Caang

c)

Bulan

d)

Pinang

e)

Lapang

14.

Ti luhur sausap rambut, ti handap sausap ...

a)

Sendal

b)

Dampal

c)

Apal

d)

Ramo

e)

Leungeun

15.

Kudu ngindung ka waktu, kedah ngadapa ka

a)

Wayah

b)

Alam

c)

Jaman

d)

Mangsa

e)

Sasama

16.

Niti wanci mustari, ninggang mangsa nu ...

a)

Saayana

b)

Sagalana

c)

Saaya-aya

d)

Sampurna

e)

Sarua

17.

Burudul anu dikidul, barabat anu ti ...

a)

Wetan

b)

Kaler

c)

Kulon

d)

Luhur

e)

Handap

18.

Tunggul dirarud, catang ...

a)

Dirumpak

b)

Dirempak

c)

Ditabrak

d)

Dirampog

e)

Diliwat

19.

Bisi aya nu ngabitur kana tuur, bisi aya nu ngebelentrang kana ...

a)

Beuheung

b)

Panon

c)

Leungeun

d)

Dada

e)

Tarang

20.

Pondok nyogok panjang ...

a)

Nyugak

b)

Mapay

c)

Jalan

d)

Leuwih

e)

Mangsa

21.

“Sugrining puji sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Puja urang sanggakeun ka Alloh NU Maha Kawasa. Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur, nu parantos maparinan, nu teu tiasa diwincik hiji-hiji.”

Omongan girang acara di luhur tea rea ngandung ...

a)

Purwakanti

b)

Babasan

c)

Paribasa

d)

Gaya basa

e)

Sisindiran

22.

“Sugrining puji sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Puja urang sanggakeun ka Alloh NU Maha Kawasa. Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur, nu parantos maparinan, nu teu tiasa diwincik hiji-hiji.”

Omongan diluhur teh biasana diucapkeu dina bagian ...

a)

Ngawilujengkeun para tamu

b)

Medar topik acara

c)

Bubuka acara

d)

Panutup acara

e)

Ngahaturan nu ngeusi acara

23.

“Sugrining puji sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Puja urang sanggakeun ka Alloh NU Maha Kawasa. Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur, nu parantos maparinan, nu teu tiasa diwincik hiji-hiji.”

Omongan diluhur teh ilaharna disebut

a)

Pangwilujeng

b)

Mukadimah atawa bubuka

c)

Runtuyan acara

d)

Nutup acara

e)

Doa

24.

“Nitip wanci nu mustari, ninggang mangsana nu sampurna. Nyucruk galur nu kapungkur, mapay raratan baheula. Pasini bihari nya ayeuna ngajadi. Batu turun keusik naek, itu purun ieu daek. Dangeut ieu pisan urang riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok teh, taya sanes kanggo nyakseni jatukramina Neng Ida, putrina Bapa sungkana kalih Ibu Rodiah, nu kabiruyungan ngandahup ka Cep Alfi, putrana Bapa Dudung sareng Ibu Sumarni.”

Omongan girang acara di luhur teh biasana ditepikeun dina acara ...

a)

Nyepitan

b)

Tingkeban

c)

Upacara adat pernikahan

d)

Walimahan (nikahkeun)

e)

Ngistrenan

25.

Kalimah nitih wanci nu mustari, ninggang mangsana nu sampurna, nyukcruk nu kapungkur, mapay raratan baheula ngandung ...

a)

Babasan

b)

Paribasa

c)

Sisindiran

d)

Wawangsalan

e)

Purwakanti

26.

Kalimah-kalimah ieu di handap teh ngandung purwakanti, iwal ...

a)

Batu turun keusik naek, itu purun ieu daek

b)

Patepung lawung paamprok jonghok

c)

Putrana Bapa Dudung sareng Ibu Sumarni

d)

Nitih wanci nu mustari

e)

Nyukcruk galur nu kapungkur

27.

“Carek wiwilanganana, asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, bingah amarwatasuta, bingah kagiri-girireh ieu pejemuhan teh kariung ku dulur-dulur, kasakseni ku wargi-wargi, diluuhan ku pinisepuh, kamurba ku baraya rea.”

Bagian tina omongan girang acara di luhur anu kagolongkeun kana paribasa nyaeta ...

a)

asa kagunturan madu kaurugan menyan putih

b)

Carek wiwilanganana

c)

ieu pejemuhan teh kariung ku dulur-dulur

d)

kasakseni ku wargi-wargi

e)

diluuhan ku pinisepuh, kamurba ku baraya rea

28.

“Carek wiwilanganana, asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, bingah amarwatasuta, bingah kagiri-girireh ieu pejemuhan teh kariung ku dulur-dulur, kasakseni ku wargi-wargi, diluuhan ku pinisepuh, kamurba ku baraya rea.”

Harti eta paribasa teh nyaeta ...

a)

Ngarasa sedih pisan

b)

Ngarasa bagja pisan

c)

Ngarasa kagunturan madu

d)

Ngarasa jadi sepuh

e)

Ngarasa loba dulur

29.

Omongan girang acara ieu di handap anu merenah nyaeta ...

a)

“acara salajengna biantara pamapag Bapa Kapala sakola. Ka Bapa kapala Sakola sumangga dihaturanan.”

b)

“acara salajengna biantara pamapag Bapa Kapala sakola. Waktos sareng tempat mangga dihaturanan.”

c)

“acara salajengna biantara pamapag Bapa Kapala sakola. Ka Bapa sumangga geura ka payun.”

d)

“acara salajengna biantara pamapag Bapa Kapala sakola. Ka Bapa Kapala Sakola tempat sareng waktosna tos disayogikeun.”

e)

“acara salajengna biantara pamapag Bapa Kapala sakola. Mangga nyanggakeun.”

30.

“sakitu nu kapihatur. Sim kuring salaku girang acara nyuhunkeun dihapunten boh bilih dina mmmancen gaaawe aya anu ....... langkung saur bahe carek, boo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.”

Titik-titik diluhur merenahna dieusian ku kalimah ...

a)

Sabata sarimbagan

b)

Sabobot sapihanean

c)

Pondok nyogok panjang nyugak

d)

Ka cai jadi saleuwi

e)

Ka darat jadi salebak

31.

Ninggang dina paribasa…., boga duit ngan sakitu-kituna gè dipasrahkeun wè tibatan cilaka awak.

a)

Banda tatalang raga

b)

Henteu gedag bulu salambar

c)

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

d)

Hambur congcong murah bacot

e)

Teu busik bulu salambar

32.

Karya sastra Sunda wangun puisi anu dihasilkeun tina imajinasi pangalaman batin pangarang nyaeta ...

a)

Carita babad

b)

Dongeng

c)

Sajak

d)

Aksara Sunda

e)

Puisi

33.

Jenis sajak Sunda teh aya dua, nyaeta ...

a)

Lirik jeung puisi

b)

Epik jeung lirik

c)

Carita jeung Epik

d)

Epik jeung Lancaran

e)

Sosial jeung Alam

34.

1Tengetan sempalan sajak ieu dihandap

“KADUHUNG”

Karya Ajip Rosidi

 

Ti beurang panas mentrang

Ti peuting sepu jempling

.....

Sajak di luhur aya pengulangan pola irama (repetisi) anu sok disebut...

a)

Gaya Basa

b)

Tema

c)

Simbul

d)

Imaji

e)

Musikalitas

35.

Dina sajak aya hal-hal anu bisa karasa, katempo, jeung kadenge. Eta kaasup kana unsur ...

a)

Simbul

b)

Gaya Basa

c)

Hiperbola

d)

Imaji

e)

Musikalitas

36.

Gagasan utama anu jadi pokok pikiran dina nyieun sajak disebut ...

a)

Simbul

b)

Imaji

c)

Tema

d)

Sajak

e)

Musikalitas

37.

Gayabasa (majas) anu eusina ngeunaan hiji hal anu kaleuleuwihi atawa berlebihan nyaeta ...

a)

Personifikasi

b)

Hiperbola

c)

Metafora

d)

Simile

e)

Perumpamaan

38.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak, iwal ...

a)

Pangarang

b)

Ekspresi

c)

Intonasi

d)

Gestur

e)

Artikulasi

39.

Aya sabaraha unsur-unsur sajak

a)

6

b)

5

c)

4

d)

3

e)

2

40.

“Bilih aya kirang sareng langkungna mohon dilepatan ka sadayana.”

Ungkara diluhur teh biasana diomongkeun ku pangjejer acara dina bagean ...

a)

Eusi

b)

Panutup

c)

Doa

d)

Bubuka

e)

Mukodimah