NEW
Font size
WorksheetsPAS Bahasa Sunda X
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Warta sok disebut ogé berita. Aya ogé nu nyebut warta berita.
Warta téh mangrupa ....
Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan.
Laporan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan.
Bewara ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan.
Iklan ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan.
Karangan anu eusina nyaritakeun perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan.
Warta mah béja dumasar kanyataan atawa fakta.Tah, pikeun ngumpulkeun éta fakta, aya tilu cara anu bisa dilakukeun, nyaeta bisa kucara ...
Panitén (obsérvasi), wawancara, jeung panalungtikan
Panitén (obsérvasi), panalungtikan, jeung risét média/dokuméntasi.
Panitén (obsérvasi), wawancara, jeung risét média/dokuméntasi.
Panalungtikan, wawancara, jeung risét média/dokuméntasi.
Panitén (obsérvasi), wawancara, jeung analisis data.
Warta anu ditepikeun téh tangtu kudu anu narik. Dina élmu jurnalistik aya istilah “ajén warta” (nilai berita. Ind), nyaéta niléy-niléy anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta.
Sacara umum, kajadian anu ngandung ajén warta biasana ngandung hiji atawa sababaraha unsur salah sahijina aya anu disebut significance, artina nyaéta ...
Kajadian anu deukeut jeung nu maca
Kajadian anu anéh bakal narik minat pamaca
Waktu mangrupa ajén warta anu kawilang penting
Aya patalina atawa hubunganana jeung kahirupan balaréa
Konflik (conflik). Perang, rajapati, tawuran, sasaéngan dina widang politik, bisnis, olahraga mangrupa warta anu narik minat pamaca.
Struktur warta téh kabagi tilu bagian: Judul (headline), lead (bubuka, intro), tubuh warta, jeung pamungkas. Sangkan batur langsung katarik pikeun maca warta anu ditulis ku urang, usahakeun nyieun judul kudu sing ....
Singket
Panjang
Saalus-alusna
Singket jeung alus
Panjang jeung alus
Dina sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang nulis warta, salah sahijina dina nulis warta téh urang kudu kawas ngalukis. Hartina ....
Naon anu ditulis ku urang kudu kaharti anu maca.
Naon anu ditulis ku urang kudu bisa diturutan kunu maca.
Naon anu ditulis ku urang kudu aya manfaatna pikeun anu maca.
Naon anu ditulis ku urang kudu mampuh ngahudang rasa anu maca.
Naon anu ditulis ku urang kudu mampuh ngahudang imajinasi anu maca.
Pék baca sempalan téks wawacan ieu di handap sing taliti!
Dina eta pasar murah, dijual saniskara produk UKM (usaha kecil menengah)
Dumasar kana unsur pangwangun warta teks di luhur ngandung unsur ...
Who (saha)
What (naon)
Why (naha, ku naon)
Wher (di mana)
How (kumaha)
Numutkeun Widyamartaya, (1989) tarjamahan téh nyaéta ....
Proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana
Proses mindahkeun hiji amanat tina aksara sumber kana aksara panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana
Proses mindahkeun hiji basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana
Proses mindahkeun aksara sumber kana aksara panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana
Proses mindahkeun hiji amanat tina kana hiji basa
Dina narjamahkeun urang kudu ngabogaan kamampuh basa salah sahijina kamampuh sosiolinguistik nyaéta ....
Mangrupa kaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinea,jeung ngalaarapkeun ejahan.
Mangrupa kaweruh ngeunaan kalungguhan hiji basa dina kahirupan sapopoe di masarakat pamakena.
Mangrupa kamampuh dina ngaguar harti atawa ma'na teks anu rek ditarjamahkeun.
Mangrupa kaweruh ngeunaan ngarubah kecap kana kalimat.
Mangrupa kaweruh ngeunaan nyusun kalimah jadi Alinea.
Ani ku guruna dititah narjamahkeun paribasa Sunda kana peribahasa Indonesia, saacan narjamahkeun Ani kudu ngabogaan kamampuh ...
Kamampuh gramatikal
Kamampuh sosiolinguistik
Kamampuh sémantik
Kamampuh gramatikal jeung sosiolinguistik
Kamampuh gramatikal jeung ssémantik
Tarjamahan Interlinear nyaéta tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap kana basa aslina, leu tarjamahan téh gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal baris, bari teu kudu diajar heula basa sumberna. Lamun urang rék narjamahkeun interlinear urang kudu ngabogaan kamampuh basa ....
Kamampuh gramatikal
Kamampuh sosiolinguistik
Kamampuh sémantik
Kamampuh gramatikal jeung sosiolinguistik
Kamampuh gramatikal jeung ssémantik
Wawacara teh dina basaa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter (antara; lolongkrang) jeung view (paniten;panempo). wawancara bisa dihartikeun ...
Kagiatan gunem catur
Kagiatan ngawangkong
Kagiatan sawala kelompok
kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara.
kagiatan ngawangkong atawa paguneman antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara.
Dina tatakrama wawancara urang kudu netral jeung sopan. Sopan nyaéta ...
Dina prungna ngawawancara kudu nembongkeun pamulu anu someah.
Dina ngawawan cara rengkak jeung paripolah anu natakrama, jeung nyarita make basa Sunda anu bener tur merenah.
Dina waktuna ngawawancara urang teu meunang ngarekam, atawa ngadokumentasikeun hasil wawancara.
Teu meunang nyawad kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancenna ge ngan ukur nyatetkeun, ngarekam, atawa ngadokumentasikeun hasil wawancara.
Dina prungna ngawawancara kudu nembongkeun pamulu anu someah, rengkak jeung paripolah anu natakrama, jeung nyarita make basa Sunda anu bener tur merenah.
Wanda wawancara dilaksanakeun ku pawawancara bari kudu nyekel rusiah informassi tina hasil wawancara, ti mimiti jati diri narasumber nepi ka perkara nu ditepikeunana.
Wawancara mandiri (individual)
Wawancara kelompok
Wawancara konperensi
Wawancara kauger (tertutup)
Wawancara bebas (terbuka)
Pék baca sempalan téks ieu di handap sing taliti!
Pw: Nepangkeun, abdi Cécép ti majalah Sundajaya
Dw: Mangga linggih! Aya nu tiasa dibantos?
Pw: Seja wawancara perkawis peranan seniman kanaa aatikan.
Téks di luhur kaasup kana bagean ... wawancara
Bubuka
Eusi
Pamungkas
Pangbagé
Sanduk sanduk
Pék baca sempalan téks ieu di handap sing taliti!
Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.
Téks di luhur kaasup kana bagean ... biantara
Bubuka
Eusi
Pamungkas
Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
Sanduk sanduk ménta dihampura
Biantara anu hadé téh anu ngandung unsur-unsur TAMAN. Arti dina taman téh nyaéta ...
Tatag Nyaritana, Aktual Témana, Munel Eusina, Alus Basana, Ngandung atikan.
Tatag Nyaritana, Aktual Témana, Munel Basan, Alus Eusina, Ngandung Wirahma.
Tatag Nyaritana, Aktual Témana, Munel Gaya Basana, Alus Basana, Ngandung Wirahma.
Tatag Nyaritana, Aktual Témana, Munel Eusina, Alus Basana, Ngandung Wirahma.
Tatag Nyaritana, Aktual Eusina, Munel Eusina, Alus Basana, Ngandung Wirahma
Bu wati kapeto jadi pembina upacara bendéra poé Senén ku Bapa Kapala, pas pisan dina poéanana teu tianggalna. Daék teu daék bu wati kudu nepikeun biantara/amanat dina upacara bendéra lumangsung. Métode biantara naon anu digunakeun ku bu wati?
Metode Naskah
Metode Impromtu
Metode Ekstemporer
Metode Ngapalkeun
Metode naskah jeung ngapalkeun
Metode ngapalkeun nyaeta metode biantara samemeh tampil, naskahna diapalkeun heula, kakurangan métode ieu nyaéta ....
Bababari apal
Hésé apal
Babari poho
Hésé poho
Babari poho hésé apal
Andi rék miluan pasanggiri biantara dina acara Isra Miraj, lagam biantara anu digunakeun ku andi nyaéta ....
Lagam Sentimentil
Lagam Konversasi
Lagam Didaktik
Lagam Religius
Lagam Agiator
Dina bagian panutup biantara biasana sok medar naon wae ....
Salam Pamuka, mukadimah, ngahaturkeun nuhun/panghormat ka nu hadir, jsb.
Nepikeun inti nu hayang ditepikeun ka audien/kaum dangu
Sanduk-sanduk, nepikeun du’a, salam panutup
Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
Sanduk sanduk ménta dihampura
