Font size
WorksheetsUjian Bahasa Sunda Kelas 4
Total questions: 35
Worksheet time: 40mins
Parabna oge ukur saayana wae, mimindengana mah sangu sesa, atawa mun aya alas anu teu beak.
Maksud alas dina kalimat diluhur nyaeta ?
sangu jeung deungeuna nu geus dipiringan.
leuleus lantaran beak tanaga.
awi guluntungan sateukteuk
sesa dahareun nu teu bisa di dahar
Balik ti sakola, Dami mawa jangkrik diwadahan dina ....
kardus
ruas
kantong
laci
Di sakola Dami poe isuk diaayakeun ujian semester, guru kelasna nitah Dami diajar sing getol meh bisa mertahankeun prestasina disakola. Sabab haben nyo’o jangkrik, Dami ampir poho kana ....
mandi
ngapalkeun
dahar
sare
Sing bener babacaan sholat teh, ulah diliwatan sawareh kitu !
Naon hartina kecap “babacaan” dina kalimah di luhur ?
hal anu dibaca
hal anu didangukeun
hal anu ditulis
hal anu digambarkeun
Ulah (tulis) dina tembok atuh, kotor !
Kecap “tulis” jadi ngarobah kecap jadi ....
tulisan
tutulisan
tulisan
tutulisaneun
Lahan kosong anu teu dieusian ku wangunan sabudeureun imah disebut ...
buruan
galengan
gawir
balong
Guru teh jalma anu mere palajaran di ....
kantor desa
kampung
sakola
imah
Barang anu sok aya di sakola nyaeta ...
pulpen
stetoskop
termometer
sendok
Wangun ugeran anu sok dinyanyikeun teh disebutna ...
dongeng
kawih
sajak
carita pondok
Imah Asep teh di ... mana?
palih
belah
deket
gigir
Zahra : “Abdi mah mun tos ageung hoyong janten guru.”
Nurul : “Guru di mana ?”
Zahra : “Guru di TK. Apan abdi mah resep nyanyi.”
Ridwan : “Atuh mending janten biduan we ari resep nyanyi mah.”
Zahra : “Alim janten biduan mah.”
Nurul : “Abdi mah hoyong janten polwan.”
Jatnika : “Piraku aya calon polwan sieun ku hileud.”
Nurul : “Nya moal atuh mun tos janten polwan mah. Ari Jatnika naon cita-citana ?
Dumasar kana paguneman diluhur, kunaon Ridwan nyarankeun Zahra janten panyanyi ?
sabab Ridwan hoyong diajar nyanyi.
sabab Zahra geus jadi biduan.
sabab Ridwan heunteu resep guru TK.
sabab Zahra rersep nyanyi.
Keun bae indit sorangan,
rek ka balong ngala tutut,
Bosen nguseup di walungan,
ukur meunang sendal butut,
Mun isuk euweuh halangan,
Hayang ka warung rek jajan,
Rek make jas ka ondangan
bet pahili jeung jas hujan,
Naon tujuan utama sisindiran anu eusina heureuy nurutkeun kana katerangan dina teks?
pikeun mere pituduh ka barudak.
pikeun ngajarkeun maca jeung nulis.
pikeun ngingetan sangkan ulah lalajo
pikeun ngahibur jeung nyieun seuri.
Nu mingpin hiji sakola nyaeta ....
kapala sakola
guru kelas
dosen
guru
Mamah nuju ... bungbuahan sareng sayuran ka Pasar Limus.
meuli
barang beuli
meser
nggagaleuh
Kalimah anu salah nuliskeun aksara gede nyaeta ....
Pantai madasari teh aya di Jawa Barat
Pantai Madasari teh kacida endahna
Di Madasari loba nu jual oleh-oleh
Mang Eda mulang ti Pantai Madasari
Bisa nyadiakeun bahan pangan lamun jadi ..
guru
patani
dokter
arsitek
Lamun boga cita-cita tapi urangna ngedul moal ....
laksana
jadi
nepi
kajalanan
Anu penting mah hidep kudu tambah soson-soson diajar. Soson-soson hartina ....
gurung gusuh
susa-sesa
enya-enya
sakadaek
lawan kecap berehan nyaeta ....
saeutik
hampang
koret
malarat
lawan kecap darehdeh nyaeta ....
bangor
bodo
gering
judes
13. NGANTI HUJAN
Katiga teuing ku rosa
Hujan kateuiing di mana
Parentul batu walungan
Caina saat ngoletrak
Taneuh barejad
Sumur saraat
Beurang karasa digarang
Ngaheab panas bayeungyang
Duh angina
Geura tiup pihujaneun
Sina turun nyiram bumi
Subur tutuwuhan
Balong jadi ngamplang
Dina sajak eta, naon kaayaan alam anu digambarkeun ku panyajak?
hujan meni ngagebret
usum halodo jeung taneuh beulah
leuweung hejo royo-royo
gunung anu nyembur
Naon maksud kecap “sumur saraat” dina sajak eta?
sumur anu pinuh lauk
sumur anu jero
sumur anu herang pisan
sumur anu teu aya caian
Runtah ti buruan terus ... ka jarian.
dibawa
ditajong
dipiceun
dikeureut
Curukna anu ... teh mani jero tapakna.
kasimeuh
kakeureut
kaduruk
katajong
Duit titipan ti mang Pandi teh geus ... ka duaan.
dibikeun
kabikeun
dibikinkeun
kabikeunkeun
Anu dimaksud tingtrim nyaeta ....
rame jeung riweuh
herang jeung caang
sieun jeung gulindah
tenang jeung aman
Anu dimaksud ponggawa nyaeta ....
padamel kaamanan
pamaen silat
pamaen sinetron
pangawal raja
Saha anu dijelaskeun dina carita eta salaku jalma anus sok bunta-bantu di karaton?
akang
bosetek
pangeran
gobang
Naon padamelan Bosetek di Karaton?
jadi pangeran anu ngatur karaton
jadi prajurit anu ngajaga karaton
jadi tukang bunta-bantu di karaton
jadi guru pikeun budak karaton
Naon anu dilakukeun ku prajurit nalika Bosetek rek asup ka jero karaton?
ngarojong jeung mantuann
ngamekarkeun pasamon
ngabageakeun kalawan bagja
ngahalangan di lebah lawang
Ibu kota Jawa Barat nyaeta ....
Jieun kalimah tina kecap
a. Olah raga
b. Beberesih
Mamah nyimpen buku ... erak.
... naon dijieuna cocooan ieu teh mang ?
Kecap pananya anu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ....
Mah ukeun artos kanggo jajan.
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah ...
