NEW
Font size
WorksheetsUS-AM BHS. SUNDA 2021
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Nyarita dihareupeun balarea kalawan ngagunakeun aturan jeung tatakrama anu tangtu, disebut...
Warta
Bewara
Biantara
Sawala
Wawancara
Assalamualaikum,wr.wb.
Alhamdulillahilladzi arsala warosullahu bilhuda wa dinil haq, liyudhirohu ala diini kullihi walao karihal Musrikun.Ashaduanla illaaha illaloh.waashadu anna Muhammadurrosululloh.
Ungkara kalimah diluhur kaasup kana bagian...
Salam biantara
Bubuka biantara
Eusi biantara
Salam panutup
Panutup biantara
Hadirin anu kusim kuring dipihormat,
Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Allah SWT anu parantos maparin kanikmatan sareng kasehatan ka urang sadayana, kukituna urang tiasa patewung lawung paamprok jonghok dina kaayaan sehat wal afiyat.
Ungkara diluhur kaasup kana bagian...
Salam biantara
Bubuka biantara
Eusi biantara
Salam panutup
Panutup biantara
Jalma anu biasa pidato dihareupeun balarea disebutna..
Orator
Narator
Deklamator
Diktator
Psikomotor
Dihandap sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina nalika biantara,iwal...
Sora kudu tarik jeung jelas
Make papakean weuteuh
Artikulasina kudu bentes
Gestur sawajarna ulah dijieun-jieun
Nepikeun biantara kudu sistematis
Nepikeun biantara ku cara ningali kana sakur anu ditulis disebut tehnik...
Tehnik Ekstemporan
Tehnik Impromtu
Tehnik Maca teks
Tehnik nalar/ngapalkeun
Tehnik wawancara
Nepikeun biantara ku cara nulis gurat badagna hungkul, disebut tehnik...
Tehnik Ekstemporan
Tehnik impromtu
Tehnik maca teks
Tehnik nalar/ngapalkeun
Tehnik wawancara
Nepikeun biantara ku cara ngadadak tanpa persiapan heula disebut tehnik...
Tehnik ekstemporan
Tehnik impromtu
Tehnik maca teks
Tehnik nalar/ngapalkeun
Tehnik wawancara
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Ngadegna sim kuring di ieu tempat seja biantara ngeunaan perluna ngamumule budaya sunda.Sakumaha anu ku urang ka uninga kiwari budaya sunda teh geus mulai kalindih ku budaya barat.
Ungkara kalimah biantar diluhur kaasup kana bagian...
Salam bubuka
Bubuka biantara
Eusi biantara
Salam panutup
Panutup biantara
Rupina mung dicekapkeun sakitu biantara ti sim kuring, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah, bobo sapanon carang sapakan,luhur saur bahe carek,mugi kersa ngahapunten.
Ungkara kalimah biantara diluhur kaasup kana bagian...
Salam bubuka
Bubuka biantara
Eusi biantara
Panutup biantara
Salam panutup
Omongan anu henteu sacerewelena (henteu togmol), sangkan anu diajak nyarita henteu kasinggung hatena,disebut...
Warta
Bewara
Biantara
Sisindiran
Wawancara
Dihandap kaasup kana ciri-ciri sisindiran, iwal...
Dina sapadana diwangun ku 4 padalisan
Tiap padalisan diwangun ku 8 engang
Diwangun ku cangkang jeung eusi
Tungtung sorana murwakanti
Tiap pada diwangun ku 6 padalisan
Dihandap kaasup kana wangun /jenis sisindiran,nyaeta
Paparikan
Bobodoran
Lolongseran
Pupujian
Uulinan
Sisindiran anu sora panungtungna murwakanti (sarua),disebutna...
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Silih asih
Pupujian
Sisindiran anu selain tina sora panungtungna murwakanti (sarua), oge ti awal sorana sok dibalikan deui, disebut...
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Pupujian
Bobodoran
Sisindiran anu tina sapadana diwangun ku 2 padalisan, sarta mangrupa tatarucingan, disebut...
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Pupujian
Bobodoran
alingtung talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teuacan beunang
Moal eureun disuratan
Sisindiran diluhur kasup kana wangun...
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Silih asih
Piwuruk
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Sisindiran diluhur kaasup kana wangun...
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Silih asih
Piwuruk
Beulit cingir simpay rema
Ulah lali ka sim abdi
(Wangsal.....)
Ungkara diluhur kaasup kana wangun sisindiran...
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Silih asih
Sesebred
Dihandap ieu kaasup kana eusi /sifat sisindiran nyaeta...
Silih asih, piwuk, sesebred
Silih asih, paparikan, rarakitan
Silih asih, piwuruk, wawangsalan
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Silih asih, rarakitan, piwuruk
Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Sisindiran diluhur boga eusi/sifat...
Silih asih
Piwuruk
Sesebred
Nyindiran
Wawangsalan
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana
Sisindiran diluhur boga eusi/sifat...
Silih asih
Piwuruk
Sesebred
Paparikan
Wawangsalan
Poe senen poe kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan
Sisindiran diluhur boga eusi/sifat...
Silih asih
Piwuruk
Sesebred
Rarakitan
Wawangsalan
Paparikan asal kecap tina ‘parek’ hartina padeukeut.Maksudna ...
Padeukeut sorana
Padeukeut eusina
Padeukeut sora cangkangna
Padeukeut sora mimitina
Padeukeut sora panungtungna
Meuli sate di Cibogo
Saratus pikeun susuguh
Nyeri hate ku kabogoh
Diputuskeun teu pupuguh
Sisindiran diluhur kaasup kana...
Paparikan silih asih
Paparikan piwuruk
Paparikan sesebred
Rarakitan silih asih
Rarakitan piwuruk
Kanikir siki kanikir
Cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
Hirup kudu loba elmu
Sisindiran diluhur kaasup kana..
Paparikan silih asih
Paparikanpiwuruk
Paparikan ssebred
Rarakitan silih asih
Rarakitan piwuruk
Bangkuang di kebon cikur
Kaliki di deukeut kaca
Si akang ngaku direktur
Kapanggih eukeur ngabeca
Sisindiran diluhur kaasup kana...
Paparikan Silih asih
Paparikan piwuruk
Paparikan sesebred
Rarakitan silih asih
Rarakitan Piwuruk
Dihandap kaasup kana rarakitan nu eusina silih asih nyaeta...
Sugan teh meuli aseupan
Singhoreng meuli talenan
Sugan teh anu ngiceupan
Singhoreng kapeureungpeunan
Ulah waka meuli samping
Mun acan meuli calana
Ulah waka hayang kawin
Mun acan jadi sarjana
Batur mah jalan ka Dago
Abdi mah jalan jatayu
Batur mah mareunang jodo
Abdi mah angger teu payu
Tibatan ka Rajagaluh
Mending ge ka Sukajadi
Tibatan ulin teu puguh
Mending ge diajar ngaji
Cau naon cau naon
Cau kulutuk dijuru
Bau naon bau naon
Bau hitut nu dijuru
Dihandap conto paparikan nu eusina silih asih,nyaeta...
Talingtung talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teuacan beunang
Moal eureun disuratan
Kamana kabogoh abdi
Sok sieun leungit di dapur
Kamana kabogoh abdi
Sok sieun direbut batur
Hayang teuing buah hiris
Teu bisa ngasakannana
Hayang teuing kanu geulis
Teu bisa ngakalannana
Aya manuk dinu pager
Na sukuna aya bola
Lamun hayang jadi pinter
Kudu getol ka sakola
Saninten buah saninten
Saninten diparapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Dihandap ciri-ciri wawangsalan, iwal...
Dina sapadana diwangun ku 2 padalisan
Padalisan kahii disebut cangkang
Padalisan kadua disebut eusi
Diwangun ku opat padalisan
Aya wangsal anu kudu diteguh
