wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAT Bahasa Sunda Kelas V

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Ubar-ubaran anu dijieunna tina dangdaunan sok disebut…..

a)

Ubar kampung (hérbal)

b)

Ubar kampung (modern)

c)

Ubar apoték

d)

Ubar séhat

2.

Aya zat naon wae dina buah apél téh ?

a)

Karbohidrat, Protein, gula

b)

Protein, lemak

c)

Mineral, vitamin, asam amino

d)

Karbohidrat, asam amino, protein

3.

Bakal kumaha lamun urang ngadahar apél peuting-peuting....

a)

Cénghar

b)

Nyeri beuteung

c)

Gancang tunduh

d)

Nyeri sirah

4.

Dahareun séhat tur beresih alus kér....

a)

Kaséhatan

b)

Kajagjagan

c)

Kalingkungan

d)

Kaayaan

5.

Gambar diluhur nyaeta bungbuahan nu matak sehat kanu awak, naon ngaran buah diluhur...

a)

Kadondong

b)

Salak

c)

Alpukét

d)

Cangkudu

6.

Salah sahiji wangun ugeran, tapi nu teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan disebut....

a)

Dongéng

b)

Sajak

c)

Pupuh

d)

Puisi

7.

Miara lémah cai sabagian tina....

a)

Kabiasaan

b)

Kahirupan

c)

Iman

d)

Diri manusa

8.

Dina sajak kécap panon poé, Panon poé ngabogaan harti sarua jeung….

a)

Sarangenge

b)

Matahari

c)

Kabeurangan

d)

Pautingna

9.

Hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak nyaèta….

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Amanat

d)

Tokoh

10.

Tukang dagang di buruan sakola téh diriung ku barudak, harti tina diriung nyaéta….

a)

Dikumpul

b)

Diantèp

c)

Digembrong

d)

Ditinggal

11.

Carita anu mémang ukuranana pondok, jalan caritana henteu loba babagianana nyaéta....

a)

Carpon

b)

Sajak

c)

Puisi

d)

Pupuh

12.

DI MAKAM BAPA

Énjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum.Alhamdulilah saum téh tamat.Upami lebaran téh abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna.

Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.

Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka makam Bapa. Abdi mah sok resep wé. Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh.Najan teu pendak langsung.Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa

ngantunkeun abdi sareng Mamah.

Abdi dugi ka makam.Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa.Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé pipilueun .abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah jongjon wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka Surga.

Kumaha kaayaan hatè abdi nalika di ajak ka makam bapa ….

a)

Bungah

b)

Sedih

c)

Nalangsa

d)

Hanjakal

13.

Dimana kajadiana carita di luhur....

a)

Di Sakola

b)

Di Makam

c)

Di jalan

d)

Di Sawah

14.

Kumaha watak Abdi dina carita "Di Makam Bapak" téh....

a)

Babari ambek

b)

Kedul

c)

Daékan

d)

Taat agama

15.

Anu dimaksud tatakrama nyaèta….

a)

Aturan sopan santun

b)

Aturan Moral

c)

Aturan Kahirupan

d)

Aturan hadè goreng

16.

Tèangan kècap sasaruana! Isukna urang lembur gujrud 'Gujrud'diluhur sarua jeng….

a)

Korét.

b)

Dibikeun

c)

Ribut

d)

Nyingkahan

17.

Miceun Runtah Sembarangan

Hese sugan ngabenerkeun kalakuan anu salah, tah sapertos miceun runtah dimana wae nyieun atanapi nyebabkan lingkunangan urang jadi kotor, bau jeung sajabana. Lain eta hungkul sigana mah sapele tapi tingali dampak keur kahareupna nyaeta bisa nyababkeun banjir jeung panyakit, lian ti eta lingkungan jadi bau teu puguh, jeung lingkungan jadi tempat berkembangbiakna panyakit, ti mimiti panyakit kulit nepi ka panyakit diare.

Salain lingkungan jadi kotor, naon deui dampak kahareupna lamun urang miceun runtah sambarangan nyaeta .....

a)

Susukan jadi bersih

b)

Lingkungan jadi èndah tur asri

c)

Lingkungan jadi seungit runtah

d)

Nyababkeun banjir jeung panyakit

18.

Miceun Runtah Sembarangan

Hese sugan ngabenerkeun kalakuan anu salah, tah sapertos miceun runtah dimana wae nyieun atanapi nyebabkan lingkunangan urang jadi kotor, bau jeung sajabana. Lain eta hungkul sigana mah sapele tapi tingali dampak keur kahareupna nyaeta bisa nyababkeun banjir jeung panyakit, lian ti eta lingkungan jadi bau teu puguh, jeung lingkungan jadi tempat berkembangbiakna panyakit, ti mimiti panyakit kulit nepi ka panyakit diare.

Simpulan tina wacana di luhur nyaèta .....

a)

Teu menang miceun runtah sambarangan

b)

Runtah kudu dipiceun ka susukan

c)

Kudu ngajaga lingkungan

d)

Runtah kudu dikubur

19.

Dina dongèng "Sasakala Gunung Tangkuban Parahu", Dayang sumbi tèh ... sangkuriang

a)

Bibina

b)

Raina

c)

Rakna

d)

Indungna

20.

Dina dongèng "Sasakala Situ Bagendit", Nyi Endit ngagaduhan watak ....

a)

Somèah

b)

Pinter

c)

Adigung

d)

Pèdit

21.

"Deudeuh teuing anak Ibu nu saestu". Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina kalimah di luhur ….

a)

8-estu

b)

8-tu

c)

8-t

d)

8-u

22.

"Kade Ujang, hirup mah ulah kabawa ku sakaba-kaba". Harti paribasa 'ulah kabawa ku sakaba-kaba, hartina ulah ….

a)

Nuduhkeun ka jelema anu boga rasa aing panggindingna, pangkasepna, atawa pangtegepna

b)

Ngan paparentah bae, teu daek prak ku sorangan

c)

Ngalakukeun pagawean anu teu kaarah hasilna

d)

Kabawa ku omongan nu matak mawa cilaka.

23.

Kagunaan komputer lian ti bisa dipake ngetik, oge bisa dipake pikeun ngumpulkeun data, atawa ….

a)

Neangan data

b)

Nyimpen data

c)

Mariksa data

d)

Ngaleungitkeun/ngahapus data

24.

Ti mimiti ngagambar nepi ka ngitung itung-itungan nu hese pisan, bisa nitahan computer, ku sabab kitu computer sok dilandi ….

a)

Jalma pinter

b)

Kotak jenius

c)

Kotak professor

d)

Jalma jenius

25.

Bagian tina kamajuan nu luar biasa tina teknologi komunikasi, nyaeta anu disebut ….

a)

Komunikasi

b)

Telekomunikasi

c)

Computer

d)

Internet

26.

Internet (international network) nu mangrupa system jaringan komunikasi di tingkat ….

a)

Nasional

b)

Jalma jenius

c)

dunia maya

d)

Internasional

27.

Ku cara ngamangpaatkeun eta system …, sing saha wae, sarta di mana wae, bisa menta informasi ngeunaan naon wae.

a)

Komputer

b)

Komunikasi

c)

Internet

d)

Satelit

28.

Baca kawih ieu di handap! Kecap sabilulungan hartina ….

a)

Gawe bareng

b)

Gotong royong

c)

Hirup mandiri

d)

Sapamadegan

29.

Keur naon cenah urang hirup gotong royong, iwal…..

a)

Keur silih tulungan jeung papada sasama

b)

Keur silih rojong

c)

Sangkan pegat duduluran

d)

Sangkan bisa nulungan nu keur susah

30.

Pikeun ngalarapkeun kecap tohaga nu luyu aya dina kalimah ….

a)

Manehna mah mani tohaga pisan ari ka sakola the

b)

Imahna Jang Rusdi mani tohaga

c)

Ivan mah tanagana mani tohaga

d)

Ibu Mayang ngagaleuh jeruk mani tohaga