Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Tengah Semester (PTS) Ganjil Bahasa Sunda

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Bareto mah mun usum panen teh pangulinan barudak ge sok milu pindah ka sawah. Ngadon ngarala jarami dijarieun ole-olean. Puguh matak resep tur nineng mun urang nyawang ka mangsa ka tukang.


Ole-olean mangrupa kaulinan barudak anu aya dina usum ....

a)

Panen

b)

Halodo

c)

Hujan

d)

Dangdarat

2.

Cara ngulinkeun ole-olean mah ....

a)

Dikeprek

b)

Ditiup

c)

Ditakol

d)

Dicapit

3.

Kaulinan ole-olean dijieunna tina ....

a)

Watang daun sampeu

b)

Jarami

c)

Jukut

d)

Pucuk awi

4.

Kaulinan anu sok diulinkeun ku budak awewe nyaeta ....

a)

Congklak

b)

Gatrik

c)

Langlayangan

d)

Kasti

5.

Kelompok kecap barang nu biasa aya di sakola, nyaeta ....

a)

Siswa, guru, sawah

b)

Guru, papan bor, kelas

c)

Polisi, masjid, lapangan upacara

d)

Satpam, guru, sapedah

6.

Kaulinan barudak anu ngagunakeun alat, nyaeta ....

a)

Cingciripit

b)

Congklak

c)

Perepet jengkol

d)

Oray-orayan

7.

Kaulinan barudak baheula mibanda ajen jasmani. Kecap anu saharti jeung mibanda dina kalimah di luhur nyaeta ....

a)

Miboga

b)

Mikiran

c)

Milarian

d)

Mihape

8.

Rindu ngasupkeun kewuk kana logak congklak.

Kecap nu nyirikeun yen eta kalimah aktif nyaeta ....

a)

Rindu

b)

Ngasupkeun

c)

Kewuk

d)

Logak congklak

9.

Kalimah anu nuduhkeun kalimah aktif nyaeta ....

a)

Mana buku nu kuring ?

b)

Ceu Kokom keur meuleum sampeu.

c)

Bal disepak ku Yana.

d)

Buku kuring dibaca ku Udin.

10.

Domba - di kebon - ngangon - barudak - keur.

Susun jadi kalimah aktif nu merenah ....

a)

Keur ngangon barudak domba di kebon.

b)

Domba keur ngangon barudak di kebon.

c)

Barudak keur ngangon domba di kebon.

d)

Di kebon domba keur ngangon barudak.

11.

(1) Rani keur ngagambar pamandangan

(2) Bola bekel dialungkeun ku Ahmad

(3) Santi nginjem buku carita di perpustakaan

(4) Ucing nerekel naek ka tangkal

Kalimah di luhur mangrupakeun kalimah aktif, iwal ....

a)

(1)

b)

(2)

c)

(3)

d)

(4)

12.

Tabuh dua welas keleneng lonceng disada. Burudul barudak kalaluar ti unggal lawang kelas. Barudak kalaluar mani tertib teu aya nu buburu.


Lonceng disada tabuh dua welas ....

a)

Isuk

b)

Beurang

c)

Peuting

d)

Sore

13.

Reno budak pangpinterna di kelas.

Kecap di luhur nu nuduhkeun kecap kaayaan nyaeta ....

a)

Reno

b)

Budak

c)

Pangpinterna

d)

Kelas

14.

"Maling teh lumpatna gancang pisan."

Antonim tina kecap gancang, nyaeta ....

a)

Lelet

b)

Enggal

c)

Lungse

d)

Geuwat

15.

Tong parasea jeung lanceuk oge .... kudu akur sauyunan .

a)

Indung

b)

Aki

c)

Dulur

d)

Adi

16.

Jadi budak mah kudu (getol) di ajar elmu pangaweruh.


Kecap anu di jero kurung mun di bere rerengken -ar nyaeta ....

a)

Getolan

b)

Gararetol

c)

Gararetolan

d)

Garetol

17.

Di handap ieu kecap - kecap anu kaasup kaulinan barudak, iwal ti ....

a)

Congklak

b)

Cingciripit

c)

Ngabaca

d)

Sondah

18.

Ulah .... memeh jangjangan.

Eusi titik-titik babasan di luhur nyaeta ....

a)

Marebutkeun

b)

Hiber

c)

Newak

d)

Muragkeun

19.

Oray-orayan luar leor mapay sawah.

Entong ka .... parena keur sedeng beukah.


Eusi titik-titik di luhur nyaeta ....

a)

Imah

b)

Kebon

c)

Gawir

d)

Sawah

20.

Kewuk di alungkeun ka luhur bari ngalungkeun bal, kewuk nu acak-acakan teh kudu di cokotan huji-hiji.

Wacana di luhur mangrupa cara pikeun ulin ...

a)

Engkle

b)

Congklak

c)

Beklen

d)

Utik

21.

Kewuk diawurkeun ku Nenden.

Nu kaasup kecap barang dina kalimah di luhur nyaeta ....

a)

Kewuk

b)

Bal

c)

Langlayangan

d)

Batu

22.

Korsi, meja, papan tulis, buku nyaeta barang anu biasa aya di ....

a)

Pawon

b)

Sakola

c)

Imah

d)

Masigit

23.

3 Kecap barang anu aya di dapur ...

a)

buku, katel, piring

b)

panci, katel, langseng

c)

kasur, termos, jidar

d)

papn bor, patlot, panci

24.

Alat anu digunakeun dina kaulinan beklen nyaeta ....

a)

Congklak jeung kewuk

b)

Siki salak jeung bal

c)

Kewuk jeung bal

d)

Kewuk jeung siki salak

25.

Lamun ulin jeung babaturan mah teu meunang ....

a)

Bageur

b)

Damai

c)

Licik

d)

Anteng